Anda di halaman 1dari 4

Bujangga Manik

Senin, 10 Mei 2010


http://balangantrang.blogspot.co.id/2010/05/bujangga-manik.html
Diakses 30 Juli 2016
Saur sang mahapandita / Kumaha girita ini ? / Mana / sinarieun teuing / Teka
ceudeum ceukreum teuing ? / Mo hanteu nu kabengkengan. Saur sang
mahapandita : / Dimana eta geusanna ? / Eundeur nu ceurik sadalem, / Seok
nu ceurik sajero, / Midangdam sakadatuan. Mo lain dipakancilan: / Tohaan
eukeur nu mangkat, / Prebu Jaya Pakuan.

Saurna karah sakini: / Ambuing, tatanghi tingal, / Tarik-tarik dibuhaya. /


Pawekas pajeueung beungeut / Kita, ambu, deung awaking / Hengan sapoe
ayeuna./ Aing dek leumpang ka wetan. / Saanggeus nyaur sakitu / Indit birit
Sundah diri / Lugay sila sundah leumpang.

Sadiri ti salu panti, / Saturun titungtung surung, / Ulang panapak kalemah /


Kalangkang ngabiantara / Rejeung deung dayeuhanana / Mukakeun panto
kowari.

Saundur aing ti umbul, / Sadiri ti pakanycilan, / Sadatang ka Windu Cinta, /


Cunduk aing ka manguntur, / Ngalalar ka panycawara, / Ngahusir ka Lebuh
Ageung / Na leumpang saceundung kaen./ Seok na janma nu nyarek: / Tohaan
na dek ka mana ? / Mana sinarieun teuing ! / Teka leumpang sosorangan! /
Ditanya hanteu dek nyaur.

Nepi ka Pakeun Caringin, / Ku ngaing teka kaliwat. / Ngalar ja Nangka Anak, /


Datang ka Tajur Nyanghalang, / Nyanglandeuh aing di Engkih, / Meuntasing di
Ci-Haliwung. / Sananyjak aing ka Bangis, / Ku ngaing geus kaleumpang, / Nepi
ka Talaga Hening, / Ngahusir aing ka Peusing. / Na leumpang megat morentang,
/ Meuntas aing di Ci-Lingga. / Sanepi ka Putih Birit, / Panyjang tanyjakan
ditedak, / Ku ngaing dipeding-peding. / Sadatang aing ka Punycak, / Deuuk dina
mungkal datar, / Teher ngahihidan awak. / Teher sia nenyjo gunung; / Itu ta na
Bukit Ageng, / Hulu wano na Pakuan.

Sadiri aing ti inya, / Datang ka alas Eronan. / Nepi aing ka Cinangsi, / Meuntas
aing di Ci-Tarum. / Ku ngaing geus kaleumpangan, / Meuntas di Ci-Punagara, /
Lurah Medang Kahiangan, / Ngalalar ka Tompo Omas, / Meuntas aing di Ci-
manuk, / Ngalalar ka Pada Beunghar, / Ngalalar aing ka Conam, / Ka tukang
bukit Cremay. / Saucunduk ka Luhur Agung, / Meuntasing di Ci-Sanggarung. /
Sadatang ka tuntung Sunda, / Meuntasing di Ci-Pamali, / Datang ka alas Jawa.

Ku ngaing geus kaideran / Lurah-lerih Majapahit, / Palataran alas Demak /


Sanepi ka Jati Sari, / Datang aing ka Pamalang. . Diinyana aing teu heubeul. /
Katineungna tuang ambu / Lawas teuing ditinggalkeun. / Tosta geura pulang
deui.

Mumul nyorang urut aing; / Itu Parahu Malaka. / Turun aing di Pamalang, /
Tulunying numpang balayar. / Bijil aing ti Muhara, / Masang wedil tujuh kali, /
Ing na goong brang na ngangsa, / Bantar kali buar pelang, / Surung-sarang saur
gading, / Manyura di tendas unycal, / Mibabahan awi gombong, / Mitihang awi
nyowana. / Kamudi-kamudi Keling; / Apus dangdan hoe muka, / Paselang deung
hoe omas / Pabaur hoe walatung; / Tihang layer kayu laka, / Hurung beunangna

1
ngahinggul, / Siang beunang ngajrinang; / Beuteu bogoh ku sakitu, / Bogoh
kunu mawa inya; / Nu badayun urang Tanyjung, / Nunimba urang Kalapa, / Nu
babose urang Angke, / Bose rampas bose laying, / Deungeun bose susulandung /
Balayar satengah bukan / Banyat aing di Kalapa. / Ngaraning Ameng
Lalayaran, / Undur aing ti parahu.

Sadatang ka Pabeyan, / Ku ngaing geus kaleumpangan, / Ngalalar ka mandi


Rameyan, / Datang ka Ancol Tamiang, / Ngalalar aing ka Samprok. / Saucuncuk
ka leuweung langon, / Meuntas aing di Ci-Panas, / Nagalalar ka Sukakandang /
Ku ngaing geus kaleumpangan, / Meuntas aing di Ci-Kenycal. / Sacunduk aing di
Luwuk, / Meuntas aing di Ci-Luwer. / Sacunduk ka Peuteuy Kuru, / Ngalalar ka
Kandang Serang. / Sacunduk aing ka Batur, / Ku ngaing geus kaleumpangan, /
Meuntasing di Ci-Haliwung. / Sacunduk ka Pakeun Tubuy, / Ngalalar ka Pakeum
Tayeum.

Sacunduk ka pakeun Teuluk, / Sadatang ka Pakanycilan, / Mukakeun panto


kowari / Ngahusir ka lamin adding / Lamin ading panycatulis. / Bale ronycang
pangrekaan: / Pamikul beunang ngahigul, / Pangheret beunang miseret, /
Linycar beunang ngajrinang, / Suhunan beunang marada, / Saler gelar beutung
tuha, / Dijeujeutan kawat jawa. / Unggah tohaan ka manggung, / Pangguh
lungguh di palangka.

Ambuing kasondong ngeuyeuk / Buat nu ditepas bumi, / Eukeur ngeuyeuk


eukeur meubeur, / Eukeur ngulage mihane, / Neuleun nuar nyangkuduan, /
Ngaranycet kanteh pamulu / Ngela sepan angen hayam / Nyoreang ka lamin
adding, / Ngadeuleu salingeur beuheung / Katuluyan deuleu teuteuh. / Saur
ambuing anaking: / Itu ta eugeun si utun! / Ayeuna cunduk ti timur / Ayeuna
datang ti wetan, / Datangna ti Rabut Palah. / Anaking deudeuukanan! / Aing
rek nyiar seupaheun.

Na heuyeuk tuluy di tunda, / Diparac apus dadampar, / Loglog caor tina


tonggong, / Diri hapit tina pingping, / Kedalan diri ti dampal, / Neut nanyjeur
kajuga hangas / Saasup sia ka bumi, / Nyingkabkeun kasang carita./ Eundeur nu
rarawis kasang, / Kumarenycang-kumarenycong, / Ninggang kana papan janten,
/ Bogoh kuna ngaran kasang: / Kasang tujuh kali nyingkab, / Kasang seni tambi
lungsir, / Kasang pahang tambi laka, / Bedong ditambi kacambang. / Saunggah
ka manggung ranyjang, / Gapay ka karas larangan, / Dicokot kapiselaman
pasibonteng, / Digapay seureuh tangkayan, / Pinang ta cangcian keneh, /
Pinang tiwi pinang adding, / Keur meujeuh patemu angen. / Tuluy ngahancang
seupaheun, / Dituruban saratangan, / Beunang ngaharemas. / Anggeus
ngahancang seupaheun, / Dicokot pameres jati.

Anggeus nu meresan rambut, / Digapay na embal ageng, / Dieunteupkeun (kana


?) / Tuluy eunyceum kana penteu, / Tuluy sari kana pipi. / Timburu nu
kahiasan, / Sajingjing boeh calingcing / Sakandar boeh harega / Saturun ti
manggung ranyjang, / Garudah di tengah imah, / Garedog dfibalik panto /
Kereket ninycak taraje, / Ulang panapak ka lemah, / Kalangkang ngabiantara, /
Reujeung deung dayeuhanana. / Seah nu lemah katinycak, / Eundeur na Ratu
Banycana, / Ngeunakeun tuang kalangkang, / Cab ruy tapih meubeut keuneung,
/ Ngeureut ka na bitis koneng, / Ngahusir ka lamin adding. / Ungganh tohaan ka
manggung, / Deuuk teoheun palangka, / Na seupaheun di aseukan. / Saur

2
ambuing sakini: / Anakin nu mucang onam! / Saurna ameng Layaran: / Ambu,
aing sadu mucang. / Ingkeun mangka ongko mucang.

Carekeun si Jompong Larang. / Saturun ka Kadatuan, / Ngalalar caroge ageng, /


Nyanglandeuh ka panycawara, / Mukakeung panto kowari, / Ngalalar ka Pakeun
Dora. / Leumpang aing nyangwetankeun, / Meuntas di Ci-Pakanycilan. /
Saucunduk ka Pakeun Teluk, / Sadatng ka Pakanycilan, / Mukakeun panto
kowari.

Dingaran si Jompong Larang. / Myoreang ka lamin adding. / Careknya si


Jompong Larang: / duh, ameng ti mana eta? / Ameng, ta datang ti wetan, /
Sakaen poleng puranteng, / Sasalimbut sulam Baluk, / Sasampay sutra Cina, /
Sapeucut hoe malatung, / Digempeng-gempeng ku omas, / Jojompongna made
tonggong. / Teher lungguh di palangka, / Sila tumpang deung sideuha, /
Ngagigirkeun karas tulis. / Teher nyeupah lumageday.

Dingaran si Jompong Larang, / Na bogoh hamo kapalang, / Diilikan dibudian, /


Dideuleu diteuteuh-teuteuh, / Ti manggung dikahandapkeun, / Bogogh kanu
pangawakan: / Giling bistis pincuh geulang, / Toreros na tuang ramo, /
Pangranyjang na tuang tanggay, / Bentik halis sikar dahi, / Surup huntu bentik
tungtung, / Sumaray dadu ku seupah.

Dingaranan si Jompong larang, / Gupuh sigug gampang kaeur, / Leumpang bitan


gajar Jawa. / Sadatang ka kadatuan, / Tohaan kasondong ngeuyeuk, / Eukeur
ngeuyeuk eukeur meubeur, / Eukeur nyulage mihane, / Neuleum nuar
nyangkuduan, / Ngarancet kanteh pamulu. / Tohaan na Ajung Larang, / Sakean
Kilat Banycana, / Ngaleke ebtreh na cangkeng, Cugenang tuang minareup, /
Teherna lungguh di kasur, / Ngagigirkeun ebun Cina, / Ebun Cina diparada, /
Pamuat ti alas peuntas.

Tohaan na Ajung Larang, / Nyoreang ti jokjok panon, / Ngadeuleu salinger


beuheung, / Katuluyan deuleu teuteuh. / itu ta enggeun si Jompong! / Na
naha eta bejana? / Mana geura-geura teuing? / dingaranan si Jompong
Larang, / cat-cat gek deuuk di lemah. / Saur taan Ajung Larang; / Umum
sadekung ka manggung, / Beres ngaburang ka ramo. / Carekna si Jompong
Larang; / Taan urang Ajung Larang, / Sakean Kilat Banycana, / Rampes teuing
jeueung aing, / Lantara teuing ku kasep! / Inya kasep inya pelag: / Keur
meujeuh pasieup deung / Taan urang Ajung Larang!

Saur taan Ajung Larang : / Jompong saha ngaranna? / Sanembal si Jompong


Larang : Samapun, ngaranna Ameng Layaran. / Lantaran teuing ku kasep :
Kasep manna Banyak Catra, / Leuwih manna Silih Wangi, Liwat ti tuang
ponakan. / Ageung sengserang panon. / Keur meujeuh pauc-pauceun di
anyjung, / Timang-timangeun di ranyjang, / Tepok-tepokeun di kobong, / Edek-
edekeun di rengkeng. / Teher bisa carek Jawa, / Wruh dina eusi tangtu, Lapat
di tata pustaka, / Wruh di darma pitutur, / Bisa di sanghiang darma /
Saangeus kapupulihan, / Taan urang Ajung Larang, / Sakean Kilat Banycana /
Tuluy minger tuang hidep / Na rasa kalejon bogoh, / Na rasa karejay haying. /
Naheuyeuk tuluy ditinda, / Dipara apus dadampar, / Loglog caor tina
tonggong, / Diri hapit tina pingping, / Kedalan diri ti dampal. / Neut nanyjeur
ngajuga hangsa. / Saasup sia ka bumi, / Nyingkabkeun na narawis kasang. /
Kumarejeng-kumarencong, / Ninggang ka na papan janten / Bogoh kanu ngaran

3
kasang, / Kasang tujuh kali nyingkab, / Kasang seni tambi lungsir, / Kasang
pahang tambi laka, / Bedong ditambih bayambon, / Baling ditambi
kacambang. / Saunggah ka manggung ranyjang, / Gapay ka karas larangan, /
Dicokot na pasileman pasibonteng, / Digapay seureuh haseunan. / Tohaan tuluy
nu nektek / Nu nektek meunang salawe, / Nu muuc meunang sapuluh, /
Ngagatul meunang dalapan, / Ditalian rambu tapih, / Ditelengan leteng karang,
/ Leteng karang ti Karawang, / Leteng susuh ti Malayu, / Pamuat aki pahuwang,
/ Dipinangan pinang tiwi, / Pinang tiwi ngubu cai, / Pinang adding sari kuning, /
Keur meujeuhna patemu angen,. / Dipasi ka kalatatri, / Pasi leupas jadi dua, /
Pasi gantung jadi teulu, / Pasi remek jadi genep, / Dihancang di pasileman, /
Rampes na beunang ngahanceng / Dituruban saratangan, / Anten leuwih ti
sakitu: / Di dulur ku pupur kapur, / Candana ruum sacupu, / Bunga resa dina
juha, / Dedes deungeun majakane, / Jaksi deungeun kamisadi, / Jaksi pandan
deung kamenyan, / Dua buah cangci lenga, / Di teuyeuh kua aer mawar, /
Narawastu agur-agur, / Bubura peuntas sagala, / Aya liwat ti sakitu: / Digapay
na ebal ageng / Di cokot na boeh timur, / Dicokot na sabuk wayang, / Kiris
malela sapucuk, / Awja ya sareana / Pahi deungeun buah rembey / Saur taan
Ajung Larang: / Jompong, sia pulang deui! / Ini bawa pangiriming, / Bawa ma
katuang ambu, / Ci kua rang na picarekeun: Seupaheun pananta tineung / tin
a taan Ajung Larang / sakean Kilat Banycana. / Lamun puguh katanggapan,
Tohaan majar kaluar, / Majar nu datang ku manten.

Dingaran si Jompong Larang, ........ dst.


,........., ....... , ........., ..........., ..............
,........., ....... , ........., ..........., ..............
,........., ....... , ........., ..........., ..............

Anda mungkin juga menyukai