Anda di halaman 1dari 8

Balada PDIP

Oleh: Ucu Aulia

Hiji poe barudak SMA keur ngarumpul; datang si Kanta sabari gurumusuh.

Kanta: “halow barudak! kumaha daramang atuh euy? udud mana udud atuh euy?”

Danta: “naha ari maneh meuni gurumusuh kitu kanta? saantuy atuh, santuy!”

Kanta: “eh, sing horeng teh aya si bos... punten bos”

Albert: “wah, kudu di slepet eta mah bos”

Sarerea: “sikaaaat!”

Kanta: “eh, sarelow atuh... da ukur hereuy hungkul abi mah”

Sarerea: “hahaha”

Danta: “tos jep repeh, ayena abi bakal ngumumkeun hiji perkara nu kacida pentingna jeung
sarerea! dangukeun jeung regepkeun; kusabab nagara ieu seeurna ayeuna teh dipimpin ku
pajabat anu ngalakuken korupsi, masarakat jadi sangsara! duit pajak nu tadina keur
ngabaguskeun fasilitas nagara malah dipake jeung ngabeungharan pejabat, biadab!”

“barudak!”

Sarerea: “euy”

Danta: “ti ayena keneh, abi nyatakeun bahwa urang sarerea bakal misahkeun diri ti indonesa!
satujuu?”

Sarerea: “satujuuu, bos”

Danta: “ti ayeuna keneh oge, urang resmikeun nagara urang sarerea nyaeta PDIP, hidup
PDIP”

sarerea: “hidup”

Kanta: “PDIP teh singkatan na naon, bos? Partai Demokrasi Indonesia Perjuangan kitu?”

Albert: “ngalantur maneh mah kanta! dangukeun heula atuh si bos”

Sarerea: “huuu! uuu aaa uuu aaa”


Danta: “jep repeh barudak! PDIP teh lain Partai Demokrasi Indonesia Perjuangan atanapi
singkatan tina Perserikatan Danta Indiesme Perjuangan”

Bintang: “nagara naon eta teh, bos?”

Danta: “nagara ieu teh, kumpulan pamuda-pamudi nu menjujung tinggi nilai indiesme”

Albert: “indiesme? naon deui eta?”

Kanta: “sruput kopi, aplod poto senja make quote Mahatma Gandhi”

Langit: “so nyaho pisan si Kanta mah! dangukeun heula atuh si bos”

Danta: “jep, repeh barudak! nagara ieu teh nyaeta nagara anu rakyatna cinta literasi jeung
tulisan”

“hidup selalu kata-kata”

“hidup” (sarerea)

Bintang: “nagara na aya dimana eta bos?”

Danta: “nya didieu, di kantin”

Langit: “edan euy! urang mah, mun hayang miceun ge ka nagara tatangga, bos!”

Danta: “taaah, eta!”

Albert: “langit, rek kamana maneh atuh euy?”

Langit: “rek ka nagara tatangga”

sarerea: “hahaha”

Albert: “Agnez!”

Agnez: “yaa?”

Albert: “kamu cinta tanah air? indonesa!”

Agnez: “aku bukan rakyat indonesa, aku cinta Amerika!”

Albert: “kalau abi mah nya, cinta semua negara. cinta korea utara, cinta palestina”

Agnez: “cinta Amerika juga?”

Albert: “yaa!”
Agnez: “mengapa banyak?”

Albert: “yaa karena cinta dan kasih sayangku luas! menembus batas-batas teritorial!”

Kanta: “Agnez, kamu kan orang asing yah! gimana kalau kamu jadi kedutaan besar Amerika
aja di negara PDIP, satuju?”

sarerea: “satuju!”

Agnez: “yaa syudah syudah, aku mau”

Danta: “ayeuna urang upacara, albert geura pasangkeun bendera na!”

Albert: “siap bos”

“untuk amanat, seluruhnya menyanyikan lagu kebangsaan Perserikatan Danta Indiependen


Perjuangan grak!”

Kau nikmati kopi dengan senja

Maksudmu apa?

Lirik lagu cinta tentang senja

Maumu apa?

Senja, senja tai anjing

Senja, senja tai anjing

Upload foto senja pake quote

Mahatma Gandhi

Ngaku ngaku indie tapi playlist

Hasil subsidi

Senja, senja tai anjing

Senja, senja tai anjing

Pengen tampil beda tapi tetap

Hasilnya sama
Pengennya jekdi tapi mentok

Di intisari

Senja, senja tai anjing

Senja, senja tai anjing

Senja, senja tai anjing

Senja, senja tai anjing

saanggeus nyaranyi lagu kebangsaan, jol si Bara rakyat PDIP leumpang ngesod.

“bos... bosss!”

Danta: “Bintang! kunaon maneh bisa kieuuu? langit, kunaon si Bintang?

Langit: “teuing bos, ujug-ujug diserang”

Danta: “kusaha di serang na, dimana?”

Langit: “teuing bos, maranehna marawa pistol, terus ujug-ujug dijederkeun ka si Bara, kawas
na mah aparat nagara tetangga sih bos, indonesa! rek ngabubarkeun nagara urang, separatis
ceunah bos!

Danta: “eleuh, wawanianan ngahudangkeun macan keur sare, hayu urang ka nagara
tatangga!”

sarerea: “siap bos”

Danta: “seraaaaang!”

sateuacan nyerang, si Danti kabogohna si Danta datang nyegat.

Danti: “Danta, kamu rek kamana?”

Danta: “Danti, kamu rek naon kadieu?”


Danti: “Danta rek nyerang Indonesa? pan Danta teh rakyat Indonesia! kunaon Danta arek
nyerang sagala? Danta henteu cinta tanah air?”

Danta: “hei... hei... hei... Danti, Danta mah ukur rek ulin hungkul ka nagara tatangga”

Danti: “Danta mah ngabohong wae ka Danti! Danti oge nyaho atuh Danta rek nyerang. sok,
coba pikirkeun sakali deui, naon sih mangpaatna nyerang? Danta rek ngagulingkeun
kamerdakaan Indonesa? Danta tega ka pahlawan anu tos ngalawan penjajah kulantaran
memperjuangkan kemerdekaan Indonesia? dina tv, dina koran, dina radio, pan dicaritakeun
sesahna para pahlawan ngalawan penjajah. Danta teu karunya, hah?”

Danta: “Danti dangukeun heula atuh, Danta teh miris nempo rakyat Indonesia dipimpin ku
pamingpin nu teu balener, korupsi dimana-mana tepika bansos di korupsi oge Danti! dimana
hati nurani para pejabat nu tepika tegana nyengsarakeun rakyat? dimaaaana?”

Danti: “tujuan Danta teh bagus, tapi lain kucara kieu ngaekspresikeunana! separatis eta teh
Danta! Danti teh sieun, mun Danta kena ciduk, kena tangkap”

Danta: “moal Danti, do'akeun Danta!

Danti: “pokonamah, mun Danta teu nurut ka Danti, geus we sampe didieu hubungan urang.
urang putus!”

Si Danti ninggalkeun eta tempat sabari ceurik, sedengkeun si Danta tetep rek nyerang.

“basmi kaum separatis, tangkaaap!”

Danta: “seraaaang!”

tuluy PDIP jeung aparat negara teh keur baraku hantam.

saanggeus rengse, si Danta tuluy nyumput di tempat kosong kusabab hampir kena tangkap.

Danta: “aduuuh, peurih geuning lengeun teh. sugan saetik musuh teh, sing horeng nepika aya
ratusna! kamarana atuh ieu barudak, moal kitu beunang ku musuh mah? ih, baraid ah! abi
yakin maranehna pasti moal kena tangkap”
laju datang budak punk ngadeketan si Danta sabari ngageplak tonggongna.

“aaa” (Danta)

Ipang: “cebu atuh a”

Danta: “ari maneh meuni ngareuwas”

Ipang: “cebu a”

Ipung: “tong sabari sesentak kitu atuh sia teh, sing sopan!”

Danta: “cebu teh sarebu? jeung naon?”

Ipang: “biasalah a”

Danta: “biasa teh naon?”

Ipang: “sut... maneh mah rewel nanya wae. rek mere moal cebu?

Danta: “keur naon sarebu teh? asa karagok teuing”

Ipung: “bagi oge tah ka abi maneh pang, sok ditilep kusorangan maneh mah!”

Danta: “tos, tong pasea wae, tah 100 rebu”

Ipang: “weees... ulah mun pasea aa, urang mah punk in love, peace in love”

Danta: “naon peace in love?”

“cinta damai” (Ipang & Ipung)

Danta: “ke... ke... ke..., nyaho timana abi di teangan ku polisi?”

Ipung: “abi kan nempo warta di tv, gerakan separatis tos ngaresahkeun masarakat, mun teu
salah mah, ngaran pamingpin na teh Danta Anaking Senja , disebatna Danta”

kadangu sora tembakan ti jauh.

Ipang: “alah siah, Danta teh aa kitu? sok, aa ayeuna nyumput tuh diditu, moal dibejaken ieuh
da ku abi ge”

Ipung: “muhun a, sok geura nyumput! moal kunanaon bro... brow!”

saanggeus nyumput, opat orang polwan keur kontrol.


Ipang: “aduuuh, gareulis kieu euy si ibu”

Polwan 1: “nuju naon maneh duduaan didieu?”

ipang: “henteu buu, henteu, demi Alloh... urang mah teu ngalakuken nanaon, si ieu cuman
noel jantung abi”

Polwan 2: “heh maneh! malah ngajak hereuy nya”

Polwan 3: “saya keur milarian jalma nu lumpat kadieu, pamingpin gerakan separatis”

Ipung: “eleuh, separatis teh saha kitu nya pang?”

Ipang: “teuing euy, taroskeun ka si ibu”

Ipung: “separatis teh naon bu?”

Polwan 3: “gerakan misahkeun diri ti indonesa teras ngabangun nagara baru”

Polwan 1: “heh, naha jadi loba tanya maneh teh?”

Polwan 2: “heh, maneh ningali jalma kadieu teu?”

Polwan 3: “heh, maraneh tong ngagetem wae!”

Ipang & Ipung: “saantuy atuh bu, urang mah punk in love, peace in love, cinta damai”

Polwan 1 2 3: “huuuh” (ngagebrak)

Ipang: “ke... ke... ke...”

Polwan 3: “naon deui?”

Ipang & Ipung: “punk in love, peace in love, cinta damai”

polwan 1 2 3: “jurig siah!” (ngagebrak) ninggalkeun eta tempat.

Ipung: “heh, pariksa heula atuh”

Ipang: “aman, bro... brow”

teu lila ti eta, si Danta tuluy kaluar ti panyumputan na.

Ipang: “alaah... hahaha... kasep-kasep teu bisa leumpang”

Danta: “naruhun nya, tos nyalametkeun nyawa abi”


Ipung: “abi mah a, kieu-kieu oge paling teu resep ningali rakyat di hantem ku aparat, lain ku
kieu carana, pan urang teh nagara demokrasi”

Ipang: “tos a, ayeuna mah jadikeun pelajaran weh nya. teuing nyorakeun pendapat tapi
entong ari nyieun pemberontakan mah nya, urang kudu nurut ka hukum nagara ieu”

Ipung: “pokonamah, kudu punk in love, peace in love, cinta damai”

TAMAT

Anda mungkin juga menyukai