Anda di halaman 1dari 3

Jamaah jumaah rohimakumullah,mu

Mun urang merenung kana kondisi ayeuna,dimana hidup terasa lebih sulit,usaha seueur nu
pailit,/bangkrut,tani hasilna teu maksimal,jaba kondisi Kesehatan menurun,ampir unggal
bumi aya anu teu damang,katambah mikiran angsuran pinjaman,anu uanggal minggu teu bisa
di tunda pembayarana,sadaya masalah2 anu ku abdi di sebatkeun tangtu aya asbabna,aya asal
usulna,aya penyebabna,

Dina kasempetan anu mulia ieu sakedik pribados bade ngulas kana penyebab-penyebab
masalah anu nembe ku abdi di saurkeun.

Jamaah juma’ah rohimakumullah

Kapungkur kakek sareng nenek moyang urang nya eta Nabi Adam.A.S sareng siti hawa,hirup
serba kecukupan di surga,kadaharana,leueuteunanan,tempat tinggalna di jamin ku
Allah,bahkan saat nabi Adam ngarasa kesepian,Allah hadirkan siti hawa kanggo teman
hidupna,kahirupan duanana kacida sempurna jeung Bahagia,saat eta Allah Cuma masihan hiji
larangan kanggo Nabi Adam sareng siti Hawa,,inget Cuma hiji nu ulah,nyaeta tong ngadahar
buah kholdi,namun ternyata Nabi Adam sareng istrina teu tiasa nahan kana godaan hawa
nafsuna,aranjeuna ngadahar buah anu ku Allah di larang,aranjeuna ngalanggar kana aturan
Allah padahal aturana ukur hiji,

Seketika aranjeuna jadi mahluk anu berdosa,mahluk anu teu kuat nahan hawa nafsuna,

Kahirupana berubah drastis,nu tadina berkecukupan Ketika di surga,nalika dikirim ka alam


dunia berubah jadi serba kakurangan,pinuh ku kasulit,aranjeuna hidup terpisah satu sama lain
ratusan tahun,aranjeuna hirup pinuh ku penyesalan,

Jamaah jum’ah rohimakumullah

Hikmah naon anu ku urang bisa di ambil tina kisah Nabi adam.?

Bahwa hirup urang bisa terasa sulit,pinih ku kasedih,disebabkeun ku dua hal :

Kahiji nya eta ku dosa

Dosa anu nyebabkeun jalma jadi sengsara,balangsak,pinuh kasusah,tersiksa di dunia sareng


akhirat,jadi lamun ayeuna urang aya dina kondisi keur susah,keur balangsak,keur
ripuh,jamaah sadayana coba merenung sejenak,boa-boa laku lampah urang sapopoe aya dina
salah tur dosa,bisa jadi lisan urang seueurna dipakai ngobrol nu teu paruguh,ngomongkeun
kagorengan sesama,bisa jadi cepil urang selama ieu Cuma dipake kanggo ngadengekeun
fitnah,atawa berita hoax/ tibatan dipake ngadangukeun tausiah atanapi nasehat baik,bisa jadi
pean urang lebih sering melangkah ke tempat maksiat dari pada di pake jalan ka masjid atawa
musholla

Efek lain dina dosa eta bisa ngrusak kana hate urang,sakumaha sabda nabi.
Lamun seorang hamba ngalakukeun dosa,maka di goreskeundina hatena noda hitam,namun
seandainya anjeuna ninggalkeun kana dosana sareng menta hampura ka Allah,taubat ka Allah
niscaya noda hitamna di hapus..

“Jamaah sadaya,begitu hebat efek dosa kana kahirupan urang,dosa bisa jadi virus anu
ngabahyakeun kahirupan urang bahkan bisa jadi sumber mala petaka kanggo urang,dina ha
ieu Allah parantos masihan pepeling di Alquran.

Jakalau penduduk suatu negeri arariman sareng taraqwa ka Allah,pastilah kami bakal
ngalimpahkeun ka aranjeuna berkah tilangit sareng ti bumi,tapi aranjeuna ( Kaum saba }
ngadustakeun kana ayat kami,maka kami siksa aranjeuna,anu disebabkeun ku laku
lampahna..

Jamaah sadayana,ayat bieu jelas mere peepling ka kurang sadaya,mun munusia hirup aya
dina iman jeung taqwa moal aya kasusah moal aya sangsara,bagja hirup di dunia mungguh
akhirat,atuh sabalikna,nalika urang ingkar,jeung teu iman,siap-siap bahwa Allah parantos
mere ajab ka kaum terdahulu nyaeta kaum saba,lantaran aranjeuna teu iman sareng teu taqwa.

Nu kadua,hal anu nyebabkeun hirup urang pinuh duka,airmata,sareng balangsak teh nyaeta
nafsu serakah; teu puas kana naon anu di miliki,hirup hayang serba mewah padahal
penghasilan paspasan,ngaroko hayang roko mahal,padahal gaji hanya cukup roko
murah,dahar hayang anu ngarenah sanajan bari ngahutang ka unggal warung,unjam injem tos
teu aya isin,supaya setoran ka bank emok kacumponan,hal ieu lain dongeng,ieu terjadi di
sekitar urang,boa2 salah satu di antara anggota keluarga urangpun terjerat kasus model
kieu,ieu bukti bawa urang can bisa ngendalikeun hawa nafsu urang,Hirup nurutkeun hawa
nafsu lir ibarat jelema haus nginum cai laut,lain leungit hausna malah nu aya tambah haus,
Jamaah sadayana,hampura bilih isi khutbah ieu aya anu kirang berkenan dina hate jamaah
sadayana,ieu nasehat kanggo sadayana wabilkhsus diri pribadi.

Sareng mudah-mudahan urang sadaya sing tiasa ngajuahan kana perbuatan-perbuatan anu
berpotensi kana dosa,sareng mudah-mudahan urang sadayana tiasa ngendalikeun hawa nafsu
urang,sehingga urang bisa salamet dunia sareng akhirat,

Aamiin ya robal Aalamiin….

Anda mungkin juga menyukai