Anda di halaman 1dari 1

Kampung Gede Kasepuhan Cipta Gelar

Perenahna di Kab.Sukabumi , persisnamah di Kampung Sukamulya, Desa Sirnaresmi ,


Kacamatan Cisolok. Diditu di sisi laut Palabuanratu, najan teu jauh ka kota, sarta ges rea ku jalma nu
pagiridig ulin , masyarakat kampung gede kasepuhan ciptagelar mah pageuh keneh nyekel tali
paranti adat warisan para karuhun. Boh wangunan imah, boh hirup sapopoena masih mageuhan
kabiasaan urang sunda pituin anu can kacampuran pangaruh modern.

Di pakampungan cipta gelar mah, wangunan imahna oge potongan imah panggung tina bilik keneh.
Nu disebut imah panggung teh , imah nu aya kolongan. Jangkung kolongna kira-kira 60 cm. lamun
rek munggah ka imah teh kudu neceh heula golodog , anu ditunda handapeun panto hareup.
Biasana tina batu tatapakan anu wangun pasagi opat , jeung badag. Eta wangunan imah oge
handapna make batu tatapakan , anu sarua jangkungna. Anggang ti batu ka batu the paling 3
meteran. Wangun suhunan lolobana segi panjang jeung jure. Sok ditamahan emper di bagian hareup
jeung bagean tukang. Hateup na tina daun tepuh, eurih , atawa injuk. Moal matak bocor najan hujan
gede oge, da ditumpukna rekep pisan. Ari minangkal lantena , tina palupuh. Babagian imah
diwangun ku tengah imah paragi ngumpul anggota keluarga, pangkeng atawa kamar paranti sare,
padaringan atawa goah paranti neundeun beas, jeung dapur paranti masak.

Lian ti imah pangeusi lembur , didinya oge urang bisa manggihan bumi ageung , leuit jeung saung
lisung. Anu disebut bumi ageung the paranti ngariungna masyarakat lamun aya pasualan anu kudu
dibadamikeun. Biasana dijejeran ku sesepuh lembur anu disebut sesepuh girang. Tah ngeunaan
leuit , lamun dina bahasa indonesia mah disebutna lumbung tea , paragi neundeun pare. Wangunna
siga imah ngan leuwih leutik. Sisina ditutupan ku bilik, hateupna ku injuk. Di deukeut wangunan leuit
, diwangun saung lisung nyaeta saung baragi nutu sakumna pangeusi lembur. Saung lisung mah ngan
hiji , dipake ku salelembur. Ku kituna, saung lisung oge jadi tempat campur gaulna atawa sosialisasi
urang lembur.

Aya sababaraha adat kabiasaan anu tetep dipiara ku urang ciptagelar. Rupa rupa upacara geus biasa
dipigawe. Geus puguhan nu patali jeung kahirupan hiji jalma mah. Ti mimiti ngandung , ngalahirkeun
, ngubur bali , mere ngaran , nyunatan keur budak lalaki , ngawinkeun , nepika maotna , teu weleh
dibarengan ku upacara anu dikokojoan ku sesepuh girang. Anu beda tibatur teh tina upacara
tatanen. Dina prak prakannana , biasana dimimitian ku jarah ka makam karuhun lembur anu aya di
wewenkon bogor kidul jeung banten kidul. Anu indit jarahnamah , teu kudu sarerea ngabring. Cukup
diwakilan ku sesepuh girang jeung rengrengannana. Di kuburan, sesepuh jeung rengrengannana
ngalantarkeun doa , amit rek ngamimitian ngabaladah. Geus rengse jarah , sesepuh girang balik deui
ka lembur mawa iber iraha ngamimitian ngagarap huma. Peutingna rek ngabaladah , di imah
sesepuh girang diayakeun upacara salametan anu dihadiran sakabeh tokoh adat jeung sesepuh
lembur. Ti saprak keur tatanen, rupa rupa upacara teu eureun eureun dilaksanakeun. Dimimitian ku
acara muka huma atawa ngabaladah, upacara ngaseuk atawa mimiti melak binih, upacara mikih
atawa samemeh panen gede dimimitian, upacara seren taun atawa saenggeus beberes panen,
upacara nganyaran atawa mimiti ngadahar hasil panen , jeung upacara ngahudangkeun atawa mun
rek ngadahar pare nu geus didiukkeun atawa diteundeun dina leuit. Anu sohor sareng remen
diwartakeun , nyaeta upacara seren taun. Malah dina upacara ieu sok didatangan ku turis
mancanagara. Upacarana memang ngahaja dipidangkeun keur lalajoaneun. Dina usum upacara
seren taun ieu, kampung ciptagelar lir jadi kampung wisata. Kasenian kasenian tradisional model
ngagotong pare , ngagondang, jeung sajabana dipintonken ku masyarakat anu khusus meunang milih
sarta didangdanan nu pantes. Nu dagang cinderamata khas oge loba. Papangna barang barang
karajinan model boboko, dudukuy , hihid, jsb.

Anda mungkin juga menyukai