Anda di halaman 1dari 3

Langkung tipayun, hayu urang manjatkeun puji sinareng syukur ka dzat Allah SWT nu Maha Welas tur

nu Maha Asih. Ku sifat Rohman sareng Rohim-Na, ayeuna abdi tiasa pamprok di ieu tempat dina raraga
silaturahmi sareung ibu ibu majelis ta’lim ………………………..
Sholawat sareung salam salamina mugia di Kucur Golontorkeun ka junjunan alam kangjeung Nabi
Muhammad SAW
Para ibu anu simkuring dipihormat
Wasta ………
Kaleureusan abdi ayeuna mondok di Pondok pesantren Al-Mubarok sakolana di MTs As-Sa’adah sa
Komplek eta teh, Alamatna di Ciwaas Depok 1 RT 002 RW 010 Kelurahan Sukahurip Kecamatan
Tamansari.
Maksad abdi
Ngajak ka ibu ibu sadayana, bilih ngagaduhan murang kalih nu bade neraskeun sakola ka tingkat MTs
atanapi SMP, Candak ka pasantren, sina mondok, insyaAlloh barokah. Eta mah mangga pasantren na
mah bade dimana wae, kaleureusan abdi mah di Pondok pesantren Al-Mubarok sakolana di MTs As-
Sa’adah sa Komplek eta teh, Alamatna di Ciwaas Depok 1 RT 002 RW 010 Kelurahan Sukahurip
Kecamatan Tamansari.
Ah ayeuna mah teu kedah mondok, sagala ge tos canggih ayeuna mah, hoyong ngaos nanaon ge tos
nyampak ayeuna mah dina youtube,

Alhamdulillah MTs AS-SA’ADAH parantos nytiptakeun lulusan terbaik kanggo ngalanjutkeun ka


jenjang anu lebih tinggi, Di samping eta, MTs As-Sa’adah oge ngagaduhan prestasi-prestasi non-
akademik. Seperti, Juara 3 lomba paskibra se-Jawa Barat,Juara Umum Pramuka Se- Priangan Timur,
Juara lomba membuat film pendek terbaik se- Priangan timur, sareung Musbaqoh Syarhil Quran, Bahkan
Dina Prestasi Akademik, MTs As-Sa’adah Menjuarai Lomba Cerita Pendek Bahasa Inggris, Story Telling
Bahasa Inggris, Cerdas Cermat Bahasa Inggris, masih seueur keneh prestasi akademik MTS As-Sa’adah.
Hadirin Rohimakumulloh

Jadi santri emang bosen, ngarasa pinuh ku aturan, henteu bébas, kurang pergaulan jeung sajabana, budug ceunah
tapi justru anu ngabédakeun pasantrén jeung sakola umum lianna.
Hadirin Rohimakumulloh,
Kaunggulan pasantrén diantarana:
Kahiji, pasantrén lain ngan saukur ngadidik IQ (intelectual intelligence), tapi ogé ngadidik EQ (emotional
intelligence) jeung SQ (spiritual intelligence) murid-muridna. Sangkan nalika santri mulang (henteu mondok deui)
mangka para santri, lain ngan saukur pinter dina hal pamikiran atawa kacerdasan, tapi ogé pinter dina sosialisasi di
tengah masarakat. Hal ieu ngabalukarkeun siswa leuwih gampang ditarima jeung mangpaat di tengah masarakat.

Kadua, pangaweruh anu dicangking di pasantrén bakal leuwih barokah. Naha kuring nyarios kitu? Sabab santri
mibanda sifat Ta’diman wa ikroman ka guru, ngamulyakeun elmu, boga ahlak anu hade jeung boga ciri waro.
Diantara sipat waro 'nyaeta; dahar saeutik, sare saeutik, jeung ngobrol saeutik.

Katilu, di pasantrén, santri bakal mampuh ngahijikeun pangaweruh umum jeung élmu agama anu dimeunangkeun
ngaliwatan atikan pasantrén dina kahirupan sapopoé. Ieu pangaweruh bakal ngagampangkeun siswa pikeun ngarti
kana harti kahirupan anu sabenerna. Hirup mandiri, pisah jeung kolot, fasilitasna kumaha, tapi ieu nu bakal
ngabentuk santri salaku muslim nu tanggung jawab tur ngabiasakeun motivasi diri sangkan leuwih hadé.

Teknologi teh seueur manfaatna bahkan mempermudah sagalana, mun urang sadaya ngarti cara
ngamanfaatkeunnana mah, ayeuna upami disakola peryogi materi belajar, klik google, ketik materi
pelajaran matematika, tos ngaberebet, jadi teu aya alasan zaman kiwari mah barudak sakola barodo, tos
kedah maju, kedah leuwih palinteur, komo generasi abdi ayeuna mah da nyareupeung HP, bahkan nu teu
sakola ge ayeuna mah teu aya alasan bodo kusabab teu sakola, sabab ayeuna mah kantun klik klik klik
dan klik.
Tapi ku berkembangna teknologi ge dampak burukna ageung pisan, komo dikalangan generasi abdi mah,
hubungan sosial di kalangan remaja robah pisan , nimbulkeun kacanduan nyeukeul HP teh, males
sosialisasi, kuayana gadget ngaganggu kualitas interaksi langsung, gadget ngajadikeun remaja
hyperpersonal asyik sendiri tos, nyeupeung HP tea hilap waktu, hilap tanggungjawab ge, nu akhirna
dampak buruk gadget ngajadikeun remaja konsumtif (make wungkul, mulsaan emung),
beas no 2 no 1 kuota pangabutuh ayeunamah.!!!

Para ibu sadayana


Teknologi mere kamudahan ka urang sadaya supaya pinter, tapi teknologi teu bisa ngajarkeun praktek
kumaha adab, tawadu’, ikhlas, bersyukur, sabar, tawakal, bergaul jeung husnudzon da eta mah kudu
langsung di praktekkeun. Teu aya deui tempat anu paling tepat di ajar praktek ilmu adab, tawadhu’, diajar
ikhlas, bersyukur, sabar, tawakal, diajar gaul jeung husnudzon kecuali murangkalih dileubeutkeun ka
pondok pasantren atawa madrasah. Da memang praktekna di pasantren sareung di madrsah atawa sakola.
Supados murangkalih jadi jalmi anu alim nyaeta beradab, lain ngan saukur pinteur, pinteur mah iblis ge
leuwih pinteur, tapi ku sabab teu gaduh adab, maka terkutuk eta iblis.

Para ibu sadayana


Ku kituna abdi ngajak kasadayana, supados ngalebeutkeun murangkalihna ka pondok pesantren bari
sakola, supados elmu sareung prkatekna ka asah. Da geuning pasantren sareung di sakola mah nu
pentingna kumaha murangkalih diajar supaya gaduh adab, dina kitab kifayatul atqiya nu dingaos ku abdi
aya papatah ulama
‫ب َأحْ َو ُج ِمنَّا ِإلَى َكثِي ٍْر ِمنَ ْال ِع ْل ِم‬
ِ ‫ْــل ِمــنَ اَْأل َد‬
ٍ ‫نَحْ ـنُ ِإلَى قَلِي‬
“Urang the leuwih ngabutuhkeun adab, sanajan saeutik dibandingkeun elmu sanajan seuer “

janteun dina ngagembleng akhlak santri, pesantren ngaleubeutkeun pelajaran tentang etika dan tata cara
menuntut ilmu dina kurikulumna. supaya para santri memahami akhlak yang terpuji dan tata cara
menuntut ilmu yang beneur, supaya ilmu santri teh bermanfaat nalika ngabdi di masyarakat
Hadirin rohimakumulloh
Yuk leubeutkeun murangkalih ka pondok pasantren, supados diajar praktek tawadu’, ikhlas, bersyukur,
sabar, tawakal, bersosialisasi sareung di ajar Husnudzon. Tiasa ngaosna mah Bonus, nu penting mah di
ajar adab atawa etika.
Kaleureusan abdi ayeuna mondok di Pondok pesantren Al-Mubarok sakolana di MTs As-Sa’adah nu sa
Komplek eta teh, Alamatna di Ciwaas Depok 1 RT 002 RW 010 Kelurahan Sukahurip Kecamatan
Tamansari.
Ka pasar meser ragaji
Ragajina tinggal dua
Boga budak pinter ngaji
Nu reueus pasti kolotna

Mawa peti dina sundung


dibawa ka nusa Jawa
Pangarti teu beurat nanggung
kabisa teu beurat mawa

Saderek santri Rohimakumulloh,


Pamungkas, kacindekan, hayu urang leuwih getol jeung serius dina diajar jeung sabar dina nyanghareupan kasusah
dina diajar di pasantrén sangkan urang sadaya bisa ngahontal kasuksesan anu barokah dina mangsa nu bakal datang,
boh kasuksesan hirup di dunya boh kasuksesan. di akherat.
Akhirul qouli…
Wallahul muwaffiq ilaa aqwamit thoriq

Anda mungkin juga menyukai