1. PETA KONSEP
Menjelaskan pengertian
teks warta
Mengidentifikasi unsur-
unsur teks warta
Menerangkan pokok-
pokok isi warta
Warta nyaeta beja atawa informasi anu ngeunaan kajadian anu bener-bener aya
atawa kajadian. Beja anu dijieun dumasar kana kajadian anu bener-bener aya atawa
kajadian teh sok disebut informasi faktual. Warta dijieun dumasar kana data anu
bener atawa valid anu asalna ti nara sumber anau bener atawa anu berwenang.
Kusabab warta dijieun dumasar kana kajadian anu bener-bener kajadian atawa
faktual, warta perlu dijieun sacara cukup lengkap. Aya hiji cara atawa rumusan anu
bisa dipake dina nyieun warta, nyaeta rumusan anu disebut 5W+1H
Sacara singget anu dimaksud ku rumusan 5W+1H teh nyaeta yen hiji warta
bisa disebut eusina cukup lengkep umpama eta warta miboga unsur-unsur 5W+1H
nyaeta unsur what (naon), who (saha), when (di mana), where (iraha), why (kunaon)
jeung how (kumaha).
Kegiatan Belajar ke-1
A. IDENTIFIKASI WARTA
Berita merupakan laporan tentang suatu peristiwa atau kejadian. Beberapa peneliti juga
mengungkapkan mengenai pengertian berita. Mickhel V Charniey berpendapat bahwa berita
merupakan laporan tercepat dari suatu peristiwa atau kejadian yang faktual, penting dan
menarik bagi sebagian pembaca seta menyangkut kepentingan mereka. Teks berita berisi
tentang segala informasi yang terjadi disekitar, baik dalam skala lokal, nasional maupun
internasional. Informasi berupa berita dapat disajikan melalui media cetak, diunggah di situs
internet dah disiarkan melalui televisi atau bahkan didengarkan melalui radio
Berikut ciri-ciri dari berita, baik tertulis maupun lisan
1. Berisi fakta dan bukan opini atau gagasan dari sang penulis
2. Unik atau jarang ditemui (bukan merupakan sesuatu yang sering terjadi)
3. Aktual, oeristiwa yang diberikan merupakan peristiwa yang sedang terjadi
4. Tidak ada rekayasa atau sesuai dengan aslinya
5. Memberikan waktu dan tempat yang jelas
6. Menggunakan bahasa yang menarik dan jelas untuk menarik minat pembaca
7. Menggunakan bahasa baku
8. Judul berita mewakili seluruh isi berita
9. Kronologis alur peristiwa yang disajikan secara runtut
10. Bersifat objektif
KEGIATAN BELAJAR 2
Sabaraha unsur anu kudu ditengetan dina hiji berita nyaeta midangkeu hal anu dianggap
anyar (2) peristiwa dianggap penting (3) miboga ma’na keur masarakat (4) miboga pangaruh
ka nu maca (5) aya hubungana jeung jalma rea (6) bisa dipercaya jeung teu jijieunan, (7)
ngirut atawa matak resep lamun dibaca (8) luar biasa
Nepikeun hiji warta teh dipandu ku sababaraha kecap pananya minangka kaidah nu aya
dina jurnalistik, kayaning what, who, where, when, why jeung who (5W+1H)
KEGIATAN BELAJAR 3
Jenis
No Conto Impormasi
ALAM SOSIAL POLITIK
1. Geus aya susulan gempa
di di Dompu, Nusa
Tenggara Barat
2. Mentri Tenaga Kerja poe
kamari nempo langsung
ka pabrik tekstil Aria
Permana Kota Jakarta
3. Evi Sulastri geus
nyangking nulis carpon
antara siswa sa Jawa
Barat
TUGAS INDIVIDU
1. Teangan conto warta straight news jeung depth news sejenna dina koran atawa majalah
(a) Tuliskeun ngaran majalah atawa koranna, waktu medal, jeung kacana
(b) Tuliskeun eusi wartana sarna nu nulisna
(c) Tuliskeun unsur-unsur 5 W+1 H anu aya dina warta eta
(d) Paluruh basana, naha geus merenah atawa acan. Heg tuliskeun basa anu teu
merenahna, tuluy bnerkeun kumaha kuduna.
Teangan conto koran atawa majalah basa Sunda anu kiwari masih keneh medalm tulis ku
hidep kasimpulan beritana anu aya dina koran atawa majalah!
Bubuhkan dengan memberi tanda centang pada bagian samping pernyataan berikut ini!
Mana conto nu kaasup kana tanggapan anu aya hubunganna jeung eusi warta
1. Inpormasi anu ditepikeun warta teu meunang bulat-beulit. Loba kecap anu diulang-ulang
nyabakeun nu maca bakal bingung
2. Eusi warta geus dibacakeun di salah sahiji media elektronik. Jadi eusi warta aya anu
anyar jeung kudu didengekeun deui
3. Warta kudu ngainpormasikeun peristiwa anu negatif. Saolah-olah dunya anu mantak
pikasieuneun. Naha aya impormasi anu nyieun dunya leuwih hade?
4. Warta ngan saukur teu pantes didengekeun ku kalangan barudak sabab loba kecap-kecap
anu ngandung sara, vugar
1. Presentasikeun hasil diskusi hidep di harep kelas, kelompok nu lian mere tanggapan!
2. Bere kasempatan ka kelompok lian pikeun ngomentaran hasil kelompok hidep!
3. Perhatikeun tatakrama upama hidep arek mere tanggapan!
Ku Evi Sulastri
Usum hujan jeung halodo geus teu puguh datangna. Mun beurang panonpoe moreret panas,
waktuna sore cur hujan siga nu dikucurkeun ti langit. Kitu kaayaan di daerah kuring di Ciamis.
Sabagean loba masayarakatna miboga kabiasaan make basa Sunda pikeun ngarita sapopoena.
Numutkeun para ahli nyarita teh mangrupa salah sahiji kaparigelan makena basa anu sipatna
produktip aktip. Sedengkeun aya oge ahli nu nerangkeun yen nyarita teh nyaeta hiji proses
mindahkeun amanat (eusi hate, ide) ti nu nyarita ka nu diajak nyarita . Bisa dicindekeun ti dua
para ahli yen nyarita teh ngarupakeun salah sahiji kaparigelan makena basa anu tujuanna
mindahkeun amanat (eusi hate, atawa ide) ti nu nyarita ka nu di ajak nyarita anu ngabogaan sifat
prokuktif aktif.
Ku paneka jaman basa Sunda geus mimiti ka geurus. Hasil panalungtikan kuring salaku guru
basa Sunda di SMA 1 Negeri Ciamis, sabagean guru jeung muridna geus ngagunakeun
pakakasna make bahasa Indonesia dina gunem catur sapopoena. Aya nu anggapan yen upama
ngagunakeun basa Sunda dianggap kampungan jeung kaciri urang urang kampungna teh.
Salian ti kitu, geus kacida langkana ngagunakeun basa Sunda nu bener mun ditilik tina runtuyan
kalimahna. Geus jarang dipake deui undak usuk basa. Mana nu kudu basa jang ka batur, jang ka
saluhureun, atawa jang ka sahandapeun. Meh disaruakeun euweuh watesana. Malah nu leuwih
prihatin mah basa Sunda sok di campur jeung Basa Malayon. Contona "Urang rek makan heula"
sigana geus latah tah ngagunakeun kalimah samodel kitu teh.
Basa Sunda pama ditenjo tina jihad saperti di luhur tangtu bakal hese majuna. Komo deui diajar
basa Sunda dina samingguna ngan dibere 2 jam, tinangtu teu nyukupan. Salian ti eta buku buku
panunjangna teu nyukupan. Buku buku nu aya dipabukon lolobana cetakan hebel, tinangtu teu
ngirut ka siswa pikeun macana. Pihak sakola jeung pamarentah kudu leuwih andil pikeun
ngariksa, ngamumule basa Sunda. Pan geus disebutkeun yen basa teh ngarupakeun ciciren
bangsa. Lamun leungit basana, bakal leungit budayana, mun geus leungit budayana bakal ancur
bangsana.
kahiji, ngayakeun poena basa. Dina poe eta sakabeh warga sakola ti mimiti kepala sakola, guru,
stap karyawan, pesuruh katut siswa kudu ngagunakeun pakakas basa sunda dina paguneman
salila di sakola. Ulah dicampur jeung basa sejen.
kadua, pihak sakola ngayakeun ektrakulikuler wajib ngeunaan basa Sunda. Nu jerona
ngawadahan siswa sina parigeul dina widang nulis, maca, nyarita, ngaregepkeun. Contona
macakeun sajak, ngotret carpon, nulis artikel, jeung biantara. Pihak sakola kudu nyiapkeun
tempat jang nampung karya siswa ku jalan ayana mading atawa majalah dingding. Guruna kudu
sanggup nepi ka ngirimkeun ka media cetak
katiluna, pihak guru basa Sunda hususna, kudu bisa nyiptakeun suasana diajar nu teu matak
bosen pikeun siswana. Lain saukur materi atawa elmu pangaweruh wunggkul, atawa
ngalarapkeun atikan Sunda nu ditransfer ka siswa. Tapi kudu nyiptakan suasana nu mantak
pikaresepeun. Contona upama bagean Kompetensi Dasar nulis sajak, siswa diajak ka luar.
Nitenan kaayaan sabudeureun jang kotretkeuneun nyieun sajak. Tangtu siswa bakal leuwih soson
soson diajarna.
Kaopat, pihak sakola terutama pabukon sakola kudu siap nyiapkeun buku buku materi Sunda nu
pang anyarna. Contona novel rumaja, sajak sajak nu ngawirahma eusina cinta. Majalah Sunda
oge tinangtu kudu aya tujuanna pikeun nambahan pangaweruh.
Kalima, sakola bisa ngayakeun pasanggiri antarkelas atawa antar sakola. Misalna maca berita,
maca sajak, debat, kawih, pupuh, dongeng, jeung biantara.
Pikeun ngariksa, ngarumat, ngamumule, basa Sunda kudu silih rojong ti sakabeh pihak ti
pamarentah, sakola, masarakat, nu utama datangna ti diri sorangan.
Salaku urang Sunda kudu ngarasa reueus kana basana sorangan. Mun teu ku urang rek ku saha
deui.
Rek di mana wae, iraha wae basa Sunda tetep dipake dina gunem catur sapopoena.
Geus aya papayung hukumna PERDA No. 14 taun 2014 ngeunaan ngamumule basa daerah
atawa basa Sunda salaku pamakena urang kudu ngajaga, mekarkeun, ngariksa, ngamangpaatkeun
basa Sunda.
Cindekna urang Sunda kudu reueus nyarita ku basa Sunda, sarta batur nu henteu bisaeun basa
Sunda, lamun hanyangeun milu nhobrol, sina diajar.basa Sunda.
Naha dina teks berita di luhur aya (a) judul warta (b) pokok-pokok eusi warta 5 W=1 H (c)
mangpaat berita ?