Mangpaat Resensi
Ieu sababaraha kauntungan tina ulasan,
1. bahan tinimbangan
Pasihan pamiarsa kana pamanggih karya sareng pangaruh aranjeunna.
2. Ajén ékonomi
Kéngingkeun artos atanapi hadiah ogé buku anu gratis tina penerbit buku
upami ulasan dikaluarkeun dina koran atanapi majalah.
3. Maksudna promosi buku
Buku-buku anu disarankeun nyaéta buku-buku énggal anu teu acan kantos
disemak. Ku kituna, panuduh mangrupikeun sedeng pikeun ngamajukeun buku
anyar.
4. Pangwangunan Kreativitas
Beuki sering nulis, kabiasaan nulis anu leuwih diasah pikeun unggal jalma.
Hal ieu dilakukeun pikeun ngamekarkeun kréativitas panulis.
2. Sinopsis
Dadan Sutisna, pangarang kalahiran taun 1978 nerbitkeun karya fiksina
nya eta NuNgageugeuh Legok Kiara. Dina novelna nu ayeuna Dadan Sutisna
nulis ngeunaan masarakat anu percaya kana mitos kieu sinopsisna.
Teu jauh ti lembur aya tangkal kiara nu umurna geus ratusan taun.
Caranéom, geueuman, disebutna Legok Kiara. Réa dongéngna Legok Kiara téh.
Cenah nu ngalantoka dinya mah balikna sok terus gering. Dipahing pisan barudak
ulin ka Legok Kiara, komo wanci sareupna mah da cenah aya nu ngageugeuhna.
Si Emod jeung Si Sadun anu panasaran hayang ngabuktikeun mitos yen
mun ngadeukeutan legok Kiara teh anjeuna bakal gering. Cenah di legok Kiara teh
aya tangkal kai nu hirupna geus ratusan taun.
Barudak teh jadi inget ka legok Kiara gara-gara aranjeuna meunang tugas
ti sakola jang melak tangkal kai di deukeut sakola meh sakola jadi leuwih iuh
jeung alus sarta jang ngajaga alam sabab zaman ayeuna alam teh geus beuki
ruksak gara-gara ulah manusa.
Ceuk Bapana Si Emod, di Legok Kiara teh loba jurig jeung dedemit,
tempatna sanget jeung geueuman. Da puguh aya tangkal Kiara anu jangkungna
kabina-bina. Areuyna ngagangseur kana taneuh. Tapi Emod henteu percaya teuing
kana eta beja teh. Manehna angger panasaran. Malah hayang ngabuktikeun naha
enya di dinya teh aya jurig.
Hiji waktu, Mang Apin anu sok babantu di sawah bapana ngabejaan yen
manehna rek ngabasmi beurit nu aya di kebon bapana. Sawah bapana Si Emod teh
aya di deuket legok Kiara. Tangtu wae Si Emod teu nyia-nyiakeun eta
kasempetan. Manehna tuluy menta ka bapana sangkan bisa ngilu ngabantuan
jeung Mang Apin. Sanggeus di ijinan manehna tuluy ngajak Si Sadun meh
manehna bisa ngabuktikeun yen mitos nu aya teh teu bener.
Pas poe Minggu, manehna indit ka legok Kiara, di dinya si Emod jeung Si
Sadun ngahuleng ningali tangkal Kiara nu jangkung tur gede kabina-bina. Tapi
maranehna tuluy balik da rada sieun oge cicing di dinya lila-lila mah. Di legok
Kiara maranehna manggih ucing, tuluy ku Si Emod dibawa balik ka imahna. Eta
ucing dingaranan Si Buris.
Si Emod deukeut pisan ka Si Buris, nepi ka sare ge dibaturan ku Si Buris.
Tapi sanggeus kolotna nyaho yen Si Buris teh dibawa ti legok Kiara, Si Emod di
titah miceun Si Buris. Tapi si Emod teu bisa, manehna tetep miara si Buris di
imahna.
Panon poe keur meujeuhna moreret. Desa Si Emod jeung Si Sadung mani
paceklik. Tutuwuhan hareupeun mah Emod loba nu kalempohan. Jujukutan nepi
ka pirang kahalodoan. Emod inget kana carita guruna yen keur halodo mah kudu
melak tutuwuhan. Upama hareupeun imahna pinuh ku tatangkalan meureun moal
panas-panas amat ayeuna teh.
Unggal tengah poe Si Buris sok ngereles, teuing kamana ulinna. Hiji
mangsa poe Minggu kusabab panasaran, manehna nuturkeun si Buris. Si Buris
tonggoy leumpang mapay pasawahan nu garing kahalodoan. Ngalengkah siga nu
lungse, kawasna mah awahing panas. Beuki jauh Emod nuturkeun Si Buris,
tungtungna mah anjog ka Legok Kiara. Si Buris tuluy kukurusukan ka nu bala.
Ditempo teh tangkal di dinya mani harejo, apan mun tangkal hayang alus
teh kudu aya cai. Pas Si Buris kaluar, sirah Si Buris kulimis siga tos di
teuleumkeun kana cai. Emod ngahuleng sajongjonan. Naha bet aya cai di dinya.
Barang disidik-sidik ku Emod, cai anu barijil tina taneuh teh siga kasedot deui ka
jero.
Kawasna mah aya deui liangna. Emod jadi inget carita guruna yen tangkal
kai nu gede gunana keur nahan erosi jeung neundeun cai. Geus apal di dinya aya
cai, Emod gura-giru balik tuluy ngabejaan Pa Kuwu. Isukna urang lembur
ngabring ka Legok Kiara.
Urang lembur teu percaya keneh yen di dinya teh loba cai. Ayeuna mah
urang lembur teu aya nu sieun deui ka Legok Kiara, malah urang lembur loba nu
datang ka dinya jang mawa cai. Tina carita eta urang apal yen mitos teh teu
salamana bener.
1. Identitas Novel
Judul Novel : Wastu Kancana
Pangarang : Yoseph Iskandar
Panerbit :Rahmat Cijulang
Citakan Pertama : 1989
Tebel Kaca : 145 kaca
Sinopsis Buku:
Dina eta buku dicarioskeun yen anu ngagentos samentara di Karajaan
Sunda (Kawali) teh Bunisora. Putra Raja Sunda aya jumeneng masih budak
keneh. Janten kedah disiapkeun heula. Bewara ngeunaan tiwas suci kulawargana
di Majapait henteu dibejakeun sabab sieun langsung henteu biasa nahan amarah.
Bunisora, pamanna Wastu Kancana, nyandak eta murangkalih keur diajar
sagala rupa ka elmuan di padepokan anu khusus keur ngagembleng pasukan husus
karajaan balamati. Carana henteu langsung, tapi diculik heula. Sabada diwarah,
Wastu Kancana dibere nyaho perkawis anu dirusiahkeun. Bunisora langsung anu
masihan terang.
Saba’da dipeupeujeuh, Bunisora ngajak balik ka Kawali. Ngan Wastu
Kancana embung balik. Anjeuna kalah ngumbara milari elmu. Nya atuh henteu
bias dicaram. Antugna diwidian teras nyandak batur keueung: Rakean Hujung.
Duana ngumbara dugi ka Pakuan. Mereskeun nau baruntak ka nagara.
Teras ti dinya ngulampreng ka Lampung. Tepang sareng resi sareng
diguguru. Di bagean ahir buku dicaritakeun Wastu Kancana nyalametkeun
padepokan resi ti serangan musuh gerot guruna. Jeung niwaskeun gegedugna
make pakarang anu dibere ku Bunisora.
Dina eta buku, dicaritakeun yen Wastu Kancana oge katarik manah ku
putrid resi. Henteu aya pedaran proses asmara, ngan hungkul tepung di walungan
teras bae silih kenalan. Didinya duana singket saling katarik manah keuna ku
panah asmara. Basa rek mulang ti Lampung ti padepokan resi, duana silih mere
barang anu janten pangikat ati.