Anda di halaman 1dari 28

(Serie uitgaven door bemiddeling van de Com-

missie voor de Volkslectuur No. 117).

BOEKOE

KAOETAMAAN ISTRI,
KARANGAN

RADEN DEWI SARTIKA

Goeroe sakola istri di Bandoena.


(Loeang piwoeroek djeung pangadjaran)

BANDOENG
A. C. NIX & Co.,
1912.
[Serie uitgaven door bemiddeling van de Com^
missie voor de Volkslectuur No 117) £/*

BOEKOE

KAOETAlft AAN ISTRI,


KARANGAN

RADEN DEWIJSARTIKA

Goeroe sakola istri di Bandoeng.


(Loeang piwperoek djeung pangadjaran).

BANDOENG
A. C. NIX <& Co.,
1912.
BOEBOEKA
Ieu boekoe dingaranan boekoe „Kaoetamaan
Istri" batjaeun baroedak sakola djeung
kolot-kolotna.

Naon ari anoe djadi kaoetamaan istri?


Eta roepa-roepa, babakoena noeroetkeun :
/. Bangsana ; bangsa menak atawa santana ata-
wa abdi-abdi, bangsa soedagar, anoe tani.
2. Adat djeung kabiasaan, dina hidji-hidji naga-
ra, koemaha katjaraanana di dinja (tjiri saboemi
tjara sadesa).
3. Paladjaranana ti boeboedak, djeung tjatjam-
poeranana.
Tatapi ari anoe djadi poko mah, ngan saroepa,
nja eta njaho kana kaperloeanana noe djadi awewe,
tjara pangkat atawa anoe djeneng [oeninga ngadja-
lankeun kawadjibanana, djeung ngadjalankeun kersa
anoe ti pajoen.
Naha teu aja, awewe oerang priboemi, anoe geus
kaseboet oetama kitoe ?
Ih, dimana-mana oge geus aja, ngan lamoen di-
bandingkeun djeung reana tjatjah djiwa di Pasoen-
dan anoe geus kaseboet oetama ten, ngan saeutik
keneh pisan.
Demi rereana bangsa menak djeung noe baleung-
har, noe gede pakeunna, pikeun njieun kaoetamaan
tea atawa kasenanganana.
Eta bangsa menak ti moerangkalihna keneh geus
meunang pangadjaran ti iboe-ramana atawa ti sepoeh
sepoehna, Ari djaman ajeuna geus loembrah poetra-
4 -

poetra menak disakolakeun walanda atawa dipatoeh-


keun di goeroe-goeroe waianda atawfc di toean-toe-
an noe sedjen, soepaja meünang pangadjaran djeung
tata basa Eropa, djadi tambah-tambah kaoeninga-
na djeung kaiasana.
Koemaha ari bangsa abdi-abdi noe leutik?
Estoe boeta toeli sagala atoeran teu njaho saenja-
enjana, ngan dikira-kira baë soegan kitoe, soegan
kieu, lantaran ngadenge atawa neuleu saliwat. Soe-
mawonna djelema oerang pagoenoengan atawa pa-
sisian man anoe langka pisan tjampoer djeung oerang
dajeuh, tangtoe koerang pisan kanjahona, sabab teu
aja noe miwoeroek, teu aja noemenerkeun enja-enja
Teu bisa matja noelis, djadi teu terangeun sakoer anoe
kadjadian saloeareun baligeusahna.
Abdi-abdi noe mindeng tjampoer atawa mindeng
neuleu menak mah, rea anoe sok noeroetan menak,
basana atawa papakeanana atawa petana.
Eta hidji tanda abdi-abdi oge hajang madjoe, noe-
roetan anoe hade, nja eta babakoena noeroetan me-
nak tea.
Sabab kadeuleuna atawa kadengena kaSjaan di
menak teh matak resep djeung garenah. saperti atoe-
ran boemen-boemen, tata basa, tindak-tandoek, pa-
pakean djeung paparabotan, ngan soepaja oelah da-
tang ka soelaja peta bae, nja eta matak ngamonjah
monjah redjeki teu poegoeh.
Eta kabeh kadeuleuna koe abdi-abdi, sagala pan-
tes, bararesih matak hajang noeroetan.
Djeung deur saoer sepoeh-sepoeh, menak-menak
teh lamoen ditilik-tilik, kagoengan asal atawa dasar
— 5 —

toedjoeh roepa, anoe diseboet koe boedjangga Ma-


lajoe: Bangsawan, hartawan, boediman, setiawan,
goenawan, darmawan, sastrawan.
t. Bangsawan, tegesna menak gede, toeroenan
ti iboe ramana, agoeng paloenggoehannana, toetoe-
roenan ngereh nagara.
2. Hartawan, tegesna beunghar teu aja kakoe-
rangan, soegih moekti djeung rea rahajat.
3. Boediman, nja eta pinter, lantip boedi, titih
soerti, gede wiwaha, asak djeudjeuban.
4. Setiawan, nja eta soetji ati, hade hate, adil, sa-
gala reudjeung timbangan, oetjap djeung peta sabe-
nerna, sapantesna.
5. Goenawan, sagala atoeranana matak hasil ka
abdi abdi, djadi kasenangan ka sarerea, djadi ka-
oetamaan ka salirana, kersa miwoeroek mitoetoer
ka noe teu njaho.
6. Darmawan, tegesna welas-asih ka abdi-abdi,
noeloeng ka noe boetoeh, njaah ka noe sangsara,
mere maweh ka saderek, hormat djeung tilawat ka
sepoeh-sepoeh.
7. Sastrawan, tegesna pinter noeiis, pinter itoengan,
rea atoeran, pertjeka iasa tjarita.
Koesabab eta ngaran menak teh di sagala bang-
> sa dihormat koe abdi-abdi, piwoeroekna djeung la-
ranganana digoegoe.
1
Toeroenan menak anoe kaseboet di loehoer, na-
djan teu djeneng oge sok katoeroêt djeung kaim-
poengan koe abdi abdi.
Koe sabab eta menak teh lamoen ngSNÏfalankeun
— 6 —

hade atawa goreng, gampang pisan ditoeroetanana


koe abdi abdi.
Ningal katerangan kitoe, anoe ngarang ieu boe-
koe, gadoeh pangarep-ngarep, lamoen istri-istri me-
nak kersa roekoen djadi hidji, ngamadjengkeun ab-
di-abdi, tangtoe laoen-laoen oge abdi-abdi oerang
priboemi maradjoe, madjoe pangartina, madjoe pa-
ngabisana, madjoe kadaelfcna, hade lakoe lampahna,
hade adatna, tjindekna salamet hiroepna.
Lamoen abdi-abdi kabeh geus mangarti, geus rea
pangabisana, tjik saha noe tambah senang?
Nja menak-menak keneh bae, noe tambah senang
teh, sabab tangtoe sagala parentah djadi, da rea noe
njabak. Soegan kakeuheulan koe badega koe pa-
ngasoeh, lantaran euweuh kanjaho, taja kabisa teh,
lila-lila mah leungit.
Koemaha atoeh prakna pikeun ngamadjoekeun ab-
di-abdi teh ? Nja eta koedoe aja tempatna atawa
Sakolana. Ari goeroena oetama koedoe welasasih,
oetjap djeung peta sabener na, sapantesna, koedoe
njaho ditatakrama, soepaja katoeroêt atawa kaim-
poengan koe abdi-abdi tea.
Oepama teu aja '-UtHUléM menak noe kersa djadi
goeroe sakola, nja-eta miwoeroek abdi-abdi tea, a-
sal kersa nangtajoengan bae (djadi koenrlisymerloe-
keun soemping ka sakola istri, saboelan sakali ata-
wa saboelan doea kali, miwoeroek tata basa atawa
maparin tèrang ka goeroena, naon-rtöön anoe per-
loe awewe koedoe bisa.
Meureun aja oge noe iek njarios; Eta lamoen ab-
di abdi palinter kabeh, henteu aja menakna, tjara
- 7 -

djati kasilih koe djoenti, atawa tangkal eleh koe


mangandeah, batoe toeroen keusik naek.
Mangga eta tjarios oerang loeloeskeun.
Naon saenja-enjana anoe diseboetkeun pangadjitfin!?.
Ari anoe diseboet pangadjaran, nja eta pangarti ata-
wa parabot pikeun meresan, ngahadean djeung nga-
madjoekeun sagala roepa atawa perkara.
Saroepa kai keusrak beunang dilimitan nja eta koe
soegoe, tangkal keri koedoe digemoek, djelema go-
reng beunang diwarah, noe bodo koedoe diadjar;
koe sabab eta pangadjaran teh beuki aloes, beuki ha*
de tapakna, atawa beuki hade kadjadianana.
Djadi oepama bangsa oerang ditoengtoen-toeng-
toen sakoemaha mistina sakoemaha pêrloena, dibe-
re pangadjaran anoe hade diwoeroekan ti boeboe-
dak, adatna ge djadi hade, pamilihna bener, pikira-
nana terang.
Anoe geus kitoe djadi pinter bageur ngaranna.
Anoe pinter bageur tara njoesahkeun batoer,
tara ngawiwirang batoer,
hade atina manis boedina,
hade lakoe lampahna lemes adatna,
bisa njoekakeun ka pada kaoela,
njaho di tata basa, anoe hade keur ka saloehoereun
djeung keur ka sahandapeun. Djeung rea-rea deui
djaba ti eta tandana djelema anoe pinter.
Djadi pendekna djelema atawa bangsa anoe geus
madjoe teh, sakabeh palinter awewe lalaki teu tingga-
leun koe anoe pada palinter nadjan bangsa sedjen,
menak-menak tambah moelja, soedagar tambah ba-
leunghar, abdi-abdi soegih moekti.
- 8 -

X'Satta njaho dina doengdoeoeman saoerang-saoe-


rang, djadi menak teu dioenghak, abdi-abdi teu di
djepit.
Djeung deui lamoen abdi-abdi tambah madjoe,
menakna asa kadjoeroeng. Tangtoe kapaksa nga-
madjoekeun pangarti njipoeh kamenakanana, oelah
nepi ka dioenghak koe abdi-abdi. Djadi sakabehna
pada madjoe I!
Demi sakola baris baroedak awewe oerang pri-
boemi, anoe pangmimitina aja, nja eta di Bandoeng,
lilana geus 7 taoen. Lila-lila aja deui di tanah Dja-
wa, nja eta di Kaxang Anjar, djeung di Bogor. Tja-
riosna aja deui di Serang djeung di Tjiamis.
Dina boelan ieu anoe ngarang ngadamel karastne-
nan di Sociëteit „Paroekoenan," kalawan kersana
Kangdjeng Boepati Bandoeng, tawis toeloes eta sa-
kola di djero 7 taoen (Jubilieum).
Sagala karadfenan djeung kaanehan boeatan baroe-
dak sakola istri ditembongkeun kasadajana didjieun
tongtonan.
Kitoe deui anoe ngarang harita matja, njaritakeun
sagala pamendak, ti awit ngadeg sakola doegi ka
ajeuna.
Ningal harita sakitoe roana ajonja-njonja, toean-
toean pangagoeng djeung menak-menak anoe nari-
ngali, kitoe deui abdi-abdi ti piloearan, moenggah
rea noe warangsoel deui beakeun tempat, eta djadi
tanda sami panoedjoe ningali kamadjoeanana boe-
dak sakola.
Demi sagala pamendak anoe ngarang tea diboe-
koekeun; nja ieu: n^/Januui
—9 —
Bab loeang piwoeroek djeung pangadjaran.
Ieu oge djadi sarat kana kaoetamaan istri.
Moega-moega seueur anoe kersa maos, sarta ma-
lah mandar djadi panarik kana kersana menak-me-
nak ngamadjengkeun baroedak awewe,

Salam ta'dim.

Dewi Sartika.

Bandoeng, 16 Januari 1911.


1
-'•'DlfilHaöëri Tèü nöè ngarang g^üs djedjeg toedjbeh
ta'oerl lïfèffla tf}8il goeroe „sakóla istri" di BandöéHg.
!

Ari asalna pMSaff'' rigïring kana kersana Kahgdjiéng


Toean Inspecteur sakola „ C den Hamer," anoe ajeun
geus pansioen möelih ka nagara Walanda. Andjeunna
anoe mimiti ngadegkfeun sakola baris baroedak awewe
bangsa* ö^rahj* pribÖérrii, nja eta di Bandoeng Sa -

reng moepakatnatfandM? Boepati Bandoeng, Ra


den Adipati Aria Martanagara.
Eta sakola mimitina diboeka dina tanggal 16boe-
lan Januari 1904, moeridna aja 60, ari goeroena ti-
loean.
Demi tempatna di paseban koeion pajoeneun ka-
boepaten, anoe ajeuna dianggo kantor bank (Ban-
doengsche Afdeelings bank). Ari ajeuna geus boga tem-
pat sorangan moeridna aja 210, goeroena lima.
Samemeh djadi goeroe, noe ngarang geus resep
mapatahan baroedak awewe, babakoena koelawarga,
nja eta ngarenda, njoelam, ngarantjang djeung tata
basa.
Barang pok oge didawoehan koe Kangdjeng Toe-
an Inspecteur, jen anoe ngarang rek didamel goeroe
sakola, teu kira-kira boengahna, tjek babasan tea
man asa mobok manggih gorowong. Toeroeg-toeroeg
karempoegan koe sepoeh.
Koemaha anoe matak boengah rek didamel goeroe
teh ? Toer sadajana pada oeninga, teu aja pangabita,
tjoepet boedi, toena nja panemoe.
Ari noe matak boengah teh kieu:
n
Ie. Resep mamgtghM baroedak tea djadi kebaf
djeung baroedak tambah teteg hatena gabab kawoe-
woehan koe pareptah pangagoeng. AuaAoö 'rt
2e. Djadi goeroe teh nadjan awewe, lain lampan,
hiaa, teu ngsrernpak tjegahing sjara. Noe dipa-
lar oerang Soenda awewena bisa madjoe, noeroetan
oerang Eropa, malah mandar bangsa oerang teu dir
hina teuing koe sedjen bangsa.
3e. Boga gawe anoe tangtoe; karana awewe anoe
teu poegoeh gawe, loeangna Bok'ngoeloëwbét, toeng-
toengna roepa-roepa, perkara ieu sadajana ogepéldS
oeninga atawa ngaraos. Bagnfidib
4e. Pangkat goeroe teh koe boedfangga m a h - ^ 1

seboet martabat pangloehoem& J;euning aja 'tjatjan.-


n

dran karoehoen: anoe koedoe ditoeroet teh ajaiilbe:


goeroe, ratoe, wong atoea karo. Djeung deui boek-
tina oge goeroe teh toekang ngawoeroek pangarti,
mapatahan kahadean, soegan tjek babasan „bodoge-
o" oge hamo kabina-bina teuing, -digung deui aja
babasan walapfja, pjsoendaeunana: lamoen daëk
ngoèmbah leungeun kenlja, leungeun katoehoe oge
miloe bersih.
5e. Djeung noe djadi goeroe mah sok rea pamen-
dak, saban poe' rujpibahan, lantaran kapaksa djadi
kolot baroedak, djtania koe baroedak.
6e. Pangarti djeung pamendak teh anoe baris rdi-
toetperkfj^ koe djelema salawasna hiroep, nja eta
safljepama obor, baris njaangan djalan ka noe poëk.
Di djero tiloe opat taoen mah nja djadi goeroe,
teu eureun-eureun dipalisaoer, mani asa rawing tjeuli,
koe noe mojok, basana roepa-roepa: „Ngapeskeun
— ié —
kolot, kawas noe teu dibere teu dioeroes, teu pantes
bangsa oerang mah awewe djadi goeroe sakola, euweuh
ti baheulana, aja oge goeroe ngadji" djeung rea-rea
deui lian ti kitoe. Pangmalisaoer kitoe, boh menak
bon somah lantaran koerang pamanggih kabaheulaan
keneh. Teu emoet kana babasan „baheula-baheula,
ajeuna-ajeuna".
Tatapi noe ngarang teu pisan galideur, oenggoet
kalindoean, gedag kaanginan, sabab geus djamak
bae anoe hiroep teh, nadjan sakoemaha hadeba-
geurna ge, sok aja bae anoe dengki. Moenggoeh
dibangsa oerang noe matak dengki batoer teh aja
tiloe: banda, bagdja, roepa.
Soemawonna barang geus rame basa Kaoem Moe-
da, beuki pangger hate teh.
Naon eta Kaoem Moeda teh, djeung koemaha ka-
repna ?
Ari noe dibasakeun Kaoem Moeda teh bangsa
oerang, awewe, lalaki, Soenda, Malajoe, Boegis, Ma-
kasar, anoe karep „ngamoeljakeun dirina," koe lanta-
ran pangartina djeung kanjahona, sarta kadaekna. Eta
Kaoem Moeda djolna ti djelema pinter, njaeta hidji
oerang Malajoe, ngaranna Abdoel Rivai; tina ka-
pinteranana djeung temen wekelna sarta tjoetjoed
kana ngoelik pangarti, ajeuna nepi ka bisa djadi
Dokter Militair di Tjimahi, 1) paloenggoehanana teu
beda djeung dokter-dokter Eropa.
Koe sabab eta noe ngarang harita beuki pang-
ger njekel bebeneran sorangan, sebelong-bentor mi-
loe ngeureujeuh dina djaman kemadjoean. Ari noe
dipikir beurang peuting di belaan hese tjape, teu
1) Ajeuna geus ugatih ka Fort de Koek.
- 13 —

aja deui ngan perkara sakola awewe. Babakoena


sakieu:
' 1. Sangkan kolot-kolot harajang njakolakeun
anakna awewe, ngarti kana gawena atawa beu-
beunangan sakola.
2. Baroedakna daëk sakola, djeung tjoetjoed nepi
ka toengtoengna.
3. Pangadjaran naon anoe perloe keur baroedak
awewe, koedoe bisa naon, nepi ka koemaha ? pi-
bekeleunana hiroep.
4. Ngawaskeun kalakoean awewe anoe hade anoe
goreng, pikeun tjonto ka baroedak.
5. Ka-beh dieunakeun tataros ka sepoeh-sepoeh,
ka noe palinter, ka boedjangga-boedjangga; malah
tjoemeno3 ka para boepati, adjrjh-adjrih ogewajah-
na, toemaros naon kaperloeanana anoe djadi awe-
we, soepaja hiroepna oelah nepi ka balangsak.
Ari akal anoe dipetakeun ka baroedak teu aja
deui ngan doea: Nganasehatan djeung njontoün.
Malah mandar aja hibar soewargina Toean K. F.
Holle, anoe ngamadjoekeun abdi-abdi kana tatanen,
\ bawaning dihantem dileukeunan dinasehatan djeung
ditjontoSn teu boeroeng ajeuna roa noe tani soegih
moekti. Ari saoerna basa Walanda: „leeringen wek-
: ken, voorbeelden trekken". Pisoendaeunana: „na-
i sehat teh panghoedang niat, ari tjonto matak heroj."
' Tatapi nasehat djeung tjonto anoe keur dipeta-
keun koe noe ngarang mah, lir oepama parahoe
leutik, anoe keur ditaroenipakan koe baroedak awe-
we, rek ka nagara kamadjoean, njorang laoetangfi"
de, anoe pohara lambakna. Lakoening biheung p i -
li —

tepieunana, koerangrkograng qentpengna mah meu-


reun kaleboeh!
Ngfln, PMS kitop bagdjana eja baroedak; bet
Qedjpeg-oedjoeg dja^kaBah gede, djeung gakjfpe
santosana, ngaping djeung noedoehkeun djalan ka
nagara kamadjoean tea.
Tjik naon anoe disilokakeun kapal gede teh?
Ari anoe disilokakeun kapal gede teh, nja eta
ajeuna di Bandoeng ngadeg hidji pakoempoelan,
atoeranana Kangdjeng Toean Insgegteur §ako)a anoe
a^HRa £. J. van Bemmel,, maksoedna baris nga-
madjoekeun baroedsJi *wewp.
Koe sabab kitoe, eta pakoempoelan koe Kang-
djeng Boepati Bandoeng disebat pakoempoelan
„ K a o e t a m a a n Istri."

II 4 «A

q. Ari ngadegna eta pakoempoelan, tanggal 5


November taoen di loehoer 1910.
f)ina waktp# anoe kaseboet diloehper, anoe nga-
f

rang ditoedjoel koe kangdjeng Toean Resident


Y\J., F. L. B.qisseyajn koedoe djogo dikaresidenan
poekoel toedjoeh malem Ahad. .
> Kitoe deui ngahatoeranan linggih toean-toean
djeung njonja-njonja anoe sami misoeka kana kama-
djoean itsri oerang Soenda, soepaja ngaloeoehan eta
koempoejgH, loeloegoena Kangdjeng Toean Jnspecr
teur sakola, Kangdjeng Bopati Bandoeng, djeung aja
tilde Raden Ajoe.
Dina waktoe eta k o e m p o e l a h dttétep*6ttó anoe
djadi pattiarêritafina (BëifÜUr), nja ëte^afofflï^éHjh
djeung R S d ë n - r a d e n Ajoe bae, anoe sami kersa r$j*#-
iftadjöëkëutt kana kapinterannana aWewe öèrang
Soerida.
b. N o e rek dioeroeskeun k o e eta commissie, d i
heulaketifl sakola istri di BandöeHg, ari rigoëröëstra
kiëu:
1. Oöhftnissie njoehoenkeun k a pangoeroes s o e -
baja eta pakóëfflpoelan „KaoelarftMft itJtri" dipaparin
kakoeatan anoe tegoeh (rechtspersoon).
2. E t a corrirhissië flrbi^jlflrkeun doea-doea (Njonja
ftfelji Raden Ajoe n i l 4 $ Sftkbefhaha a n ö ë kaseboet d i
l ö ë h ó ë r , s ö e m p i n g k a sakola i s t f l ; rnörios naö'h k a -
Kffanganana, iHWn anoe kttedoë d i a j a k ë ü n , n a d f i f i -
noe koerang hade.
3. D i rriana geus k a g i l M h sadajarta, toeloej d e ü i
n g l d a m e l koenipoelan, rtgabarethpa&tfeün beün&hg
mafibs^tea.
c. A r i p i o H g k o s ë ü n a r i a , S a h ë ü l a a n a n kieU :
1. Kangdjeng T o e a n Inspecteur n g a d a É i e l serat
ideran, k a toean-toean djeung k a njonjtt«njöttjft, t l j ö ü -
hoefikeun pitÖ"èloeng, soegan kersa m a p a f i n ö ê a f t g
oeroenan, saban boelan a t a w a sakali b a ë .
2. Kitoe deui Kangdjeng B o p a t i ngadkhiel serat
ideran, k a menak-menak djeung k a k o l o t n a baroedak
tea. M a k s o e d n a tjara d i loehoer.
3. Lamoen eta oeang oeroenan teu mahi, rek nji-
eun lotre, gede leutikna djeung atoeranana ditimfeang
koe Kangdjeng T o e a n Resident sareng Kandjeng T o e -
an Inspecteur,
— 16 —

4. Oepama eta doeit leuwihan, rek dianggo deui ï


ngadamel sakola istri, saperti di Garoet atawa di mana
baë, anoe katimbang perloe aja sakoia istri. (*)
Tah sakitoe pangatoeranana Kangdjeng Toean In-
specteur, kalawan moepakatna Kangdjeng Bopati, 1
baris mikawelasna ka baroedak awewe, soepaja madjoe
pangartina djeung pangabisana. Perkara ieu tangtoe
geus kamanah koe andjeunna lain lalaki baë koedoe
madjoe teh, awewe oge koedoe madjoe, sina lajeut dja-
disaaleutan. Karana meureun geus ngadangoe oge, aja
pameget anoe pinter, ari geureuhana teu pisan aja
kabisa, salawasna laki rabi soesah baë.
Djeung awewe teh popodjokannana boga salaki, 4
sok boga anak. Eta anak teh anoe ngoeroesna, nga-
warahna loembrahna indoeng bagianana; ari karepna
sakabeh djelema oge saroea, hajang boga anak teh
tjageur bageur. Tapi koemaha sangkanna kitoe ? teu
aja deui kadjaba ti indoengna koedoe boga pangarti,
rea kanjaho, loba kabisa, nja-eta koedoe sakola.
Moega-moega baë sakoemaha kersana Kandjeng ;
Toean Inspecteur tea geura aja poengkasna, moen
pepelakan tea mah, moeloes djadina, ngemploh da-
oenna, ngarangkadak dahanna, leubeut boeahna.

(*) Pangharepan commissie teh, beunang diseboetkeun |


oentoeng. Soerat oeroenan anoe diiderkeun djeung lotre ,
doeit tea, beubeunanganana tjoekoep baris ngamadjoe- f
keun sakola istri di Bandoeng, malah mahi djeung baris
noeloeng (pakeun), keur ngadegkeun sakola istri di Qa-
rpet-
Ajeuna rek malikan deui tjarita, naha perloe awe-
we teh disakolakeun soepaja pinter?
Karereaanana djelema pamilihna kieu:
1. „Ah, awewe mah teu koedoe sakola, da na-
djan pinter oge moal djeneng tjara lalaki. Asal
bageur baë, bisa ngedjo, bisa njambel, beberes di
imah, keur koemawoela ka lalakina.
Tjenah hajang bisa noelis, menta baë dipapata-
han ka salakina."
2. Aja deui noe kieu panalarna: „Hih tjoemah
awewe disakolakeun teh,ana geus pinter noelis, sok
dipake soesoeratan teu poegoeh, matak narik kana
teu bageur. Mending tjitjing baë di imah, mantoean
digawe ka kolot."
3. Ari bangsa santri mah lain feitoe pamilihna, kieu:
„Is, awewe mah lain disakolakeun, sina ngadji,
diadjar rarakatan salat, ngadji sipat doea poeloeh,
tasaoep, ambeh bageur, aja keur megat napsoena:
da awewe mah koedoe gede bendoengan."
5. Aja deui pamilih bangsa santri, anoe kadangoe
koe Kangdjeng Boepati Bandoeng: awewe mah teu
meunang katendjo koe lalaki sedjen, anging koe sala-
kina djeung akrabna. Koe sabab eta awewe mah teu
hade disakolakeun.
Tjing mana anoe bener?
Tjek pikiran^anoe ngarang, kabeh oge teu salah,
da karepna mah saroea, nja-eta bisi anakna teu ba-
geur. Tapi moenggoeh djelema teh awewe lalaki oge
teu tjoekoep koe bageur woengkoel da koedoe
— 18 —

djeung boga pangareti, pangabisa, pikeun njiar ka-


hiroepan dina mangsa teu aja noe maradah keur
ngadjaga kasalametan, nolak balai, djeung djaba ti eta.
Djeung deui, lamoen boedak awewe teu sakola
naha pagegedanana tangtoe bageur? Beul nistawong
ngoetjap, kapan aja babasan, nadjan dipetian beu-
si oge, ari rek goreng mah nja goreng baë. Djeung
atoeran sakola teh anjar keneh, tibaheula mah tara aja
noe sakola. Naha baheula tara aja djelema goreng ?

IV
Koemaha anoe matak karereaanana djelema, kitoe
pamilihna ?
Eta lantaran teu atjan terangeun pisan goenana
(hasilna) sakola, pangirana di sakola teh diadjar
noelis baë atawa matja boekoe djeung itoeng-itoe-
ngan. Halna djaba ti eta (poko), rea deui pangadja-
ran anoe perloe pikeun kaoetamaan djelema hirocp.
Koe Kangdjeng Toean Inspecteur, sakola teh dise-
bat : de bron van het leven. Tegesna sakola teh hoe-
loe wotan hiroep, sabab djaba ti poko tea, baroe-
dak teh dipaladjaran:
1. B e r s e k a : nja-eta awakna, papakeanana, pa-
rabot sakola, tempat dioekna koedoe bersih. Apik
baranghakan, oelah garawagan.
2. T a t a : nja-eta sagalapetaberesdjeung rintih
goejoeb atawa bareng djeung batoer, adab-adaban ;
keur ka menak, keur ka sasama, keur ka kolot. Ma-
ke pantes djeung lajak.
3. B a s a : bener makena, henteu pahili,iköur ka
menak djeung keur ka somah, bisa njarita, bentes
— 19 —

ngepokkéunana, djeung henteu tjawokah atawa tja-


loetak.
4. T o e k o e h : kana waktoe, saperti keur diga-
we (diadjar) oelah dipake oelin djeung sabalikna.
Mandi, njatoe, heës koedoe dina waktoena, djeung,
angger.
5. N o e r o e t : nja-eta ngalampahkeun parentah
goeroe, parentah kolot anoe bener saregep digawe, ha
de gawe djeung anggeus, tjepet bener, henteu bohong.
6. S o e k a : nja-eta njiar kaboengahan ati, tem-
bang, ngawih, tatabeuhan, ngadongeng, nendjoan
gambar aloes ^*rjotjoön), oelin djeung batoer, njieun
karadjinan.
7. H a d e hate, b e r e s i h a t i : Saperti rapih
djeung pada batoer moerid, tara maseaan, njaah ka
babatoeran, henteu pelekik, ka noe lian daëk noe-
loeng, sabar, tara goeroeng goesoeh, henteu koe-
maki, poepoedjieun/ si$c pidik, iren panastfen,
s

8. Q e m i: sapOTp! diadjar ngampihan doeit


(njengtjelengan), sangkan njaho di harga doeit, he-
sena njiar doeit, engkena sina bisa ngeureut mitjeun,
bisa mahi koe saeutik, rea njesa.
9. M i k i r atawa pamilih: nja-eta moekakeun akal
sangkan engkena bisa mikir, bisa milih hade djeung
goreng, salah bener, ngeunah teu ngeunah.
Demi sakola istri di Bandoeng ditambah ajeuna
3 roepa pangadjaran, nja-eta:
1. K a r a d j i n a n istri, saperti: njoelam,
njongket, ngarenda, ngabere, ngabedahan djeung
ngapoetna papakean, njieunkembang kertas, ngagam-
bar djeung djaba ti eta.
-20 —

2. Imah-imah, saperti: hal beberes, entep-art$


njeuseuhan nilepan djeung ngistrik papakean, ngoem-
bah djeung ngabersihan parabot, ngaroris pakarangan
djeung ngoeroes dahareun.
3. O 1 a h. Diadjar olah-olah deungeun sangoe,
djeung deungeun ngaleueut bangsa oerang.
Kapajoen-pajoenna baris diadjar ngabatik, njaët
a

noelis samping, totopong, karembong, djeung nga-


dawolong.
Koesabab eta boedak anoe tjoetjoed sakolana mah
nepi ka tamatna, beunang diarep-arep djadi djelema
hade, tjek babasan tjageur bageur, tjepet bener boh
awewe boh lalaki saroea baë.
Anoe ngarang mindeng mendak baroedak awewe
dipasar baroe di Bandoeng, kaloearan sakola istri
di Bandoeng, geus bisa noeloeng kolot kolotna,
njekel patlot djeung boekoe notes, noeliskeun ba-
rang, atawa njatet anoe majar hoetang, noe nga-
joeh dagangan. Djeung deui geus rea anoe dagang
koetang, badjoe erok, renda renda, sapoetangan soeat
Ieu geus kaoeninga koe noe agoeng, sarta djadi.
kaboengahanana, tina ningali kamadjoeanana abdi-
abdi. Sarta lamoen sakabeh orang priboemi (kolot
kolot) dimana-mendi geus ngarti kabeh kana hasilna
awewe disakolakeun, saperti noe enggeus-enggeus
di Bandoeng, tangtoe abdi-abdi beuki tambah-tam-
bah madjoena.
V
Ajeuna rek njaritakeun paham dokter, pasal boedak.
Ari tarekah (sarat) soepaja boedak pagegedeana-
na djadi djelema hade, tiboeboedakna koedoe tja-
geur, njaeta henteu rea kasakit dina badanna,
henteu apes pantjadriana, nja-eta: seukeut deuleu,
seukeut ambeu, awas denge, pertjeka, padang ati.
Saoer Raden Dockter Saleh penjakit eta aja doea
1. Kasakit bawa ngadjadi, ti barang gelar ka
doenja geus aja, eta kasakit diseboetna toetoeroe-
nan (ervelijke ziekten, atawa kwalen). Hartlna ka-
sakit, adat djeung tabeat ngala ka sepoeh-sepoehna.
2. Panjakit djeung adat kabiasadn, anoe da-
tang pandeuri nja-eta sanggeus gelar ka doenja,
saroepa rieut, lieur, seueul angen, moeles beuteung
djeung rea rea deui.
Djeung noeroetkeun koemaha tjatjampoeranana
djeung piaraünnana boedak, seperti tjampoer djeung
menak bisa adab tatakrama tjara menak, djeung
bisa djadi menak.
Sabalikna nadjan poetra menak ana teu dipiara
teu disakolakeun teu bisaeun djadi menak. Toeng-
toengna leungit ngaran kamenakanana, timboel go-
reng adat, goreng lampahna, mamawa kasarerea, di-
toeroetan koe somahan, nja eta lantaran teu di piara
atawa diogo ditoeroet sakarep-karepna ti leuleutik,
ari geus gede mah hese diwarahna. Geuning aja pa-
ribasa: Awi beunang soteh dipelengkang-pelengkoeng
keur ngora keneh, ari geus kolot mah manan beunang
kalah potong.
22 -

Eta doea roepa panjakit tea beunang didjaga, di-


oebaran koe tarekah, koe hade piaraanana, komo
lamoen noe asal (toeroenan) hade, ditambah koe
hade moelasarana, djadi tikel-menikel hadena. Koe
lantaran didjaga djeung ditarekahan tea, tetendjoana-
na, pamilihna tangtoe sedjen ti boedak anoe goreng
ngadjagana atawa piaraanana. Geuning kembang ros
beureum oge beunang diome, kembangna bisa djadi
aloes djeung warna-warna.
Kitoe deui baroedak Soenda anoe hade ngoeroes-
na, bisa oge mapakan ka oerang Eropa.
Sabalikna lamoen boedak henteu hade ngoeroesna,
tangtoe geringan berewit rea kasakit. Pagegedeana-
na goreng adat djeung sok belet atawa lembek pi-
kiranana, babari ngalampahkeunana kagorengan, ba-
barian kagoda, babarian kaolo, napsoena djadi gede,
tara katahan koe tanaga pikiranana, da geus lembek
ti leuleutik. Tah kitoe pahamna Raden Docter Sa-
leh.
Djeung saoer anoe paham kana perkara oeroesan
maladjaran baroedak (opvoedkundige), ingetan noe
terang atawa ati noe padang teh, ajana di noeba-
danna waras. ( E e n g e z o n d e z i e l i s i n e e n
gezond lichaam).
Aja deui saoer anoe pinter, ati padang toer waras
badan, eta manoesa sampoerna. ( E e n g e z o n d e
z i e l i n e e n g e z o n d l i c h a a m , d a t is de
v o l k o m e n mensch).
Anoe ngarang mendakan tjarios, di Europa aja hi-
dji toean djenenganana Thomas Alva Edison, iboe-
na hidji goeroe sakola. Eta Toean Edison disakola-
— 23 —

keunana ngan 6 boelan, toeloejna diwoeroek koe


iboena baë, diwedjang koe andjeun. Lantaran ati-ali
sarta hade maladjaranana, Toean Edison djaman
ajeuna djadi pangmashoerna di doenja tina sakitoe
kapinteranana terang pikiranana, diseboetna oge „ra-
dja listrik."
Mesin ngomong djeung telepon (soepaja beunang
dipake ngomong ka noe leuwih djaoeh, saperti ti Ban-
doeng ka Batawi),eta oge kapinteranana Toean Edison.
Koemaha ari bangsa oerang kira-kirana aja noe
pibisaeun kitoe?
Beu! djadjaoeheun, tjek babasan tea mah „djaoeh
tanah ka langit." Tatapi teu moestahil, teu kapang-
gih koe oerang, soegan koe anak intjoe, sabab dja-
man ajeuna oge geus mimiti bangsa oerang madjoe,
kaserepan kapinteran Eropa, tapi rereana bangsa pa-
meget, nja-eta poetra-poetra menak atawa anoe ba-
leunghar, ari istri mah tatjan pati rea.
Koemaha atoeh soepaja bangsa oerang tambah
madjoe ?
Hal ieu koe noe agoeng geus kamanah, nja-eta
awewena noe koedoe madjoe teh deui, palinter tja-
ra lalaki, sabab awewe teh anoe baris djadi indoeng,
manehna anoepangmimitina ngasoepan pangarti ka
djelema, nja-eta ka anak-anakna, awewe lalaki.
Djadi oetamana awewe bangsa priboemi teh koe-
doe njaho kana saniskara oeroesan awewe.
Anoe kaemoet koe noe ngarang aja 6 roepa:
I. Pasal ngoeroes boedak, ti oörok nepi ka meu-
djeuhna disakolakeun, bangsa oerang oemoer 6 ata-
wa 7 taoen.
— 24 —

II. ngadjaga boedak sapandjangna sakola keneh.


III. Geus landjang sarta tatnat sakolana.
IV. Boga salaki djeung imah-imah.
V. Teu boga salaki atawa katinggal koe salaki,
teu aja noe maradah.
VI. Kahiroepan awewe djaba ti boga salaki.
Pasal ieu sadajana baris ditjarioskeun ka pajoeri.

Anda mungkin juga menyukai