573/FPBS/0251/2013
SKRIPSI
ku
Kiki Pratiwi
0900541
KIKI PRATIWI
NIM 0900541
Pangaping II,
Kauninga ku
Oleh
Kiki Pratiwi
Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar
Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni
Februari 2013
dengan dicetak ulang, difoto kopi, atau cara lainnya tanpa ijin dari penulis.
Kiki Pratiwi2
ABSTRAK
1)
Skripsi ini dibimbing oleh Dr. Dedi Koswara, M.Hum. dan Retty Isnendes, S. Pd, M. Hum.
2)
Mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI Bandung angkatan 2009
i
Kiki Pratiwi, 2013
ANALISIS DÉKONSTRUKSI DINA KUMPULAN CARPON SERAT SARWASATWA KARYA GODI
SUWARNA
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
ANALISIS DÉKONSTRUKSI DINA KUMPULAN CARPON
SERAT SARWASATWA KARYA GODI SUWARNA3)
Kiki Pratiwi4
ABSTRACT
3)
Skripsi ini dibimbing oleh Dr. Dedi Koswara, M.Hum. dan Retty Isnendes, S. Pd, M. Hum.
4)
Mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI Bandung angkatan 2009
ii
Kiki Pratiwi, 2013
ANALISIS DÉKONSTRUKSI DINA KUMPULAN CARPON SERAT SARWASATWA KARYA GODI
SUWARNA
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
DAPTAR EUSI
Kaca
ABSTRAK .................................................................................................................... i
PANGJAJAP ............................................................................................................... ii
TAWIS NUHUN ......................................................................................................... iii
DAPTAR EUSI ........................................................................................................... vi
DAPTAR GAMBAR .................................................................................................. xi
DAPTAR TABEL ..................................................................................................... xii
DAPTAR BAGAN .................................................................................................... xiii
DAPTAR LAMPIRAN ............................................................................................ xiv
BAB I BUBUKA
4.5.1 Babandingan Galur Carita Wayang Mahabarata jeung Carita Pondok Suluk
Mahasukma .................................................................................................. 104
4.5.2 Babandingan Galur Carita Wayang Ramayana jeung Carita Pondok Serat
Sarwasatwa, Serat Smaradahana, jeung Serat Kala Mesat ........................... 109
4.6 Indikator Mikir Dékonstruktif Godi Suwarna dina Kumpulan Carpon Serat
Sarwasatwa ................................................................................................... 115
1
Kiki Pratiwi, 2013
ANALISIS DÉKONSTRUKSI DINA KUMPULAN CARPON SERAT SARWASATWA KARYA GODI
SUWARNA
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
2
ngawada, ngabongkar atawa nyulayaan ma‟na. Hal ieu mangrupa kagiatan maca
kritis nu bebas pikeun néangan téks nu kontradiktif jeung maksud pangarangna
tapi ogé pikeun nyiptakeun ma‟na anyar nu sipatna plural.
Hukum ingkar filsafat mangrupa konsép asal dekonstruksi. Ieu hal
mangrupa buah pikir Derrida, salasahiji filsuf penting dina abad ka-20 jeung ka-
21. Metode atawa maca dékonstruksi taya lian ti néangan kagagalan, kasalahan
nepi ka éta karya téh teu sampurna tina bebeneran atawa konvénsi tunggal nu
salila ieu jadi puseur (Isnendes 2010:35). Dina metode dékonstruksi aya prosés
ngaruntuhkeun susunan hierarki tina hiji struktur téks. Ieu hal téh pikeun
ngamunculkeun atawa ngahirupkeun kakuatan ma‟na anu nu nyumput jeung
nyangkaruk di satukangeun téks.
Saperti nu dipedar di luhur, carpon téh mangrupa salasahiji genré sastra
Sunda modérn. Carpon mangrupa wancahan tina carita pondok. Numutkeun
Iskandarwassid (2010, 113) carpon, nya éta carita karangan (tinulis) rékaan atawa
fiksi dina wangun prosa, lancaran naratif. Galur caritana relatif basajan lantaran
jumlah kajadian caritana henteu réa, museur kana hiji kajadian utama, mangrupa
hiji “épisode” palakuna ogé nu ukur dua atawa tilu. Ku lantaran kitu, ieu carita téh
relatif pondok. Umumna mah jejer, latar (setting) jeung kajadian téh diolah tina
kahirupan kiwari.
Dina kumpulan carpon Serat Sarwasatwa karya Godi Suwarna katitén aya
ma‟na-ma‟na nu nyamuni di satukangeun téks. Lian ti éta, pamikiran-pamikiran
unik nu nyangkaruk (ngarempak konvénsi di masarakat) dina kagemblengan
struktur carponna. Tujuan dékonstruksi nya éta ngungkab oposisi-oposisi hierarkis
implisit nu aya dina téks (Al-Fayadl, 2012:80). Dékonstruksi miboga pancén
pikeun ngabongkar struktur sangkan manggihan ma‟na anyar nu nyamuni di
satukangeun téks lain pikeun ngawada atawa nyingkahan struktur. Sanajan kitu,
dina enas-enasna mah metode dékonstruksi bisa dipaké pikeun ngaguar unggal
téks karya sastra, boh nu dianggap „penting‟ boh nu dianggap „kurang penting‟
atawa „teu penting‟ tur taya patalina jeung struktur dina karya sastra. Misalna baé
maluruh ma‟na dékonstruktif dina téks catatan kaki (footnote), panganteur,
gambar jeung warna jilid, atawa jumlah kaca. Ku lantaran kitu, dina pajemuhan
4) Kumaha latar carpon nu aya dina kumpulan carpon Serat Sarwasatwa karya
Godi Suwarna disawang tina jihad dékonstruksi?
5) Kumaha galur carpon nu aya dina kumpulan carpon Serat Sarwasatwa karya
Godi Suwarna disawang tina jihad dékonstruksi?
4) latar carpon nu aya dina kumpulan carpon Serat Sarwasatwa karya Godi
Suwarna disawang tina jihad dékonstruksi;
5) galur carpon nu aya dina kumpulan carpon Serat Sarwasatwa karya Godi
Suwarna disawang tina jihad dékonstruksi;
41
Kiki Pratiwi, 2013
ANALISIS DÉKONSTRUKSI DINA KUMPULAN CARPON SERAT SARWASATWA KARYA GODI
SUWARNA
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
42
No :....................................................
1. Judul:...........................................
2. Sinopsis:......................................
3. Tokoh jeung panokohan :............
4. Puseur Implengan :......................
5. Latar :...........................................
6. Galur :..........................................
muru karaton Amarta sarta ngarebut tahta Pandawa (Serat Sarwasatwa), Dewi
Sinta nu mitresna Dasamuka, Raja Alengka nya éta Rahwana (Serat
Smaradhana), Parikesit nu ngarobah sistim karajaan jadi republik, Parikesit jadi
presiden jeung Dawala nu jadi wakilna. Parikesit jeung Dawala teu disaluyuan
pangsiun ku masarakat. Tungtungna Parikesit jeung Dawala diudag-udag ku
sakabéh rahayatna (Apanjang-Apunjung), Sang Maruti (Anoman) diutus ka
Aléngka ku Sri Rama tapi kalah nyasar ngaliwatan lorong waktu ka Republik
Hanjuang nu saéstuna dipingping ku Rahwana jeung Dewi Sinta dina wujud
manusa (Serat Kala Mesat), Desa Tumaritis nu wargana pada-pada nyalonkeun
Kuwu, sarta ahirna pamilihan kuwu ditangtukeun ku ayana Dangiang (Lung-Leng,
Mang Léngsér nu ngabéwarakeun yén bakal aya Mundinglaya nu datang ti
Jabaning Langit sarta mawa sabda tetekon hirup hurip pikeun nu rumingkang
(Séwang-séwang), Kuwu Acah nu tetep jeneng jadi kuwu sanajan geus jadi layon
nu sirahna guplak-gaplek (Karamat Kuwu Karamat), Kuwu Adud nu katarajang
panyakit bisul medu (Bruk-Brak), Markum nu dibélok ku Ki Kuwu sarta wargana
sabab Markum dianggap ngadadak siwah (Karunya Nya), Kabayan nu ngarasa
bosen jadi tokoh nu dianggap pikaseurieun ku masarakat tapi masarakat maksa
sangkan Kabayan pikaseurieun nepi ka manéhna ngagantung manéh, masarakat
tetep nganggap Kabayan keur ngabodor (Gur-Ger), ayana beker nu getihan
sedengkeun tokoh Pa Kodir dijieun tina kabel jeung baud saperti robot (Tik-Tek),
jeung guntrengna kalbu antara bebeneran (katuhu) jeung kagorengan (kenca)
(Gusti-Gusti) .
3.6.1 Tatahar
Dina ieu tahap, léngkah-léngkah garapan téh saperti ieu di handap.
1) Ngumpulkeun sumber pustaka atawa buku-buku nu aya patalina jeung baris
ngarojong kana ieu panalungtikan, di anatarana buku-buku nu medar
ngeunaan metode panalungtikan sastra, carpon jeung analisis dékonstruksi,
jeung hususna buku kumpulan carpon Serat Sarwasatwa karya Godi
Suwarna.
2) Macaan buku-buku nu gus dikumpulkeun.
3) Nyieun watesan jeung rumusan masalah.
4) Ngasongkeun judul panalungtikan.
5) Nyusun ngararancang proposal panalungtikan.
6) Konsultasi jeung ménta panyaluyuan ka dosén pangaping I jeung dosén
pangaping II.
47
LEMBAR PENGESAHAN
LEMBAR PERNYATAAN
ABSTRAK
PANGJAJAP
DAPTAR EUSI
DAPTAR GAMBAR
DAPTAR BAGAN
DAPTAR LAMPIRAN
BAB I BUBUKA
BAB II CARPON JEUNG ANALISIS DEKONSTRUKSI
BAB III METODOLOGI PANALUNGTIKAN
BAB IV ANALISIS DÉKONSTRUKSI DINA KUMPULAN CARPON SERAT
SARWASATWA KARYA GODI SUWARNA
BAB V PANUTUP
DAPTAR PUSTAKA
LAMPIRAN
RIWAYAT HIRUP
BAB V
KACINDEKAN JEUNG SARAN
5.1 Kacindekan
Objék ieu panalungtikan téh nya éta kumpulan carpon Serat Sarwasatwa
karya Godi Suwarna, anapon anu jadi talaahna nya éta nganalisis carpon disawang
tina jihad dékonstruksi salaku métode paling mutakhir dina pajemuhan sastra
kiwari, kaasup sastra Sunda. Metode nu dipaké dina ieu panalungtikan téh nya éta
metode deskriptif analisis sedengkeun teknik nu digunakeun dina ieu
panalungtikan téh nya éta ulikan pustaka jeung analisis data. Dumasar analisis
kana data anu geus dilaksanakeun, ieu panalungtikan téh hasilna bisa
dicindekkeun saperti ieu di handap.
Kahiji, tina 13 judul carpon nu aya dina ieu buku kumpulan carpon Serat
Sarwasatwa téh tétéla aya genep atawa 46% judul carpon nu ngandung pamikiran
dékonstruktif. Genep carpon ieu téh nya éta Suluk Mahasukma, Serat
Sarwasatwa, Serat Smaradahana, Apanjang-Apunjung, Serat Kala Mesat, jeung
Karunya Nya.
Kadua, tina 13 judul carpon nu aya dina ieu buku kumpulan carpon Serat
arwasatwa téh tétéla aya tokoh-tokoh nu mahiwal, unik sarta ngarempak konvénsi
anu geus aya di masarakat. Dina 13 judul carpon ieu téh aya 91 tokoh nu
ngawengku 33 tokoh lulugu jeung 58 tokoh tambahan. Tina 33 tokoh lulugu nu
dianalisis katitén aya 29 atawa 88% tokoh nu unik jeung mahiwal sabab
ngarempak konvénsi nu geus aya di masarakat, nya éta tokoh Suyudana,
Yudistira, Bisma, Gatotgaca jeung Bima (Suluk Mahasukma), Rahwana,
Kumbakarna, Sarpakanaka, Wibisana, jeung Pandawa (Serat Sarwasatwa),
Rahwana, Déwi Sinta, Sri Rama, jeung Anoman (Serat Smaradahana), Parikesit
jeung Dawala (Apanjang-Apunjung), Déwi Sinta (Serat kala Mesat), Cépot,
Dawala, Garéng (Lung-Leng), Mang Léngsér jeung Mundinglaya (Séwang-
séwang), Kuwu Acah (Karamat Kuwu Karamat), Kabayan jeung Iteung (Gur-
Ger), Kuring, Pa Wahyu, jeung Pa Kodir (Tik-Tek), sarta tokoh Orok (Gusti!
Gusti).
118
Kiki Pratiwi, 2013
ANALISIS DÉKONSTRUKSI DINA KUMPULAN CARPON SERAT SARWASATWA KARYA GODI
SUWARNA
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
119
Katilu, teu katitén aya puseur implengan anu mahiwal atawa ngarempak
konvénsi nu geus aya. Tina 13 judul carpon nu aya dina ieu buku kumpulan
carpon Serat Sarwasatwa tétéla aya 12 carpon nu ngagunakeun puseur implengan
jalma katilu atawa anu sok disebut third person narrative kalayan ngagunakeun
gabungan métode objektif jeung métode romantik ironik, hartina pangarang
nyaritakeun sakabéh prosés nu dialaman ku tokoh ngaliwatan pikiran, rasa, jeung
sarwa nyaho tapi teu ngoméntaran atawa mapatahan kana naon nu dilakukeun ku
tokoh. Sanajan kitu, katitén aya hiji koméntar pangarang ka tokoh Markum dina
carpon Karunya Nya.
Kaopat tina 13 judul carpon nu aya dina ieu buku kumpulan carpon Serat
Sarwasatwa téh tétéla aya 39 latar atawa setting nu ngawangun tiap leunjeuran
carita. 39 latar ieu téh ngawengku 13 latar waktu, jeung 13 latar sosial. Tina 39
latar ieu téh aya dalapan atawa 20,5% latar nu unik jeung mahiwal sabab
ngarempak konvénsi nu geus aya di masarakat. Genep latar ieu téh nya éta latar
tempat jeung latar sosial dina carpon Serat Sarwasatwa, latar tempat jeung latar
sosial dina carpon Apanjang-Apunjung, latar waktu jeung latar sosial dina carpon
Serat Kala Mesat, latar Sosial dina carpon Séwang-séwang, jeung latar sosial dina
carpon Tik-Tek.
Kalima, tina 13 judul carpon nu aya dina ieu buku kumpulan carpon Serat
Sarwasatwa tétéla aya opat judul carpon atawa 31% tina 13 judul carpon nu galur
caritana ngandung pamikiran dékonstruktif sabab katitén galur caritana nyulayaan
atawa ngarempak konvénsi galur carita pawayangan Ramayana jeung
Mahabarata nu geus dipikawanoh sacara umum ku masarakat. Opat judul carpon
ieu téh nya éta Suluk Mahasukma, Serat Sarwasatwa, Serat Smaradahana, jeung
Serat Kala Mesat
Kagenep, indikator mikir dékonstruktif Godi Suwarna katitén tina ayana
misi Godi Suwarna pikeun nepikeun kritik jeung sindirna kana kahirupan jaman
kiwari nu dituduhkeun ku oposisi antara “menolak tradisi” jeung “bertolak dari
tradisi” nu satuluyna nyangkaruk hiji ma’na nu mangrupa hakékat bebeneran dina
karya sastra. Bisa dicindekkeun ogé, yén carpon-carpon nu aya dina buku
kumpulan carpon Serat Sarwasatwa téh sacara umum masih kénéh aya dina
5.2 Saran
Ieu panalungtikan dumasar kana analisis dékonstruksi dina kumpulan
carpon Serat Sarwasatwa karangan Godi Suwarna téh kakara museurkeun panitén
kana perkara ma’na dékonstruktif struktur, anu ngawengku: 1) judul, 2) tokoh
jeung panokohan, 3) puseur implengan, 4) latar, jeung 5) galur carita. Ku kituna,
disarankeun sangkan aya nu nalungtik atawa nganalisis kumpulan carpon Serat
Sarwasatwa anu leuwih lega jeung jembar ambahan wengkuan strukturna.
Salian ti éta, ieu panalungtikan téh murni ulikan sastra. Ku kituna, perlu
aya panalungtikan kana karya sastra, lain ngan ukur kumpulan carpon Serat
Sarwasatwa dumasar analisis dékonstruksi anu museurkeun paniténna atawa
dipatalikeun kana pangajaran basa jeung sastra Sunda di sakola.