Anda di halaman 1dari 10

Bahasa Sumda

Tema 8
Kajadian Alam
Istilah dina musibat alam
•Urug
•• Angin puyuh
Gunung bitu
• • Hujan angin
Kahuruan leuweung

•Katiga
• • Lini
Caah dengdeng

••
Tsunami
Sasalad
Istilah Pancakaki
Pancakaki nyaeta hubungan kulawarga. Contona kecap pun adi jeung ua.

 Akang= sesebutan ka dulur lalaki saluhureun, ka salaki atawa lalaki nu leuwih kolot
 Nini= indungna ema atawa bapa
 Aki= bapana indung atawa bapa
 Kapi adi= anak emang
 Kapi lanceuk= anak ua
 Bibi= adi bapa atawa indung nu awewe
 Emang= adina bapak atawa indung nu lalaki
 Ua= lanceukna indung atawa bapak
 Alo= anak lanceuk
Kalimah Langsung
Kalimah teu langsung nyaeta kalimah anu diucapkeun lain ku nu
nyaritana langsung, tapi dicaritakeun deui ku batur. Sifat kalimah teu
langsung teh nyaritakeun deui.

Conto:

Kalimah langsung:

(1). Si Atin ngaharewos, “Teh, aya nu haneut kana sampean abdi.”

(2). “Saha nu ical artos teh?’ Pa Guru naros ka Ina


2 kalimah langsung diluhur lamun diubah jadi
kalimah teu langsung jadi rundayan kalimah di
handap:
1. Si Atin ngaharewos ka Teteh yen aya nu haneut
kana sampeana

2. Pa Guru naros ka Ina saha nu ical artos teh


Kandaga Kecap
Kecap Hartina
Belok Jeblog

Dibarung dibarengan

Gigisik Ngagisik-gisik panon

Gulinggasahan Ngagoler bulak balik

Gelap Sora hawa anu dibeulah ku kilat

Gutreng Cacarita lila duaan, sorana lalaunan

Hariwang Melang

Laput Asup kana jero cai sakujurna


Kandaga Kecap
Kecap Hartina
Kandeg Katahan teu bisa maju

Kariaan Nyieun raramean di imah

Katurug-turug Katambah

kilat Cahaya anu ngaburinyay di langit

Leutak Taneuh ajur seperti taneuh di dasar cai

Mitoha Indung bapa sakali atawa indung/bapa pamajikan

Paralakna Kecap anteuran kana sora hujan

Teu wasa Teu kaduga/teu werat

Walimahan Upacara nikah


Soal latihan
Pek Teangan arti kecap di handap!

1. Urug

2. Lini

3. Hujan angin

Pek eusian maka istilah pancakaki di luhur!

4. Wa Adang ka indungna Dani pernahna …..

5. Mun lanceuk Galih boga anak, anakna bakal nyebut …. Ka Galih

6. Lia nyebut …. Ka Pandu, lanceukna.


Soal latihan
Cing robah kalimah langsung di handap jadi kalimah teu langsung seperti conto!

7. “sabaraha urang nu janten korban caah the Bu?” saur Bu Ika ka Bu Nenden.

8. “Enjing abdi bade ngempelkeun sumbangan kanggo korban musibat alam,” saur Aa ka Ibu

Pek jieun kalimah tina kecap di handap!

9. Belok

10. Hariwang
Tetep Sumanget

Anda mungkin juga menyukai