Anda di halaman 1dari 1

RAJAH PAMUKA

Sampurasun.....
Amit ampun nya paralun, ka gusti nu maha suci....
neda pangjiad pangraksa abdi keumpeul Seuweu Siwi...
Seja ngaguar Laratan...titis waris Padjajaran
ngembatkeun jalan Laratan katampian Geusan mandi
ka Leuwi Sipatahunan, Leuwi nu ngaruncang diri diri manusa kiwari
rek muru lulurung tujuh ngahiap ka padjajaran
bongan hayang pulang anting
Padungdengan padungdengan jeung usikna pangacian
ahung...ahung....ahung....
Sampurasun karumuhun ka Hyang Prabu Siliwangi...
nu murba di Padjajaran..pangaoban Seuweu Siwi
nu Gelar di Tatar Sunda
muga nyebarkeun wawangi...
ahung....ahung....ahung....

Anda mungkin juga menyukai