Anda di halaman 1dari 3

Assalamu’alaikum warrohmatulloh Wabarokatuh

Bismillaahirrohmaanirrohiim. Alhamdulillaahilladzii ja’alnaa minan naashihiina, Wa-afhamanaa


min’uluumil’ulamaa-ir roosikhiina, Wash sholaatu wassalaamu’alaa man nasakho diinuhu adyaanal
kafaroti wath thoolihiina, Wa’alaa aalihi wa-ash-haabihil ladziina kaanuu bi tamassuki syarii’atihi
shoolihiina, Ammaa ba’du.

Saba’da na Puji sinareng syukur disanggakeun kanu kagungan urang sadayana Alloh SWT, tamada
éstuning ku kersaning mantena urang tiasa kumpul ngariung bongkok ngaronyok di ieu wewengkon,
mugia pareng rohmat sareng barokahNa, Amin ya robbal ‘alamin.

Salam sinareng sholawat mugia salawasna langgeng ngocor ka jungjunan urang sadaya Nabiyana
Muhammad SAW, kasadayana kulawargana, para sahabat, kasadayana umatna tug dugika ka urang
salaku umatna anu sami tumut manut kana ajaran mantena, mugia urang sadayana kenging syafaatna
engké diyaumil akhir, Amin ya robbal ‘alamin.

Bapak bapak, Ibu ibu, adi-adi sadayana hormateun simkuring, kasadayana warga masyarakat
wewengkon (Sebutkan nama tempat/Jika di gedung tidak perlu dipergunakan) ka para sepuh, ulama,
ustadz sinareng ustadzah, Bapak RW katut réngréngana, hususna ka shohibul bait kulawarga Bapak/Ibu
(Sebutkan nama orang tua calon pengantin wanita).

Simkuring asmana kulawarga Bapak/Ibu (Sebutkan nama orang tua calon mempelai pria) ti Bandung
ngahaturkeun wilujeng tepang, patepung lawung paamprok jonghok, hapunten anu kasuhun boh bilih
dongkapna simkuring saparakanca kirang tata titi duduga sareng peryogana, mugia kersa ngahapunten
kana sagala rupi kakirangan sinareng kalepatana.

Sababaraha minggon kapengker simkuring kasumpingan sepuhna calon pangantén pameget, disarengan
sasauran “Wayahna pangjajapkeun anu wastana (sebutkan nama calon mempelai pria), anjeuna badé
ngarambah sagara rumah tangga ka urang Cipatat, sakantenan pang nyérénkeun”, manah bingah amar
wata suta bingah kagiri-giri kitu panginten sasauran ki Dalang.

Naha bingah? kumargi kahiji mugia seja niat ibadahna Cép (Sebutkan nama calon mempelai pria)
ngadahup ka Néng (Sebutkan nama calon mempelai wanita), sing kalebet kawajiban kumargi Insyaalloh
urang du’a keun kusadayana, mugia Cép (Sebutkan calon mempelai pria) sing kalebet pameget anu
mampuh dina nyumponan syarat sareng rukun nikahna, sing tiasa ngawangun kulawarga anu sakinah,
mawadah tur warohmah, Amin ya robbal ‘alamin.
Anu kadua bingah nambihan deui kulawargi urang Cipatat, mugia sing pareng kabeungkeut ku tali
silaturahim, anu katilu bingah tiasa sakantenan amengan, kaleresan simkuring saparakanca kalebet
Group OKP, maksadna “Orang Kurang Piknik”, janten sakantenan amengan.

Mung aya hanjakalna nyaéta sepuhna miwarangna nganggo basa "Wayahna", janten naha teu aya deui
ahlina anu kersa dipiwarang nyérénkeun?, margi hapunten simkuring sanés pujangga anu biasa ngaréka
basa, mung sakieu buktosna hapunten anu kasuhun.

Kumargi mandat amanah parantos aya ti sepuhna calon pangantén pameget, ayeuna simkuring badé
ngaguar hal anu utami nyaéta, badé ngadugikeun pamaksadna nyérénkeun ku cara 5M :

M kahiji, mangga nyanggakeun calon pangantén pameget anu wastana Cép (Sebutkan nama calon
mempelai pria) kanggo ngalakasanakeun Ijab khobul/Akad nikah, diluhur sausap rambut dihandap
sahibas dampal, éstuning sabeuleugeunjeurna.

M kadua, mangga nyanggakeun cacandakanana, sanaos mung saukur barang sapira, mugia sing janten
bukti pamatri ati, nyampurnakeun deudeul du’a ti sepuh ogé ti sadayana wargina, mugia janten
panambih kabingah ogé hatur lumayan.

M katilu, mung sakitu anu kapihatur, hapunten anu diseja mugia tikawit dugika ahir simkuring cumarios,
urang sami waspaos sareng sapagodos ngarah énggal permios.

M kaopat, mangga simkuring badé nyanggakeun ieu microphone ka panata acara.

M kalima, mangga atuh urang taruang...éh lepat maksad téh mangga simkuring badé calik deui, sigana
engké taruang mah saréngséna panampian nya :D ?

Sakitu anu kapihatur, hapunten anu kasuhun bilih aya basa kirang merenah, bilih kasiku catur , katajong
omong, karumpak carita, tawakuf anu diseja.

Baarakallaahu laka, wa baaraka 'alaika, wa jama'a baynakumaa fii khair.


Rabbana atina fid-dunya hasanatan wa fil 'akhirati hasanatan waqina 'adhaban-nar

Wallahul muwaafiq ilaa aqwamit thariq.

Wassalamu'alaikum Warrohmatuloh Wabarokatuh

Anda mungkin juga menyukai