Anda di halaman 1dari 2

PUPUH SINOM

Diajar jaman ayeuna


Teu bisa langsung papanggih
Kusabab wabah korona
Diajar sering di Tivi
Sakapeung mah teu ngarti
Indung bapa ngilu bingung
Mun teu aya kuota
Tapi pamarentah ngarti
Keur diajar urang dibere kuota

Ngadua kanu kawasa


Supaya bisa papanggih
Diajarna disakola
Tangtu urang bakal ngarti
Dina nyuprih pangarti
Diajar langsung ka guru
Tangtu beda rasana
Urang bakal suka ati
Di sakola suka suka galumbira

Sanajan bosen rasana


Urang sadrah tumarima
Takdir nu Maha Kawasa
Bari kudu sing tarapti
Sanajan urang paanggang
Ulah kurang sumangetna
Keur ngahontal cita cita
Bari kudu jaga diri

Teu kendat urang ngadua


Ngadua kanu Kawasa
Hayang geura ka sakola
Jeung babaturan papanggih
Dialajar galumbira
Diajarna di sakola
Keur ayeuna mah wayahna
Urang can bisa papanggih

Anda mungkin juga menyukai