Anda di halaman 1dari 6

MODUL PAKEMAN BASA

Satuan Pendidikan : SMP Materi Pokok : Pakeman Basa

Mata Pelajaran : Bahasa Sunda Alokasi Waktu : 2 jam pelajaran

Kelas/ Semester : IX / 1 Pertemuan : 2

Kompetensi Dasar

3.4 Mengidentifikasi kekayaan idiom bahasa Sunda dan nilai-nilai yang


terkandung di dalamnya dengan memperhatikan struktur, fungsi sosial, dan
aspek kebahasaan

Indikator Pencapaian Kompetensi/IPK

Peserta didik dapat:


3.4.1 Merinci paribasa yang mengandung isi panyaram lampah salah, wawaran
luang dan pangjurung lampah hade
3.4.2 Dapat menelaah nilai-nilai karakter yang terkandung dalam peribahasa
sesuai dengan kaidah- kaidahnya

Tujuan Pembelajaran
Melalui model Problem Based Learning , peserta didik dapat :

Merinci paribasa yang mengandung isi pangjurung lampah hadé, panyaram lampah
salah , wawaran luang, dan menelaah nilai – nilai karakter yang terkandung dalam
peribahasa secara tepat dan santun

A. Petunjuk Menggunakan Modul


a. Pituduh Umum
Modul disusun untuk memberikan gambaran yang jelas dalam melaksanakan pembelajaran
baik daring maupun luring. Isi modul berupa:

● Indikator pencapaian kompeténsi/tujuan pembelajaran sesuai dengan RPP yang telah


disusun
● Modul dipergunakan (1 x pertemuan)
● Kegiatan peserta didik terdiri dari matéri, papancén, dan évaluasi. ● Évaluasi disusun
pikeun ngajén sikep, pangaweruh, jeung kaparigelan luyu jeung kompetensi inti tur
kompetensi dasar.

b. Pituduh Husus
Untuk memperoleh prestasi belajar secara maksimal, maka langkah- Langkah yang
perlu dilaksanakan dalam modul ini antara lain:
1. Bacalah dan pahami materi yang ada pada setiap kegiatan belajar. Bila ada materi
yang belum jelas, peserta didik dapat bertanya kepada guru baik daring aupun luring
2. Kerjakan setiap tugas – tugas baik individu ataupun kelompok dengan tepat waktu 3.
Setiap mengerjakan tugas hendaklah dengan bersungguh - sungguh 4. Menggali
informasi seluas luasnya dengan memanpaatkan teknologi internet 5. Manfaatkan tutor
sebaya apabila memungkinkan untuk bertanya ataupun diskusi

B. Kagiatan Peserta Didik


I. Mikawanoh Paribasa
Ditilik tina maksud anu dikandungna, paribasa téh bisa dipasing – pasing jadi tilu
golongan nyaéta :
a. Paribasa wawaran luang
Eusina ngébréhkeun pangalaman anu geus lumrah di masyarakat, sarta mangrupa
bahan babandingan pikeun laku lampah urang.
Contohna :
1) Uyah mah tara téés kaluhur, hartina tabiat/sifat nu jadi anak tara jauh béda jeung
tabiat/sifat kolotna.
2) Uncal tara ridueun ku tanduk, hartina boga élmu pangaweruh mah moal hésé
mamawa.
3) Wiwirang dikolongcatang nya gedé nya panjang, hartina ngalaman hiji kajadian anu
matak pikaéraeun.

4) Buruk – buruk papan jati, hartina sagoréng – goréngna dulur sorangan, moal téga
nganteupkeun mun aya karerepet atawa menang papait.
5) Hadé ku omong goréng ku omong, hartina dina nyanghareupan masalah, rék hadé
rék goréng, kudu dibadamikeun.
6) Umur gagadihan, banda sasampiran hartina: umur jeung harta banda hakékatna milik
Allah Swt.
7) Ungguh baléwatangan hartina: di bawa ka pangadilan
8) Buburuh nyatu diupah béas, hartina: meunang dua kauntungan sakaligus, saperti
nu sakola meunang béa siswa.
9) Anu burung diangklungan, anu gélo didogdogan, anu édan
dikendangan hartina: anu gedebul dihaminan, ngarah tambah maceuh. 10) Ari
umur tunggang gunung, angen-angen pecat sawed (najan umur geus kolot, kahayang
kawas nu ngora)
11) Bihari ngalingling pasir, ayeuna ngalanglang pasar (jaman geus robah, jalma ogé
loba nu ganti pacabakan, atawa robah-robah tingkah lakuna)
12) Cécéndét mandé kiara, cileuncang (cileungcang) mandé sagara (nu miskin
hayang nyaruaan nu beunghar.

b. Paribasa panyaram lampah salah


Eusina panyaram sangkan ulah migawé pagawéan anu matak rugi, boh keur diri
sorangan boh keur batur.
Contona :
1) Ulah unggut kalinduan, ulah gedag kaanginan, hartina: ulah sieun, kudu gedé
kawani
2) Ulah koméok saméméh dipacok, hartina: ulah waka ngomong teu sanggup/teu bisa
saméméh dicoba.
3) Ulah incah balilahan, hartina: ulah rék ninggalkeun tapi kudu tetep satia 4) Ulah
nyeungceurikan upih ragrag, hartina: ulah popoyok ka jalma nu geus kolot sabab urang
gé bakal ngalaman.
5). Ulah cara ka kembang malati kudu cara ka picung, hartina: ulah babari bosenan, tapi
kudu satia salilana.

6). Cul dog tinggal igel, hartina: ninggalkeun gawé baku, terus milampah pagawéan nu
taya hartina.
7) Mareubutkeun balung tanpa eusi, hartina: marebutkeun perkara anu papada can jelas.
8) Pagiri – giri calik pagirang – girang tampian, hartina: teu sauyunan, papada
hayang menang sorangan, papada hayang leuwih., jsb.

c. Paribasa pangjurung laku hadé


Eusina pikeun pangjururng milampah pagawéan anu hadé.

1) Carincing pageuh kancing, saringset pageuh iket (taki-taki ngajaga kaamanan,


mageuhan tulak jeung sajabana, bisi aya bancang pakéwuh)
2) Kudu bisa ngeureut neundeun/pakéan, hartina: kudu bisa nagjeujeuhkeun rejeki, kudu
sina mahi.
3) Kudu boga pikir rangkeupan, hartina: ulah sabrongbrong, kudu aya rasa curiga. 4)
Kudu hadé gogod hadé tagog, hartina: hadé basa jeung hadé tingkah lakuna. 5) Kudu
nepi méméh indit, hartina : kudu direncanakan kalawan asak. 6) Kudu bisa kabula kabalé,
hartina: kudu bisa mawa awak.
7) Bibilintik ti leuleutik babanda ti bubudak, geus gedé ngan kari maké, hartina: kudu
gemi jeung daék babanda ti leuleutik ngarah dimana geus kolot teu loba
kakurang.
8) Élmu tungtut dunya siar,sukan – sukan sakadarna, hartina: téangan élmu jeung harta
banda keur pibeukeuleun, sarta kudu hirup basajan. Jst...

II. Paribasa jeung nilai ajen Kahirupan


Paribasa ngadék sacékna, nilas sacaplasna hartina sahinasna boh ucapan boh paripolah
henteu bohong atawa ngaleuleuwihkeun. Dina pajamanan kiwari arus informasi kacida
gampang kacepengna, itungan detik urang bisa nimukeun warta dimana waé kaasup
sélér nagara. Sikep nu hadé nyaéta nyaring informasi ku cara néangan sumber-sumber
nu bisa dipercaya. Mére informasi saujratna luyu jeung data, fakta teu dikurangan jeung
teu dileuwihan mangrupa karakter jujur. nu kudu dipibanda ku sakumna jalma.
Ku kituna paribasa ngadék sacékna, nilas sacaplasna ngandung ajen karakter jujur
Paribasa nete taraje nincak hambalan ngandung hartina milampah pagawean kalayan
luyu jeung tahapan nuditangtukeun. Ieu paribasa ngandung ajen karakter disiplin, jst
https://www.researchgate.net/publication/323789863_NILAI_KEARIFAN_LOKAL_DA
LAM_PERIBAHASA_SUNDA_KAJIAN_SEMIOTIKA

E.PANCEN

Teangan harti paribasa di handap ieu!


Tanggal/Bulan Tanda Tangan Ortu Nilai

1. RÉFLÉKSI

Sabada réngsé diajar materi Pakeman basa, prak cobaan hidep meunteun
kamampuh diri sorangan ku cara nyontréng tabél ieu di handap kalayan jujur!
Pernyataan Atos Teu
Acan

Mampuh ngajelaskeun papasingan paribasa kalayan


bener.

Mampuh ngoreh eusi paribasa kalayan bener

5 Evaluasi
Jawab patalekan di handap!
1. Sebutkeun papasingan paribasa
2. Naon harti paribasa cul dogdog tinggal igel
3. Ajen karakter naon dina paribasa cikaracak ninggal batu laun laun jadi legok
kasup pakeman basa nu …..
4. Ajen karakter naon dina paribasa mun teu ngakal moal ngakeul E.
Sumber Belajar

Sudaryat, Yayat & Deni Hadiansah.2017. Simpay Basa Sunda Pikeun Murid SMP?Mts
Kelas IX. Bandung: Erlangga
Danadibrata, R.A. (2006). Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat.
Lembaga Basa jeung sastra Sunda. (1985). Kamus Umum Basa Sunda. Bandung:
Penerbit Taraté.
Faturohman, Taufik, Spk. (2017). Gapura Basa. Bandung: Geger Sunten.

Anda mungkin juga menyukai