Anda di halaman 1dari 1

CARITA BABAD CADAS PANGERAN

Dljalan antara Bandung Sumedang aya jalan nu kacida ahengna, siga ngagantung dina cadas,
mipir gawir anu ngalungkawing, anu katelah jalan cadas Pangeran. Jalan eta diwangun ku
getih jeung nyawa rahayat Sumedang sabab dipaksa ku panjajah kumpeni keur mapas cadas
anu sakitu teuasna supaya jadi jalan anu bisa diliwatan ku kandaraan.
Nya atuh rahayat datang ti kabeh madhab keur nedunan kahayang penguasa kumpeni. Tapi
eta cadas kacida teuasna, hese dipapas, loba rahayat anu nepi ka palastra alatan lapar jeung
panyakit.
Nya atuh gegeden anu aya didinya nyaeta Pangeran Kusumadinata ngarasa teu narima ka
kalakuan penguasa Kumpeni nu telenges. Nya atuh dina mangsana Jendral Kumpeni nu
katelah telenges tea datang hayang ningali pagawean anggeus nepi mana, Pangeran
Kusumadinata datang oge.
Tandaning protes ka eta Jenderal barang eta Jendral nyolongkrongkeun lengeun katuhu rek
sasalaman ka Pangeran, ku anjeunna lain disalaman ku panangan nu tengen tapi kalahkah ku
panangan nu kiwa, bari panagan nu tengen nyekelan hulu keris.
Pangeran negeskeun yen ieu cadas moal bisa dipapas ku rahayat biasa nu ngan ngabogaan
pakakas anu saaya-aya, nu matak loba korban.Nya atuh dina kaayan eta Jenderal Walanda
marentahkeun prajurit lobaan ti wewengkon lain nu ngabogaan pakakas anu hade keur
ngagawean eta jalan cadas. Rahayat anu aya didinya mah ayeuna ngan ngabantuan sabisa-
bisa. Dina pagawean eta nepi ka ayeuna jalan cadas jadi saksi nu pasti pangorbanan rahayat
Sumedang harita.

Fahrobbi . r
X-TKJ

Anda mungkin juga menyukai