Anda di halaman 1dari 2

Abimantra Pandemi

Lingsir datangna indung peuting


Aya nu rereuh ngahaleuang
Aya nu ngagoler reup-reupan
Kahirupan jalma nu kumelendang

Mapag wanci kana kabagja


Jauh pangraksa dina tunggara
Teu sangka torojol wabah korona
Sumping ka alam marcapada

Nu dipikanyaah hiji-hiji mulih


Masing-masing milih silih tebih
Sapertos hayawan nu di kandangan
Ngantosan aya nu dongkap maraban

Ngawincik lampah milang carita


Gerentesna qolbu jadi hiji tangara
Mancegkeun léngkah dina lalampahan
Lumaku nu tinangtu nyungsi kabagjaan

Anda mungkin juga menyukai