Anda di halaman 1dari 16

Drama Sunda

"Urang Lembur"

Tokoh dan Penokohan

Rafi = Harsana

Syalwa = Mila

Sofi = Tina

Deni = Agus (bapa na harsana)

Rena = Esih (indung na mila jg malati)

M. Rifky = Usep (bapa na mila jg malati)

Tita = Malati (lanceuk na mila)

Sarah = Imas (indung na tina jg ela)

Mia = Wati (budakna Esih, adina Malati jeung Mila)

Wida = Endah (tatangga imas)

Marchel = Miko (anak na endah)

Reva = Engkom (lanceuk na Imas)

Santi = Midayati (anak na engkom)

Rifki K = Komar/Wa haji (lanceuk na usep)

Gina = Kokom (pamajikan komar)

Nuranti, Nova, Ririn = Konita, Ita, Lini (anu bogoh ka harsana)

Nadia = Itoh (tukang warung)

Wulan = Mimin (tukang kridit)


Dinda = Diah (indungna lisa)

Lira = Nia (babaturan ela)

Siti = Ela (budak Imas, adina Tina)

#adegan1

Di hiji desa, aya budak bujang ngarana Harsana. Saha wae pasti apal ka manehna,
lantaran manehna teh budak ti jelema pang beungharna di lembur eta.

(Harsana lumpat bari nyekelan hp, diberik ku Konita, ita, jg lini. Nyumput dina
balik tembok)

Harsana:"Halo, Tin. Jemput urg euy, buruu." (sabari renghap ranjug)

Tina:"Naon atuh ah maneh, kabiasaan geus ngaganggu urang ker sare teh."

Harsana:"Buru euy!!! Urang diberik careuh, motor urang tinggaleun."

Tina:"Ah..maneh mah. serlok ayeuna."

__

Imas:"Rek kamana maneh tina? Ngeleyeng weh pagawean teh, lain nyeuseuhan
kaituh."

Tina:"Bade ngajemput si Harsa. Angkat heula ma, Assalamualaikum."

Imas:"Wa'alaikumussalam."

#adegan2

Esih:"Milaaaa. Kadieu bantuan indung, lain kanu hp wae pagawean teh."

Mila:"Enyaaaaaa. Ck." (bari jejebris)


Esih:"Sok kainyah, tilepan baju. Lain ieu mah hp weee jeung hp pagawean teh. Hp
mah moal matak abus ka surga, bakti ka kolot tu matak abus surga mah."

Mila:"Enya."

(dering hp, mila ngangkat telepon)

Mila:"Naon."

Tina:"Di dagoan di warung bi Itoh ayeuna!! Ulah lila."

__

Mila:"Nyuhunkeun ceceh ma, tilu rebu"

Esih:"Duit jeung duit we maneh mah. Namprak namprak we ka kolot teh, ari
dititah baranggawe di imah mumul. Sok sakirana loba pamenta ka kolot, bantuan
kolot di imah. Lain ieu mah menta duit bari teu ngabantu ka kolot."

(datang usep bari mawa kopi)

Usep:"Aya naon ieu teh yeuh." (bari nginum kopi)

Mila:"Nyungkeun artos pa, abdi bade jajan ka warung bi Itoh."

Usep:"Bade sabaraha." (bari ngodok saku)

Mila:"Tilu rebu we"

Usep:"Yeuh, jug jajan. Ke uih na, bantosan si mamah nya."

Mila:"Enya. Abdi angkat, assalamualaikum."

#adegan3

(mila keur leumpang, dijalan nempo miko)

Mila:"Euleuh... saha eta. Asa kakarek nempo di lembur. Hihihi kasep."

#adegan4
(ela, wati, jeung nia keur ulin di buruan imah ela)

Ela:"Nia di bumi gaduh boneka saberiji?"

Nia:"Seueur da abimah, dipangmeserkeun ku bapa abi."

Wati:"Abi hoyong nambut atuh hiji."

Nia:"Alim ah, ku mamah ulaheun ditambut tambut da bisi ruksak."

Ela:"Yey naha meni pedit Nia, ceuk mamah abi anu pedit mah kuburan na
sempit."

Nia:"Wios we atuh kuma abi, bejakeun geura ka mamah abi."

Ela:"Jug we bejakeun, da ceuk mamah abi, abige."

(nia indit bari ambek)

#adegan5

(mila datang ka warung, di warung geus aya harsa jeung tina)

Mila:"Aya naon? Bi marimas hiji!"

Itoh:"Heug."

Mila:"Sok aya naon atuh, urang geus didieu."

Harsana:"Naha da euweuh nanaon. Ulin we atuh bos, di imah wae ge moal matak
bodas."

Mila:"Euhhhhh, panyateh aya naon. Eh nyaho teu, bieu urang panggih jeung lalaki
dijalan, kasep siah, tapi asa kakarek nempo. Jelema anyar meureun."

Harsana:"Wah? Baelah."

(mila siga nu rek ngabaledog harsana)


Tina:"Oh heeh tuh, asa kaingetan. Nyaho tatangga urang bi Endah? budakna
kadieu siah mangkuk na. Madep pisan gayana, tipe urang pisan etamah."

Harsana:"Laina tipe maneh mah anu make baju na soek soek, anu S3."

Tina:"S3 naon ari maneh."

Mila:"Sura seuri sorangan. Hahahahahha."

(harsa jeung mila seuseurian)

Tina:"Monyet siah."

#adegan6

(endah keur sasapu diburuan)

Endah:"Mulih timana?"

Imas:"Eh ieu wangsul ti pasar."

Endah:"Sindang heula atuh."

Imas:"Hatur nuhun pisan, ieu barudak atos ngantosan. Mangga ceu."

Endah:"Mangga-mangga."

#adegan7

(imas datang ka imah na)

Imas:"Assalamualaikum, kamana si Nia."

Ela:"Ngambek geura mah, pedah ku abi dicarioskeun nu pedit kuburan na


sempit."

Imas:"Beu, maneh mah sok saban geureuh wae, sidik budak etamah teupayaan.
Moal teu nyusul geura indungna kadieu, sakitu guguan teh."
(teu kungsi lila)

Diah:"Imas... Kaluar maneh. Ieu budak urang dikumaha nepika ceurik kieu."

Imas:"Aya naon Diah. Gogorowokan, era ku batur. Masalah budak mah keun we
budak, kolot mah tong ikut campur, isuk pageto ge ulin deui."

Diah:"Heu eta budak maneh nyarita make jeung mamawa kuburan sagala. Rek
pedit rek kukumaha ge kumaha anak urang we atuh, kitu da ari teu mampu teh,
sirik."

Imas:"Naaa ari maneh meni papanjangan kitu, piranan masalah budak nepika
bebeakan mamawa ekonomi, ampun paralun aing kudu sirik ka barang batur mah.
Heu geus ayeuna mah, hampura budak urang. Da budak mah ngaran na ge budak,
urang na we kolot kudu ngarti."

Diah:"Awas siah sakali-kali deui."

#adegan8

(di imah agus, harsana jeung babaturan na arulin ka imah)

Harsana:"Rek kamana Pih, geus gaya kitu."

Agus:"Neangan randa. Geus kasep can papih."

Mila:"Kasep mang, jepri nikol ge eleh."

Tina:"Randa mah atuh ka mamah abi we mang."

Harsana:"Beungeut maneh hurung, urang mah embung boga dulur tere siga
maneh."

Tina:"Heureuy we atuh, maruk urang sudi kitu boga dulur jiga maneh."

Agus:"Ehh... naon kalaka parasea ieu teh. Geus nya, papih rek ka kandang heula,
sok barudak nu aya mah di imah opi we ulah asa-asa."
Mila, Tina:"Siap mang."

Harsana:"Kumaha nya."

Mila:"Kumaha naon ari maneh, jug kumaha we."

Harsana:"Eta trio careuh, ku urang geus diputuskeun kabeh, tapi arembungeun.


Jangar kanu sirah na ge."

Tina:"Naha atuh ari maneh, matak hirup mah ulah sarakah, make jeung ngatilu
sagala."

Harsana:"Heueuh satadina we urang teh, heureuy saeutik."

Mila:"Heureuy na kamalinaan eta mah."

Tina:"Geus ulah dipikiran, ngadatangan deui maneh mah bebeja we ka urang."

#adegan9

(di imah esih jeung usep)

Esih:"Malati... Pang masakeun kiciwis. Bisi si bapa balik lapareun karunya."

Malati:"Enya.... kela."

Esih:"Angger geus loba kela teh maneh mah, piranan dititah kitu-kitu wae
ge."(bari brong brang di dapur)

Malati:"Da teu tiasa atuh ma."

Esih:"Rek cukup ku teu bisa? na kumaha ari maneh. Sok diajar teu bisa teh,
tatanya kanu bisa. Da jaga teh maneh bakal boga salaki. Dititah ku mitoha rek
cukup ku teu bisa? Rek ngerakeun kolot?"

Malati:"Dieukeun atuh ku abi."

Esih:"Geus teu kudu, bisa urang mah kusorangan ge. Moal tutah titah kanu
hararese. Teu nu gede teu nu leutik boga budak teh. Euweuh sahulueun."
#adegan10

(disawah, malati datang nyampeurkeun usep)

Usep:"Kunaon budak abah meni jamedud, ulah jamedud neng, sok hese jodo
buad baeud wae mah."

Malati:"Da eta abah, ema dibumi meni ambek-ambekan wae, masalah alit ge
meni di ageung-ageungkeun."

Usep:"Beu, ema teh nuju rarungsing da tadi si dede dipiwarang kalah ameng,
teteh na we nu kedah ngartos nya, ema ngageleneng ka teteh teh da sanes ambek
sanes ngewa, tapi ku nyaah. Engke pas kabumi, sok nyungkeun dihapunten ka
ema. Ulah kitu ah, karidloan gusti Allah teh aya di ema."

Malati:"Muhun bah."

Usep:"Tos ieu yeuh ngopi ayeuna mah, aya goreng sampeu palay?"

Malati:"Alah meni siga nu enak. Hoyong."

#adegan11

(isukna di toko baju mimin)

Mimin:"Sok ibu ibu, geura mareuli baju, model anyar ieu ti kota."

Imas:"Cing ceu, aya baju paragi indit kitu."

Mimin:"Aya ngen kadieu."

Engkom:"Rek kamana maneh Imas? Loba duit ning." (bari julid)

Imas:"Hiling atuh, cicing wae dilembur mah moal nyaho panyabaan."

Engkom:"Naa meni balaga siah hirup teh, kos jelema aya wae."
Imas:"Ngaca ieuh ngaca saacan ngomong kitu teh. Sabaraha ieu?"

Mimin:"100 rebu etamah."

Imas:"Suganteh 50 rebu."

Mimin:"Acan atuh 50 rebu mah top bae we 70."

Imas:"60 we"

Mimin:"marebu deui we atuh ceu."

(imas keukeuh bari indit)

Imas:"Moal ah hayang 60."

Mimin:"Sok atuh ceu ken bae we kadieu."

#adegan12

(di warung bi itoh, harsa, tina, jeung mila keur ngariung)

Miko:"Permisi. Bi ada garam?"

Bi itoh:"Aya jang aya. Priyogi sabaraha hiji?"

Miko:"Maaf bi, saya kurang ngerti bahasa sunda."

Bi itoh:"Euleuh, ujang baru pindah kesini?"

Miko:"Bukan pindah bi, ngunjungin mama."

Tina:"Eta bi, budakna bi Endah. Kamu teh dari kota yah? Kota mana? Jakarta?"

Miko:"Iya."

Tina:"Eh kamu udah punya pacar belum? Kalo belum, bisa meureun."

Bi itoh:"Euleuhh, kalah nanya nu lain-lain maneh mah Tina. Tos jang, Tidak usah di
waro. Mau berapa garam nya?"
Miko:"Satu aja bi."

(tina balik deui diuk)

Mila:"Meni so akrab pisan maneh ih, geuleuh."

Tina:"Kunaon ari maneh siga nu teu resep kitu."

Mila:"Naha da urang mah teu kunanaon. Rarasaan maneh we meren."

Tina:"Lah, naha jadi urang? Sidik maneh nu ngamimitian."

Mila:"Teuing ah lier, kuma mneh we, rek balik urang mah."

Tina:"Har? Cageur maneh?"

Harsana:"Milaaaa, rek kamana."

Harsana:"Halig siah si Mila ambek."

Tina:"Teuing teu pupuguh jug ambek."

Harsana:"Moal pedah maneh ngajak ngomong budak bi Endah?"

Tina:"Teuing."

Harsana:"Meureun lalaki nu disebut kasep ku si Mila kamari teh eta budak bi


Endah. Maneh tadi ngajak ngobrol si itu, jadi cemburu meren. Hayu menta
hampura."

Tina:"Naha jdi kudu urang anu menta hampura, urang apal si Mila resep ka budak
bi Endah ge hnte. Jadi urang nu salah."

Harsana:"Eh lain kitu maksud urang mah, ngan.... "

Tina:"Ah geus we, maneh mah ngabela wae si Mila. Sedil." (bari ngaleos)

Harsana:"Lain kitu Tina, Tinaaa. Ah aing mah, kieu hungkul jeung awewe teh."

#adegan13
(di imah Esih, Mila abus ka imah)

Mila:"Assalamualaikum."

Esih:"Wa'alaikumussalam. Timana ari maneh diteleponan teu di angkat. Sok buru


geura ganti baju, urang ka imah wa haji."

Mila:"Rek naon mak?"

Esih:"Atuh nganjang we kadulur, bari ulin. Sok buru ulah lila."

#adegan14

(di imah wa haji)

Usep:"Assalamualaikum. Wa.... "(bari ngetrok panto)

Kokom:"Wa'alaikumussalam, ehh suganteh saha. Kadieu lebet. Bi....ieu aya jang


Usep. Sok calik, urang geroan heula si Uwa na. "(bari mukakeun panto)

(teu kungsi lila, datang wa komar)

Komar:"Aduh, saha ieu. Suganteh geus poho we ka Uwa."

Usep:"Ah piraku deui atuh, damang wa?"

Komar:"Alhamdulillah, sawalerna?"

Usep:"Alhamdulillah Wa."

Komar:"Euleuh ieu wati? Meni geus gede deui budak. Kela kela, ari ieu saha?
Malati?"

Usep:"Mila ieu mah wa, Malati mah teu ngiring da tos ageung mah gening sok
hararese."

Komar:"Oh enya-enya. Kelas sabaraha ayeuna?"

Mila:"Kelas 12 Wa."
Komar:"Tos gaduh kabogoh atuh nya."

Mila:"Teu acan hhehe."

Kokom:"Sok dilaleueut, sa aya aya we nya, teu apal rek kadarieu atuda, jadi teu
sasadiaan."

Usep:"Wios wa, hatur nuhun, teu kedah ngarerepot."

Komar:"Kanu naon ayeuna."

Usep:"Biasa we wa, ngurus sawah, da teu ku abi mah ku saha deui."

Komar:"Mending oge kitu, da sawah nu sorangan ieuh, nu penting mah urang na


sehat, najan unggal poe ka sawah oge."

Usep:"Muhun kitu wa."

Wati:"Abah hyong eta."

Kokom:"Enya sok dede, nyandakan we, ulah isin isin da sanes di batur, matak di
jagragkeun oge. Sok ngopi sok. Rek taruang atuh?"

Esih:"Ah moal, hatur nuhun wa, bieu dijalan jarajan heula."

Usep:"Tah dede, ieu teh anu nyaah ka dede, dede mah moal emut meren da alit
keneh, keur alit mah dede teh di papangku ku si wa haji."

Komar:"Enya, geus lila nya, harita teh sabaraha taun, aya opat taunan mah nya."

Usep:"Enya opat taun wa, da abi aya 3 taun mah teu nganjang kadieu teh."

Komar:"Heeh meni aratah anjang ka dulur teh, Uwa mah duaan we unggal poe
teh, da barudak geus karawin. Sok ari lalibur teh kadieu ameng teh Mila, sareng
teh Malati, da moal disaha saha ku uwa oge. Angguran mah atoh we, ka anjangan
ku dulur."

Esih:"Hararese sidikan ge wa, euweuh kahayang pisan, padahal mah kendaraan


aya, siga we nu teu di jurungkeun."
Usep:"Keun ke mah urang paksa sina arulin."

Kokom:"Heem atuh, meh apal dulur teh saha saha na, ulah nepikeun ka pegat
duduluran. Da ku teu apal tea."

Komar:"Urang pesen liwet we di onlen nya."

#adegan15

(di imah agus, harsa abus ka imah)

Agus:"Wa'alaikumussalam."

Harsana:"Eh, Assalamualaikum."

Agus:"Wa'alaikumussalam. Kunaon meni kusut kitu."

Harsana:"Si Mila jeung si Tina pasea. Lier."

Agus:"Kunaon dih? Marebutkeun silaing?"

Harsana:" Sok kamana wae Pih. Tipe Harsa mah anu feminim, lain tomboy siga Si
Tina jg si Mila."

Agus:"Hahaha. Heureuy we atuh. Eh poho, pan calon minantu Papih mah si Ita."

Harsana:"Ck. Tos pegat."

Agus:"Naha kunaon."

Harsana:"Hah.... Pusing geura mun nanaon teh kudu dikabaran wae. Geus we
diputuskeun ku Harsa."

Agus:"Kitu hungkul?"

(harsana unggeuk)

Agus:"Kamari Si Konita jeung Si Lini kadieu, ceunah diputuskeun oge ku aa."


Harsana:"Hehehe. Heureuy hungkul da Pih. Bener bogoh na mah ka Ita, ngan Ita
teu narima diputuskeun. Trus kaleresan Harsa kapendakeun ngatilu."

Agus:"Hadeuh.. boga budak hiji. Yeuh nya dangukeun, Papih mah moal nyarek
moal nanaon kanu di lakukeun ku aa salila hal eta positip. Ngan nitipkeun hiji, ulah
nganyerihatekeun hate awewe. Bisi jaga boga budak awewe, naha rek genah
lamun budak aa dikitu kitu ku batur?"

Harsana:"Nya moal atuh Pih."

Agus:"Tuh eta gening, sok mun rek ngalakukeun nanaon teh pikirkeun heula.
Kudu ngaragep angen sorangan. Da urang mun dikikitu ku batur pan teu genah."

Harsana:"Muhun pih."

Agus:"Ulah muhun muhun bari teu di dangukeun. Sok robah ti ayeuna, kabawa
nepi kolot mah hese. Tuluy masalah ngabaran oge, komunikasi teh penting jang,
keun ayeuna bobogohan keneh, lamun engke kabawa nepi geus boga pamajikan
kumaha?"

Harsana:"Nya ulah atuh Pih, ucapan teh doa. Doakeun we Harsa cing soleh."

Agus:"Nya komo atuh, unggal solat ge di doakeun ku Papih, da angger doa


hungkul ari euweuh usaha jang robah mah moal bisa. Nanaon ge kudu aya aksi.
Yeuh nya, baheula mah Papih ka Mamih, mun erek nanaon teh bebeja, lain papih
sieun ku pamajikan, Papih kitu teh jang naon? Jang ngahargaan Mamih salaku
pamajikan papih, ayeuna ari silih hargaan mah kan ngeunah, tengtrem. Kitu tah
kasep, kadangu?"

Harsana:"Muhun Pih, kakuping."

#adegan16

(isukna diiwarung bi itoh)

Harsana:"Kumaha nya carana ngarah si Tina jeung si Mila teu pa ambek ambek."
(teu kungsi lila kabeneran datang Mila jeung Tina)

Harsana:"Tah kabeneran datang euy."

Harsana:"Mil, kadieu geura, urang rek ngomong."

Mila:"Naon atuh, ieu urang dititah ku Abah."

Harsana:"Heeh kela sakeudeung, maneh kunaon kamari langsung balik?"

Mila:"Na da teu kunanaon."

Tina:"Ngaku we geuleuh ka urang maneh?"

Mila:"Naon ih maneh riweuh."

Tina:"Maneh bogoh ka budak bi endah?"

Mila:"Naon hnte."

Tina:"Halah ngaku we, kamari maneh baeud gara gara urang sokab pan?"

Mila:"Naon......"

Harsana:"Heup. Enggeus euy ulah parasea wae, maenya pira masalah lalaki jadi
ngaruksak pertemanan. Leuheung mun si miko teh resep ka maraneh duaan. Da
pasti geus bogaeun kabogoh sok ceuk urang mah, yakin."

Mila:"Nya engges ayeuna mah, urang tanyakeun we kajelemana."

Tina:"Hayu tuh."

#adegan17

(di warung bi itoh)

Harsana:"Kan ceuk urang ge naon, paingan teu pupuguh datang ka lebur, padahal
ngabejaan rek tunangan, puas siah tah."

Mila:"Jempe lah maneh, ngarusak suasana pisan."


Tina:"Teuing, keur garalau kieu teh lain mah hibur."

Harsana:"Hibur ku naon? duit? geus ayruna mah sok silih hampura, urang embung
masalah parebut lalaki kajadian deui."

Mila:"Heeh, hampura nya Tin, urang geus ambek teu pugih ka maneh."

Tina:"Enya teu nanaon, urang ge hampura nya." (bari nangkeup mila)

Harsana:"Tah kitu atuh. Genah pan nempo na oge."

#epilog

(harsana keur leumpang di jalan)

Midayati:"aa.. "

(harsana malik ka tukang)

midayati:"Eneng bogoh ka aa"

Anda mungkin juga menyukai