Anda di halaman 1dari 5

Nama anggota kelompok :

- Gusti T (momon)

- M Guntur K (Agung)

- M Samuel Q (Rizki)

- M Sayyid A (Budi)

- Raafi M (Tono)

Kelas : XII MIPA 2

Tema : ‘’Karantina Olimpiade Sains ‘’

Dicaritakeun aya hiji kagiatan olimpiade sains tingkat provinsi satimna aya lima orang ti sakola anu
beda-beda di kabupaten Bogor.samemeh olimpiade maranehna kudu ngiringan karantina di salah
sahiji imah panitia di Bogor salam sabulan.

Dina hiji poe limaan jelema eta dikumpulken di imah panitia kamarna dibagi 2 nyaeta

kamar kahiji : Momon, Tono, Veranda

kamar kadua:Rizki, Agung

Mimitina 5 jelema eta nuju kumpul di payun imah panitia ,asalna limaan eta teh can warawuh pek
kitu Momon mulai nanya

Momon : ‘’ urang rek nanya naha maraneh bet bisa kabawaan olimpiade ieu ?’’

Tono : ‘’ lamun urang mah teu niat-niat teuing sih,ngan urg mah hoki wae jelemana.Jadi urang
mah beruntung wae haha.’’ ( nada sombong bari ngutek2 hp)

Agung : ‘’berarti maneh mah teu bener2 ngiluan olimpiade ieu teh’’.(bari nada ngambek)

Budi : ‘’ntos tos atuh tong parasea can oge kenalan,sok ayenamah kenalan hela.Nami abdi Budi. (bari
ngasong keun leungeun)

Momon : ‘’nami abdi Momon’’ (bari nyekel lengeun Veranda)

Tono : ‘’Meni Momon ngaranteh ges jadul mereun.Jaman ayeunamah eweh nu ngaran
momon.’’ (bari seseurian)

Momon : ‘’teuing atuh da indung bapa urang nu mere ngaranna’’ (bari nada samutut baeud)

Tono : ‘’herey atuh mon ni di asupkeun kana hate’’.(bari nyurungkeun momon)

Momon : “ heeh baelah kumaha maneh.’’

Budi : ‘’ ih ni garandeng !! sok ayena sahaeun?’’

Rizki : ‘’nami abdi Rizki‘’

Agung : ‘’Nami abdi Agung’’


Rizki : ‘’hayu ah pan tos karenal,ayeuna tos wengi enjing dei weh ngarobrolna.Tos teu kuat
yeuh’’. (bari heuay)

Momon : ‘’naon karek ge jam sakieu ges rek sarare deui’’.

Rizki : ‘’ eh ges wengi ieu teh enjing bisi kasiangaan.’’(bari ngaleos indit ka kamarna)

Momon : ‘’ heeh kumaha maneh weh.’’

Kabeh arasup ka kamarna masing2 langsung karulem

Pas kaisukanana poe senen mimiti diajar dikarantina mentor atos masihan soal.

Budi : ‘’ai ieu no 3 kumaha?’’.

Rizki : ‘’kieu yeuh.’’(bari ninggalikeun jawabana)

Momon : ‘’naon kitu ai maneh Rizki,dakieu nu benermah.’’(bari ngasongkeun jawabanana)

Rizki : ‘’salah,da nu bener mah kieu etamah jalana teu puguh.’’

Momon : ‘’kieu ai maneh dibejaan teh in heras!!.’’

Rizki : ‘’ maneh nu dibejaan heras mah!’’

Agung :’’ ngges geus atuh tong jadi pasea jiga berit jeung ucing wae,sok weh bud tulis duanana
meh teu lieur’’

Budi nuliskeun eusi duanana pas ngareret kagigir Budi niggali Tono kalakah nyoo hp.

Budi : ‘’ No,ai maneh keur naon dititingali teh nyoo hp wae?’’

Tono :’’ saha nu nyoo hape?da urang mah henteu .’’(nada reuwas bari nyumputken hape ka
sakuna)

Budi : ‘’ heeh sok atuh ngerjakeun!!! ‘’ (ngabalieur terus ngerjakeun dei soalna)

Tono : ‘’heeh sok kalem’’ (nyoo hp deui)

Pas Tono nyoo hp deui aya nuninggalikeun ojol ojol si Rizki ngarebut hp si Tono

Rizki : ‘’cik ai maneh nu bener lainan nyoo hp wae!!’’ (bari ngarebut hp dina lengen si Tono)

Tono : ‘’bae atuh kumaha urang!!! Nguruskeun teing hirup batur (bari mawa hp dina lengeun
Rizki trs ngaleos ka kamar)

Momon :’’ heeh atuh Rizki maneh teh,nguruskeun teing hirup batur.’’

Rizki :’’lain kitu mon nyahoo kan ie the keur ngerjakeun tugas .

Momon ngaleos indit ka kamar nuturkeun si Tono

Agung :’’geus lah antepkeun jelema kitu mah.kerjakeun we ku tiluan.’’

Budi : ‘’ai ieu no 12 kumaha ?’’ (bari ngasongkeun kertas ka Rizki )

Agung : ‘’dieu weh kuurang da urang ge bisa.’’ (ngarebut kertas nu di Rizki)


Ku sabab tos wengi sadayana lalebet ka kamar masing-masing

Di jero kamar Tono nuju curhat ka momon jeng ka Budi.

Tono : ‘’ urang geleuh ih ka si Rizki ni pipilueun teing hirup urang ‘’ (bari nada kesel jeng ambek)

Momon : ‘’ teuing urang ge ti kesan mimiti papanggih oge gs teu resep ka si Rizki teh ,teing
kunaon’’

Budi : ‘’ geus tong ngomongkeun batur,aya benerna oge si Rizki teh .maneh no mun keur diajar
tong bari nyoo hp wae.’’

Momon :’’geus we ayeuna mah mening sare geus peuting’’

Poe poe kadituna lima barudak eta the gs rada bisa akur tapina jiga biasa tapi si Rizki tara
patanya jeung si Tono,lamun jeung si momon pasea wae.Pas poe jumat ker biasa ngerjakeun tugas
nu diber ku mentor

Tono : ‘’ haduhh meni lieur ieu teh .’’

Agung : ‘’teu salah kitu mentor teh mere tugasna.’’

Budi : ‘’kumaha atuh ieu no.4 teh ni hese .’’

Rizki jeung momon bareng ngajawabna

Rizki & momon : yeuh urg geus beres (papelong-pelong bari kerung)

Momon : ‘’ cing ninggali Rizki nu maneh kumaha ?’’

Rizki mikeun kertas jawabana ka momon

Momon : ‘’naha kieu jawabanana,ari iru teh timana bet bisa kieu?.’’

Rizki :’’ kieu ai maneh…………(can oge Rizki beres ngomong momon jol motong omongan Rizki)

Momon : ‘’ salah maneh mah ih,tuh naha ieu kieu?tah tulis nu urang nu bener,tuh saralah.’’

Rizki ges ngambek nepikeun ka ngagebrakkeun meja

Rizki : ‘’ maneh mon tara ngahargaan hasil batur.’’

Momon : ‘’ hayang dihargaan sabaraha ku urang.’’(bari melak cangkeng)

Rizki : ‘’ naha ai maneh ngomong teh sajeplak na pisan(popolotot bari nyamperkeun momon)

Momon : ‘’ bae weh biwir-biwir urang .’’(bari nyuntrungkeun Rizki)

Rizki :’’nya lain kitu cing weh hargaan sautikmah pendapat urng maneh mah egois pisan
jelemana!!!(ngaleos bari nabrak momon)

Agung, Tono sareng Budi mah ngan melongkeun hungkul da tos arapal adat duaan eta

Agung :’’alah kumaha atuh itu si momon jeng si Rizki parasea?.’’(bari ngaharewos)

Budi&Tono :’’teuing atuh kumahanya?.’’(nada hariwang)

Rizki indit kakamarna nu tiluaan eta jarempe bari tarungkul. Terus Agung lumpat nyusul Rizki
kakamarna.momon,Tono sareng Budi ge arabus kakamarna da ngerjakeun ge moal focus.
Dikamar Agung jeung Rizki ,Agung ker nenangkeun Rizki

Agung :’’ ges di tong sarua na.’’

Rizki :’’ urang lain saruana gung lain sakali dua kali si momon kitu teh. Da maraneh mah teu ngarti
keadaan urng.’’(bari nada tinggi)

Agung :’’ urang moal ngarti lamun maneh teu ngajelaskeun keadaan maneh.’’(sarua ngabales nada
tingggi)

Rizki :’’ lamun urang teu meunang medali emas moal bisa nuluykeun sakola.’’

Agung :’’ emang naon hubunganan mun teu menang.’’

Rizki :’’ nya da maraneh mah jelema arayaa sedangkeun urang? sakola ge hasil beasiswa maraneh
mah boga kolot nu sarukses bapa si momon penjabat,sitono budak konlomerat si budi budak dokter
maneh budak guru ari urang cicing ge dipanti asuhaan jadi sakola urang tergantung beasiswa eta.’’

Agung :’’ oh jadi maneh ngiluaan olimpide ieu ngarah menang beasiswa.’’

Rizki ngan unggek hungkul

Agung :’’ heeh ges weh ayena mah maneh sare meh tenang.’’

Pas Rizki ges sare Agung ka kamar momon ngajelaskeun nu tadi.

Agung :’’ mon no tong kitu kasi rizki teh,karunya!! Terutama maneh mon.’’

Budi : ‘’ emang kunaon kitu ?’’

Agung : ‘’heeh kieu bud,si rizki teh jelema teu boga teu kawas arurang sieta isa sakola hasil
beasiswa , tah lamun ayeuna manehna teu menang mendali moal bisa nuluykeun sakolana.’

Momon :’’ wah ? Suganteh kawas arurang kayaanan .’’

Tono :’’heeh teu nyangka karunya gening.’’

Budi :” tah denge maraneh kudu menta hampura ka si Rizki jeng tongkitu deui

Momon jeung tono arunggek. Pas kaisukanan kerkarumpul

Momon :’’di hampura heeh urng tara ngadengeekeun pendapat maneh hampura pisan(bari
ngasomngkeun leungen)

Rizki : ‘’ heeh kalem weh.’’(bari nyekelaan lengen momon)

Tono :’’ heeh di urang ge hampura.’’

Akhirna tiluaan eta silih tangkeup

Agung :’’ ari urang di kacangin.’’

Budi :’ heeh ih kitu(bari silih tangkeup limaan)

Akhirna tim eta bisa kompak jeng akur kabeh. Poe-poe kaituna limaan barudak eta the bisa
akur ngerjakeun jeung seserian jarang aya pasea pokokna ges karompak tim eta the
Satibana poe anu ditutunguaan nyaeta poe ngalaksanakeun olimpiadena. Tim momon bisa
ngajawab kabeh soal tapi urusan menanghenteu namah kumaha juri

Juri :’’ dari npenilaian kami setelah melihat dengan sangat teliti,kami telah menyimpulkan bahwa
pemenangnya dalah………(hening) tim no 5

Kabeh kaleprok momon, tono, rizki, agung, budi kabeh aratoh

Rizki :’’ akhirna tim urang menang nuhun nya krja samana.’’

Momon:’’nya kalem weh ges jadi tugas kabehaan kudu menang.’’

Agung:’’meski urang awalna teu warawuh terus bakal paoisah deui tong nepi kajadi teu wawuh deui
heeh.’’

Budi :’’ nya atuh pasti pokokna ulah sarombong.’’

Tono :’’ cing atuh tos hela.’’

Akhirna tim eta bisa menang olimpiade eta, nuasalna teub warawuh jadi dareuket.’’

Anda mungkin juga menyukai