Anda di halaman 1dari 2

Nama: Andri Muhammad Fikri

Kelas: XI MIPA-1
Pel : Bahasa Sunda
Teks Wawacan Simbar Kancana
Di zaman baheula aya Karajaan Talaga nu di pimpin ku hiji raja nyaeta Raja Talaga
Manggung. Raja Talaga boga budak 2 nyaeta nu kahiji ngranna Raden Panglurah, nu kadua
ngaranna Palembang Gunung. Raja Talaga hayang budakna nyarta Raden Panglurah tapa ka
Gunung Bitung salika 7 poe 7 peuting, tujuanana nyaeta raja Talaga hayang Raden Panglurah
jadi Raja nu bener eungkena.
Sanggeus Radén Panglurah indit tapa di gunung Bitung, Palémbang Gunung salaku
minantu Raja Talaga Manggung ngarasa hayang jadi raja Talaga. Palémbang Gunung apaleun
yén Centang Barang salaku juru simpen karaton nyaho apesna Raja Talaga Manggung.
Palémbang Gunung ngahaja ngadeukeutan Centang Barang sangkan bisa nurut jeung daék
mantuan ka Palémbang Gunung. Centang Barang diolo rék dibéré pangkat patih di karajaan
Talaga tapi saratna karajaan Talaga kudu dipingpin ku Palémbang Gunung.
Raja Talaga Manggung di paehan ku Centang Barang nu di pangaruh ku si Palembang
Gunung. Talaga Manggung dipaéhan maké cis nu ditubleskeun kana dadana. Sanggeus maot
tuluy Raja Talaga Manggung ngaleungit. Tempat leungitna Raja Talaga Manggung jadi situ
anu nelah situ Sanghiang. Némpo éta kajadian, Centang Barang ngarasa hanjakal lantaran
geus maéhan Raja Talaga Manggung nu nyaah pisan ka Centang Barang. Centang Barang
ngarasa hanjakal geus maéhan raja tuluy maehan dirina sorangan tepi ka maot. Leungitna raja
jeung Centang Barang ngabalukarkeun sedihna Simbar Kancana jeung bungahna Palémbang
Gunung. Kahayang Palembang Gunung ges ka wujudkeun, hanjakal Palembang Gunung can
puas karna Raden Palnglurah can paeh, aya jalma nu nyaritakeun sipat goréng Palémbang
Gunung ka Simbar Kancana. Ti dinya Simbar Kancana ngarasa ambek ka Palémbang
Gunung lantaran geus maéhan ramana. Antukna Simba Kancana boga kahayang pikeun
males pati ramana ku cara maéhan Palémbang Gunung.
Simbar Kancana tuluy maéhan Palémbang Gunung ku cara nanclebkeun patrem kana
angenna. Saacan Palémbang Gunung maot, Palémbang Gunung ménta hampura ka Simbar
Kancana. Lantaran Simbar Kancana teu méré hampura ka Palémbang Gunung, antukna
Palémbang Gunung kaburu méré sumpah yén lamun Simbar Kancana teu ngahampura tangtu
bakal meunang kasangsaraan. Sanggeus Palémbang Gunung maot, Simbar Kancana ngarasa
hanjakal. Kacaritakeun Radén Panglurah geus bérés tina tapa.
Raden Panglurah balik ti gunung Bintang, terus kabeh kajadian di caritakeun ku Simbar
Kancana, didinya Raden ngarasa sedih lantaran di tinggal ku ramana. Dina hiji waktu, Radén
Panglurah moro ka leuweung. Radén Panglurah nempo aya manjangan nu lumpat, tuluy
diboro. Horéng éta manjangan lumpatna ka situ Sanghiang sarta tuluy éta manjangan
ngaleungit. Némpo éta kajadian, Radén Panglurah hayang panggih jeung ramana lantaran
Radén Panglurah yakin yén situ Sanghiang mangrupa jirim tina ramana, nya éta Raja Talaga
Manggung. Radén Panglurah jeung opat puluh ponggawana tuluy teuleum ka situ Sanghiang.
Tapi aya saurang prajurit anu teu milu teuleum lantaran hayang méré nyaho éta kajadian ka
Simbar Kancana. Simbar Kancana sedih pisan nalika apal yén lanceukna geus ninggalkeun
Simbar kancana.
Singget carita, Simbar Kencan jadi raja, tapi saaenggeus jadi raja ge aya keneh nu
ngahalangan nyaeta ku sumpah si Palembang Gunung, anu nyebabkeun Simbar Kencana
borok. Simbar Kencana ngayakeun sayembara nyaeta saha anu bisa nyagerkeun panyakitna
Simbar Kencana bakal: lmun lalaki bakal dijadiken salakina, lamun awewe bakal di jadiken
dulur, aya hiji lalaki nyaeta Ajar Kutamanggu nu bisa nyagerkeun Simbar Kencana, nu
akhirna Ajar Kutamanggu jadi salaki Simbar Kencanaaa.Tamatt

Anda mungkin juga menyukai