Anda di halaman 1dari 2

ASMARA NGAMBAH SAGARA

KELOMPOK :

RAIH ISLAMIAH

TRISUCI PAJRIANI

 Judul : Asmara Ngambah Sagara


 Penyusun : Aam Amilia
 Penerbit : Pusaka Sunda
 Cetakan : Pertama Tahun-1968
 Ejaan : Lama
 Tebal : 78 Halaman
 Dimensi : 17.5 cm X 11 cm
 Sampul : Paperback
 Kondisi : Bagus
 Harga : Sudah terjual
Asmara Ngambah Sagara
Waktu keur rumangsang, sang surya keur meujeuhna moncorong sinarna sesedengna matak
ni'mat ngahaneutan awak. Kapal Karossa ngarayap ngambah sagara nu legana tan hinggana.
Lambak-lambak laleutik siga ngukuntit lajuna kapal.

Di galadak kapal tingrariung barudak keur sarempal guyon. Sawareh diuk dina peti nu ditulisan "
Missi Kesenian Angklung ".

Akom nangtung rada nenggang ti nu ngariung,leungeunna ditaleukeumkeun kana tihang beusi.


Panonna ngarungkup leganana laut, siga nu ngumbar panineungan. Buukna tingkulisik katebak
angin leutik.

" Kom, urang kajero yu," Cek Pipih.


" Rek naon ? Batur ge dilaluar "

Nu ngariung kadenge salusurakan. Akom ngareret ka Pipih. Kahartieun, Pipih panasaran hayang
nyaho nu diramekeun ku babaturanana. Jung duanana bareng nuju tempat nu ngariung.

Anda mungkin juga menyukai