Anda di halaman 1dari 2

BIANTARA WALI KOTA BOGOR

H.DIANI BUDIARTO

DINA RARANGGA HARI JADI BOGOR KA 528

KAPING , 3 JUNI 2010

Assalamu’allaikum wr.wb

Bapa miwah ibu anu ku sim kuring dipihormat

Sateuacanansumagga urang nyanggakeun puji sinareng sukur ka Gusti Nu maha Agung, anu
parantos maparin kasehatan sareng kakiatan ka urang sadayana .Alhamdulillah, ku jalaran
ni’mat ti manten –na pisan , dina danget ieu urang tiasa patepung lawung paaprok jonghok di
ieu tempat dina raraga meiling “Hari Jadi” Bogor anu 528 .

Hadirin hormateun sim kuring !

Langkung ti payun sim kuring hoyong nyanggakeun pangwilujeng, rehna Bogor ayeuna nuju
milangkala anu ka 528.

Salaku urang Bogor , katenan bae urang sawadina kedah reueus , jalaran Bogor anu
kaledang “Kota Hujan “ ti wewengkon sejenna nu aya di Jawa Barat . dina danget ieu sim kuring
mung bade medar salangkung bae jalajar waktosna anu samporet.

Ku urang Walada dugi disebut buitenzorg hartosa tempat pikeun gareureuh .

Baa miwah Ibu , sumagga urang tataan kaendahan alamna. Bogor miboga tempat –tempat
anu wisata anu kalintang endahna serta kadeugdeug nu karadon piknik ti mana-mana Aya
Kabon Raya , Taman Safari , Taman Bunga Cibodas , Curug Cilember sareng sajabina .

Salian ti kaendahan alam , Bogor oge mibogatempat wisata budaya Di Bogor aya Istana
Bogor , Museum Zologi , Museum Perjuangan , Tempat Krajina Wayang , Sareng Sajabina .

Kantenan bae eta kaendahan alam teh kedah diriksa ku urang sadayana Upami Lingkungan
alam ku urang di ruksak . Saban waktos tatangkalan dituaran di mana –mana , bari langka di
pelakan deui sakumaha mstina . Balukarna Gunung-gunung darugul , Pasir pasir bulisir , Urug
sabab waktos . Banjir saban waktos .

Kitu deui banda budaya , Upami heunteu dipiara dimumule ku urang tangtos bakal tumpur
Hadirin hormateun simn kuring !

Rupina teu aya deui anu tiaa dipilampah, iwalti hayu urang sasarengan . hayu urag ngariksa
alam sadudeuran ngarahetep asri tu endah . Hayu urang rampak tandang ngawangun Bogor
lemah sarakan urang

Mawa obor ka Cikarang ,

Mawa kisa ka Cianting ,

Kota Bogor boga urang ,

Kudu di riksa dijaring .

Hadirin nu dihormat !

Rupina sakitu nu kapihatur . Hapunteun bilih aya basa sareng tata krama anu kirang
marehna . Bobo sapanon carang sapakan . Lngkung saur bahe carek hapunteun anu kasuhun .

Wassalamu’alailum wr.wb

NAMA : SELLY MEILIA


KELAS : 9 G
SMP N 19 BOGOR

Anda mungkin juga menyukai