Anda di halaman 1dari 5

PROSESI PERNIKAHAN

ILHAM SUPRIATNA & SRI RAHAYU RAHMAWATI


12 JULI 2021

A. BEWARA PROTOKOL KESEHATAN


1. PROSESI PENJEMPUTAN CALON PANGANTEN PAMEGET DAN PENGALUNGAN BUNGA MALATI (Oleh Ibu cpw)
PEMBUKAAN (Narasi bubuka oleh Mc)
2. SAMBUTAN SEREN TAMPI (CPP)
Tos janten ka ilaharan di tatar sunda sa teu acan acara pokok abdul nikah di kawitan tangtosna sok di ayakeun
seren tampi. Sok komo sumpinganna kang .............................. ka ieu patempatan teu ngan ukur kepat endan
ngagandeuang sorangan tapi di wuwuh ku kulawarga anu sakieu ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut ngembat-
ngembat nyatang pinang. Sumangga ka wawakil anu di sepuhkeun ti keluarga calon panganten pameget anu
kalintang ku simkuring di pihormatna Bpk ...................... kanggo nga dugikeun jejer lisan pamakasadan, sumangga
di haturanan. // Narasi (Alhamdullilah hirobilaamin ngahaturkeun nuhun anu kalintang ku simkuring di
pihurmatna, bpk ....................... Anu parantos ngadugikeun biantara pamakasadanna, Ngawakilan keluarga besar
CPP) // Lain lantu tambuh laku lain lunta tanpa seja purwa anu di maksad seja ngaitkeun jangji pasini
manjangkeun simpai babarayaan sakeser daun satangkal sabungkus bareng jeung bungkusna seja masrahkeun ieu
calon panganten anu sakieu gagahna Kang ........................... namina kalih cacandakanana. Kumaha waleran ti
keluarga calon panganten istri nu alhamdulilah BPK ................ kalih Ibu ....................... parantos ngwakilkeun
kasepuhan ti CPI kanggo ngadugikeun biantara panampian ngalangkungan nu kusimkuring di pihormat
Bpk ..................... Sumangga dihaturanan.
Narasi (Alhamdulilah ngahaturkeun nuhun ka pangersa Bpk ............... anu parantos ngadugikeun biantara
panampian ngawakilan ti kulawarga besar kulawarga calon panganten istri, naon rupi anu di sanggemkeun Ku
pangersa. Alhamdulillah parantos di tampi ku kasepuhan wawakil ti CPI.)

3. SIMBOL SEREN TAMPI


Kukituna sakumaha ka uninga ku urang sadayana rehna Keluaraga CPP teh teu jingjing teu bawa tapi katawis ku
urang sadayana sakitu angkaribungna ku cacandakan. Urang nincak kana acara salajengna mangrupi panampian
tinampan cancandakan atanapi tawis soca ka geugeulan anu di sanggakeun ku keluarga CPP baris di pasrahkeun
ku ibu kang .................. ibu ................... kalih ibu ................... supados tiasa ngadeng hela. (NARASI IMPROF)

4. PROSESI AKAD NIKAH


Rukun nikah parantos siap CPP,CPI,BPK WALI NIKAH,Saksi ti dua calon panganten, kalih kasepuh bapak ti kantor
urusan agama, kukituna waktosa sareng tempat di sumanggakeun ka kasepuhan bapak ti kantor urusan agama
kecamatan majalengka kanggo mimpin prosesi akad nikah.

(NARASI SELESAI AKAD)

5. (Poto-Poto 2446)

(UPACARA ADAT BANTAIAN)


1. Sungkeman
IBU PITUIN
Narasi : Mamah sembaheun abdi, sim abdi neda di hapunten lahir tumekaning batin. Abdi sadar salami ieu
diri teh lamokot pinuh ku dosa kanu janten mamah. Ayena abdi bade di ajar rumah tangga nuhunkeun
piduana ti mamah, pamugi dina salabeting abdi rumah tangga sing janten keluarga anu sakinah mawadah
warahmah.
Salamina aya dina panangtayungan gusti nu maha suci. Aaminn..aminnn ya rabal aamin...
Bral anaking....(Penganten merangkul ibu)
IBU MERTUA
Narasi : Mamah sembaheun abdi, tampi abdi janten mantu mamah. Tapi sok sanaos kitu ayena mah tos
janten mamah nyalira, Ti luhur sausap rambut ti hadap sahibas dampal. Ayena abdi bade ngambah sagara
rumah tangga nyuhunkeun piduana ti mamah sareng nyuhunkeun di hapunten. Pamugi pang dua mamah
sing janten pamatri ati panggugah manah ayena abdi bade di ajar rumah tangga sing janten keluarga anu
sakinah mawadah warahmah. Kacai jadi saleuwi ka darat jadi salogak, Salamina aya dina panangtayungan
gusti nu maha suci. Aaminn..aminnn ya rabal aamin... Bral anaking....(Penganten merangkul Ibu Mertua)
BAPAK PITUIN
Narasi : Bapak.. Nyanggakeun sungkem abdi ka bapak, abdi ti aalit didik ayena parantos dewasa, abdi
nyuhunkeun widi sareng nuhunkeun pidua ti bapak. Abdi nyuhunkeun di hapunten lahir tumekaning batin,
teu acan tiasa mulang tarima kanu janten Bapak. Bapak Ayena abdi bade di ajar rumah tangga nuhunkeun
piduana
pamugi dina salabeting abdi rumah tangga sing janten keluarga anu sakinah mawadah warahmah.
Kacai jadi saleuwi ka darat jadi salogak, Salamina aya dina panangtayungan gusti nu maha suci.
Aaminn..aminnn ya rabal aamin... Bral anaking....(Penganten merangkul bapak)
BAPAK MERTUA
Narasi : BAPAK sembaheun abdi, tampi abdi janten mantu mamah. Tapi sok sanaos kitu ayena mah tos
janten BAPAK nyalira, Ti luhur sausap rambut ti hadap sahibas dampal. Ayena abdi bade ngambah sagara
rumah tangga nyuhunkeun piduana ti BAPAK sareng nyuhunkeun di hapunten. Pamugi pang dua BAPAK
sing janten pamatri ati panggugah manah ayena abdi bade di ajar rumah tangga sing janten keluarga anu
sakinah mawadah warahmah . Aaminn..aminnn ya rabal aamin... Bral anaking....(Penganten merangkul Ibu
Mertua)

MELEUM HARUPAT (SIMBOL GETAS HARUPATEUN/PUTUS ASA)

MEPESKEUN ENDOG

NGUMBAH DAMPAL SAMPEAN PANGANTEN

MEPESKEUN KENDI

PABETOT BAKAK

Anda mungkin juga menyukai