Anda di halaman 1dari 2

UPACARA ADAT SUNDA

SUNGKEM
Alhamdulillah wasyukrulillah. Ijab qobul parantos
lekasan. Kiwari parantos cindek, dua insan resmi
jatukrami mungkas mangsa lalagasan.
Salajengna, tawis insan anu iman tur soleh, Eling kana
purwa dumadi. Ti mendi nya kawit, ti mana nya asal.
Cukang lantaran diyugakeun ku ibu rama.
Ku kituna sumangga ka panganten sakalih dihaturanan
sungkem ka ibu sewang-sewangan.

(singkem ka ibu sewang-sewangan)


Kunasari:
Duh Ibu hapunten abdi
Tina sugri kalepatan
Rumaos abdi rumaos
Abdi sering ngaraheutan
Ibu kantos kahesean
Ngurus abdi ti kapungkur
Ngamongmong ngadama-dama (2X)

Anaking mangka emut “Ridollohi firidowalidain.


Wasuhtullohi fiisuhtihima…”
Karidoan Alloh gumantung kana ridona ibu sinareng
rama. Sawangsulna, bebendu Alloh gumantung kana
benduna ibu sinareng rama.
(sungkem ka rama sewang-sewangan)
Duh Apa sungkemeun abdi
Nu ngayuga ngarasanan
Ngabayuan hese cape
Bela tur nyaah ka putra
Abdi mah kantun raosna
Abdi sujud neda ampun
Neda jembar hapuntenna (2X)
Duh… anaking, beubeulahan jiwa Apa. Apa rido
anaking dug hulu pet nyawa, nyiar pakeun pikeun
hidep. Ieu tanggel waler Apa sangkan hidep bagja
waluya.

(sungkem ka ibu mertua)


Jemplang Bangkong
Nyanggakeun sungkem pangbakti
Ka salira nu miheman
Mageuhan tali kasono
Widi ibu kalih apa
Abdi tiasa laksana
Pidu’a anu kasuhun
Enggoning ngalakirabi (2X)

Anaking jimat awaking, ibu bagja liwat saking. Hidep


baris ngaping ngajaring, rumawat ka anak ibu. Masing
teteg, masing panceg. Ulah ham ham. Du’a ibu
nyarengan lumampahna hidep.

(sungkem ka apa mertua)


Apa anu mikaasih
Abdi neda pidu’ana
Oge mugi Apa rido
Seja miheman ka putra
Sapapait samamanis
Sasarengan silih tuyun
Ngahontal rido pangeran (2X)

(Du’a anak sholeh)


Nun Gusti mugi Gusti ngahapunten kalepatan diri abdi,
pon kitu kalepatan sepuh abdi. Sareng gusti mikanyaah
mikaasih ka aranjeunna sapertos aranjenna mikanyaah
ka abdi waktos alit.

Anda mungkin juga menyukai