Anda di halaman 1dari 6

PIDATO BAHASA SUNDA

PATURAI TINEUNG

Kangge Nyumponan Tugas


Bahasa Sunda

DISUSUN KU:

Ai Sopiah
XIIA

MADRASAH ALIYAH (MA) BOJONGJATI


Jl. Jati Larang Desa Sukamahi Kecamatan Cijati Kabupaten Cianjur
PANGJAJAP

Pihatur nu ngarang

Ieu karangan tex pidato anu di karang ku salah sawios murid MA

kelas XII

Dupi tujuan nana nyaeta supados barudak :

a. Tiasa lancar nyariosna

b. Ngartos kana Eusina atanapi maksadna aosan

c. Ngajembaran basana sareng kecap-kecapna anu ilahar di anggo

sadidinten

d. Ngawuwuhan pangartosan sareng pangawe


Bismillahirohmanirrohim.

Bapa Pupuhu MA Bojongjati anu mulya, ibu miwah bapa guru anu
ku sim kuring dipihormat. Parasiswa rerencangan simkuring anu sami-sami
hadir dina ieu acara.

Assalamualaikum Wr. Wb.

Langkung tipayun sim kuring asmana Bapak, Ibu guru Sekolah Unsilster
seja ngahaturkeun rebu nuhun laksa keti gerah kabingahan, bingah ka
giri-giri, bingah amarwata suta, bingah anu taya hinggana, sanggem
paripaos tea mah sim kuring teh asa mobok manggih gorowong, asa
ditonjok ku congcot, rehna dina danget ieu tiasa patepung lawung,
paamprok jonghok, patepang raray sareng para Ibu Bapak sadaya dina
raraga paturay tineung marurangkalih kelas XII A ieu.

Para Ibu, Bapak sadaya, menggah pamaksadan sim kuring teu aya sanes
kajabina nyaeta seja nyukcruk galur di luluhur, mapay lacak anu baheula,
tatali paranti warisan ti nini aki. Nu mawi tebih diungsi, anggang di teang,
sanes lantung tambuh laku, sanes ketang tanpa beja, sim kuring seja
malikan carita anu tiheula nu kungsi dipake carita nyaeta rehna para Ibu
Bapak nitipkeun, nyerenkeun pala putra putri Ibu Bapak sadayana ka ieu
sakola, nyatana ka Bapak Ibu guru supados pala putra putri Bapak
sadayana dididik, diatik, dibina, dibimbing, dipaparinan pelajaran anu dugi
ka danget ieu 6 taun parantos kalangkung, alhamdulillah parantos bade
rengse, kalayan mung sakitu kamampuan sareng katiasana, mung sakitu
buktosna anu mudah-mudahan aya mangfaatna, khususna kanggo
marurangkalih sadayana, umumna mah kanggo keluargana,
masyarakatna, agamana, nagarana, nusa sareng bangsana.

Namung dina hal ieu sim kuring asmana Bapak Ibu guru neda
sihampuntena boh bilih dina salami ngadidik, ngatik, ngabimbing, ngabina
pala putra putri Ibu Bapak sadayana aya dina kakirangan sinareng
kalepatanana, atuh boh bilih aya anu kagitik ku pangatik, kahajar ku
pangajar, pamugi ageung sihampuntena, da sentak polototna bapak
sinareng Ibu guru teh sanes keuheul atanapi ngewa tapi bakat ku nyaah
deudeuh kanu janten muridna. Kalayan alhamdulillah kiwari parantos niti
wanci nu mustari, ninggang mangsa nu utama, parantos anjog kana
waktos anu diantos-antos kana mangsa rengsena diajar di sakolah dasar
kalayan aya dina kalungsur langsar, aya dina kasuksesan, ku kituna sim
kuring sabadana, mengingat, menimbang sareng memutuskan yen pada
putra putri Bapak ibu sadaya dinyatakan LULUS 100 %.

Para Ibu Bapak sadayana kumargi kitu, sim kuring asmana Bapak Ibu
guru sadayana seja nyanggakeun sejak masrahkeun deui pala putra putri
Ibu bapak sadayana, ti luhurna sausap rambut, di handap sausap dampal,
getihna satetes, rambutna salambar, ambekanana sadami, kaireng
katalingeuhan, bobodoran, kalepatanana sinareng kakiranganana
sumangga nyanggakeun.

Para Ibu Bapak sadaya kanggo salajengna ieu mah khusus kanggo
marurangkalih anu bade paturay tineung, tanbi lengoh kalempohan,
tamba mulang ngalongkewang, sasieureun, sabeunyeureun, sarebuk
samerang nyamu, belah pecah lalab rumbah, mugia janten barokah, ieu
mah etang-etang tawis kanyaah, kadeudeuh sinareng katineung ka
marurangkalih sadayana.

Ujang, Nyai hidep anu kungsi diiring ku kawih asih, balabuhna dasar
katineung, gupay kelar enteupna geugeut kameumeut, anu disungging
dina permadani, asih nu diipuk na jajantung, mangkak dina taman
katresna, kiwari hidep parantos bade paturay, hidep bakal pisah, bakal
pajah. Kumargi kiti Bapak titip, Ujang Nyai mun seug hidep parantos
mulang deui sareng lingkungan kulawarga, masyarakat, nagara, nusa
sareng bangsa, poma Ujang Nyai hidep sing bisa ngajagi diri, ngaraksa
salira, sing lantip budi, hade tata, hade basa sing nyaah, deudeuh ka
sasama, ka kadang warga, ka masyarakat ka Nusa, Bangsa sareng
Nagara.

Kumargi kita sim kuring asmana Bapak Ibu Guru sadaya seja neungteuk
ranggeuy, nilas manggaran mungkasna mangsa diajar di sakola dasar,
supados ngajirim eusi, subaya mibanda nyata, taya deui bahasa anu
utama, iwal ti sisng lantip budi, hade tata, hade basa sing tiasa ngajagi
diri, ngajaga salira, sing nyaah deudeuh ka salira, ka ibu rama, ka sasama,
ka kadang warga, ka masyarakat, Nusa, bangsa, nagara sareng agama.

Rupin kiwari parantos niti wanci nu mustari ninggang mangsa anu utama,
parantos anjog kana waktos anu diantos-antos, dinten ieu Rebo kaping 27
Juni 2007 hidep bakal pisah hidep bakal pajauh, pileuleuyan-pileuleuyan,
sapu nyere pegat simpay, pileuleuyan pileuleuyan paturay patepang deui.
pileuleuyan pileuleuyan anaking bral. Bral geura miang.

Para Ibu para Bapak sadayana sim kuring asmana Bapak Ibu Guru kalayan
resmi mancen gawe ngemban tugas ti nagara sejak nyanggakeun pala
putra putri Ibu Bapak sadayana sakali deui sumangga nyanggakeun.

Kumargi kitu sim kuring neda ageung agung cukup lumur, neda jembar
hampurana, anu janten margi dina tata titina, dina tindak tandukna, oge
dina tata titina, bema tatakrama, oge dina basa basina mung sakadar
dirarampa, sugan kiti, meureun kieu, tangtos pisan upami teu ninggang
kana wirahmana mah, seueur silung sareng sumbangna, kalayan teu
puguh entep seureuhna.

Rupina sakitu nu kapihatur hapunten sagala rupi kalepatan sareng


kakiranganana, beber layar poe anyar, lulus banglus ginuluran, tebih tina
marganing balai, anggang tina sagala gogoda disarengan luhur kuta gede
dunya, jatnika sapapaosna, bagja dunya rawuh akheratna.

Wassalamualaikum Wr. Wb.

Anda mungkin juga menyukai