Anda di halaman 1dari 3

LEMBAR KERJA PESERTA DIDIK

Mata Pelajaran : Bahasa Sunda


Kelas / Semester : XII/ Genap
Materi Pokok : Carita Wayang

Pitunjuk Belajar

PANCEN 1

Baca carita wayang “TIRTA WANARA SUTA” pikeun ngeusian table di


handap!

No. Unsur carita wayang Cutatan Teks

1. Tema

2. Latar

3. Galur

4. Tokoh

5. Watak Tokoh

6. Amanat
Tirta Wanara Suta

Tokoh:
#Musuh: #Lalakon:
» Prabu Banjarpati » Bima
» Dewi Banjarwati » Gatotkaca
» Banjar Segara » Prabu Yudistira
» Batara Kresna
» Arjuna
» Anterja

Dikisahkeun di hiji karajaan nungarana Banjar Kancana. Raja Prabu Banjarpati, keur
ngariung jeung patih, adi raja nungarana Dewi Banjarwati, jeung senopati, adi bungsu raja
ngarana Banjar Segara. Maranehna keur ngarundingkeun kaayaan karajaan nu loba
kadatangan musibah.

Karajaan bisa mulang aman, tapi kudu ngorbankeun tumbal nyaeta ku getih Bima, Pandawa nu
kadua. Harita Bima geus aya di jero tahanan. Masalahna awak Bima, ti kawit tungtung buuk
nepi ka tungtung suku, teu mempa ku senjata naon wae di dunya ieu. Tapi patih karajaan
meunang wartos ti Togog, adina Semar, awak Bima bisa mempan ku senjata tapi huluna kudu
ditinggang heula ku Layang Jamuskalimusada.
Teu lila raja nitah ka patih jeung senopati nyokot Layang Jamuskalimusada ti Amarta, nu
harita keur dicekel ku Prabu Yudistira. Kulantaran sakti, senopati Banjar make Aji Malih
Warna, ngarubah wujud awakna jadi wujud Batara Kresna. Di harita sabenerna Arjuna,
Pandawa nu katilu, leungit ti karajaan, euweuh nu nyaho kamana inditna. Nepi di Amarta,
Batara Kresna palsu ieu langsung panggih jeung Prabu Yudistira. Manehna menta nginjeum
Layang Jamuskalimusada, alasana keur pengobatan. Yudistira langsung mere layang eta
kulantaran teu aya rasa curiga.
Saenggeus Batara Kresna balik, teu lila Batara Kresna nu asli datang ka Prabu Yudistira,
erek nanya kumaha Arjuna bisa ngaleungit. Yudistira kacida reuwasna ku eta kajadian teh.
Ahirna Prabu Yudistira carita kajadian nu tadi ka Batara Kresna. Kresna langsung nitah ka
Gatotkaca newak jalma nu maling layangna. Kusabab make Gambar Lopian milik Kresna,
malingna kanyahoan kamana lumpatna. Kresna Langsung make Aji Malih Warna, ngarubah
wujud awakna jadi wujud patih Dewi Banjarwati. Banjar langsung merekeun layang ka
Banjarwati palsu, akhirna layang balik deui ka Batara Kresna. Banjar kacida reuwasna.

Gatotkaca meminta tulung ka Anterja, kakanda Gatotkaca, keur neangan Banjar ayeuna
keneh kulantaran Banjar bisa asup ka jero taneuh. Terus Banjar ngagunakeun Aji Halimunan,
nyaeta numake aji eta awakna moal kaciri ku sasaha. Embung eleh, Banjar ngarubah wujudna
deui jadi Prabu Yudistira, manehna nungguan di panto gerban karaton karajaan Amarta.
Ahirna Kresna mere layang eta ka Yudistira palsu, otomatis layang eta balik deui ka si
maling. Banjar langsung kabur balik ka karajaannya.

Pancen 2

jieun analisa nilai-nilai nu aya dina teks cerita wayang “Tirta Wanara Suta” di
luhur!

Nilai Konsep Nilai cutatan Teks

Agama

Sosial

Budaya

Moral

Edukasi

Anda mungkin juga menyukai