Anda di halaman 1dari 2

Pengertian, Istilah, Unsur, Bedana Guguritan jeung Wawacan, Jenis

Jenis Guguritan
Pengertian Guguritan
Guguritan nyaeta teh puisi atawa wangun sastra nu diwangun / dianggit make patokan
pupuh.

Istilah Guguritan

1. Pada ( baris )
2. Padalisan (bait)
3. Guru Wilangan ( jumlah enggang dina unggal padalisan )
4. Guru Lagu ( dangdingdungna sora vokal dina enggal panung tung )
Unsur

1. Tema
2. Rasa
3. Nada
4. Amanat
5. Unsur Luar

Sacara singget, tema nyaeta gagasan poko anu hayang ditepikeun ku pangarang guguritan.
Nada nyaeta sikep pengarang guguritan kana guguritan anu dijieunna. Rasa nyaeta hal-hal
anu ngajiwaan eusi guguritan. Amanat nyaeta pasualan atawa perkara anu hayang
ditepikeun ku pengarang guguritan.

Unsur Luar (Ekstrinsik)


 Pilihan Kecap
 Imajinasi
 Lambing
 Majas
 Wirahna
 Pedotan
 Purwakanti
 Guru Lagu
 Guru Wilangan

Bedana Wawacan Sareng Guguritan

Ciri Ciri Guguritan Ciri Ciri Wawacan


Siga (seperti) Sajak Siga (seperti) Novel
Diwangun ku hiji atawa 2 pupuh Diwangun ku leuwih 2 pupuh
Bentukna Pondok Bentukna Panjang
Jenis Jenis Pupuh

Pupuh Watek Guru lagu & Guru Wilangan


Kinanti Ngadago, prihatin 8u 8i 8a 8i 8a 8i
Asmarandana Silih asih, Kasmaran 8i 8a 8ѐ/o 8a 7a 8u 8a
Dangdanggula Agung, Agem 10i 10a 8o/ѐ 7u 9i 7u 6u 8a 12i 7a
Sinom Senang, Gumbira 8a 8i 8a 8i 7i 8u 7a 8i 12a
Pangkur Keuheul, lumampah 8a 11i 8u 7a 12u 8a 8i
Mijil Simpe, bingung, sedih 10i 6o 10ѐ 10i 6i 6u
Durma Napsu, Perang 12a 7i 6a 7a 8i 5a 7i
Maksumambang Nyeri, nalangsa, peurih 12i 6a 8i 8a
Pucung Piwuruk, banyol 12u 6a 8i/o 12a
Blakblak Heureun, pikaseurieun 15ѐ 15ѐ 15ѐ
Mangatru Prihatin, lelucon 12u 8i 8u 8i 8o
Wirangrong Ѐra, wiring 8i 8u 8u 8i 8a 8a
Gambuh Bingung, samarpolah 7u 10u 12i 8u 8o
Ladrang Banyol, heureuy 10i 4a 8i 12a
Lambang Heureuy 8a 8a 8a 8a
Gurisa Tamba kesel, pengangguran 8a 8a 8a 8a 8a 8a 8a 8a
Jurudemung Kaduhung, hanjelu 8a 8u 6i 8a 8u

Latihan
1. Puisi atawa wangun sastra nu diwangun make patokan pupuh disebut ....
2. Anu kaasup kana istilah guguritan nyaeta ....
3. Gagasan poko anu hayang ditepikeun ku pengarang guguritan nyaeta ....
4. Ciri-ciri anu aya dina guguritan teh nyaeta ....
5. Jumlah enggang dina unggal padalisan disebut ...
6. Watek atawa sifat tina pupuh Kinanti nyaeta ....
7. Pupuh anu ngabogaan watek banyol, heureuy, tur ngabogaan guru lagu jeung guru
wilanganna 10i-4a-8i-12a nyaeta pupuh ....
8. Pangna disebut pupuh sekar alit teh nyaeta ....
9. Anu kaasup kana pupuh sekar alit nyaeta ....
10. Bedana guguritan jeung wawacan nyaeta ....
11. Unsur ekstrinsik tina guguritan nyaeta ….
12. Pupuh sekar ageung diantarana ….
13. Guru lagu jeung guru wilangan pupuh ladrang nyaeta ….
14. Pupuh anu miboga guru lagu guru wilangan 8u 8i 8a 8i 8a 8i nyaeta ….
15. Jieun rumpaka pupuh maskumambang ….

Anda mungkin juga menyukai