Anda di halaman 1dari 10

RAHWANA PEJAH

Dalang
Rahwana : Narantaka?
Narantaka : Kaula..
Rahwana : Sayungsrana?
Sayungsrana : Nun gusti, pupudening ati
Rahwana : Kahareup Narantaka.
Narantaka : Sawios cekap, Rama didieu we. Putra Narantaka nampi nyuhun katampi sukmah
panjenengan rama dewaji.
Rahwana : Yah, pujastuti hidep ditampi nuhun ku ama kasep
Narantaka : Kalihna ti eta, naon anu kedah ku abdi dijalankeun dina waktos ieu
Sayungsrana : Paduka,,, sajabi tina semah ka sanggakeun abdi teh tumaros kedah kumaha tuh
gening dina waktos ieuteh kalah tutumpuran urang teh tikawit ruanag rai dewi
Sarpakinaka dugika sepuh Rahastra
Rahwana : Tobahhhhh! Anaking narantaka! Ama moal leupas tina tanggung jawab yakin dina
poe ieu ama dek indit ka medan pertempuran, moal jeurih ku pati dulur lapur,
baraya beak goreng patut kuring teu tanggung jawab kana naon rupa kajadian nu
kaalaman sabab yakin ieu dosa kula pastina oge ieu ancur urang kiskenda oge
sibatarama sabalad balad
Narantaka : Mudah mudahan we rama.
Rahwana ; YHHHHHAAA, narantaka?
Narantaka : Kaula nun
Rahwana : Siapkeun kareta!
Narantaka : Mangga
Rahwana : Oge Ama teteup moal masrahkeun Sinta sanajan ancur jadi lebu
Sayungsrana : HHMMM, sadaya daya gusti enya sae namah kaula supados teu janten nanaon
sinta the disanggakeun we
Rahwana : Di paehan siah ku ainggg
Sayungsrana : Muhun kahoyongmah
Rahwana : HHMMM, teu bisa, teu bisa!!!!!! Lamun ama teu ka untuntipung ka tanang beas
laksana kapi duriat moal di pasrahkeun sabab, pangaruh tina duriat henteu laksana
kabeh Pamajikan aing anu 80 punyul 1 dibawa sare asa sare jeung gebog nu matak
ti lebah dieu aing kudu indit kapeperangan erek mawa hulu sibatara rama,hulu
silaksmana,hulu si gunawan,hulu si hanoman hehehheh. Ari sabab si hanoman peting tadi ka
aing maling jimat tina handapen angel , ari aing nyaring ditalikeun buuk aing jeung indung
maneh,atuh puguh we jejeritan indung maneh
Sayungsrana : eta ngagalaksaknya si monyet bodas saurang abong monyet
Narantaka : sawios putra dina waktos ayeuna acur acuran
Rahwana : kareta ama,wayahna kusiran ku hidep
Narantaka : muhun
Rahwana : panah pusaka siapkeun dina waktos ayeuna
Narantaka : nya
Rahwana : katurug turug aing teu ngenah ku anak si kumbakarna
Narantaka : timbalan
Sayungsrana : ohhhhhh tuang putra raden aswani kumba , kumba aswani
Rahwana : anu ayeuna ku aing geus dipenjara di tunda di pangberokan
Sayungsrana : moal di pasihan pangampunan ?
Rahwana : bisa bisa bisa , tapi aya sarat anu mutlak nyaeta si aswani kumba, kumba aswani
asal daek milu peperangan, ku aing di hampura
Sayungsrana : tuh gening bakal turun amnesti, asal perang sawios ku abdi bade di tepangan
gusti
Rahwana : bejakeun, kawas bapakna sikurang ajar nantang ka aing
Sayungsrana : sumuhun mangga mangga bade di tepangan
Rahwana : narantakaaaaaa!!!!
Narantaka : kaula
Rahwana : siapkeun tanaga jeung pikiran ,siapkeun kareta pikeun lumampah
Narantaka : mangga mangga pamit kaulanun
( Narantaka indit )
Rahwana : jug
Sayungsrana : sawios,abdi gusti bade nepangan tuang putra raden aswanikumba
kumbaaswani nyaeta bakal nampi ampunan,euu…syaratna the kedah?
Rahwana: daek perang!
Sayungsrana: ohh…kedah perang,mangga bade di tepangan
Rahwana: indit!
(Sayungsrana indit)
Rahwana: sintaaa do’akeun akang dek ngabantun sirahna si batarama nyai (Rahwana indit)
(Narantaka datang)
Narantaka: ngagalaksak pisan urang urang kiskenda abong sato,heii hanoman! Sanajan
sakabeh para senopati sampun sumaning pati tumeukaning perlayah moal gila ku ombak
moal rek ngejatt sabanjar beas ancur lebu siah cuihh(nyiduh)
Narantaka: hehh.. nepi ka narembongan deui nu geus maraot bibi sarpakinaka,eyang prasastra
kakang indrajit oge sadulur dulur nya adi nya lanceuk,hmm..can bisa balas pati ka sibatara
rama jeung sabalad baladna
Narantaka: heii..para senopati
Kabeh sebopati: kaula kaula kaula
Narantaka: sok kadieu kadieu,yap kadieu..
(Musik hey hey hey)
Roy Kiyosi: hey hey hey, eta geuning ari sugan jauh keneh,ngahaturkeun sukma baktos kaula
turunan Roy Kiyosi
Nyengo: heii..ngahaturkeun sukma baktos gusti
Narantaka: heug muhun muhun..
Nyengo: aya pikersaeun naon?
Narantaka: kela diuk heulaa
Nyengo: muhun
Narantaka: diuk!
Nyengo: mangga gusti..
Nyengo: mun nyingkah siah!
Roy Kiyosi: sidik maneh anu teu nempo!
Nyengo: aduhhh…aya pikersaeun naon?
Narantaka: kela..mana sawareh deui?
(Lenang dating)
Lenang: bade ngahaturkeun sukma baktos gusti
Narantaka; iyahh...ditarima
Lenang: kulan…
Narantaka: DITARIMA..!
Lenang: nuhun we ditarima mah
Roy Kiyosi: karunyaa ieu,ti planet jupiter ieu teh?,atawa ieu teh incuna makronah?
Nyengo: puguh si eta mah bayi tabung!
Lenang: montong sok ngahina sia teh!kieu kieu oge makhluk pangairan
Nyengo: makhluk pangeran lain pangairan
Lenang: hade goreng ogee..sabab di hadapan pangeran mah sarua bae nu kieu nu kitu rek
rekep dengdeng papak gede
Roy Kiyosi: papak sarua kituh!
Lenang: aya pikersaeun naon gusti?
Narantaka: kieu yeuh!sakumaha kauninga yen dina waktos ieu urang PERANG!
Roy Kiyosi: sanes sarupa deui unggal nyerang elleeeh we!
Lenang: naha nya urang teh ek kumaha unggal nyerang eleh wae
Narantaka: nyaeta kitu tah!
Lenang: sagala urusan teu anggeus anggeus kalah tambah deui!urusan teh kmhaa?,atuh ieu
teh can kasus korona improv
Narantaka: heueuh nyaeta!
Lenang: kumaha atuh kieu kieu wae?
Roy Kiyosi: atuh geuningan mangeus ari maneh ngomong bae ih!atuh sagala oge moal
anggeus ku ngomong mah da nu penting mah pelaksanaannana
Lenang: heueuh nyaeta ku kituna uing jadi
Roy Kiyosi: atuh manggeus geuning ih
Nyengo: ari maneh..,apanan ieu teh maksud ngadengekeun dunungan naha beut ngararomong
ihh..kumah?
Roy Kiyosi: tah matak naon atuh jarempe ih!
Lenang: ih! Ngararomongna kararitu wae amit amit
Narantaka: kieu yeuh!,ayeuna serangan anu pamungkas di pimpin ku rama prabu nyaeta
Rahwana anu bakal ancur ancuran dina waktu ieu
Roy Kiyosi: jadi gusti prabu Rahwana anu bade angkat?
Narantaka: enya..!
Roy Kiyosi: Sae abdi siap!
Nyengo: Siap gusti!
Lenang: Ahhsiaaappp!sugan we ai manah mah menang
Narantaka: Mudah mudahan sakitu hayu pada pda lumampah dina poe ayeuna hayuu gera
arinditt!
Roy Kiyosi: Mangga gusti abdi bade indit ngawartosan pun bojo heula
Narantaka: Heueuh!
Roy Kiyosi: Bebeja heula mnh moal ka pamajikan maneh?
Nyengo: Atuh nya heueuh urang bebeja ka pamajikan urang heula urang teh rek indit ka
medan pertempuran!
Roy Kiyosi: Nya jig buru buru atuh!
Lenang: Ayeuna uing jigana moal milu urang mah
Roy Kiyosi: Naha atuh geningan moal milu?
Lenang: Ehh..Pamajikan uing keur reuneuh, mangkaning teres ngajuru
Roy Kiyosi: Gening pamajikan maneh keur ngandung
Lenang: Atuh nya heueuh!
Roy Kiyosi: Geus sabaraha bulan ngandungna?
Lenang: 3 Taun satengah
Roy Kiyosi: Hoorrrr…atuh gening lila lila teuing, ngandung naon?
Lenang: Ai ngandungna teh lain ngandung orok
Roy Kiyosi: Tapi….?
Lenang: Tapii ngandung maksud jeung tujuan
Roy Kiyosi: Ngandung maksud tujuan naon kitu?
Lenang: Hayang maehan mitohaa ceunah
Roy Kiyosi: Didinan hayang maehan mitoha?
Lenang: Nyaa heueuh!kenbae da kahayang pamajikan
Roy kiyosi; jadi mitoha pamajikan maneh teh hayang di paehan kitu?
Lenang; nya dek disantet
Roy kiyosi;di idinan ku maneh!
Lenang; nyaaa
Roy kiyosi;emang teudoraka kitu
Lenang; naha bet doraka,teu dulur teu naon naon
Roy kiyosi; hooor,apanan mitoha pamajikan maneh teh,bapa maenh
Lenang; ai kitu heuhuh
Roy kiyosi;hor anu rek dipaehan the bapa maneh
Lenang; jadi mitoha pamajikan teh,bapa uing!
Roy kiyosi;kan huh
Lenang; ari sugan mitoha uing the idi amin
Roy kiyosi; apanan etamah deungun deungun
Lenang;ohhh arikitu mah kudu di carek
Roy kiyosi; huh carek
Lenang; hayu atuh urang indit ‘mending ge perang
Roy kiyosi;manga gusti ( roy kiyosi indit)
Nyengo; permios gusti (nyengo indit)
Lenang; manga gusti kaula bade mios (lenang indit)
Narantaka;hayu hayu pada pada lumampah, kade sing ati ati ! (narantaka indit)
(ditawanan ) (dalang)
Aswani kumba; dii…?
Kumba aswani; kulan
Aswani ;kadieu kadieu
( aswani kumba datang)
Aswani; yap kadieu adi!
Kumba ; manga kang
Aswani ;urang Badami yuh
Kumba ;wot hepen my brader?
Aswani ;yeh kadieu lanan tong wot wat wot wot
(kumbA DATANG )
Kumba; aya pikeursaeun naon kang ?
Aswani;urang Badami supaya teu mati konyol didieu
Kumba ;ngeunan ?
Aswani; ngeunan urang we jadi tawanan da urang teh ngadon tersiksa didieu
Kumba;ai kitu maksud akang kumaha
Aswani; huh lanan calik heula adii!
Kumba ; okehh
(dalang)
Aswani tah kitu adi
Kumba ;kumaha kang
Aswani;urang the loba caliwerana di dunya (inprof)
Kumba ;huh tuman da
Aswani ;tuman kumaha
Kumba ;huhuhu tina culik sinta the kalah ngariwehkeun ka urang na ,cobi naha nyulik dewi
sinta the jang kepentingan nagara ieu the, atau maksud pribadina
Aswani;nya maksud pribadina
Kumba ;ini kan bawa ka nagara nagara ruksak ,rakyat aut autan dek kumaha coba
Aswani :tapi huh…
Kumbah : mamawa anu teu mais teu meuleum
Aswani : tapi heuh nya dibulak balik mah
Kumbah ; jadi gimana nih jalan keluarnya kang
Aswani : ai dot now
Kumbha : ai dot now ai dot now ai dot now we teu nyaho kituh lain ai dot now
Aswani : hadeuh
Kumbah ; way kang way ceuk Bahasa prancis mah puruluk puruluk
Aswani : purkua lain puruluk!
Kumbha : geus diganti kang?
Aswani: ti baheula ge kitu , di aya jalan kaluarna di pikir ku akang jalan kaluarna
Kumbha /; kumaha
Aswani : urang bakal di bere pangampunan ku raja , yen rajateh arek perang
Kumbha : kumaha
Aswani : kumaha ayeuna urang perang we atuh
Kumbha : perang
Aswani : nyak
Kumbah : hahaha perang?
Aswani ; kenapa lu ketawa?
Kumbha : perang
Aswani :nyak
Kumbha : kela urang piker heula
Aswani : sok
(ss datang )
Ss: punten
Kumbha: aya nu punten saha nya kang?
Aswani “ nyak saha nyak?
Ss : sampurasun
Aswani kumbah : rampes
Kumbha : saha ieu the
Ss : kaula sayung srana juru tarung ti kalayan sakaligus diangkat panglima gegentos marica
Kumbha : meh
Aswani : es es es aya naon anjeun kadieu
Ss : saleresna kaula teh diutus ku gusti prabu rahwana , salira the bakal nampi pangampuna ti
raja
Kumbha : amesti
Ss : nyak
Kumbah : wen
Aswani : naon wen the
Kumbha : eh aingmah , iraha?
Ss : ayeuna pisan tapi syrat anu mutlak teh nyaeta kedah perang
Aswani : percaya percaya
Kumbah : eh okelah perang ti ayeuna
Aswani : yuk gunakeun elmu urang ngabela nagara jeung Bahasa , dimana nya gusti prabu
Ss : sakedap deui bade angkat , kareta parantos dikaluarkeun sadayana tos siap
Aswani :sae
Ss : sakitu di haturanna linggih kula rama prabu diantos
Aswani : sae mangga sae manga
Ss : permios
(ss indit)
Aswani : hayu ah urang indit
Kumbha ; hayu
(berangkat perang)
(datang si botak)
Si botak : doakeun ah ek perang yeuh (melewat)
Dalang
Datang hanoman
Hanoman : hihihi dulur dulur bangsa kunyuk baraya bangsa wanara saderek bangsa monyet
pamilih bangsa surilih kula (semua) sing ati ati yen anu bakal datang serangan dina poe iru
manehna nyaeta si rahwana da lamun gusti rama ngijinan ngawidian ngalawan si rahwana
kaula hanca ku aing ti korona jelema biadab jelema telenges jelema murka si hawek , licik
Rama : hanomannnn
Hanoman : kaula gusti
Rama : ulah mawa nafsu teuing sing ati ati hanoman
Hanoman : muhun
Datang rama
Hanoman : warcana putra hanoman anu aya dihandap sampean pangersa nyuhun sukmah
kabaktos
Rama : hanomannn, ditarima ku kaula
Hanoman : muhun , percanten keun ka putra hanoman pkeun ngalawan si dasamuka
Rama : ieu geus jadi urusan kaula jeung dasamuka hanoman
Cepot : dawala gusti rama geus angkat tuh ti kateubihan disaksian ku rayina den laskmana ku
juragan gunawan wubiksana ku prabu sugriwa ku kun bapak , heeh dek milu pperangan wae
ah
Datang cepot
Cepot : beda nya datang artis mah geus taunan bbarengan geus tuman babarengan jeung
monyet teh

CAN ANGGES ;(;(;;;;;;(((((((((((((((((

Anda mungkin juga menyukai