Anda di halaman 1dari 1

"Liburan Sakola di Rorompok"

Carita pangalaman pribadi abdi dimimitian dina liburan sakola semester sakola anu kaliwat, dina
peré sakola kamari abdi henteu angkat kamana-mana. Dina dinten kahiji dugi ka lebet sakola
abdi ngan ukur di bumi, sapertos ngaso, ameng, sareng nongton tv.

Sarta abdi teu hilap ogé nyempetkeun waktos kanggo midamel hiji karangan salami liburan peré
sakola abdi, kanggo pancen basa sunda disakola.

Sanaos abdi liburan sakola ngan saukur dibumi, abdi henteu ngarasa bosen, sabab abdi janten
seueur waktos kanggo ngabantosan padamelan pun biang sadidintena. Sapertos bebersih di bumi,
nyapu diburuan, supados tambih bersih, éndah, sarta merenah, pikeun saha wae anu ningalina
sakumaha keluargi abdi di bumi.

Caritana dimimitian dina wanci peré sakola abdi kadua, dinten minggu abdi hudang ti énjing
kéneh, ku sabab sabenerna tos lami abdi téh hoyong pisan bebenah dibumi terutamina di kamar
abdi sorangan, soalna mun lebet sakola mah asa téh teu aya waktosna, janten abdi nyempetkeun
énjing peré sakola éta téh pikeun bébénah di kamar kusabab hoyong susana anyar.

Tabuh salapan énjing abdi tos mimitian beberes, ti mulai ngagentos sepré, masang pajangan di
tembok kamar, ngabersihkeun meja belajar, sareng ngarapihan buku-bukuna, sarta seueur deui
anu sanesna.

Tabuh setengah sapuluh, abdi ogé ngabersihkeun pepelakan nu aya di payuneun bumi abdi,
motongan jukut anu tos seueuer, ngarapihan pot kembang, sareng melak kekembangan anu anyar
supados tiasa mangkin merenah, éndah, jeung asri.

Sabot abdi keur bebenah dibumi dinten minggu eta téh, aya dongkap saderék abdi nu namina
salsabila saurna anjeuna hoyong ngabantosan abdi bebenah dibumi, Tangtos wae abdi ngarasa
bungah, sabab sadayana kagiatanana pasti jantén leuwih enggal rengsena.

Sanaos abdi liburan peré sakola ngan saukur di bumi, abdi henteu ngarasa bosen margi seueur
pisan sabenerna mah kagiatan anu seueur mangpaatna. Contona sapertos ngabantosan pun biang,
bebenah atanapi bebersih dibumi pikeun kabersihan urang sareng keluargi, sarta perkawis positif
liana.

Nah, sakitu waé carita pengalaman pribadi abdi ngeunaan kana peré sakola salami liburan
semester anu kaliwat kamari di bumi. Hatur nuhun..

Anda mungkin juga menyukai