Anda di halaman 1dari 4

Kecap Rajekan

Kelas XI
Ngaguar Kecap Rajekan
 Kecap rajekan teh nyaeta kecap anu diwangun
ku cara nyebut dua kali atawa leuwih wangun
dasarna, boh sabagean atawa sagemblengna.
 Nyusun kecap rajekan disebutna ngarajek
(reduplikasi)
Jenis-jenis kecap Rajekan
A. Kecap rajekan sagemblenga, nyaeta kecap rajekan anu di wangun ku
cara nyebut dua kali atawa leuwih kalayan gembleng, sora jeung
wangun kecapna teu robah. Kecap rajekan sagemblengna aya dua rupa
1. Dwilingga:
a) Dwimurni, nyaeta kecap rajekan anu diwangun ku cara nyebut dua kali
sagemblengna wangun dasarna teu roba, bari teu robah sorana.
Contona: buku-buku, kuda-kuda, guru-guru, jste
b) Dwireka, nyaeta, kecap rajekan anu diwangun ku cara nyebut dua kali
sagemblengna wangun dasarna bari robah sorana. Contona: bulak-balik,
gulang-guling, tulas-tulis,jste
2. Trilingga, nyaeta kecap rajekan sagemblenga anu diwangun ku cara
nyebut tilu kali wangun dasarna bari robah sorana. Contona: dar-der-dor,
blag-blig-blug, jste
B. Kecap rajekan sabagean, nyaeta kecap rajekan anu
diwangun ku cara nyebut dua kali sabagean wangun
dasarna, boh robah sorana boh heunteu. Kecap rajekan
sabagea aya dua rupa:
1. Dwipurwa, nyaeta kecap rajekan sabagean anu
diwangun ku cara nyebut dua kali engang mimiti
wangun dasarna. Contona: tatajong, sesepak,
papaling, jste
2. Dwimadya, nyaeta kecap rajekan sabagean anu
diwangun ku cara nyebut dua kali engang
pnungtung wangun dasarna. contona: sababaraha,
jste

Anda mungkin juga menyukai