Anda di halaman 1dari 3

1 11

Nabi urang saréréa, Kagenep taun yuswana


Kangjeng Nabi anu mulya, ditilar pupus ibuna
Muhammad jenenganana, Nabi dirorok eyangna
Arab Kurés nya bangsana. Abdul Mutalib asmana

2 12
Ramana Gusti Abdullah, Kersana Rabbul’alamin
Ibuna Siti Aminah, Kangjeng Nabi nu prihatin
dibabarkeunna di Mekah, yuswa dalapan taun yakin
wengi Senén taun Gajah. éyangna mulih ka batin

3 13
Robiul awal bulanna, Sabada wapat éyangna
tanggal ka-dua belasna, Nabi dirawat pamanna
April bulan maséhina, Abi Talib kakasihna
tanggal kadua-puluhna. sadérék teges ramana

4 14
Ari bilangan taunna, Kangjéng Nabi sering pisan
lima ratus cariosna, dicandak ka Nagara Sam
tujuh puluh panambihna, sok nyandak barang dagangan
sareng sahiji punjulna. di dinya téh pajeng pisan

5 15
Siti Aminah misaur, Kacatur di éta nagri
waktos babarna kacatur, loba pandita Yahudi
ningal cahaya mani ngempur, sareng pandita Nasrani
di bumina hurung mancur. nu tepang jeung Kangjeng Nabi

6 16
Parangina Kangjeng Nabi, Sadayana sasauran
jatnika pinuh ku puji, ieu jalmi mo nyalahan
pinter tur gedé kawani, pinabieun ahir jaman
sabar nyaah ka sasami. Torét, Injil, geus ngiberan

7 17
Keur opat taun yuswana, Sipat Nabi panganggeusan
diberesihan manahna, aya di anjeunna pisan
nabi dibeulah dadana, harita loba nu iman
malaikat nu meulahna. ka Nabi ngangken panutan

8 18
Jibril kadua réncangna Karesepna Kangjeng Nabi
Mikail jenenganana, ka Gusti Allah ngabakti
ngeusikeun kana manahna, di Gunung Hira maranti,
elmu hikmah sapinuhna. ibadahna saban wengi.

9 19
Tuluy dada Kanjeng Nabi, Di dinya jol kasumpingan,
gancang dirapetkeun deui, Jibril nu nurunkeun Kur’an,
sarta teu ngaraos nyeri, kalawan dawuh Pangéran,
dicap ku Hotami Nabi. Nabi didamel utusan.

10 20
Rama Nabi kacaturkeun Harita yuswana Nabi,
pupusna kacarioskeun patpuluh taun kawarti,
basa Nabi dibobotkeun diutus ku Allah pasti,
dua sasih kaunggelkeun ngémbarkeun agama suci.
21
Anu iman pangheulana, 31
Siti Khodijah garwana, Sadayana jalmi iman,
Abu Bakar kaduana sami gaduh kawajiban,
sohabat nu pangmulyana solat nu lima giliran,
henteu meunang dikurangan.
22
Murangkalih nu nonoman, 32
anu pangheulana iman, Solat éta minangkana,
Sayidina Ali pisan, dina agama tihangna,
ka Nabi sadérék misan. jalmi nu luput solatna,
nyata rubuh agamana.
23
Jeung ari jalma beulian, 33
anu pangheulana iman, Kapir Mekah kacaturkeun,
Sayid Bilal kaleresan, barang Nabi nyarioskeun,
anu jadi tukang adan. mi’raj lain dimulyakan,
anggur pada nyeungseurikeun.
24
Ari lolobana pisan 34
ka Nabi téh ngamusuhan, Pada hasud ngakalakeun,
nganiaya ngajailan, ti dinya Allah ngersakeun,
teu aya pisan ras-rasan. Kangjeng Nabi dialihkeun,
ka Madinah disirnakeun.
25
Nuju tanggal tujuh likur, 35
bulan Rajab nu kacatur, Para sohabat pirang-pirang,
runut kaol nu kamashur nu buméla milu iang,
Kangjeng Nabi téh disaur. milu ngalih saabrulan,
henteu pisan sumoréang.
26
Dipapag ku malaikat, 36
nyandak burok nu kasebat, Tambih kamulyaan nabi,
leumpangna téh cara kilat, di madinah asal sepi,
tutunggangan Nabi angkat. jadi ramé ku nu ngaji,
muji ka Nu Maha Suci.
27
Ti Mekah ka Baitul Maqdis, 37
teu lami-lami antawis, Sapuluh taun lamina,
ku jalmi henteu katawis, di Madinah jumenengna,
Kersana Gusti nu Wacis. agama Islam cahyana,
gumebyar ka mana-mana.
28
Ti Baétul Makdis terasna, 38
naék tangga saterusna, Ari mungguh Kangjeng Nabi,
mi’raj téa kasebatna, nyaahna langkung ti misti,
ka langit Nabi sumpingna. ka umatna jaler istri,
leuwih ti sepuh pribadi.
29
Tujuh langit sadayana, 39
sareng aras pangluhurna, Welas asih ka nu miskin,
disumpingan sadayana, sumawon ka budak yatim,
katut surga-narakana. pada seubeuh ku paparin,
kadaharan jeung pisalin.
30 40
Kangjeng Nabi ditimbalan, Akurna ka urang kampung,
ku Gusti Nu Sipat Rahman, calik satata ngariung,
anjeunna kudu netepan, tara angkuh jeung adigung,
solat muji ka Pangéran. sanajan ka urang gunung.
41 51
Ka nu nandang kasusahan, Ya Allah Nu Sipat Rohman,
gering jeung kapapaténan, abdi téh iman ka Tuhan,
ngalayad sarta ngubaran, teu aya deui Pangéran,
ngajajapkeun ka kuburan. lain ti Allah Nu Héman.

42 52
Manis saur manis budi, Nu ngadamel bumi-alam,
éstu mustikaning jalmi, rawuh jeung eusina pisan,
sajagat mo’ mendak deui, nu wajib diibadahan,
saé rupa jeung parangi. taya anu nyasamian.

43 53
Raray lir bulan purnama, Sareng abdi iman deui,
halisna lir katumbiri, ka Muhammad Kangjeng Nabi,
waos lir inten widuri, yén éta utusan Gusti,
salira harum wawangi. miwulang ka jalmi-jalmi.

44 54
Éstu kersaning Pangéran, Nu sipat kapercantenan,
lain seungit dimenyanan, wijaksana tur budiman,
karinget pada nandéan, bener wungkul sasauran,
diparaké seuseungitan. lain saur kaheureuyan.

45 55
Pirang-pirang mujijatna, Hurmat urang ka anjeunna,
tawis kanabianana, dina mangsa jumenengna,
Kur’an nu nomer hijina sareng sabada wapatna,
mujijat nu pangmulyana. éstu teu aya béntenna.

46 56
Tangkal nu pérang daunna, Duh Gusti jungjunan abdi,
disiram urut abdasna, Sayidina Muhammad habibi,
ngadadak loba buahna, pamugi salira nampi,
sarta hirup saterasna. ka nu hina diri abdi.

47 57
Domba nu banget kuruna, Abdi umat ahir jaman,
sarta lalépét susuna, anu banget panasaran,
diusap ku pananganna, hoyong tepang ngadeuheusan,
ngadadak juuh susuna seja tumut serah badan.

48
Dina hiji waktos deui,
sahabat bet kirang cai,
teras baé Kangjeng Nabi,
mundut cai anu kari

49
Cai ngan sakedét pisan,
éstu kabéh pada héran,
Nabi neuleumkeun panangan,
dumadak tuluy manceran.

50
Cai mancer loba pisan,
ka luar tina panangan,
sela-sela ramo pisan,
cukup keur jalma réaan.