Anda di halaman 1dari 65

Prabu Nalaka Suraboma Pejah

Mentera mentera windulan sastra tinu warapan siange ngawuwu sinenggih kanda
purwantara, pasani purwa opo, purwa hartos sepuluh wiwitan, tara iku opo, tara hartos
sipun keraton, keraton mana kasebat, keraton mengkang dianggo jejer sinarita boten
wenten malik mana kajapiti kahiangan satur pertala, satur, satur arana opat, pertala, pertala
hartos sipun bumi. Jadi dilapisan bumi ka opat aya hiji karaton anu ditaretes ku intan
rinugmi murugmubiar ka tiap kunang-kunang tihang-tihang dilapis ku emas, berlian, intan.
Teu aya sanes anu jadi ais pangampih ti ieu karaton kajapiti hiji naga anu sakti mantra guna
punjul lingapapa tutas tina katimulan kagagahan kasaktian lanka mantra gunaan, kakasih
hipun hiang antaboga. Hiji naga pansen hiang otepati jagat nata kalayan pansen hiang
tunggal pikeun ngajaga ieu lapisan bumi ka opat tur pangatur sareng sagala rupina sakaligus
dipersanten ku hiang tunggal ieu sanghiang antaboga. Ngahaturanan linggih putrana ku
anjeun kakasihna gatat mala tungkul hamar kelutat nyemah narimang sabda ajrih ningali
pamor sanghiang antaboga, kawuwuh putuna ku anjeun kakasih raden anterja putrana dewi
nagagini ti arya bima, sami ngan tos kana dawuh hiang antaboga tungkul hamar kelutat
nyemah narimang sabda ajrih ningali pamor watek wantos hiang antaboga dutur naga
samanea parantos tutas tina didikan rohani jasmani margi anu diudagna nyaeta ngeunaan
kamanusaan pikeun ngalestarikeun ieu tempat jagat raya pramudita jagat raya wayang-
wayangan wayang-wayangan.Ananging sadrenge pun ngadika pene-pene raja pene
grewakal grudadi.

Karaton pahiangan raturpertala Hyang Antaboga kasumpian putrana Naga Takmala


kalayan putungna Raden Antareja. Wantek wangtos Hyang Antaboga tugu naga samanea,
ngantih kakawod pisan mikatempungan”.

Hyang Antaboga : “Anaking jimatawagi, ngarasa bagja bari ngasugema pula, bisa riung
mungpulung anak incu hohoho. Yap kahareup diukna, anak oge incu”.

Naga Tatmala : “Kaula, ramateua tukadalemna katakmalana ija budi”.

Hyang Antaboga : “Ditarima puja puji hideup ku abah”.

Naga Tatmala : “Kalina kieuh hapunten kanu kalepatan”.

Hyang Antaboga : “Heueh ditarima”.

Naga Tatmala : “Aya naon ieu teh papajeungan Tatmala?”.

Hyang Antaboga : “Ngincu wae nya”.

Naga Tatmala : “Anaking anak emang kapayun cu”.


Raden Antareja : “Kaula, mugihna pajenengan”.

Hyang Antaboga : “Hahahaha ditarima incu”.

Raden Antareja : “Palihna kieu ramo pamat”.

Naga Tatmala : “Muhun kasep muhun”.

Raden Antareja : “Kansah diajeng ajeng aya pikersana oge pajenengan yanto santribala”.

Naga Tatmala : “Aya naon?”.

Hyang Antaboga : “Disaur dina waktuna, diundang dina mangsana, diangkir dina wancina,
saperkara sonoh”.

Raden Antareja

&Naga Tatmala : “leres-leres”.

Hyang Antaboga : ”Kaduana ti eta nengrakeun rasa sukur kanu gusti nu kagungan sadaya,
wirih urang hirup dipercaya nepi kada nepi. Dah dahaneh ku ayana
minang sukur teh nikmat tambah ning, da jang dianjeuna. Sajabana ti
kitu, beurat nyuhun, beurat nanggung, beurat narimakeunnana amal
hidep bisa nyaosan kana panyangkir ama. Ari anu jadi pasoalan mah
urang ngadongeng ngeunaan kajadian ieu maret sapada disaluhureun
urang nyaeta lapisan bumi ka hiji hartina dipermukaan bumi asa
panglebarkeun ka bangsa manusa anu dimuliakeun ku pangeran. Bisana
manusa disebut mulia teh anu bisa ngagunakeun akal pikiranana, budi
pamilih rasa jeung perasaannana.

Raden Antareja

& Naga Tatmala : “leres-leres”.

Hyang Antaboga : ”Anu luyu ti sekenario Pangeran, yen moal pati-pati Pangeran
ngayakeun jin jeung manusa lian ti pikeun ngapi ka anjeun-Na. Beda-beda
bangsa, beda-beda suku tapi tetep manusa disebutna, ngan dina
pangabdian ka Pangeran meuren ciri sabumi, sadesa jawadah
kutungbiritna sacarana-sacarana, sajabana ti cara anu geus ditangtukeun
gumantung kada budayana sewang-sewang.

Raden Antareja

&Naga Tatmala : “leres-leres”.

Hyang Antaboga : ”Aya ibadah, dina prak-prakanana sajabana dinu sarua teh aya anu
beda. Sabab naon? Sabab tempatna ge beda-beda, aya nu gersang, aya
nu mindes, aya nu subur. Tuluy meuren dina ngamumule budayana, dina
ngamumule bahasana, dina ngamumule lemah caina eta oge ibadah
keneh. Tapi bet tibalik dina waktu ayeuna, sakumaha anu parantos
disangemkeun tadi ku abah yen manusa dimana diukurkeun kana nikmat
Pangeran nikmat katambah deui tapi ayeuna kaayaan di muka bumi teh
bencana alam dimana-mana. Karengheng ku dedengean, aya jelema ti
nagara ka nagara perang can euren-euren, nyawa jelema geus murah,
kacilakaan darat, laut, udara, can bencana alam bumi ngamuk cai, angin,
seuneh. Sabab yakin ieu alam anu disaluhureun urang teh kawas-kawas
anu geus embung deui bersahabat jeung manusa, eta oge aing hasil
haharewosan jeung rumput-rumput nu bergoyang, anu kadituna huhug-
huhug. Bencana alam jelegur beulah kidul can rengse diomean beulah
kidul jeleger beulah kaler, can rengse beulah kaler geus sing carorowok
beulah kulon, can rengse beulah kulon beledag beulah wetan leutak bijil.
Anu diarep-arep ku masarakat lemper haneut ieu mah kedah lumpur
haneut. Naha ieu rek nyalahkeun aing oray?, naha rek nyalahkeun ka
sasatoan?, naha saha ieu pengruksak dunya teh?”.

Naga Tatmala : “Upami ningali kana sawatawis katerangan”.

Hyang Antaboga : ”Naon?”.

Naga Tatmala : “Moal pati-pati alam ruksak ieu upami teu aya nu ngaruksak namun
upami ditingal kana sawatawis katerangan yen dina nalika Malaikat
protes dina panalika Adam bade di lungsurkeun ka luhur bumi sabab
yakin bakal saling kocorkeun getih jeung deui aya katerangan yen ieu
ruksakna dunya teh ku lengen-lengenna manusa”.

Hyang Antaboga : ”Hahaha heuheuheuheu, kacatet bangsa oray naga ngaruksak dunya?”.

Naga Tatmala : “Heunte”.

Hyang Antaboga : ”Sugan dina katerangan aya katerangan sugan ieu ruksakna dunya teh
ku polah-polahna oray?”.

Naga Tatmala : “Heunteu”.

Hyang Antaboga : ”Da urang mah sato anu diruksakna, nya?”.

Naga Tatmala : “Leres”.

Hyang Antaboga : ”Ayeuna di darat di muka bumi panggalakna sato oge disebutna raja
leuweung nyaeta maung, ai maung da ukur hahakananna oge ngan
samemet daging. Can ngadenge aing mah maung kumpul heung
ngaredok, acan. Can ngadenge maung ngarariung heung ngolek, da
heunte. Tapi manusa daging dihakan, lauk dihakan, bubuahan, tangkal,
daun”.

Naga Tatmala : “Leres”.

Hyang Antaboga : ”Malah kurakus-rakusna manusa minyak, aspal, semen dihakan. Yakin
ruksakna dunya teh ku polana manusa, tah bising pajarkeun ayat-ayat
Pangeran bohong, Maha benar segala firman-Nya”.

Naga Tatmala : “Leres”.

Hyang Antaboga : ”Malah agama nyarek pisan dina hiji perkara, umat ulah nginum anu
keras-keras, diantarana arak jeung sajabana. Naon sabab?”.

Naga Tatmala : “Naon?”.

Hyang Antaboga : ”Nyaeta bisi ilang keseimbangan, bisi teu kontrol”.

Naga Tatmala : “Leres”.

Hyang Antaboga : ”Dimana geus teu kontrol kadituna gawena tunggu diparud satang
dirumpak”.

Naga Tatmala : “Leres”.

Hyang Antaboga : ”Malah bakatega ngahalalkeun kana sagala rupa cara, eta barudak
ngora anus sok teler disisi jalan, geus puguh etamah mabokna ti alatan
nginum. Tapi nu leuwih doraka mah nu teu nginum mabok”.

Naga Tatmala : “Mabok naon?”.

Hyang Antaboga : ”Mabok jabatan, mabok kakawasaan, mabok kadudukan. Paduli batur
kasiku, kajejek kasalaya manehna untung. Aya kitu nu kitu? Lain aya,
loba. Da baheula mah dina jaman perjuangan ngarebut kamerdekaan
nagara pati jiwa raga teh nyawa kadieu kasalametan tanpa pamrih.
Lamun ningal kana sawatawis sejarah”.

Naga Tatmala : “Leres-leres”.

Hyang Antaboga : ”Nya bongan saha tah? Rek nyalahkeun aing bangsa naga bangsa oray?
Da aing mah nu diruksak, sabab naon? Ek kaos ancur, ku Pangeran teh
geus kasaimbangkeun, ari ayeuna pan nu ngaruksakna jelema. Oray
dialaan mimiti oray leutik, oray gede, oray galak, oray berbisa jeung
sajabana beak oray beurit loba”.

Naga Tatmala : “Haduh leres nya”.


Hyang Antaboga : ”Rek nyalahkeun aing bangsa oray? Satadina aing kabita ku manusa.
Ai kieu mah genah aing mah teu dituding ku Pangeran sugan nu
ngaruksak teh bangsa oray da heunte”.

Raden Antareja : “Atuh kaduhung upami kitu buputra jadi turunan manusa”.

Hyang Antaboga : ”Tapi inget, eta dina nyaksabeulahna dina segi negatipna, tapi positipna
sabab manusa anu bisa ngabongkar rahasia-rahasia Allah, da ucing mah
teu bisaeun, leuleutikan rahasia Allah make hubungan jelema jeung
jelema ti kajauhan teu ngaliwatan kabel, hape. Eta rahasia-rahasia
elmuna Allah beunang ku manusa, tah didieu urang teh elehna didinya
mulyana manusa teh, komo mun dipake ngabdi kahadirat nu
ngagunganaa yakin eta manusa teh mulya bener pisan. Kade anjeun sing
bener, hiji manusa anu bener-bener dimulyakeun ku Pangeran anu bisa
ngagunakeun akal pikiran anu positip”.

Naga Tatmala : “Mudah-mudahan bae eyang”.

Hyang Antaboga : ”Heueh, bisi engke disebut nurustuyung, eker mah awak sisitan,
katambah kalakuan ewah-ewah aikitu mah turunan ti ama hidep Antareja
soleh, geuningan da bukti ka indung bapa hormat ka kolot kitudeui ka
sesama, kalayan guna hirup teh pikeun bangsa jeung nagara nepi ka jadi
panglima tertinggi. Pingpinan dina angkatan darat di nagara Amarta,
kade kana kapangkatan oge alat sabenernamah pikeun ibadah, lain
pikeun nyingsieunan nu leutik, tapi pikeun ngaping nu leutik, sing inget
nyaeta hate jiwa raga teh bener-bener diwakapkeun ka nagara jeung
bangsa, heulakeun kapentinga rakyat. Sing inget sabab urang jadina gede
kieu teh meunang rakyat, pek pikir lamun eweh rakyat naha sia rek
mingpin cucunguk? Sing mihak ka rakyat kasep, sabab eta sora rakyat teh
sora Pangeran”.

Naga Tatmala : “Leres, tah kitu kasep, deudeh teuing eta teh nenden kadeudeh nunda
kanyaah sepuh ka hidep teh dugi ka kitu tah”.

Hyang Antaboga : ”Eyang kataji ku ayana slogan bangsa manusa dina silih asih, silih asah,
silih asuh. Silih seungitan antara urang jeung urang, tah urang mah ulah
dina sungut eta caritaan wungkul, tapi buktikeun dina karya anu nyata.
Eyang teh meunang pancen ti Batara Guru pingpinan Triloka, sabab
kapenta tulung ku Batara Kresna teh Batara tugas pikeun ngarengsekeun
pacogregan, tah ayeuna teh Kresna teh jadi goreng gawe”.

Naga Tatmala : “Naha eyang?”.

Raden Antareja : “Naha abah?”.


Hyang Antaboga : ”Rada kedul digawena, heuh na meurenan hatena kaganggu, atuda hate
mah ngaranna ge hate dipangpalerkeunage hese”.

Raden Antareja : “Kunaon?”.

Hyang Antaboga : ”Kakang Kresna teh”.

Raden Antareja : “Kunaon eyang?”.

Hyang Antaboga : ”Ai pangna nu jadi kedul teh kaleungitan anak hiji”.

Raden Antareja : “Kaicalan putrana?”.

Hyang Antaboga : ”Heeh”.

Raden Antareja : “Saha eyang?”

Hyang Antaboga : ”Ai anu ical teh cenah mah Raden Samba Purwaganda”.

Naga Tatmala : “Samba Perwira?”.

Hyang Antaboga : ”Heeh”.

Naga Tatmala : “Kamana?”

Hyang Antaboga : ”Heeh nyaeta teuing, tah ayeuna teh euweh beritana, eta budak teh
ngalios tanpa permios indit tanpa pamit, wayahna meuren hidep
kapilanceuk ka eta Samba teh, sabab ramana Prabu Batara Kresna teh
kapilanceuk kanana Pandawa. Wayahna bantuan, sabab rada goreng
legawe diantara urang Batara, ieu teh bakal aya ganjelan, bakal aya
mamala nu teu hade”.

Raden Antareja : “Diestokeun pisan eyang, kakang Samba Purwaganda bade dipilarian ku
putra Antareja”.

Hyang Antaboga : ”Hahaha sukur-sukur”.

Naga Tatmala : “Atuh jeung emang bae atuh”.

Raden Antareja : “Muhun atuh”.

Naga Tatmala : “Hayang emang mucu ka muka bumi, moal era diiluan emang?”.

Raden Antareja : “Pangna ari jeung emang mah bagja bae”.

Naga Tatmala : “Hihihihi”.


Hyang Antaboga : ”Tah kitu pek, mudah-mudahan dina enggoning milarian Raden Samba
Purwaganda anu teu aya, sing nepi ka panggihna. Ka kulon, ka wetan, ka
kaler, ka kidul, teanga sing nepi ka kapanggih”.

Raden Antareja : “Diestokeun eyang, kinten-kinten iraha ieu teh?”.

Hyang Antaboga : ”Ai numutkeun waktu mah ayeuna”.

Naga Tatmala : “Ayeuna pisan keur sabdana panita?”.

Hyang Antaboga : ”Heeh”.

Naga Tatmala : “Heeh atuh ayeuna wae nya”.

Hyang Antaboga : ”Pangdoa aya di gigireun hidep sarerea”.

Naga Tatmala jeung Raden Antareja indit kaluar

Naga Tatmala : “Kansa, rek muncul ka permukaan bumi, ngan anu jadi anakna bet baut
bae naha era diiluan aing kitu?”. (neangan Antareja)

Naga Tatmala : “Kasep, anaking anak ema”. (Antareja datang)

Raden Antareja : “Kaula”.

Naga Tatmala : “Ahh sapertos anu teu rido pariluan emang teh”.

Raden Antareja : “Saur saha atuh”.

Naga Tatmala : “Eta wae katingali tina pamenteurana”.

Raden Antareja : “Wiss, pamalun pamalun pamalun, ulah bari kasinggung, kapan putra
teh ieu teh nampi pancen kedah milarian kakang Samba Purwaganda,
tangtosna ieu teh jadi emutan kudu kamana”.

Naga Tatmala : “Hihihihihi”.

Raden Naga Tatmala sareng Raden Antareja, paman sareung alo nampi pancen
ti Hyang Antaboga pikeun milarian Raden Samba Purwaganda putrana Prabu Batara Kresna

Naga Tatmala : “Loo”.

Raden Antareja : “Kaula paman”.

Naga Tatmala : “Bilih bilih ieu mah bilih, gengsi katuturkeun emang wios atuh emang
mah disapengkeuren oge bilih aya naon-naon”.

Raden Antareja : “Hahahaha, paralun paman paralun paralun, ulah gaduh prasangka kitu
paman”.
Naga Tatmala : “Era paman rumasa topisan naga, ari hidep mah pan raray manusa, sisik
oge pan eta mah tiasa katingali ku batur kasiga jaket”.

Raden Antareja : “Sanes paman, ai anu eta jadi teh bilih bilih”.

Naga Tatmala : “Naon cu?”.

Raden Antareja : “Bilih paman ke muncul ka permukaan teh kumaha upami aya nu
ngahareureyan barudak, dor dibaledogan atanapi pada ngepung, pan anu
teu ngeunahna mah putra”.

Naga Tatmala : “Kenday keun wae etamah meuren”.

Raden Antareja : “Ih lain, paman tadi saur kanjeng eyang ayeuna teh oray gede oray
leutik keur diaralaan, bilih emang teu dihalamprug bae”.

Naga Tatmala : “Kapiheulaan dipacok”.

Raden Antareja : “Tah eta teh jadi urusan paman, di tempat manusa mah kitu wis sok jadi
huru hara”.

Naga Tatmala : “Kumaha atuh nya? Ai ngilu hayang”.

Raden Antareja : “Kumaha upami kieu wae urang ngahiji sareung putra”.

Naga Tatmala : “Ngahiji?”

Raden Antareja : “Bade di peperkeun ku putra dijadikeun sabuk beulit dina awak, nang
bedana panginten putra asa jadi montok meuren”.

Naga Tatmala : “Hahahaha, halah aya ku bagja nya nuhun atuh, dina lembah bujal
meuren emangna nongol”.

Raden Antareja : “Nang ulah nyulunduk nepi kahandap mang kumargi aya sarua oray”.

Naga Tatmala : “Moal moal moal, heuh sasakali mah hayang nempo bobogaan anak”.

Raden Antareja : “Ai paman”.

Naga Tatmala : “Heeh nya kitu teunanaon, emang meulit dina awak hidep”.

Raden Antareja : “Nya sae atuh”.

Naga Tatmala : “Sae sae sae”.

Raden Antareja : “Mangga mang alo”.

Naga Tatmala : “Heuh mending kitu, emang mendingan malik katukang bisi aya anak
anu ngabogohan, tapi alus alus pisan, ayeuna lo?”.
Naga Tatmala meulit dina awak Antareja

Raden Antareja ragana parantos dibeulitan ku pamanna nyaeta Naga Tatmala,


sanajan kasiga jalma lumampak padahal dua mahluk, anu dina waktos ieu maksad maksud
rek ka muka bumi, ka beunget bumi ayeuna parantos aya di lapisan bumi ka dua, kantut
mangsat kaluhur Raden Antareja rumampat

Raden Antareja : “Kansa kansa kansa”.

Naga Tatmala : “Kulan?”

Raden Antareja : “Anu jadi dulur sasadna kakang Samba Purwaganda leungit, mudah-
mudahan tiasa kapendakna, maksad milarian”.

Ngan ukur opat meter deui kana beunget bumi kaluhur, Raden Antareja ungas
ingus, sasato bangke anu luar biasa

Raden Antareja : “Weh raaar, fuah”. (Nyiduh)

Raden Antareja : “Bau bangke ruh ieuh, duh boa aya nu cilaka eta teh meunang wiwirang
basa dicalungan ku gatot kaca, aing rurusuhan bijil ti handap blus kalah
sempit teuing, edan! Puguh wae atuh hulu aing pinuh ku waduk. Hiji
mangsa kaluar tina gas awus kana liang teh geuning, waruh hampung ari
ayeuna bau bangke teh aya naon”.

Raden Antareja emut kana purwadaksina, urwana ngararawitan, daksina


lekasan, emut kana perahna, ieu perahna teh tiasa ngaleungitkeun bau bangke kalayan
bakak genti ku seungit kasturi, lajeung digunakeun.

Raden Antareja : “Ohey rrrrrk wuss”. (Antareja ngaleungitkeun bau bangke make bisana)

Wah ieu bangke anu bau teh leungit bauna, timo seger seungit kasturi angina.

Raden Antareja : “Ulah kitu atuh ngubunuk bangke teh, bangke ucing bangke gajah ta
bangke naon, cik rek disampeurkeun”. (Nyamperkeun bangke)

Winasti keur sahiang kumampa, leres pisan ieu teh bangke jelema, kalayan di paehanna teh
di teuk-teukan, sirahna dipisahkeun jeung awakna, sukuna jeung kitu deui pananganana,
yakin ieu jelema teh ditandasa

Raden Antareja manggihan bangke jelema

Raden Antareja : “Wowowowowo, tega ieu jelema, luas maehan jelema nepika di teuk-
teukan kieu, ieu meuren anu dimaksud pembunuhan mutilasi teh nya
Kanjeng. Tapi moal wawaka suudzan kanu maehan, boa ieu teh jelema
jahatna ngaleuwihan ti nanaon. Daerah mana ieu diluhureun?”. (Nempo
bangke jelema)
Raden Antareja ningali layon anu sasakna kurangtak, panangan diteuk-teukan sampeanna
oge mastakana oge, mun iraha dikawon

Raden Antareja : “Cepcepcep, luas nya kansa, teu piraku ari ucing mah atawa maung,
meuren dihakan, ku tega eta jelema naha teu beragama kitu? Da meuren
boga KTP eta nu maehan teh, hayang neleu agama naon eta dina KTP na
teh, lamun dina Islam mah teu nyaho dina hukum kisos, heuh mun urang
maehan batur teh pasti bae aya nu maehan deui, cenah loba jelema nu
kapaehan tuluy teu kapanggih, ceuk saha ceuk saha? Teu kapanggih ku
urang anak incu urang geura bakal kapaehan batur, da teu saeutik jelema
heunte sangka ieu teh budak soleh, budak teh bener bageur tapi naha
bet aya nu maehan, moal lamun dipapay kaditu ka nini akina, bapana
meuren tukang maehan batur. Kade sing ati-ati kanca entong boro
maehan jelema, kapan tina maehan sato oge ai tina ngewa mah ulah, jadi
mamala, heuh leuletikan maehan sireum da dosa. Saha ieu diluhurna
nagara naon? Cing atuh dipitalungti”.

Raden Antareja emut yen dirina teh meunang pancen pikeun milarian rakana

Raden Antareja : “Walah boa boa nya, moal kitu nu diteangan ku aing mah, ah teu
mungkin, tapi kabeh ge sing geblig ieu diluhur, atawa anu maen kaleci
meuren atawa keur gararapleh, tapi ari gapleh mah kartu anu
dibeubetkeunna ge lain nu kieu, gaplehna sigana nu sagede giribig. Cik ku
aing rek dipariksa diluhur aya naon”. (Naek ka luhur lapisan bumi)

Memang diluhurna teh hiji leuweng, anu dina waktos ieu memang aya anu
ngajagana, ari ieu tempat teh kareh kapanas. Anu dirajaan ku Prabu Nalakasura Boma, ai
Prabu Nalaka Suraboma teh raja anu neraskeun mertuana Prabu Nalaksura, kitu
kaayaanana. Ieu para denawa anu nampi pancen pikeun ngajaga bilih aya nu kalana kalunu
ka ieu tempat, api-api bari ngabaladah ieu tempat ceunah dibikeun bikeun dipelakan
atanapi malawija di ieu tempat “Hey dulur, urang ngabukbak ieu tempat sabab urang teu
dibere lahan, tereh pangsiun urang, lima hektar wae mah didieu yeuh, bagi-bagi ku sarerea
urang pelakan naon wae, gera engke mun enggeus pangsiun hayo urang ngabaladah, tapi
ulah ngaganggu ka beulah tongoh. Sok musawarah melak jati, melak kabasiah deui, urang
tumpang saring jeung palawija nu rada deet dialana. (Raden Antareja ngadangu omongan
jelema-jelema didinya)

Wayang patugas bijil

Patugas : “Beunget aing jiga papatong yeuh, jiga papatong beusi, heuh atuda
kumaha bebengeutan kieu geus jadina, hayo lur bawa pacul kadieu urang
ngababad ieu kirinyuh”.
Patugas2 : “Belekuk belekuk belekuk belekuk belekuk belekuk belekuk belekuk
belekuk belekuk belekuk belekuk belekuk belekuk belekuk belekuk
belekuk belekuk”. (Nyangkul)

Patugas : “Ulah urusuhan teuing sia euy”.

Patugas2 : “Ai nyaneh ngeunah euy ngabelekuk dinu tiris, meunang sabaraha
hektar jeung ngababad ayeuna?”.

Patugas : “Urang leuwih kana tilu hektar”.

Patugas2 : “Jatah?”.

Patugas : “Jatah mah kana lima hektar”.

Patugas2 : “Cik urang sahektar ah”.

Patugas : “Arek melak naon?”.

Patugas2 : “Maneh melak naon?”.

Patugas : “Kopi”.

Patugas2 : “Kopi?”.

Patugas : “Heeh”.

Patugas2 : “Maenya kopi dipelakkeun”.

Patugas : “Heeh”.

Patugas2 : “Ah sia nyaho, apan kopi mah na panas osok dipelakna”.

Patugas : “To to eta mah to topi”.

Patugas2 : “Ohh, ai topi mah dimana geuning urang boga duit diinjem ku batur
tuluy eta teh mayar topi”.

Patugas : “Tipu”.

Patugas2 : “Katipu yeuh? Lain beas ditutu kaleutikeun eta teh katipu mah”.

Patugas : “Tipung”.

Patugas2 : “Ai tipung mah eta sangu anu koneng”.

Patugas : “Tumpeng eta mah, naha tipung kana tumpeng siateh”.

Patugas2 : “Ai tumpeng mah dimana urang hees osok di tutumpengan ku


pamajikan”.
Patugas : “Ditumpangan, ditumpangkeun ditumpangan nah siateh”.

Patugas2 : “Ai ditumpang mah lain dikenyot beuheng?”

Patugas : “Dicupang”.

Patugas2 : “Ai cupang mah aya kapal anu muih koleced geuninga”.

Patugas : “Capung eta mah”.

Patugas2 : “Eta teh?”

Patugas : “Heeuh”.

Patugas2 : “Ai capung mah dimana urang rek ngaganjelan ti handap kaluhur gleber
capung”.

Patugas : “Ngapung eta mah belegug”.

Patugas2 : “Oh eta mah”.

Patugas : “Heeh”.

Patugas2 : “Ai ngapung mah ti urang ngabebet dina gawir”.

Patugas : “Ngagebrug eta mah beda jauh ngapung mah da teu ngagebrug”

Bijil deui dua patugas

Patugas4 : (Jojogedan ngadengekeun lagu sunda)

Patugas3 : ”Naon ieu teh? Ohh lagu sunda, cageur maneh”.

Patugas4 : (Sisiulan)

Patugas3 : ”Heuh alhamdulillah, rek kamana ayeuna?”.

Patugas4 : (Sisiulan)

Patugas3 : ”Desa kamana?”.

Patugas4 : (Sisiulan)

Patugas3 : ”Heeeeh nya sukur atuh”.

Patugas2 : ”Ai maneh apal?”.

Patugas3 : ”Heuh nya eta wae meuren di arah-arah”.

Patugas4 : (Sisiulan seuri)


Patugas3 : ”Seuri seuri, alah ari maneh saha ngaranna?”.

Patugas4 : (Ngasiul)

Patugas3 : ”Ari maneh saha ngaranna?”.

Patugas4 : (Ngasiul “uing?”)

Patugas3 : ”Heeh”.

Patugas4 : (Ngasiul)

Patugas3 : ”Saha?”.

Patugas4 : (Ngasiul)

Patugas3 : ”Huut?”.

Patugas4 : (Ngasiul “lain”)

Patugas3 : ”Laiin, Udin?”.

Patugas4 : (Ngasiul “lain”)

Patugas3 : ”Saha tadi teh?”.

Patugas4 : (Ngasiul)

Patugas3 : ”Ukeun?”

Patugas4 : (Ngasiul “lain”)

Patugas3 : ”Dodi?”.

Patugas4 : (Ngasiul “lain”)

Patugas3 : ”Heri?”.

Patugas4 : (Ngasiul “lain”)

Patugas3 : ”Ari Heri mah naon?”

Patugas4 : (Sisiulan)

Patugas3 : ”Nu sok ngaji?”.

Patugas4 : (Sisiulan)

Patugas3 : ”Nu sok pangaosan?”.

Patugas4 : (Sisiulan “Assalamualaikum”)


Patugas3 : ”Assalamualaikum”.

Patugas4 : (Sisiulan “Warahmatullahi wabarakatuh”)

Patugas3 : ”Warahmatullahi wabarakatuh”.

Patugas4 : (Sisiulan “Muhun”)

Patugas3 : ”Tah kitu, ai jadi maneh teh lain Heri?”.

Patugas4 : (Sisiulan “Lain”)

Patugas3 : ”Saha?”.

Patugas4 : (Sisiulan)

Patugas3 : ”Saha?”.

Patugas4 : (Sisiulan)

Patugas3 : ”Heeh goblog tong ngambek atuh”.

Patugas2 : ”Ocid?”.

Patugas4 : (Sisiulan “Lain”)

Patugas2 : ”Saha?”.

Patugas4 : (Sisiulan)

Patugas2 : ”Cing atuh kumaha, sugan aya”.

Patugas4 : (Sisiulan “Begadang jangan begadang)

Patugas3 : ”Lagu begadang jangan begadang, ohh Roma? Ngaran maneh teh
roma?”.

Patugas4 : (Sisiulan “Muhun”)

Patugas3 : ”Heeuh”.

Patugas3 : ”Aruh si goblog Roma ngaranna, urang mana maneh?”.

Patugas4 : (Sisiulan)

Patugas3 : ”Mana?”.

Patugas4 : (Sisiulan)

Patugas3 : ”Ohh, naon tadi teh?”.


Patugas4 : (Sisiulan)

Patugas3 : ”Cianjur?”.

Patugas4 : (Sisiulan “Lain”)

Patugas3 : ”Mana?”.

Patugas4 : (Sisiulan)

Patugas3 : ”Cisewu?”.

Patugas4 : (Sisiulan “Lain”)

Patugas3 : ”Pangalingan?”.

Patugas4 : (Sisiulan “Lain”)

Patugas3 : ”Cibekok?”.

Patugas4 : (Sisiulan “Lain”)

Patugas3 : ”Naon atuh?”.

Patugas4 : (Sisiulan)

Patugas3 : ”Cik cik cik aya laguna teu?”.

Patugas4 : (Sisiulan “Halo halo Bandung”)

Patugas3 : ”Halo halo Ban, ohh urang Bandung”.

Patugas4 : (Sisiulan “Muhun”)

Patugas3 : ”Heeh bener euy, dimana di Bandungna euy?”.

Patugas4 : (Sisiulan)

Patugas3 : ”Heuh?”.

Patugas4 : (Sisiulan)

Patugas3 : ”Oh Ujung Berung?”.

Patugas4 : (Sisiulan “Lain”)

Patugas3 : ”Dayeuh Kolot?”.

Patugas4 : (Sisiulan “Lain”)

Patugas3 : ”Ranca Ekek?”.


Patugas4 : (Sisiulan “Lain”)

Patugas3 : “Banjaran?”.

Patugas4 : (Sisiulan “Lain”)

Patugas3 : “Soreang?”.

Patugas4 : (Sisiulan “Lain”)

Patugas3 : “Ciwideuy?”.

Patugas4 : (Sisiulan “Lain”)

Patugas3 : “Naon atuh ku lagu”.

Patugas4 : (Sisiulan “Majalaya”)

Patugas3 : “Boron penggaring, ohh Majalaya?”.

Patugas4 : (Sisiulan “Muhun”)

Patugas3 : “Heeuh, aduuh ai kahakanan maneh naon?”.

Patugas4 : (Sisiulan)

Patugas3 : “Naon?”.

Patugas4 : (Sisiulan)

Patugas3 : “Kupat tahu?”.

Patugas4 : (Sisiulan “Lain”)

Patugas3 : “Naon tadi teh?”.

Patugas4 : (Sisiulan)

Patugas3 : “Soto?”.

Patugas4 : (Sisiulan “Lain”)

Patugas3 : “Lain, tong ngambek atuh siateh, naon atuh?”.

Patugas4 : (Sisiulan)

Patugas3 : “Bubur ayam?”.

Patugas4 : (Sisiulan “Lain”)

Patugas3 : “Ucing?”.
Patugas4 : (Sisiulan “Hakan wae ku sia”)

Patugas3 : “Hakan wae ku sia, anjing goblog aing ah, naon atuh?”.

Patugas4 : (Sisiulan)

Patugas3 : “Heeh lagukeun sok ayakeun ayeuna”.

Patugas4 : (Sisiulan)

Patugas3 : “Heeh nya naon?”.

Patugas4 : (Sisiulan “Colenak”)

Patugas3 : “Ohh colenak?”.

Patugas4 : (Sisiulan “Muhun”)

Patugas3 : “Heeuh, alah ai resep uhat uhut naon?”.

Patugas4 : (Sisiulan)

Patugas3 : “Manuk?”.

Patugas4 : (Sisiulan)

Patugas3 : “Manuk naon?”.

Patugas4 : (Sisiulan)

Patugas3 : “Hah?”.

Patugas4 : (Sisiulan)

Patugas3 : “Cangkurileung?”.

Patugas4 : (Sisiulan “Lain”)

Patugas3 : “Naon atuh?”.

Patugas4 : (Sisiulan)

Patugas3 : “Ekek?”.

Patugas4 : (Sisiulan “Lain”)

Patugas3 : “Entog?”.

Patugas4 : (Sisiulan)

Patugas3 : “Tikukur?”.
Patugas4 : (Sisiulan “Lain”)

Patugas3 : “Merak?”.

Patugas4 : (Sisiulan “Lain”)

Patugas3 : “Nyirukutut, oh buwek?”.

Patugas4 : (Sisiulan “Muhun”)

Patugas3 : “Heeh anjing sora buwek mah lain kitu anjing”. (Nakol Patugas4)

Datang Patugas5 joged ditabok ku Patugas3

Patugas3 : “Nanaonan atuh?”.

Patugas5 : “Cing aing teh keur joged goblog! Uing hayang ngigel teu di kendangan”.

Patugas2 : “Ihh sia puguh dikendangan ieu teh”.

Patugas5 : “Cing pangbejakeun ieu teh atuh ka ngeunah wae hey hey”.

Patugas2 : “Wey”.

Patugas5 : “Kendangan wey”.

Patugas3 : “Eta sangkilang kana beberebetan teu kadenge hah? Eta kendang teh na
beberebetan”.

Patugas5 : “Tacan dibayar meuren ieu teh tukan kendang teh, tukan kendang dua
sararua bet jempe bejaan”.

Patugas3 : “Bieu teh dikendanga belegug”.

Patugas5 : “Teu hayang aing mah barang bere kanu kitu, cik kendangan woy”.

Patugas5 joged

Patugas5 : “Mun titatadi, tah kieu deuleu duhh, alah bilih cape mah atos ah”. (Bari j
oged)

Patugas5 : “Alah alhamdulillah hebat tukang kendang euy”. (Nakol Patugas3)

Patugas3 : “Teu dikendangan goblog”. (Nakol patugas5)

Patugas5 : “Saha tadi teh tukang kendang teh ngaranna?”.

Patugas3 : “Berlin”.

Patugas5 : “Aduh Udin”.


Patugas3 : “Berlin anjing!”.

Patugas5 : “Urang mana eta teh euy?”.

Patugas3 : “Banjaran”.

Patugas5 : “Aduh jauuh atuuh Garut mah, musingkeun pisan euy”.

Patugas2 : “Jigana mah bese meuren aing ngadenge nu kieu mah yeuh”.

Patugas5 : “Damang?”.

Patugas2 : “Sae”.

Patugas5 : “Uruh tos sabaraha dinten?”.

Patugas2 : “Nya si anjing mah”.

Patugas5 : “Assalamualaikum”.

Patugas2 : “Waalaikumsalam”.

Patugas4 : “Jawab atuh ah, ulah nepi ka mubajir tah”.

Patugas5 : “Agama eta teh, waalaikumsalam kitu sok”.

Patugas2 : “Tadi ge pan kitu, waalaikumsalam”.

Patugas5 : “Wes lain haleluya, waalaikumsalam”.

Patugas2 : “Anjing titatadi ge kitu goblog!”.

Patugas5 : “Jeeh eweh deui agama nu pangalusna iwal ti Islam”.

Patugas2 : “Heeh aing ge nyaho anjing”.

Patugas5 : “Ieuna dina Islam lain dina elp”.

Patugas2 : “Heeh anjing aing ge nyaho! Diuk sia diuk!”. (Nabok)

Patugas5 : “Sukur ari calalager mah”.

Patugas2 : “Sae sadayana oge”.

Patugas5 : “Uruh, sabaraha dinten?”.

Patugas2 : “Diuk goblog”.

Patugas5 : “Bapa maneh? Innalillahi wa innailaihi rajiun, geus sabaraha poe?”.

Patugas2 : “Naon ari sia?”.


Patugas5 : “Uruh tujuh poe, karunya atuh maneh jadi budak yatim meuren”.

Patugas2 : “Teu paeh anjing”.

Patugas5 : “Naon panyawatna?”.

Patugas2 : “Teu paeh!”.

Patugas5 : “Liper!”.

Patugas2 : “Teu paeh anjing!”.

Patugas5 : “Karunya atuh ari kitu teh saeutik saeutik ka rumah dines”.

Patugas2 : “Heh si anjing mah rumah sakit anjing”.

Patugas5 : “Liper nya?”.

Patugas2 : “Teu maot anjing”.

Patugas5 : “Heeh doakeun wae atuh mudah-mudahan tuhangna mah sing ditarima
Iman islamna heeh urang teh milu bela sungkawa”.

Patugas2 : “Teu maot anjing, mani musingkeun sia teh, teu maot”.

Patugas5 : “Uh kawartos atuh panginten tuangiburanaan”.

Patugas2 : “Anjiiing”. (Capeeun)

Patugas2 : “Kabina-bina teuing”. (Ceurik)

Patugas5 : “Keun wae tong dicengceurikan da geus nasib meuren”.

Patugas2 : “Heuh kalah beuki parah anjing”.

Patugas5 : “Doakeun angurantuangrama sing di tempatkeun di tempat anu nikmat


ku Allah”.

Patugas2 : “Anjiiing”.

Patugas5 : “Tah kitu amiin kitu”.

Patugas2 : “Waah beuki parah”. (Nubruk Patugas5)

Patugas5 indit

Patugas2 : “Teu bese aing kitu tilu bulanan jeung nu kitu”.


Denawa denawa saniang panda merbayak, wong tening alas wanawasa

Kabeh Patugas : “Werrrrrr”.

Patugas3 : “Geus meunang sabaraha hektar nya dikumpulkeun mah?”.

Patugas : “Nya ari di itung mah urang aya kana tilu mah urang ngababad kana
taneuh ieu”.

Patugas3 : “Kira-kirana ieu teh rek dipelakan naon ieu teh?”.

Patugas : “Kopi, kadu, nangka, jeruk”.

Patugas4 : “Peutuey nyaa, urang pelakan jarak”.

Patugas3 : “Jarak jauh jarak deuket?”.

Patugas4 : “Jarak tempuh”.

Patugas2 : “Ai uing mah hayang eta euy ah, hayang melak arben”.

Patugas4 : “Stoberi stoberi”.

Patugas2 : “Arben”.

Patugas4 : “Heeuh stoberi”.

Patugas2 : “Arben goblog”.

Patugas4 : “Na ai stoberi jeung arben beda?”.

Patugas2 : “Beda, da ai stoberi mah haseum”.

Patugas4 : “Ai arben?”.

Patugas2 : “Arben mah paragi maca”.

Patugas4 : “Riben eta mah”.

Patugas : “Ah urang mah rek melak eta wae nu terek kaalana melak buncis”.

Patugas3 : “Paria,belut”.

Patugas : “Heeuh pan urang teh ieu teh leumpang pangsiun”.

Patugas3 : “Ulah ulah aya lengkah kapariceun sarerea”.

Patugas : “Ke pan urang pangsiun teh urang teh boga bekel pan dibere ieu teh
pelakan didieu”.

Patugas3 : “Moal jadi kontradisi kadituna?”.


Patugas : “Naon?”.

Patugas3 : “Heuh nang urang sakelompok bae nu dibere teh, kecemburuan sosial”.

Patugas : “Alah da urang mah da pamere”.

Patugas3 : “Heuh kitu hade atuh”.

Patugas : “Kitu ieu”.

Patugas3 : “Kira-kirana urang pangsiun teh taun sabaraha?”.

Patugas : “Nya mudah-mudahan bae”.

Patugas4 : “Ai bejana mah ceunah taun gajah”.

Patugas3 : “Ah jauh-jauh siateh”.

Patugas4 : “Pangsiun?”.

Patugas3 : “Heeuh”.

Patugas4 : “Tong ngarep-ngarep wae atuh da kumaha pamarentah wae urang mah,
nya nu penting mah pengabdiana wae di dunya heula nya”.

Patugas3 : “Heeuh”.

Dalang : “Raden Antareja kalantang kulinting sapertos jalmi anu linglung”.

Patugas3 : “Tingali aya jelema anu kadieu deuleu”.

Patugas : “Mana?”. (Neangan)

Patugas3 : “Tuh”.

Patugas : “Calukan euy kadieu kitu”.

Patugas2 : “Naon?”.

Patugas : “Tuh jelema”.

Patugas2 : “Wahh wey! Dikinten teh teu aya jalmi, kadieu sia!”.

Patugas2 : “Urang mana eta teh”.

Raden Antareja datang ka opat patugas eta

Patugas : “Bagea kisilah?”.

Raden Antareja : “Muhun, hapunten wae ieu teh linglung”.


Patugas : “Linglung?”.

Raden Antareja : “Leres, apruk-aprukan wae kieu”.

Patugas2 : “Naon eta? Alus jaketna euy jiga kulit oray”.

Patugas4 : “Alusnya jaketna jiga kulit roay”.

Patugas2 : “Oray lain roay”.

Patugas4 : “Ari oray mah atuh loba anak”.

Patugas2 : “Reuay”.

Patugas4 : “Reuay mah dimana urang tunduh sok calangap”.

Patugas2 : “Etama heuay, sia teh kabina-bina teuing”.

Patugas4 : “Ai heuay mah dimana buuk geus loba bodas”.

Patugas2 : “Huis, tina heuay kana huis teh jauh siateh”.

Patugas4 : “Ari huis mah dina irung handapeun irung”.

Patugas2 : “Kumis eta mah”.

Patugas3 : “Ai kumis mah geuningan sok didahar”.

Patugas2 : “Eta mah tumis”.

Patugas4 : “Tumis mah dimana urang dedeuieun eta teh tumis pagawean”.

Patugas2 : “Tuman”.

Patugas : “Lain jararauh siateh ngomong teh”.

Patugas : “Saha ngaran teh?”.

Raden Antareja : “Anta”.

Patugas : “Hah?”.

Raden Antareja : “Anta”.

Patugas : “Ohh jang Anta?”.

Raden Antareja : “Leres”.

Patugas : “Heuh euweuh terusna deui? Sugan Anta Sutisna kitu”.

Raden Antareja : “Anta wungkul”.


Patugas : “Urang mana maneh”.

Raden Antareja : “Kulan?”.

Patugas : “Urang mana?”.

Raden Antareja : “Jauh kuring teh ti sebrang, bari meuntas laut, meuntas laut, leuweng
jeung gunung”.

Patugas2 : “Eta teh sarua jeung lagu”.

Patugas2 : “Boga kabogoh jauh meuntas laut leuweng gunung tapi ape teu bisa
cukup halo dina seeng kuring dipangalengan manehna kahalangan ku dua
imah ari apel teu bingung cukup nyorowok dina jandela”. (Nyanyi)

Patugas4 : “Alus kadituna teh ulaah ceurik, eta teh kitu eta teh”.

Patugas2 : “Tuluy ulah ceurik tuluy?”.

Patugas4 : “Ulah ceurik entong ditagih”. (Nyanyi)

Patugas2 : “Goblog”.

Patugas : “Jadi kapidangdung?”.

Raden Antareja : “Leres”.

Patugas : “Hmm”.

Raden Antareja : “Bade tumaros dupi ieu teh, tempat ieu teh kareh ku nagara naon?”.

Patugas : “Ieu?”.

Raden Antareja : “Leres”.

Patugas : “Nagara Trajutisna”.

Raden Antareja : “Nagara Trajutisna?”.

Patugas : “Leres”.

Raden Antareja : “Dupi anu gumanti aji dina Trajutisna teh saha?”.

Patugas : “Sandalendra dijujuluk Prabu Nalaka Suraboma”.

Raden Antareja : “Prabu Nalaka Suraboma?”.

Patugas : “Leres”.

Raden Antareja : “Wah nuhun atuh lah”.


Patugas : “Hah?”.

Raden Antareja : “Nuhun, atuh kaula teh hapunten wae kolot teh”.

Patugas : “Ih teunanaon, bisi rek baranghakan heula moal? Aya tutima”.

Patugas2 : “Apan beak ku uing”.

Patugas : “Euuh siamah karunya”.

Patugas2 : “Beak da tadi ge lebar atuh saeutik deui, disamuakeun ku kuring”.

Patugas4 : “Lamun kitu atuh sesa kuring dibungkusan keneh”.

Patugas2 : “Naon?”.

Patugas4 : “Dina daun kitu bisi rek dahar”.

Patugas2 : “Itu bisi lapareun”.

Patugas4 : “Heuh aya keneh dina bungkus”.

Patugas2 : “Naon?”.

Patugas4 : “Hulu, itu hulu naon anu tadi dihakan teh?”.

Patugas2 : “Manuk? Daging?”.

Patugas4 : “Heeh tulangna wungkul”.

Patugas2 : “Seep da ku maneh”.

Patugas4 : “Heeh bisi lapar lapar teuing mah”.

Patugas : “Maksud urang teh rek kamana atuh?”.

Raden Antareja : “Urang bade neangan gawe”.

Patugas : “Neangan gawe?”.

Raden Antareja : “Leres”.

Patugas : “Ohh”.

Patugas : “Hese nya jaman ayeunamah neangan gawe teh nya jalu”.

Raden Antareja : “Leres”.

Patugas : “Kawas-kawas jelema sakolaan maneh”.


Raden Antareja : “Nyaa ari sakola mah luhur kaula teh, tapi neangan gawe teh hese
kaditu kadieu teh neangan gawe teh kalah aya aksara tiada lowongan”.

Patugas : “Boa maneh mah skripsina meunang meuli meuren, yeuh hayang
meunang gawe mah sing mikir sorangan sing bisa mukakeun lapangan
kerja, mikir naon kumaha carana”.

Raden Antareja : “Rumaos, salajeungna atuh kolot teh bade tumaros”.

Patugas : “Naon?”.

Raden Antareja : “Dupi di ieu tempat teh aya kuburan ta teu aya?”.

Patugas : “Euweuh”.

Raden Antareja : “Tapi naha kaula bes ungas ingus bet bau bangke ieu teh”.

Patugas : “Jehh acung eta teh nu bau bangke teh acung”.

Patugas3 : “Acung dimana-mana aya kahayang ceuk guru teh saha nu hayang
acung eta teh”.

Patugas2 : “Nga eta mah ngacung, lain acung belegug”.

Patugas3 : “Ai ngacung mah nu sok dihandap lilir unggal subuh”.

Patugas2 : “Ngaceng etamah”.

Patugas4 : “Ai ngaceng mah suku sabeulah leumpang”.

Patugas2 : “Pincang”.

Patugas : “Ai sampean ungas ingus naon?”.

Raden Antareja : “Aya bangke didieu, bilih sarampean teu percanten kuurang cokot, gali
di ieu tempat lempengan-lempengannana”.

Patugas : “Wus ulah, teu meunang gula gali didieu teh gas, da kumaha lamun bijil
gas, euweuh euweuh nanaon didieu mah sugan aya”.

Raden Antareja : “Boa bae atuh bangke naon kitu”.

Patugas : “Ulah!”.

Raden Antareja : “Naon sabab ulah? Sabab ulah naon?”. (Ngolotot)

Patugas : “Naon sia ngolotot!”.

Patugas2 : “Weh naha jelema teh ngolotot kawas mampu ngalawan aing sakieu”.
Patugas4 : “Naon buka mata?”.

Patugas2 : “Heeh”.

Patugas4 : “Kadieu ku aing batak ku aing, tuman!”.

Patugas3 : “Ahh sia ku aing diparud sia”.

Raden Antareja : “Aya kasangtu keur kapanyarek dicokot naon sabab? Aing apal di ieu
tempat teh aya bangke anu diteukteukan”.

Patugas : “Hohohohoho”.

Raden Antareja : “Dibejakeun nu teu dibejakeun, ruksak sia ku aing”.

Patugas :“Ooooow, ngadotong rajawisunda sampean? Apakonduan


nimawarangraku, ayo kepung tingker tingker tingker, ulah ngejat ieu
jelema”.

Patugas, Patugas2, jeung Patugas3 indit

Patugas4 : “Lain ieu urang ujug-ujug ngajak pasea bae”.

Raden Antareja : “Lain ngajak pasea, bejakeun kuburan saha yeuh”.

Patugas4 : “Teuing aing ge teu nyaho”.

Raden Antareja : “Teu mungkin, teu mungkin”.

Patugas4 : “Nya lamun kitu carana maksa ka aing sia”. (Ngahajar Raden Antareja)

Raden Antareja : (Ngabalikeun hajaran Patugas4)

Patugas4 : “Anjir anjir”.

Raden Antareja : “Hayu sia”.

Patugas4 : “Euy hebat ieu jelema jebred teh najong ka aing, tukang maen bola
yeuh ieu jelema”.

Raden Antareja : “Heem”.

Patugas4 : (Najong Raden Antareja)

Raden Antareja : (Ngabalikeun tajongan)

Patugas4 : “Nepi ka replek kitu euy”.

Patugas4 : “Wess”. (Ngahajar Raden Antareja)


Raden Antareja : (Ngabalikeun hajaran)

Patugas4 : “Wess, sok sia”. (Ngahajar Raden Antareja)

Raden Antareja : (Ngabalikeun hajaran)

Patugas4 : “Weyy”. (Ngahajar Raden Antareja)

Raden Antareja : “Wiii”. (Nyerang Patugas4)

Patugas4 : (Mableng)

Patugas4 : “Anjir dijeblak aing” (Nangtung)

Patugas4 : “Wahh cilaka bensin aing eweh mangkaning jipo, kamana rag-ragna
yeuh?”. (Neangan)

Raden Antareja : “Naon?”.

Patugas4 : “Jipo eweh”.

Raden Antareja : “Boga kitu?”.

Patugas4 : “Nya eta heunteu”.

Raden Antareja jeung Patugas4 jogol, nu meunang nyaeta Raden Antareja

Patugas4 : “Alaah, Gusti nu Maha Agung, dupi kulon mana nya?”. (Ngagoler)

Raden Antareja : “Lieur mere sia nya?”.

Patugas4 : “Aduh itu kica-kica wayah kieu”.

Raden Antareja : “Sing barurinyay panonna meuren”.

Patugas4 : “Gusti nu Maha Agung, boa aing teh erek paeh tea ieu teh”.

Raden Antareja : “Hiji sia tah, sok lah”.

Raden Antareja ngadatangan Patugas3 teras jogol teras meunang Raden Antareja

Raden Antareja ngadatangan Patugas2 teras jogol

Patugas2 : “Kuatan yeu budak, hebat eta lamun eleh jaketna rek dicokot ku aing”.

Raden Antareja : “Lain jaket sia kejul”.

Patugas2 : “Naon?”.

Raden Antareja : “Kulit aing”.


Patugas2 : “Ah teu mungkin, pasti ieu tina oray sanca yeuh, weeey”. (Ngahajar
Raden Antareja)

Raden Antareja : (Nyiduhan bisa kana beunget Patugas2)

Patugas2 : “Waaa”. (Ngagoler jeung matana teu bisa nempo)

Raden Antareja : “Rasaan ludah aing sia”.

Patugas2 : “Walah haduh mata aing teu neleu, walah duluh walah”. (Ngagoler)

Patugas datang

Patugas : “Kunaon yeuh?”.

Patugas2 : “Mata aing merem”.

Patugas : “Ieu teh kumaha?”.

Raden Antareja : (Nyiduhan bisa kana beungeut Patugas)

Patugas : “Alaah”. (Ngagoler)

Raden Antareja : “Sia”.

Patugas : “Waduuh”.

Raden Antareja : “Kurang ajar, aing nu menta aya katerangan aya mayit didieu teh,
dijawab heunteu, nyebutkeun heunteu, aya patalina nyaho”.

Patugas : “Ampun lah, neleu kana angen hayang utah”.

Patugas2 : “Aruh aing teu boga hanjakal”.

Patugas : “Ampun manusaa”.

Raden Antareja : “Hudang, lain manusa aing mah, deuleu oray”.

Patugas : “Ah ampun, teu nempo naon poek ieu”.

Raden Antareja : “Urah aing”.

Patugas : “Nyekcek jeung pahang deuih”.

Raden Antareja : “Heeh wajahna, sok bejakeun heug ku aing dibejakeun hayang salamet
mah, sok bejakeun hayang salamet mah, tapi sabalikna hayang cilaka,
hayang paeh teunanaon!”.

Patugas : “Haruuh, nya bener memang ieu teh rahasia”.


Raden Antareja : “Sok bejakeun bejakeun bejakeun, bejakeun”.

Patugas : “Tapi kaulana cagerkeun heula”.

Raden Antareja : “Cageur”. (Nyagerkeun mata Patugas jeung Patugas2)

Patugas : “Teu eling ning, bakating ku nyeuri da heeh atu seeuh”.

Raden Antareja : “Ngejat lumpat diudag ku aing”.

Patugas : “Haduh ampun sarden”.

Raden Antareja : “Naon sarden?”.

Patugas : “Heuh da di kaula mah nyebut kanu kieu teh sarden”.

Raden Antareja : “Teu make cis”.

Patugas : “Heunteu eta mah, saha salira?”.

Raden Antareja : “Antareja aing, kuburan saha didieu?”.

Patugas : “Nya kuburan jelema sabenernamah”.

Raden Antareja : “Jama?”.

Patugas : “Leres”.

Raden Antareja : “Sababna eta layon diteuk-teukan naon?”.

Patugas : “Alah ngadangu uninga ti mana salira”.

Raden Antareja : “Apal aing”.

Patugas : “Alaah cilaka duhh”.

Raden Antareja : “Dibejakeun nuhun teu dibejakeun lepas nyawa sia ku aing”.

Patugas : “Kalalabur, batur batur kaula”.

Raden Antareja : “Sok bejakeun”.

Patugas : “Asal kaula salametkeun wae”.

Raden Antareja : “Heeuh”.

Patugas : “Kalayan ulah aya ngalibatkeun kaula”.

Raden Antareja : “Moal sok”.

Patugas : “Saleresna mah eta teh memang jalmi kenging nekteukan”.


Raden Antareja : “Saha?”

Patugas : “Adeeeh”.

Raden Antareja : “Saha?!”.

Patugas : “Hapunten teuing ieu aya peujit nongol”.

Raden Antareja : “Atuh paeh aya peujit nongol mah sok cabak”.

Patugas : “Tapi naha geuning beye?” (Nyabak)

Patugas : “Kakasihna, ieu anu diruang dieu Samba Purwaga”.

Raden Antareja : “Ieut”. (Ngejat)

Raden Antareja : “Saha?”.

Patugas : “Raden Samba”.

Raden Antareja : “Kakang Samba?!”.

Patugas : “Muhun”.

Raden Antareja : “Samba Purwa Ganda?”

Patugas : “Leres.”

Raden Antareja : “Eta teh jalma timana Samba Purwa Ganda teh?”

Patugas : “Putrana Gusti Batara Kresna”

Raden Antareja : “Euleuhleuhleuh waa tum bhahaha.”

Patugas : “Kunaon aden?”

Raden Antareja : “Lanceuk aing eta teh kunyuk.”

Patugas : “Euleuh euleuh adi na deuleu.”

Raden Antareja : “Kusaha ditandasanna?”

Patugas : “Hah?”

Raden Antareja : “Ditandasanna kusaha?”

Patugas : “Ku rayi na.”

Raden Antareja : “Ku rayi na, saha?”

Patugas : “Nyaeta Gusti Prabu Nalaka Suraboma.”


Raden Antareja : “Hmm… Hey ek kamana?”

Patugas : ”Ieu ningali ieu, aduh bodo rek luncat aing mah duh. Euh tiasa abdi
hoyong kiih heula kadia ka walungan.”

Raden Antareja : “Didinya we kiih mah!”

Patugas : “Eh.”

Raden Antareja : “Didinya!”

Patugas : “Wuiss wuiss wuiss(patugas kiih). Alah jadi kareunang kieu aing mah
lah.”

Raden Antareja : “Kakang Samba ku Prabu Nalaka Suraboma?”

Patugas : “Leres kaula teh piwarang ngajaga dipasihan lahan didieu.”

Raden Antareja : “Nalaka Suraboma teh?”

Patugas : “Eta teh minantu na raja, ai raja na mah Prabu Nalaka Sura mung
parantos seren sumeren karajaan teh ka mantu na.”

Raden Antareja : “Kasaha?”

Patugas : “Nyaeta sateuacanna jadi raja mah kakasih na teh Raden Sutija.”

Raden Antareja : “Sutija? Waduh ckckck. Komo kadeungeun-deungeun. Naon alesanna?”

Patugas : “Hah?”

Raden Antareja : “Sugan nyaho maneh?”

Patugas : “Naon?”

Raden Antareja : “Alesanana para ditandasan.”

Patugas : “Kieu riwayat na mah tapi Aden punten.”

Raden Antareja : “Sok sok.”

Patugas : “Ari Gusti Batara Kresna teh kagungan putra nyaeta Raden Samba ti
Dewi Na. . . Dewi . . . Eeeuuuu . . . Setia Boma.”

Raden Antareja : “Setia Boma?”

Patugas : “Leres.”

Raden Antareja : “Tuluy?”


Patugas : “Ai raja ieu nagara trasutisna teh kagungan putra istri geulis mung Rama
na teh teureuh denawa ai putrina mah geulis.”

Raden Antareja : “Dewi Setia Wati, Dewi Tisna Wati. Hmm...hmm…hmm. Tuluy?”

Patugas : “Nya ngalamar ieu Ramana ieu putri teh ka itu deudeuheus ka Gusti
Batara kulantaran putri na teh bogoheun ka Raden Samba, nag\nging
sumpin ka nagara duati atoheun aya Gusti Batara aya kagungan besan
ngan naroskeun ka putrana nyaeta ka Samba cenah Samba daek maneh
dikawinken ka putri raja nagara trajutisna, ari Raden Samba teh
nyengseurikeun dumeh ningali pimitohaeun teh Buta, komo cenah
meureun anakna bapana buta alim cenah ama ah, isin panginten Gusti
Batara teh ku pibesaneun. Dicarekan laklakan Samba teh diusir carita n
amah, wukk ku Gusti Batara.”

Raden Antareja : “Mmm. . . Tuluy?”

Patugas : “Nya kulantaran isin, kagungan putra we hiji deui tinunganom.”

Raden Antareja : “Ti Saha?”

Patugas : “Ti Ibu Pertiwi nyaeta Raden Sutija.”

Raden Antareja : “Dihaturanan linggih Raden Sutija teh ku Rama na kku Gusti Batara,
kasep cenah maneh rek dikawinkeun daek teu tah ka putri nagara
trajutisna, nyanggakeun cenah kumaha ama wae sakira-kira
kumajeungeun mah, kitu. Diasongkeun teh puguh we batu turun keusik
naek itu purun ieu daek. Tikahkeun we gancangna carita.”

Raden Antareja : “Hmm…”

Patugas : “Lami teu lami sarengse na di tikahkeun teh nya, Raden Sutija teh di
serenan karajaan ku Gusti mertuana. Tuluykeun ieu karajaan ama jadi we
Raja, gentos namina jadi Prabu Nalaka Suraboma.”

Raden Antareja : “Tuluy?”

Patugas : “Na atuh ari garwana tos kakandungan tujuh sasih sumping we.”

Raden Antareja : “Saha teh?”

Patugas : “Samba Purwa Ganda teh.”

Raden Antareja : “Ka?”


Patugas : “Ka karaton nagara Trajutisna cenah mah silaturahim haying panggih
boga adi geus kawin oge jadi raja. Nya atuh ditampi ku rayina teh di
gabrug maklum ka baraya meureun ka dulur. Pada-pada nagrakeun rasa
kasono mana cenah tuang garwa teh ayi saur Samba teh. Sumping teh
Dewi Tisna Wati geulis ka wanti-wanti ngajenghok Raden Samba teh
kaduhung ditampi geuning geulis. Tah kitu cenah Ayi sabenerna ieu tuang
garwa teh saleresna mah rek dikawin ku akang tadina oge wayahna we
rek dipenta tuang garwa teh.”

Raden Antareja : “Saur saha teh?”

Patugas : “Saur Raden Samba.”

Raden Antareja : “Pantes atuh.”

Patugas : “Eta pamajikan batur dipenta kawas kana kurupuk we.”

Raden Antareja : “Kumaha atuh?”

Patugas : “Atuh rek Dewi Tisna Wati na teh alim cenah da tos gaduh salaki ayeuna
mah maksa.”

Raden Antareja : “Saha teh?”

Patugas : “Raden Samba teh gorrr bae carita na teh gelut galungan sareng rayina
Raden Sutija, nya eleh.”

Raden Antareja : “Saha teh?”

Patugas : “Raden Samba kulantaran keuheul panginten dicacag jadi ruang didieu
kitu riwayatna mah.”

Raden Antareja : “Waaa wa Batara nyanggakeun sadaya-daya eta mun urang mah
laporan atuh ka kanjeng boh ka rawa wa Batara.”

Patugas : “Numawi nafsu atuh da panginten.”

Raden Antareja : “Geus, sakitu we nya kaula rek indit.”

Patugas : “Iiii ai kaula kumaha ieu teh.”

Raden Antareja : “Cageur sia, siiiuuuhhhh amit amit.”

Patugas : “Tuh jadi we aing keueungeun didieu, ai kaula bebas?”

Raden Antareja : “Bebas, moal aya nanaon tenang aing ek balik.”


Patugas : “Mangga atuh lujeng sawios wangsul.”

Raden Antareja : “Indit!”

Patugas : “Euu lah duh.”

Raden Antareja : “Bungkus kunaon ieu layon nya? Ku daun cau heula sugan nya. Wa wa
Batara ieu layon tuang putra anu teu aya teh lami, geuning parantos jadi
layon nyanggakeun bobot panglayon ti mang trajo nyanggap enteng
salira ti uwa bade dibantun ka nagara duarawati.”

Patugas2 : “Wah cilaka deuleu moal tulus aing ngebon teh didieu. Wah cilaka
deuleu geus kieu mah nya alah ampun gusti bade nguningakeun aya
kajadian anu aneh. Ihihhh eta aing mah jebrod teh nyiduhan nepika teu
elingna amit-amit. Ihhhh luar biasa kajadian.”

Panglus lampah kitu raden antareja nyandak layon rakana nyaeta raden samba
purwa Ganda,dihaturkeun ka sang nalendra prabu batara Kresna,atuh kaayaan di karaton
Nagara dwarawati,sang nalendra oge garwana nyaeta ibuna samba ngalepek emut ti Bumi
alam ningali layoning kang putra.Sang nalendra prabu batara Kresna kasedek Wingkang
garwa yen sutija kedah nampi hukuman anu saberat beratna, bingung nu Teu manggih
tungtung susah manah nu taya sudana,atuh panginten jadi korban dua Putra,sing upami,ieu
sutija nampi hukuman mati kitu kaayaanana.Memang kitu priba Dina ,saha nu teu nyangka
putrana nanging da puguh batara ongkoh raja ongkoh, Sasak di percanten jadi pengaman
dunya,atuh kukituna lajeung panustrunganana Kresna nyandak hukum ka batara sareng ka
karajaan,nyaeta nu di sebat hukum adil Pikeun oge nembongkeun kaadilan ka hambarayat
masyarakat dunya,yen sanajan Bari ka putra tetetkedah nampi hukuman mati puguh ieu teh
hutang pati dibayar pati Ari kresna teh hiji raja bari batara,kagungan raja raja tatangga oge
tantara sekutu ti Tiap tiap nagara,atuh lajeung bae batara kresna mercayakeun margi ieu
raja prabu Nalaka sura boma nyaeta raden sutija yen jalma sakti mandraguna,lamun paeh
kanaTaneuh bakal hirup deui,teu aya deui anu bakal ngajalankeun tindakan hukuman mati
Lintang ti raden Gatotkaca.Mrgi rada oge sieuneun ari ku Gatotkaca mah margi ka
Kapengker kapenger parantos aya kajadian dina mangasa rebutan benteng kikis Yen sutija
parantos jadi pacundang kuraden Gatotkaca,atuh kukituna raden gatotkaca Nampi pancen
ti batara kresna,kalayan aya widi di prabu yudistira,lajeung mepeg Balad angkatan darat
anu di wangun ku raden antareja saparakanca pikasatriaan silara Deno,angkatan laut
jayakatawang,angkatan udara ti pasukan garuda ngapak melajang Tengah,nyaeta
ngarekngeung balak nyatamat pinang,nyerang ka nagara trajutisna Margi nalaka suraboma
bakal ngayakeun parlawanan teu nampi ieu kana hukuman Kukitina raden Gatotkaca
mundut restu heula ka semar badranaya bari sakantengan Ngalangkung lumampah ngeper
soteh merak ngibing sososderan dina gendingainpun Solontong
Gatotkaca :Wa sampurasun,kawula gatotkaca ngadewongkeun restu hidep sabab
tos luhurPangalaman

---------GATOTKACA NGIBING-------

Semar : ulan aya pikersaeun naon raden

Gatotkaca : kakang sutija teu narima hukuman mati

Semar : oh kitu kulan aden salajengna

Gatotkaca : nuhunkeun perang ka batara,kawula nu nampi pancen kudu


ngalaksanakeun kawajiban dina waktu hukuman mati,kakang sutija alias
prabu nalaka suraboma didinyana geus nyiapkeun pasukan angkatan
darat laut udara dina harti ngajak perang Gatotkaca hancur lebur
papankuris tibahayalan,pikeun nangtukeun bener jeung Adil,hebat wa
batara salajeung kaputra tapi yakin ngiring bela sugkawa pribadina Mah
tangtosna dua putra bakal parlaya wa semar badranaya sampurasun wa

kacarios ngempuying di sisi gunung semar badranaya astrajingga dawala nuju sempah
kapiguyup

Semar :jang?

Alok : kulan

Semar : ambuing ambuing

Alok : ambuing kumaha wa?

Semar : heueuh keur mah awak uwa teh alergi ku tiis

Alok : hahaha leres ku tiis aduh pastina pisan

Semar : hmm halodo deuleu jang

Alok : rupina wa halodo

Semar : cekekeh ka tikoro

Alok : pantes tina panas ka tiis wa

Semar :hahahha

Alok : haturan wa

Semar : ha?

Alok : haturan
Semar : heug nuhun ujang

Alok : wa damnag kulan

Semar : uwa?

Alok : muhun

Semar : meujeuh ucu

Alok : nuhun ari sehat mah wa

Semar : heueuh ta kitu ari nagaran ngaran meujeuh mah cu kadang kadang wae

Alok : kadang teh sehat kadang teu damang nya wa

Semar : da didunya da geus rasiko pasang surut teh aya wae

Alok :ih da papasangan atuh wa

Semar : cageur, gering,bungah,seurui,ceurik eta teh geus mangrupa romantika


kahirupan nya Ucu

Alok : aih atuh kanten wa

Semar : hahahaha,uwa dina wengi ieu ucu kapetok

Alok : heudeuh naha wa?

Semar : kedah ngagejrag di lapang bola pangalengan

Alok : sumuhun

Semar : dina raraga mieling hari ulang taun republik Indonesia nu ka 62

Alok : sumuhun

Semar : dirgahayu Indonesia ,moga moal beunang di jajah deui

Alok : ulah ulah ka sorang deui dijajah teh wa

Semar :heeuh da kabayarkeun sangsara jeung balansakna kolot kolot urang


baheula

Alok : enya atuh kantenan

Semar : usaha teu lancar

Alok : teu lancar,sagenahna ge dijajah wa

Semar :Cu?
Alok : kulan?

Semar : kunaon? Heuh da pan hikmah na mah pan ayeuna ujang

Alok :hih leres

Semar : moal bisa riung mumpulung kieu jeung ssarerea nya cu? Tanpa merdeka

Alok : tanpa merdeka

Semar : numawi daek di sukurkeun kumaha?

Alok :ih atuh kantenan wa

Semar : urang ngadu’a heula ka para karuhun anu parantos gugur di medan
tempur perlaya

Di medan danalaga,nu tos pati di medan jurit

Alok : sae atuh wa

Semar : anu kiwari parantos aya alam barzah mugia aranjeuna sing ditetepkeun
dina tempat anu nikmat dimungguh Allah nya cu?

Alok : Amin

Semar : atuh ayeuna seuwe siwi anu ngeusian kemerdekaan muga nilai nilai
juang ajen juang Dina dadana ngagedur deui nya ujang

Alok : tah

Semar : nayeta ngabuktikeun ngagedurna pejuang kemerdekaan teh dina karya


nyata dina Karya nu terbunyi

Alok : eta wa teu aya sanes

Semar : ku getolna kakebon,ku getolna usaha disiplin hirup mayar pajek,heh da


pejuang mah Lain manggul bedil wungkul

Alok : sanes ari dalam merdeka mah

Semar : ku daek bebersih na,boh di buruan boh dimana mana nya cu?

Alok : sumuhun wa

Semar : oge dina mangsa merdeka kiwari hayu urang sabeungkeutan ujang?

Alok : oh sae mangga wa


Semar : hirup ulah rek pakirang kirang tampian awur urang paheuyeuk eyeuk
leungeun pa Antai antai tangan antara urang jeung urang

Alok : urang gotong royong deui

Semar : kooh keun persatuan jeung kesatuan bangsa dina ieu nagara supaya
nagara kuat

Alok : kuat

Semar : sabab naon sapu oge pan leupas tina sabeungkeutan mah pa
buringcay,numawi teu weleh wae kumajak uwa kasadayana warga
nagara anu ngabogaan rasa tanggung Jawab pikeun ngaronjatkeun
bangsa diri jeung nagara

Alok : leres

Semar : kuamaha bae carana sangkan mulus rahayu gembleng katut


salamet,gumantung kana Pikiran sewang sewang tapi saarah jeung
satujuan

Alok : satujuan jdai wae manunggal

Semar : nyaeta urang sererea anu ngabogaan nagara anu sakieu ngarengheng
na cu?

Alok : ih jantenan

Semar : ngarengheng ku dedengean

Alok : ta eta

Semar :heh?

Alok : keur mejeuhna pajeujeutna ieu wa

Semar : pajeujeut ku deuedeuleuan,rupa rupa kajadian komo ai ngadenge dina


tv mah boh berita boh radio teketek bengek ku buhante ujang?

Alok : Ih mani matak karareueung wa

Semar : tensi kriminalitas ai na ngronjat

Alok : ngaronjat wa geuning

Semar : heh akibat tina naon eta teh sawatara,nyaeta budaya budaya urang
geus ampir di euweuhkeun ujang?

Alok : geus cul dog dog tinggal igel


Semar : ari budaya teh lain wayang golek wungkul

Alok : lain calung lain reog

Semar : ari budaya teh nyaeta hiji bahasana urang teh ngabogaan basa atuh
ulah diruksak Katiluna urang teh nyaeta ngabogaan aksara sunda basa
sunda ulah gengsi dana ngomong basa sunda

Alok : ciri khas masing masing wa

Semar : globalna ceunah geuningan dina basa Al-qur’an lamun urang ngagaleuh
atawa ngarobah Qur’an teh dosa kabina bina atuh da basa sorangan mah
ari diruksak mah dosa

Alok : dosa

Semar :sabab eta teh budaya pang kolotna bahasa teh,nuawi martabat tina
bangsa bisa diukur tina bahasa jeung budayana

Alok : leres

Semar : mun budaya geus awut awutan pan ruksak bangsana

Alok : ih atuh kantenan

Semar : sedeungkeun budaya teh aya patalina jeung peradaban

Alok : peradaban

Semar : be ieu tikoro mani hese

Alok : aduh tangtos atuh wa heh tina panas kana tiis

Semar : cing atuh pang nyieun keun ci panas

Alok : pang ngadamelkeun ci panas kulan

Semar : tikoro asa di tengkek,kahandap monoyot

Alok : monoyot

Semar :heueuh ,kieu ari geus kolot ngawayang teh cu

Alok : tah kitu atuh wa sabar we, kaseueur nu karaos sepuh mah

Semar : numawi dina wengi ieu teh wa cu?

Alok : naon tea wa?

Semar : heh da puguhngejatkeun pangalengan teh asa kagagas


Alok : kagagas kumaha atuh wa?

Semar : di tinggalkeun ku lanceuk nu di pikacinta,bapa pangersa almarhum bapa


H.Ade kosasih

Alok : nya eta mani asa nu gencang hirup teh wa

Semar : ieu kumpul para putra putu buyutna

Alok : buyut

Semar : heh sarua wae anak incu buyut dewek,uwa teh heh ieu teh asa
kapengkak hate Kagagas ujang,jadi nu pangkolotna di giriharja teh dewek
ayeunamah

Alok : ayeuna mah janten digentos ku akang

Semar : anak panengah dewek cu

Alok : sumuhun

Semar : ayeuna mah jadi anak cikal dewek teh nya,lanceuk 6 adi 6,dewek teh
anak panengah

Alok : hahahaha

Semar : ambuing ambuing ucu heueuh da nya kitu tea ari didiunya mah jang?

Alok : sumuhun

Semar : naon anu rek dipika sombong,naon nu rek diaku

Alok : teu aya

Semar : euweuh akueun geuning cu,harta banda,pangkat

Alok : pangkat kadudukan

Semar : hah,pangarti nu jadi ciri kagagahan anu rongkah angkatan anu di


piwegah heh helas elas eta teh faedah na lamu hirup tanpa kaimanan
jeung kataqwaan kanu kawasa nya

Alok : sumuhun

Semar : hahahah,sajabina tadi uwa tepang anak incu buyut teh cu

Alok : leres muhun

Semar : sareng wargi wargi di pangalengan euleuh,bapa H.M.Dadan Supriyatna


eta direktur Eta teh ti BCM
Alok : sumuhun

Semar : Berlian Cipta Mandiri,di ieu tempat teh nyaeta pokalna PT.MAGMA
NUSANTARA STAR ENERGY

Alok : leres

Semar : anu di sesepuhan ku para tokoh.Bapa supram,bapa sanusi satar,Bapa


Frengki,Bapa Heri,Bapa Agus tiamsyah,Pa Ade kartinin,sareng teh Een
aya?

Alok : aya

Semar : heueuh ngirim eteh ka uwa,nihin ucu kagags deui kaki besan ieu
pangersa almarhum H.Mulya

Alok : H.Mulya kulan

Semar : tapi ayeuna kagenti ieu ucu buga incu geus boga Haji,jadi Kyai Haji,juara
basa di TPI nya cu

Alok : Sumuhun

Semar : eleh keneh dewek dakwahna

Alok : hahahah,leres kulan kajeuna mah ti kelas tilu kuduna ge wa

Semar : heueuh tah kitu teh ucu,asa kagagas na teh heueuh

Alok : kumaha wa?

Semar : geuning silih beganti

Alok : ih saling berganti wa

Semar : kawit aki dewek baheula abah Juhari almarhum,

Alok : sumuhun

Semar : teras,dalang sunarya almarhum,bapak Lilik almarhum lanceuk Ade


kosasih Almarhum,sakeudeung deui maneh ge sep,moal lila jang,wayahna
bae cu

Alok : ari uwa so ngaleutikan hate

Semar : hah lain ngaleutikan hate da puguh geus loba nu geus ngajemput

Alok : kawas nu ngajuru kadunungan urang wa can boga korsi


Semar : geus loba ngajemput pa Asep ge cu,daintarana juragan
kolesterol,juragan rematik Asam urat,ngajemput eta teh cu

Alok : tos di jemput

Semar : pek teh teuing bawa deui kaditu ah

Alok : juragan burut

Semar : hahahaha,tah eta cu puguh da aing teh burut goblok

Alok : apn nu burut mah tukang genjreng

Semar : cep na nuhunkeun ka bapa camat biwah stafna

Alok : sumuhun

Semar : bapa dan rami,bapa kapolsek nya cu

Alok : sumuhun

Semar : bapa ibu kapala desa miwah staf na bapa rt,bapa rw oge masyarakat
pangalenganan Jeung sabudeurunana

Alok : ih tenang wae

Semar : upami aya pangrojong anjeuna piraku kudu ngawujud hiburan nya jang?

Alok : ih kantenan

Semar : ieu kadeudeuh ti PT MAGMA NUSANTARA STAR ENERGY, urang


sukurkeun Mudah mudahan eta PT tehsig langkung ngajeung

Alok : amiin

Semar : kapetik hasil kaala buahna nya cu

Alok : amiin

Semar : jang?

Alok : ulaaan

Semar : kacekek ieu tikoro deuh

Alok : atuh eta cipanas na

Semar : tah kitu jang

Alok : leres
Semar : kahijina mah,kaduana nyeta mapak sasih siam nya ujang heh ieu sasih
pinuh barokah Pinuh ku ampunan,mun seug urang daek ampun mah

Alok : pinuh ku pangampura

Semar : tah kit jang,asa tereh ti bulan ka bulan teh

Alok : leres

Semar : balik deui kanu tadi jang,heh ngaran ngaran jelema hirup dalam dunya
kabeh oge Bakal keuna ku mati nya cu

Alok : muhun

Semar : moal aya nu langgeng kukituna hampura bae pan dina nagara di
pawayangan teu Tebih ka nu utami

Alok : sae muhun

Semar : pan tadi oge teu bodo bodo acan urang mah heueuh

Alok : da teu gaduh naon naon

Semar : nyanggakeun sabrang salayar,lebet ka cabe mah hanteu nyanggakeun


tah mih lumayan da sae mah henteu,etang etang ku nu sonten ge kala
muncu,urang gogoyakan Ulah so teh jadi gegeyekan,awur sing jadi ajakan
demi ngahijina antara persatuan Jeung kasatuan di nagara nya cu

Alok : amiin amiin

Semar : jang?

Alok : ulan?

Semar : di pangalengan teh erek pesta demokrasi nya

Alok : sumuhun da pilihan

Semar : pilkades teh di do’akeun nya cu

Semar : geura dalalptar ti ayeuna

Alok : sumuhun sok,nu meunang mah saha wae wa

Semar : sing marareunang kabeh bae sing marareunang

Alok : moal ari kabeh mah wa teh

Semar : ih ari do’a uwa mah do’a agama,meunang wae kabeh nyaeta meunang
rido Allah
Alok : amiin amiiin

Semar : ari ngaran ngaran meunang rido Allah mah meureun anu meunang moal
nepak dada

Alok : moal

Semar : anu eleh lapang dada,dempkrasi eta teh

Alok : sumuhun

Semar : kitu moal aya nepi ka dendam,ngewa jeung sajabana da kitu mun tiap
tiap rek nyalon

Keun,geus siap eleh jeung siap meunang,tah kitu nya cu

Alok : sumuhun wa

Semar : ciptakeun masyarakat nu kondusif ,anu aman,silih asah silih asuh tea,tah
mun aya nu Meunang tuluy nu eleh teh sumping kanu meunang selamat
anda memenangkan pilihan lurah

Alok : leres

Semar : saya akan mendukung dari belakang, kitu nu eleh,itulah demokrasi,ieu


mah lain ka Nu meunang baeud

Alok : baeud ulah

Semar : haaah goreng hate

Alok : nu eleh baruang

Semar : nu meunang nu puas lain kitu,demokrasi mah nya cu

Alok : sumuhun

Semar : heueuh ka akang lain kitu nya jang,bari uwa menta lagu cu,pamunut lagu
yeuh ti

Ujang cmr

Alok : CMR

Semar : kembang boled,dihaturkeun ka manajer magma sareng para


pemuda,pemuda pale ieu Teh,wiujeng nonton saur pa H.Ajang CMR,ieu
mah ti perorangan panitia mundut ti Kawih tembang,wangsit
siliwangi,dihaturkeun ka bapa dan rami sareng rengrenganan
Sadayana,oge lagu wangsit siliwangi ti rekan rekan PKKNPI Pangalengan
Alok : pkknpi?

Semar : heueuh di kintun keun ka pimpinan star energy Pa Agus,Pa Noval,Pa


Budi,oge ka Warga masyarakat sabudeureun,oge ka pa Haji Dadang S
ketua KNPI Kabupaten Bandung

Alok : leres wa lurah tegal luar pa dadang kadieu

Semar : Kadieu kitu?

Alok : kadieu atuh

Semar : heueuh nuhun ka pa dadang

Alok : pa haji yoyo kadieu

Semar : pa dadan sundara

Alok : leres

Semar : atuh pa haji yoyok kadieu

Alok : kadieu

Semar : ambuing ambuing nuhun

Alok : kintun rokok

Semar : hah?,ieu titipan deuleu aya

Alok : ti saha?

Semar : ti sri mukti group nyaeta ti pa haji tea,pa haji undang,pa haji nanang,pa
haji wawan Kararempel sadayana nuhun cu lah

Alok : eta dalang kurnia kadieu

Semar : bapa dalang arwan kurnia urang selawi ci sewu?

Alok : muhun

Semar : kadieu?, sukur atuhsok ka jajang sing maju da ari uwa mah waaahhh
geus sakieu Awak teh geus aya nu ngajemput,geus haroream,ngawayang
teh cu dina duit teh cu

Ari leutik mah

Alok : cokotan wae nu 50 kaluhur

Semar : geus boga turunan pan si dadan,atuh Haji Ade kosasih,deden


Alok : kabarudakkeun nu 30 mah

Semar : malahan incu geus bisa ngadalang

Alok : Geus palalinteranu 1 juta 200 ka si maya keun

Semar : eta incu dewek ari haji ari,anu H.petekel alus ngajina euy.cu?

Alok : ulan?

Semar : heh dapuguh ieu teh dina raraga mieling kemrdekaan nya cu

Alok : sumuhun

Semar : pan warga masyarakat siliwangi teh jawa barat,motona silih asah silih
asih silih asuh Tea cu?,ieu ka mundut lagu ti sadayana kabehkeun wae
dina wangsit siliwangi

----------SINDEN NEMBANG---------

Cepot : heeepppp,lain megat kana kanikmatan ka dedi,sakira kira teu ridomah


cicing

Alok : naha teu rido?

Cepot : ari sia kabina bina teuing ari nuntun teh,ieu mah lain wangsit
siliwangi,ieu mah Wangsit silih ledek,eta teh basa sunda wangsit siliwangi

Alok : Ari wangsit?

Cepot : ceuk basa arab mah alhamdullilah

Alok : oh eta teh

Cepot : sadayana puji geura sok da euweuh hinaeun di dunya ieu teh

Alok : nya memang

Cepot : pujieun saling pajukeun saling hormat hirup teh eta eta keneh barang na
mah,pikir Ku sia,ta eta teh kauurus alam teh ku cara kitu

Alok : ku silih puji?

Cepot : silih puji,silih hormat puji qodim ala qodim,puji qodim ala hadis,puji
hadis ala Qodim,puji hadis ala hadis,puji tiheula kanu tiheula,tiheula kanu
pandeuri,ti pandeuri Ka tiheula,ti pandeuri ka pandeuri ku rohman
rohimna ku welas asihna,naha sia teh

Alok : nya kudu kitu ari urang sunda mah


Cepot : kabina bina teuing, ari barang na mah eta eta keneh ngan bahasa na nu
beda,nay ulah Terkontaminasi ku bahasa

Alok : Naha da teu kapangaruhan ku nu bahasa

Cepot : da gula mah eta keneh ceuk urang inggris amis teh anu ceuk urang irian
anu ceuk Urang mah amis eta keneh barang na mah

Alok : ngan beda ngaran wungkul

Cepot : urang inggris ari ngajakan gula ku ceuli da henteu

Alok : da anggeur ku biwir

Cepot : anggeur wae da amis nya

Alok : bener

Cepot : heueuh da basa nu beda beda

Alok : basa wungkul nu beda

Cepot : da ilmiah kudunamah, model timah dialungkeun ka balong kecempluung


ceuk urang Sunda kecemplung so teh

Alok : Ceuk urang inggris mah da lain

Cepot : ari inggris mah kecemplung boh jewewer,tapi anggeur ari timah mah di
alungkeun kanu cai ge kitu keneh eta barang na mah,bray bae panon poe
ti beulah wetan ceuk urang sunda mah ,tapi da panon poe namah teu
nyebutkeun bray

Alok : nya henteu

Cepot : tah didieu bisa misahkeun ilmiah,bahasa tapi bray na ku panon poe
belah wetan bangsat ,garong ,tukang lacur nu iman panon poeteh
embung nyaangan bangsat adil weh ,sugan ustad wungkul weh nu
dicaangan ku panon poee teh henteu,adil deleu,jemg eweuh nu nundutan
deih

Alok : teu aya kitu kang

Cepot :nu sarujud ka allah deleu tuh ,rohman ,rohim,jabar,kohar,malik,kudus


panon poe bumi,cai kabeh oge kao namah sok nundutan

Alok :boro boro make jang teu di gawe


Cepot :sujud ka allah nepi ka kitu tuh batur mah,towaf bae towaf,bumi bae
towaf unggal poe

Alok :towaf bae towaf unggal peting unggal poe teh teu ngarasa bosen?

Cepot :teu boseneun cicing di habitatna,cicing teu betah lelempangan teu


betah,hees nyaring nyaring hees.

Alok :lapar sebeuh sebeuh lapar deui

Cepot :di ogo siamah ngan embung nyukurkeun hungkul,tong boro make jeung
kitu ah dengekeun sampeu nu hirup na cicing

Alok :emang kumaha sampeu?

Cepot :cicing bae didia sampe mah peulakeun ge repeh sugan wae lelempangan,

Alok :tapi ngagedean?

Cepot : cak cak eta hirup cicing naha bet manfaat aya beutian,naha sia hirup
lelempangan nepika eweuh guna

Alok :sing era ku sampe atuh!!!

Cepot : naha teu era?,sok kembangkeun dina seni oge bebas berkembang seni
mah

Alok : bebas kreatif

Cepot : disebutkeun seniman dituntut tiada hari tanpa kreasi,betuull,tiada hari


tanpa kreatifitas ok di kolaborasi ku naon ari seni bebas

Alok : ari bahan pimajueun

Cepot : ayeuna mah kolaborasi da lamun nilik kana zaman aki baheula cuang
kolaborasi,Heueuh ari baheula mah pake obor obor ngabebelak
geuning,sinden,dalang,panayagan kabeh kalah liang irung teh
harideung,kolaborasi jeung lampu model kieu Patromax,ari teknologi mah
canggih

Alok : canggih

Cepot : towa oge ek ekan,sok anu teu bisa,ari wayang mah sok bae ari kapake ku
masyarakat Kumaha lamun kana hirup

Alok : sangkan maju


Cepot : sangkan maju,mararaju,baheula mah zaman abah mah euy angkat di
bumi di jemput Na ku roda,da di tanggung,nu matak baheulana saron
wae 2

Alok : padahal mah komplit

Cepot : malah meuntas ka sumatra jadi wae 3,larasna ge beda orang padang
mah

Cepot : Ngigelna mani euweuh peta

Alok : Euweuh,euweuh kreasi

Cepot : Karunya pan, nya nepi ka Aceh,hiji beunangan di tug tug

Alok : Di Aceh tinggal hiji,hiji oge geus beulah,sorana ge teu alus

Cepot : Majarkeun teh ceunah,di Sunda mah pan larasna loba,di jawa na ngan
ukur laras teh Tilu pelog,salendro

Alok : Pelog Jawar

Cepot : Pelog Jawar tapi Sunda mah,pelog salendro

Alok : Sorog pelog

Cepot :Sorog pelog,Jawar,naon deui padalungan,madenda,mataram,liwung,loba


tah,ta eta Teh bukti sajarahyen urang teh nagara baheulana

Alok : Tuh,zaman pajajaran

Cepot : Heueuh nagara,ai nagara teh boga bahasana,boga budayana,teu aya


basa sunda anu Hese dibahasa indonesiakeun,lain hese meureun teu
nyari

Alok : Teu ngeunah didengena oge

Cepot : Model cikaracak ninggang batu laun laun jadi legok,cik bahasa
Indonesiakeun da teu Ngeunah

Alok : Air netes

Cepot : Aya oge nu ngahartikeun pika ambekeun geunung,cikaracak ninggang


batu lain laun

Jadi legok,anu pecak nyeuri huntu di alun alun aya ni nyabok,padahal lain sisindiran

Etamah
Alok : Anu pecak meureun salira

Cepot : Nya

Alok : Leres ulan

Cepot : Bebas,bebas berkembang seni mah,tibatan ai ngamumule seni


leungeun, ti ayeuna Ayeuna teh ampir ampiran tangkal jati kasilih ku
junti,sok geus kacekok ku saurang Mah ayeuna pan tina
papakean,embung ayeuna mah urang sunda make pangsi iket

Alok : Kabaya eta teh embung

Cepot : Ayeuna awewe barudak tong boro eta nu kolot,ieu mahgadis geunung
dibonceng Na motor cungcurunganna teh kadeuleu, turun tina motor teh
bujal na ngusik Leuheung ngusik teu kanyahoanmah

Alok : Ari akang resep ari nu kitu mah

Cepot : Ih resep,teu normal ai teu hayang nu kitu mah

Alok : Munafik

Cepot : Teu munafik aing mah,ngan meureun kawinneun lain kitu,da jodoh mah
teu nanaon Meureun di waroh ku aing,naon sababna,ai lalaki mah
pamingpin ti eta awewe,nanyakeun da sia teu nyaho,nu matak naek haji
teh kitu,kudu loba gaul,baheula mah keur Diditu,pangalaman ngan gapleh
wae jeung gapleh meureun

Alok : Nya kitu atuh akang aya barokahna,alhamdulillah

Cepot : Karunya atuh ieumah di mitos mitoskeun,karunya ieu semar nyaan

Alok : Naha dimitoskeun

Cepot : Dimitokeun da heueuh di bid’ahkeun ditahayulkeun,aya kuburan semar


sagala di Daerah wetan mah,dibanjuran ku cai kembang,ta ieu nu
dimitoskeun tah wujudna Komo aya deui geuningan nyieun wujud
semar,asupkeun kana loket jeung paranti Dagang

Alok : Ari paranti dagang teh naon

Cepot : paranti dagang mah modal wae jeung jujur,dimitoskeu wae,baruk kana
kituna Meureun,bisi bisi ieuna nu di mumulena,padahal kuburan semar
mah aya dina diri Manusa sorangan

Alok : Aya eta teh kasemaran


Cepot : heueuh,aya nu percaya pisan,ari di daerah cirebon mah diinjeum ka istri
dimandian, Caina dipake mandi

Alok : komo bulan mulud mah

Cepot : karunya aing mah deuh,mak enya percis wae manuk penguin,padahal
semar sepenga

Nkeun ngankeun ta dina diri sorangan,pengakuan diri yen euweu deui sembaheun

Nanging Allah,euweuh tuturkeuneun deui sunahna Rosul Muhammad Rosulullah,

Cirina manusa eta teh,beungeutna kudu bodas,nuduhkeun kana gambaran hate,nu

Matak semar mah teu di baju,hartina ulah di aku sagala rupana nu matak ieu namah

Bapa aing,aing mah hayang geura kiamat oge hayang nempo di naraka nempo keke

Rebekanna jalma ieu yeuh

Alok : naha jug di naraka

Cepot : Heueuh da doraka ti aing atuh

Alok : Ai ngomong

Cepot : Sabab Gusti moal daek ngahampura lamun eta jelema can di hampura
heula ku anak

Alok : Beuki doraka wa ai jalma nu kitu mah,ngomomg kamana karep,tong di


bandungan

Di bandunganna ge pikakeheuleun

Cepot : Untung kanu sungut,mun kana baju geuleuh

Alok : Jadi wae pundung kolotna

Cepot : moal,kurupuk kurupuk wae cicing bikin wae ka anak maneh we tuh

Alok : usaha eta teh,mani ngagebog tukang kurupuk,usaha eta teh

Cepot : tukang kurupuk molotot ka aing,padahal eta teh nu usaha,sarua


baejeung aing ieu teh

Euy

Alok Rancatan rancatan

Cepot : naon eta teh euy


Alok : sora naon akang ,sora salep

Cepot :tah kitu ari hirup teh,penting na beragama teh

Alok : meh pageuh nya hirup teh

Cepot : heueuh,karunya nu ngadon aki aki wae,cik barudak ngora nu di


masjidna,karunya

Ka aki aki,lamun adan teh aya leuwihna,Allahhu akbar allaaaahu akbar


alah,napas

Nya meureun euy

Alok :napas pondok meureun

Cepot : laaaaalahaillallah alah

Alok :Kudu budak ngora atuh nya meh teu khawatir

Cepot :para wargi,ari subuh nu karunya, geura gugah para wargi geura ka
palasar pohoeun

Alok : Ka cai

Cepot : gera gugah kaum muslimin wal muslimat rohimakumullah,waktos


ayeuna parantos

Nangtoskeun jam itu si goblok geus aya nu maok deui wae,jam dindingna aya nu

Maok,barang ngarered jam dinding euweuh,di paokna teh ku incuna

Alok : teu sadar meureun dibere roko ti beurang sabungkus

Cepot :komo basa eta mah aki aki

Alok : naon kang

Cepot : rek pada neunggeulan sa kampung

Alok :rek maok naon atuh akang

Cepot : lain maok,atuh dengekeun heula,meureun geus asar teh meureun


tunduh dug wae

Sarea ai eling eling geus poek padaha poek teh pihujaneun,jetrek wae ka pengeras

Suara,Allahuakbar Allaaahuakbar,barang ngarered teh karek satengah 5,atuh wae


nu
Puasa balocor ngararinum,anu ngahuapkeun kueh,meureu ngarered kan
jam dinding

Reuwas maneh na oge,da ieu mah latihan

Alok : mangkara adan latihan,eraeun eta teh

Cepot : heueuh,aduh ampun karunya eta euy,pada ngudag ngudag eta pada rek
ngagebugan

Matak jadi masigi masjid da kitu girigidig

Alok :trauma meureun

Cepot : ari diiamah sorangan,nyangu sorangan,laguna masak masak sendiri


tea,sangu geus

Haneu ari kolak pangiriman ti tatangga,satengah 6 lalajo asep show

Alok : Asep show eta teh geusan asep show buka

Cepot :geusan asep showadan tuluy buka,kieu wae ari tv hitam putih

Alok : jadi teu meunng di gedean

Cepot :Heueuh,teu meunang di gedean geuning,jeung gegerdeujan,eta keur


nyangharepan

Meja ngadep bari lalajo tv ngadagoan jam 6 dug bae hees,beuki hees eta
aki

Alok :pabalap tunduh eta teh

Cepot :ari eling eling adan keur tungtungna

Alok :kumaha eta teh

Cepot :Laaaaailahailallah,korejat bae,kokocok bae nyokot cai Allahuma laka


sumtu,ari bari

Rod bae diinum dina tv teh aya aksara deui selamat menunaikan sholat
subuh,ooo

Aing teh buka heteu sahur henteu,tapi kuat puasana,nepikeun jam 11


maot bae

Kadituna

Alok : salatri meureun


Cepot :alah karunya euy

Alok :Khawatir mun aya keneh ngageber

Cepot :nu karunya mah tukang bandrek euy

Alok :naha make karunya ka tukang bandrek,bong teuing beunghar tukang


bandrek jeung

Akang

Cepot :ek dipaehan ku masinis

Alok :naha?

Cepot :heueuh pan ari tukang bandrek mah identik ,pan tukang bandrek mah
kulub cau

Kulub sampeu,beak meureun nya,bandrek tinggal gegedoh na


wungkul,cau gugu

Lutukan geuning ngan 4 siki,kulub sampeu wae suuk wae na 4,balik ari
imah na teh

Ngaliwatan rel,memeh nepi kaimah meureun ngumbahan heula geulas


susukan da

Aya cai herang

Alok :beberesih heula

Cepot :ari di lap nateh kulwon beureum,pan ai masinismah mu aya nu ngebut


ngebut lawon

Beureum sok eureun,eta teh tanda bahaya,lain di kebut kebut eta lawon
beureum

Teh urut lap meureun ngagebrikkeun cai,ai masinis jor bae cekiiitt,di rem
eta kareta

Api,nongol tina jandela,aya naon ieu teh mang,eta tukang bandrek


ngajawab,ieu

Kantun sampeu 2 deuikulub cau 4,setan setan,masinis ambek gajleng


bae eta mah

Alok :wah turun

Cepot : heueuh mawa panenggeul lumpat katukang bandrek


Alok :di beberik

Cepot :ah diudag udag eta mah barang ngudag udag tukang bandrek kareta api
maju da poho

Teu ka rembalik kaditu malik deui,mimitina mah ngudag udag tukang


bandrek

Ayeuna ngudag udag kareta api nepi ka surabaya peh bae

Alok :nepi ka pondok umurna

Cepot :loba dongeng dengeng nu kararitu mah,ayeuna mah oray oray gedi
aralaan,padahal

Ulah hese ngala oray mah,mawa bae krupuk 2 blek mah

Alok :di kamana keun

Cepot :panggih wae jeung liangna,tundaan bae kurupukna sapoe jeput ge


leuleus tah

Alok :oray na?

Cepot :lain orayna aing da teu dahar nungguan oray

Alok :nya entos atuh nuhun nya kang Assalamu’alaikum

Cepot :muhun muhun Wa’alaikumsalam

Dalang :Lurah semar badranaya ,astajingga dawala,disampeur ku raden


Gatotkaca pikeun

Ngayonan yuda,nyaeta sareng nagara trajotisna,kacarios ieu prabu


Nalaka suraboma,

Nyaeta raden sutija tea,anu dina waktos ieu kaleresan aya anu sumping
jeung

Ngaunigakeun kajadian di paminggih

---------ALUMAMBA----------
Dalang : Den lirah ingkang,ningali ingkang sampun prata iya ingkang sampun
prata,Prabu

Nalaka suraboma kasumpingan ieu patih kebo ireng

Prabu Nalaka :Kumaha kajadian di pangperangan,kumaha

Keboireng:Sadaya pasukan angkaatan laut palih kidul anu dipingpin ku si jaka tawang seep

Ulan,angkatan darat anu dipingpin ku sianteja kalayan pasukan oray


wungkul anu

Mararati,atuh serangan ti luhur geus skedik anu mati teu kirang anu
korban paba

Latak pinagguran,wah sakitu mangga nyanggakeun

Prabu Nalaka : Paman patih keboireng

Keboireng : muhun sadaya daya gusti prabu

Prabu Nalaka : lamun kitu carana,moal jadi pengecut aing,ancur lebur


papantratitista,sidik

Kasalahan di bojo kawula

Keboireng : muhun da eta mah parantos kitu buktosna,nanging kaayaan ayeuna,uningakeun

Sadayana ka warga masyarakat sabudeureun nanagara pabulantah


kanu ngungsi pangwangunan pangwangunan ancur

Prabu Nalaka : aduh eleh eleh iringkeun deui

Cepot : tah akibatna perang teh

Alok : heueuh jadi rugi sararea

Cepot : ngaran ngaran perang mah anu meunang jadi leuhak anu eleeh jadi
lebu,tapi aya

Anu leuwih ti eta,sagede gedena ieu perang sareat moal leuwih gede
tibatan

Merangan hawa nafsu anu kawengku ku dadana sewang sewang

Alok : oh eta,jihad malah eta mah


Cepot : kade sing ati ati,tingali deuleu mani korencang kitu,kararebul urut
urut bom,urut

Bedil

Alok : gedung gedung ancur

Cepot : heueuh pabalatakna mayit teh,ai ku kitu mah da raja nu ngajak


perang mah pasti

Ngalibatkeun nagara,na ieu tina pribadi teh mamawa kana nagara,nu


matak kade

Lamun kageuleuh pribadi ulah di babawa ka geuleuh raja

Alok :Komo nu boga jabatan

Cepot : heueuh,urusan pribadi mah pribadi atuh,lain seutik ieu cermin contoh
eunteung

Ti baheula,raja anu tina pribadi mamawa kana nagara contona


dasamuka kana

Jaman ramayana,apan maling dewi sinta,eta teh tina pribadi,mamawa


pan ka

Nagara nepi ka ancurna

Alok : nepi kaludes

Cepot : tapi eta gusti batara dina negakkeun hukum adil,teu cieut kanu
hideung te penting

Kanu koneng

Prabu Nalaka : luar biasapasukan inti wugkul,boa angkatan darat si


antareja,angkatan laut si jaka

Tawang,angkatan udara si gatotkaca,kadieu aku ora wedi,saha


ieu?,mun teu salah

Kungsi bantrok,dina jaman gatotkaca ngagugat baheula rebutan


benteng kikis,

Lamun teu salah ieu gatotkaca,kungsi panggih jeung jalma ieu baheula
apal keneh

Ka abdi,saha cik
Raden Antareja : apal,kosim

Prabu Nalaka : alus nya ngaran dewek kosim,antareja poe ieu modar sia, maju,aduh
luar biasa

Gatotkaca aing menta supaya jeung si gatot kaca tarung deui hayang
seubeuh aing

Can rumasa aing eleh teu sudi aing jeung si antareja jeung jakatawang
cetek,

Hayang langsung gatotkaca nu kasohor,saha ieu

Cepot :hmm kawula gatot

Prabu Nalaka : gatot naon?

Cepot : gatot gajleung

Prabu Nalaka : mun teu salah ieu anak si semar

Cepot : eh geuning uninga, sembah kapihatur raden gusti prabu

Prabu Nalaka : teu sudi di sembah ku anak kunyuk,bejakeun ka junjungan si gatotkaca


sapoe

Sarebu kali paeh sarebu kali hirup

Cepot :aing boga ajian kitu,sarebu kali paeh sarebu kali tilu.tenang katenang

Gatotkaca: naon tenang?

Prabu Nalaka Prabu Nalaka : ngarasa silih banting ku aing?

Gatotkaca: langkung ti payun sembah kapihatur

Prabu Nalaka : teu sudi aing narimana

Gatotkaca: ieu teh pancen dewa batara

Prabu Nalaka : pikeun maehan aing?

Gatotkaca: heueuh,kunaon atuh ngalibatkeun nagara pan nepi ka ancur lebur,ayeuna mah

Moal aya hampura,baheula mah aya

Prabu Nalaka : ti baheula teu bosen sia mamawa dukun

Cepot : kasaha eta ngomong teh


Prabu Nalaka :ka sia

Cepot : eehh geuning si cadok

Batara Kala : naha ngarana jelema teh rupa rupa,Sia depek naha sia kadieu?

Cepot : sia rek taluk ta kumaha

Batara Kala : aing mah moal taluk sia urang patitinggalan bae

Cepot : mending gelut ta silih hina,nu ambek eta eleh,enteng mematikan

Batara Kala : jadi sia,ek aing heula ta maneh heula?

Cepot : suten,

Batara Kala : hompimpah aliaompipah

Batara Kala :Aing heula berarti

Cepot :sok sia mimitian

Batara Kala : hahaha,si cacing,sia teh beunang ti cacing kood,si cangkilung si


dekok,sigoreng

Patut,si hese nyatu,si bau kelek, si gede waduk,kahakanan sia waduk,sia


teh sabener

Na teu boga kolor,boga kolor ge meunang maok,sia teh sabenerna di


udag udag ku

Sa pakalengan sabab sia maok ngkol 2,wah kuatan,si teu boga acara,si
geus teu payu

Kaelehkeun ku anak sia teh,ai anak sia payu,boga acara ge meunang


nyokot ti anak

Bayaran sia ngadalang leutik keneh tibatan dalang nu karek di ajaran,sia


dahar tulang

Ah kuat euy

Cepot : geus?

Batara Kala : Geus

Cepot : nyaho maneh indung maneh?

Batara Kala : nyaho da indung aing


Cepot : tah sabenerna sia dijurukeun ku indung sia teh lain ti nu biasa,tapi sia
teh tina bool

Di ais ku indung sia teh nepi ka ngajepepeng, padahal eta teh


bilatung,indung sia

Teh baheula teh kitu,mangkana indung sia teh lain tibapa sia da lain
tapi,sia teh tina

Hileud peteuy

Batara Kala : anjing ngahina indung aing

Cepot :ambek eleh sia

Batara Kala : sia nyebut aing hileud peteuy

Cepot : padahal naon

Batara Kala : hileud orok

Prabu Nalaka : paeh maneh gatotkaca

Gatotkaca: teu karasa

Prabu Nalaka : hebat

Gatotkaca: kakang sutija

Prabu Nalaka : goblog nyebut ngaran aing keur ngora raja aing teh

Gatotkaca: aya leuwihna eta tenggeulan tibatan baheula

Prabu Nalaka : euy

Gatotkaca: teu karasa

Cepot : gan?

Gatotkaca: naon?

Cepot : bagi duit

Gatotkaca: cicing sia, tah sia

Prabu Nalaka : Gatotkaca yeuh cing hayang nyaho

Gatotkaca: eeep tah,hudang sia,

Cepot : di kumaha eta teh?


Gatotkaca: ku aing banting

Cepot :basa ngora aing ge kitu

Gatotkaca: ngabanting naon?

Cepot : ngabanting bancet

Gatotkaca: ngabanting bancet,geuning leungeun bareuh?

Cepot : margi bancetna cicing dina batu,kedap deui korejat eta hirup deui,jejek

Prabu Nalaka : cing sing leuwih lah

Cepot : tah pan menta leuwih,gan tambihan

Gatotkaca: tambihan naon?

Cepot : tenggeulan,ameh tanaga na sakedik,jeung pikageuleuhen tambihan ku


tai ucing

Gatotkaca: Wa

Semar : ku naon agan?

Gatotkaca: mere kasempetan ka manehna keur narik napas,wa ti baheula oge moal eleh
moal

Moal meunang ieu teh nurut model kieu,sedengkeun nu kudu


disetorkeun teh

Layona,atanapa kawartoskeun maot

Semar : saha teh?

Gatotkaca: eta kakang nalakasura

Semar :ai kitu?

Gatotkaca: setiap ateul kanah taneuh hirup deui kungsi baheula di parangonan,tapi lila lila

Rinyuh mawa taneuh kaluhur ragrag hirup deui sanajan ayeuna


digantung dina

Tangkal kai tetep beunang kana taneuh,nyaggakeun ka uwa,sugan


mere kamandeg

Cepot : cik wa tulungan wa

Semar : kasaha sia nyebut uwa teh?


Cepot : ka wa wani

Semar : sumuhun,sumuhun,sumuhun,agan,sapanjang aya di dunya moal bakal


hirup wae

Di saluhureun urang teh aya atmospir,atmospir teh nyaeta angin bumi


saluhureun

Eta aya hampa,hampa udara,luar angkasa,tah dina hirupna oge moal


bisa ngrenghap

Paeh deui paeh deui,margi di eta tempat teu aya oksigen teu aya
gravitasi

Cepot : nya euweuh da ti cirebon

Semar :naon?

Cepot : gravitasi paranti nyambel

Semar : tarasi etamah

Cepot : lain eta kanyaho semar nepi kadinya suganna teh kanyahona ngan
melak sampeu

Bae,geuning nyaho atmospir sagala?,nyaho gravitasi,nyaho hampa


udara

Gatotkaca: ceuk maneh hampa udara naon?

Cepot : hampa teh eta pare nu teu aya eusian?

Gatotkaca: hapa eta mah

Cepot : ari hapa mah ari urang hayang kahayang dahar teu nginum

Gatotkaca: Tapa eta mah

Cepot : ari tapa mah jeblog bae dina taneuh aya tapa urang didinya teh

Semar : tapak goblog

Cepot : ari tapak mah urut atuh

Semar : heueuh eta oge

Cepot : ari urut mah,pa dangukeun ari urang boga rejeki kudu daek urut

Semar : irit eta mah


Cepot : ari irit mah,ari bapa rek indit,pa abdi ngirit

Semar : ngiring

Gatotkaca: ihh nggeus geura sia teh

Alok : batur keur bingung teh ieu mah

Cepot : supaya teu stress,tiris teuing atuh pa

Gatotkaca: jadi kawula teh kudu

Semar : kedah nobros heula eta atmospir

Gatotkaca: jadi alungkeun

Semar : alungkeun wae ka hampa udara,moal aya oksigen,tah didia mah bakal

Kakalayangan,moal kabumi da kahalangan ku atmospir,dina aseupna ge kadaieu,

Kabanting ku atmospir ngacleng deui

Cepot :geus kabayangkeun ieu aki aki geus ulin kaditu,painagan popotongana
teh nini

Anteh

Semar : daripada sia nini muntaber

Gatotkaca: nuhun wa kaharti ku kawula,teunggeul heula didieu

Semar : mangga,tapi tina nobros ka atmospir teh agan kedah ngangge kakuatan
pancabraja

Kedah cepet,margi kabanting ku eta atmospir eta cilaka

Gatotkaca: siap wa

Semar : Wilujeung

Gatotkaca: mios

Cepot : pa,nyaho ti mana eta teh?

Semar : ahhh urang pangalam,moal kaotakkan ku sia matak sakolah


heula,nyaho deui naon

Sia mah
Cepot : hirup kurung batok,da dalang baheula cenah digantung di awang
awang,atuh

Dibebet keneh meureun,meureun eta teh ka itu kaluar atmospir

Dalang : Raden Gatotkaca ngaluarkeun kakuatan nu luarbiasa,malahan


sadayanage araraneh

Mancar na gatotkaca estuning teu katingali

Putra batara kresna aya dina hampa udara,nu teu aya


gravitasi,kakalayangan di

Awang awang

Cepot : sing salemet agan,mangkaning geus diditu mah moal bisa


ngarenghap,muga muga

Bae tiasa mulih deui,tah ieu bisi teu bisa balik deui

Uluh salamet agan?

Gatotkaca: salamet

Cepot : tugas ti gusti batara,yen tetep prabu sutija nalaka sura boma kudu
paeh,dua tah euy

Boga anak mararaot,tapi di sagedengeun eta teh,cermin yen


ngajalnkeun hukum

adil teh kudu kitu,sanajan bari jeung anak ari sanajan salah mah tetep wae kudu

wae kdu meunang tuntutan,da loba ayeuna mah anak di pilingan,dibela,sarua bae

ngarojong kana kajahatan,atuh budakna teh kalah gede hulu,Alhamdulillah euy

salamet,pejahna nalaka suraboma,sasak diluar angkasa manehna ayeuna,sakitu

hapunten tina sagala rupina kalepatan,dirgahayu nagara indonesia,dirgahayu oge

PT.MAGMA NUSANTARA ENERGI,nu nongton nu ditongton sadayana salamet

Tetep salamet,hapunten sakali deui tina rupi hal kalepatan,ieu lalampahan urang

Pungkas kumbang tinetik simalang sari tutup lawang siwataka

Anda mungkin juga menyukai