Anda di halaman 1dari 4

PIDATO BAHASA SUNDA

CARA NGAJAGA KALESTARIAN LINGKUNGAN

DISUSUN KU:

ANDRIANA
XIIA

Kangge Nyumponan Tugas


Bahasa Sunda

MADRASAH ALIYAH (MA) BOJONGJATI


Jl. Jati Larang Desa Sukamahi Kecamatan Cijati Kabupaten Cianjur
Jabar
PANGJAJAP

Pihatur nu ngarang

Ieu karangan tex pidato anu di karang ku salah sawios

murid MA kelas XII

Dupi tujuan nana nyaeta supados barudak :

a. Tiasa lancar nyariosna

b. Ngartos kana Eusina atanapi maksadna aosan

c. Ngajembaran basana sareng kecap-kecapna anu ilahar

di anggo sadidinten

d. Ngawuwuhan pangartosan sareng pangawe

Bismillahirohmanirrohim.
Bapa Pupuhu MA Bojongjati anu mulya, ibu miwah bapa guru anu
ku sim kuring dipihormat. Parasiswa rerencangan simkuring anu sami-
sami hadir dina ieu acara.

Assalamualaikum Wr. Wb.

Langkung tipayun urang panjatkeun puji sinareng sukur ka Gusti


Nu Maha Suci rehing urang sadaya parantos dipaparinan umur panjang
sareng nimat anu kalintang ageung sareng seueurna.
Nya ku alatan widi manteuna pisan urang tiasa ngempel dina ieu
tempat. Dina ieu danget sim abdi bade nyarioskeun tata cara ngajaga
kalestarian lingkungan.
Naon pentingna ngariksa lingkungan? Tangtu sarerea oge bisa
ngajawab. Lingkungan alam teh apan pohara pentingna pikeun
kahirupan urang. Lingkungan alam anu hade tur kapiara bakal mere
rupa rupa kauntungan. Atuh sabalikna, lingkungan alam anu ruksak,
bakal ngadatangkeun rupa-rupa kamusibatan. Tetela lingkungan alam
the geuning raket pisan patalina jeung kahirupan urang.
Segerna hawa, bersihna cai, hejo lembokna leuweung perlu
diriksa jeung dipiara. Kitu deui ricitna manuk katut sato-sato liana, ieu
oge baris mere kasaimbangan kana alam. Upama urang sarerea geus
miboga kasadaran ka lebah dinya sarta daek kalawan guyub ngajaga
ngariksana, tinangtu bakal ngarasakeun nimat jeung mangpaatna
alam. Beh dituna deui beja-beja ngenaan banjir, longsor, pegebugna
panyakit paciweuhna patani ku alatan hama moal kerep teuing
kasaksian kabaca, jeung kabandungan dina berita.
Hawa kotor lian ti heunteu geunah kasesepna, baris nimbulkeun
ka sakit. Pon kitu deui cai kotor, komo upama anu nyababkeuna
kokotor jolna ti pabrik-pabrik, tangtu ngandung zat-zat kimia anu
ngabahayakeun. Lain bae bahaya pikeun kasehatan jalma, tapi oge
pikeun tutuwuhan jeung sasatoan anu hirup dina cai. Anu matak
mindeng kabandungan, susukan atawa walungan anu caina hinyai
hideung sarta ka angseu bau jarang aya laukan. Tetela lingkungan
alam anu ruksakteh lain bae hentu nguntungkeun malah ahirnamah
matak ngabahayakeun ka sakumna mahluk hirup.
Kumaha carana ngariksa lingkungan malar ngadatangkeun
mangpaat pikeun kahirupan urang? Keur sahidepenmah cukup nu
basajan bae asal mayeung. Upamana wae, biasakeun micen runtah
dina tempatna, daek sasapu/beberesih boh di imah boh disakola atawa
dimana wae, jeung rajin tuncab tanceb di buruan. Pon nya kitu ulah
pirajeunan ngatepelan manuk, maehan sato nu teu bahaya, nortas
walungan, nyacaran tatangkalan, jeung liana ti eta.

Rupina mung sakitu anu kapisanggem

Wassalamualaikum Wr. Wb.

Anda mungkin juga menyukai