Anda di halaman 1dari 6

Du’a

(Haturan Pa Otto Iskandar Dinata)


Apip Mustopa
jungjunan
pangnangkepkeun éta nyawa
nu indit taya nu nanya
taya tapakna di dunya
angin
pangusikkeun sapangeusi buana
yén aya sinatria anu perlaya
di wewengkon langit sunda
bulan
baturan éta nyawa nu ditundung
di tempat baktina taya nu daék ngajungjung
hé panonpoé
geura awurkeun panas nu ngaduruk sagala
sangkan ieu dada
sakumna nyawa sunda
nyaho boga pahlawan digjaya
(Dikutip dari buku Srangéngé Jakarta, 1999)
DURMA

Poko
Di mamana panjajah pada marudah
lantaran dikiritik
ku ahli nagara
yén éta lampah jahat
tatapi kalah mudigdig
ambek-ambekan
dasar nu buta tuli
Panambih
Di mamana si penjajah
pada amarah marudah
manan kapok anggur gawok
najan dipoyok dirojok
nagri sabuana umumna ngabéla (nyarela)
nyempad rosa pulitik penjajah
tapi nu ngajajah teu pasrah teu sadrah
terus meres ngahina ngarinah
Asmarandana
Poko
Aya nu lumpuh musapir
bari sila sisi jalan
kadupak ku anu lolong
anu eukeur barangsiar
néangan sandang pangan
anu lolong gebut labuh
nu kadupak katindihan

Panambih
Nu lolong teu bisa ningal
nu lumpuh teu bisa leumpang
mun pareng pada barengal
antukna pabedang-bedang
nu lumpuh reujeung nu lolong
mun daék garotong royong
nu lumpuh sadrah digandong
nu lolong moal titajong
GURISA
Poko
Waktu barudak keur mijah
arulin semu barungah
keur hujan gedé pohara
barudak breng lalumpatan
ngiuhan di balédésa
ngadago raatna hujan

Panambih
Aya barang weweg panjang
tatapi pondok ngaranna
na di mana nya ayana
sarta keur naon gunana
di antara batur urang
di antara batur urang
cing sugan aya nu terang
cing sugan aya nu terang
MIJIL
Poko
Aduh Gusti Anu Maha Suci
sim abdi rumaos
pangna abdi dumugi ka késrék
réh ka sepuh parantos ngusir
takabur sareng dir
téga nundung sepuh
Panambih
Aduh Gusti Nu Kawasa
jisim abdi ageung dosa
pangna abdi gering nangtung
réh ka sepuh wantun nundung

Pédah sepuh taya harkat


kokoro sareng masakat
ku sim abdi teu diaku
ditokér sarta disatru
JURUDEMUNG
Poko
Mungguh nu hirup di dunya
ku kersaning Anu Agung
(ku kersaning anu agung)
geus pinasti panggih (geus pinasti)
geus pinasti panggih
jeung dua rupa perkara
senang paselang jeung bingung

Panambih
Mungguh hirup di alam dunya
ku kersaning Nu Kawasa
geus pinasti bakal panggih
sukabungah jeung kasedih
dua rupa nu tumiba
ka kabéh jalma di dunya
senang patumbu jeung bingung
éta geus tangtu kasorang

Anda mungkin juga menyukai