Anda di halaman 1dari 1

Teks MC Pernikahan Neng Yanti dalam Bahasa Sunda

Assalamua’laikum Wr. Wb. Ibuibu, Bapabapa sareng para wargi sadayana anu sami linggih, hormateun simkuring. Sakumaha ka uninga ku urang
sadayana, Alhamdulillah calon panganten pameget miwah rombongan parantos sumping ngaleut ngengkeuy ngabandaleut, ngembat ngembat nyatang
pinang.
Bismilah, purwa wiwitan ieu pamuka carita, nyaeta minangka pamuka acara. Babasan pandika pagawean lamun nangtung ka jungjunan, sing lulus
bantun jeung tumbu buah seureuhna. Neda panyaksen ti sadayana ieu acara bade dikawitan. Pangersa calon panganten pameget miwah rombongan.
Jagong tuhur meunang ngunun dina pingping haturan wilujeng sumping, di wewengkon ........, tempat pangaharepan sarakan keur kulawarga. Ka pihak
calon panganten Istri, bisi si jalu hanjelu si lanang honcewang, sumangga geura hiyap calon panganten pameget miwah rombongan.
Tawis panampian tatamu, tanda kameumeut, kadeudeuh, tawis asih ti kakasih, tanda tresna kanyaah, mangga geura kalungkeun eta mangle tawis
pangrungrum hate perseka kabersihan manah, ku ibu atanapi wawakil ti pihak calon panganten istri (mangle di kalungkeun), salajeungna dihaturanan
linggih ka calon panganten pameget miwah rombongan, di tempat anu parantos disayogikeun.
Bismillahirrohmanirrohim Ashadua ala ilaha ilalloh wahdahulasyarikala, waashadu anna muhammadan abduhu worosulluh.amma ba’du. Alhamdulillah
puji sinareng syukur urang tiasa kempel ngariung di ieu tempat, kalayan aya dina kasehatan, bingah ka giri-giri bagja kumbayangan dina dinten ......,
ping ........, dua insan parantos jangji pasini pikeun nyucruk galur sunah rosul, baris ngahiji ngajatukrami. Ngadahupna neng...........................putrina
bapa .................. kalih ibu.............. ka cep ......................... Putrana bapa Muhammad Jubir kalih ibu Eutik Kartika

Namung sateuacanna sim kuring pun ........, baris ngadugikeun rundayan acara nu baris di pedar, di antawisna;
1. Bubuka
2. Lantunan kalam illahi Ku : .........
3. Seren sumeren ti 2 pihak calon panaganten Panyerahan ti pihak calon panganten pameget ku: Panampian ti pihak calon panganten istri ku :
4. Simbolisasi seserahan
5. Walimatul urusy /akad nikah *ku petugas KUA
6. Sungkeman
7. Sawer Panganten
8. Tutup
Bapabapa, ibu-ibu para wargi sadaya nu sami rawuh hormateun sim kuring, sumangga pikeun muka ieu acara urang sasarengan maos
basmallah.Bismillahirrohmanirrohim. Para hadirin miwah para tatamu sadayana, acara salajengna urang sami dangukeun lantunan kalam ilahi nu baris
di lantunkeun ku pangersa ........ Waktos sareng tempatna mangga nyanggakeun.
Ngahaturkeun nuhun ka kersana ......... Nu parantos ngalantunkeun kalam ilahi, malah mandar janten panambih nambih kaimanan sareng kataqwaan
urang sadayana. Amin.
Para hadirin, miwah para tatamu sadayana, khususna ka calon panganten pameget miwah rombongan, pamali mun dilamilami komo dililalila, nu dianti-
anti ti tatadi, didagodago ti bareto, ayeuna parantos nyampak. Sok sanaos sami surti, sami uninga maksadna, nanging, kanggo nyumponan tindak
tanduk tata titi duduga peryoga. Teu cekap ku surti sareng tekad wungkul, namung kedah disarengan ku ucap. Ku kituna, sumangga ka pangersa
kasepuhan calon panganten pameget dihaturanan kapayun kanggo ngadugikeunana.
Para wargi sadayana, nembe sami-sami nyakseni gerentes kalbu kasepuhan ti pihak calon panganten pameget miwah rombongan. Lain lantung tambuh
laku sanes lunta tanpa seja, purwa aya nu dimaksad, seja ngaitkeun janji pasini , manjangkeun tali babarayaan. Sakeser daun satangkal, sabungkus
bareng jeng bungkusna rupina bade nyerahkeun calon panganten pameget sareng cacandakanna.
Sim kuring saukur darma, teu wasa panjang carita. Kanggo pang walerna baris di langsung didugikeun ku sesepuh ti pihak calon panganten istri,
kanggo pangersa ...., sumangga nyanggakeun waktos sareng tempatna.
Para wargi sadayana, bingah amarwata suta, bingah ka girigiri, bingah nu taya papadana. Nugar cadas mangih emas, mobok manggih gorowong, aya
jalan komo mentas. Jalan gede sasapuan batu turun guesik naek, itu purun ieu daek, laksana nya pamaksadan.
Salajengna simbolisasi seren sumeren mangga ka ibu calon panganten pameget kanggo ngadugikeunana ditampi ku ibu calon panganten Istri.
(cacandakan nu sanesna tiasa dipapaykeun ka lebet)
Para wargi sadayana, Niti wanci nu mustari, ninggang mangsa nu utama. Malati ligar na ati, campaka mangkak na dada, koleak sakembaran, koceak
ninggang ugana. Uga pakaitna tatali asih, ngadahupna Neng ........... ka cep ............ Jangji urang pastikeun subaya urang nyatakeun. Nu diseja nyaeta
neda panyakseni ti para wargi sadayana, Upacara akad nikah seja dikawitan. Sumangga ka pangersa bapa petugas ti Kantor Urusan Agama, nyanggakeun
waktosna. ...........................................
Alhamdulillah wa sukrulillah kalawan rido gusti anu maha welas tur nu maha asih, oge pangdu’a ti sadayana, akad nikah parantos engse kalayan lancar,
mugia dua insan nu nembe resmi ngajadi tiasa sarendeuk saigel, sabobot sapihanean, ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salogak, dina ngawangun rumah
tangga anu sakinah mawadah warohmah. Amin...
Acara salajengna diteraskeun kana sungkeman, ka dua panganten sumangga sungkeman ka sepuhna nyuhunkeun widi kanggo ngarambah rumah tangga
nu baris dibina. Ibuibu, Bapa-bapa miwah para wargi hormateun simkuring, rupina rundayan acara ti munggaran dugi ka akhir parantos rengse dipedar
kalayan aya dina kalancaran. Mugi urang sadayana aya dina panangtayungan Gusti nu maha suci.
Kukituna kanggo panganteb kahoyong urang sadaya dilajengkeun kana do’a. Kangge mimpin do’a, mangga ka pangersa .................. dihaturanan. Sim
kuring pun ........... baris amit mundur amit mungkur, hapunten anu kasuhun bilih aya basa nu teu luyu sareng undak usukna, bilih luhur saur bahe
carek, rumaos sanes ahlina, kanggo nutup ieu acara sumangga urang pungkas ieu acara ku maos hamdalah sasarengan. Alhamdulillahirrobil alamin.
Hatur nuhun, wassalaualaikum wr.wb. Kanggo para tatamu aya hidangan ala kadarna ti sohibul hajat, ku kituna sumangga dihaturanan.

Anda mungkin juga menyukai