Anda di halaman 1dari 4

KHUTBAH JUM’AH

NOMOR Dikaluarkeun ku : TAUN

01 Seksi Bimas Islam 2021


Kantor Kementerian Agama Kota Banjar

SYUKURAN DATANGNA TAUN ANYAR

ِ ِ ِ ِ َ‫هلل الَّ ِذى اَْنعم علَينَابِنِعم ِة اْ ِالمْي‬


ِ ‫اَحْل م ُد‬
‫ك‬ُ ‫ك لَ هُ الْ َمل‬ َ ْ‫ اَ ْش َه ُد اَ ْن الَّال هَ االَّاهللُ َو ْح َدهُ الَ َش ِري‬.‫ان َواْ ِال ْس الَِم‬
'AH َْ ْ َ ََ ْ َْ
‫ص ِّل َو َس لِّ ْم َوبَ ا ِر ْك َعلَى َعْب ِد َك‬ ِ
َ ‫ اَللّ ُه َّم‬.‫ب الْ َم َق ام‬
ِ ‫ واَ ْش ه ُد اَ َّن حُم َّم ًدا عب ُده ورس ولُه ص‬,‫الْعالَِم‬
‫اح‬
ُ َ ُ ْ ُ َ َ ُ َْ َ َ َ َ
‫ اَِّت ُق وا ا‬,‫اهلل‬
ِ ‫اعباد‬ ِ
َ َ َ‫ َفي‬:‫ اَمَّ َاب ْع ُد‬.‫صابِْي ِح الظَّالَِم‬ ِ ِ ِ ِ َ‫ك سيِّ ِدنَا حُم َّم ٍد َّوعلَى اَلِِه وا‬
َ ‫ص َحابِه اْالَئ َّمة اْالَ ْعالَم َم‬ْ َ َ َ
ِ
َ َ ‫َو َر ُس ْول‬
ِ ‫ بِس ِم‬.‫الر ِجي ِم‬ ِ َّ ‫اهلل ِمن‬ ِ ِ ِ ِ ِ ِ ‫ال اهلل َتع ىِف‬
‫اهلل الرَّمْح ِن‬ ْ ْ َّ ‫الش ْيطَان‬ َ ‫ اَعُ ْوذُ ب‬: ‫اىل كتَب ه الْ َك ِرمْي‬ َ َ ُ َ َ‫ َف َق ْد ق‬,ُ‫هللَ َح َّق َت ْق َواه‬
١٨ َ‫وا ٱهَّلل ۚ َ إِ َّن ٱهَّلل َ خَ بِي ۢ ُر بِ َما ت َۡع َملُون‬ ٞ ‫وا ٱهَّلل َ َو ۡلتَنظُ ۡر ن َۡف‬
ْ ُ‫س َّما قَ َّد َم ۡت لِغ َٖۖد َوٱتَّق‬ ْ ُ‫ ٰيَٓأَيُّهَا ٱلَّ ِذينَ َءا َمن‬. ‫الر ِحي ِم‬
ْ ُ‫وا ٱتَّق‬
ْ َّ
Hadirin jamaah jum’ah rohimakumulloh
Sadayana puji miwah syukur anu mabrur nyaeta anu disarengan ku tafakur sareng tadzakur urang
sanggakeun ka dzat Alloh robbun gofur, anu parantos maparinan ni’mat panjang umur ka urang
sadayana utamina ni’mat islam, iman sareng ihsan. Sahingga urang sadaya ayeuna parantos dugi dina
taun enggal nyaeta taun 2021. Rohmat sareng kasalametan mugia didugikeun ka panutan urang
kangjeng Nabi Muhammad S.A.W., anu janten rohmat kasadaya alam.
Hadirin jamaah jum’ah anu sami mulya !
Alloh ngadawuh dina Al-Qur’an surat Al-Hasr ayat 18 anu unggelna:
َ‫وا ٱهَّلل ۚ َ إِ َّن ٱهَّلل َ خَ بِي ۢ ُر بِ َما ت َۡع َملُون‬ ٞ ‫وا ٱهَّلل َ َو ۡلتَنظُ ۡر ن َۡف‬
ْ ُ‫س َّما قَ َّد َم ۡت لِغ َٖۖد َوٱتَّق‬ ْ ُ‫ٰيَٓأَيُّهَا ٱلَّ ِذينَ َءا َمن‬
ْ ُ‫وا ٱتَّق‬
Hartosna: Yeuh Jalma-jalma nu iman! Kudu taqwa aranjeun ka Alloh sarta saban jalma kudu nengetan
diri kana naon anu geus di pilampah pikeun jaga, jeung kudu taqwa anjeun ka Alloh, saenyana Alloh
maha uninga kana sanes kanten anu parantos dipilampah ku anjeun. (al-Hasr: 18)
Dina ayat nembe Alloh ngagero ka jalma-jalma nu iman, supaya merhatikeun kana naon-naon anu
parantos dipilampah kanggo tahun, sasih, sarta dinten anu bakal kasorang ku urang. Teu karaos yuswa
urang sadayana nambihan sataun deui, hakekatna yuswa urang dikirangan sareng nyaketkeun urang
sadayana ka rumah masa depan, nyaeta kuburan. Pelajaran anu sae kanggo urang sadayana tina
perjalanan waktu ieu nyaeta urang kedah emut, oge evaluasi atanapi merhatoskeun amal urang anu
parantos dipilampah dina taun kapengker. margi satiap tahun, bulan, minggu, dinten, jam, menit bahkan
detik eta teh bakal di suhunkeun pertanggung jawaban dipayuneun Alloh S.W.T., dianggo kanggo naon
umur urang teh.
Malih urang enggal keneh nembe ngantunkeun sasih robiul awal, sasih dibabarkeunana jungjunan
urang kangjeng Nabi Muhammad SAW, urang sadaya disibukeun sareng kagiatan mieling Maulid Nabi
Muhammad SAW. Teras sakedahna kanggo urang salaku umatna kedah langkung ti eta kanggo
ngabuktoskeun kacintaan ka Kangjeng Nabi Muhammad SAW, nyaeta kedah disarengan ku milampah
sunahna anu dipikacinta Manten-Na.

Hadirin jamaah jum’ah anu mulya


Dina mapag jeung nyanghareupan datangna taun anyar ieu mugi urang sadaya tiasa muhasabah atanapi
merhatoskeun satiap dintenan anu parantos dipilampah ku urang sadaya utamaina taun-taun anu
katukang, naha sami bae, langkung sae atanapi tambah goreng .
Diantawisna nyaeta aya lima dinten anu kedah diperhatoskeun sareng dianggo kanggo pirang-
pirang amal anu sae. Di antawisna nyaeta: kahiji, dinten anu parantos kalangkung. Naha parantos
dianggo amal anu matak kenging ridho Alloh atanapi teu acan?... Dinten kadua, dinten anu nuju
karandapan ayeuna kedah digunakeun kanggo anu manpaat di dunya sareng akherat. Dinten katilu,
dinten anu bakal disanghareupan naha eta teh milik urang atanapi sanes. Dinten kaopat, nyaeta dinten
dicabut ku Malaikat, nyaeta nyabut nyawa urang maka tamat riwayat hirup urang di alam dunya ieu
teras pindah ka Nagri akherat, naha bekel amal urang teh tos cekap atanapi teu acan?... Dinten kalima,
dinten perhetangan amal urang sadaya (yaumul hisab). Naha urang teh kenging catetan amal anu sae?...
anu ganjarana nyaeta sawarga, atanapi catetan amal anu goreng?... anu dipasihkeun ti palih kenca
maka bakal digebruskeun kanaraka. Dina dinten kalima teu aya hartosna upami urang nembe ngaraos
hanjakal teu loba amal. Leres saur ulama agung tabi’in Hasan Al-Basyri “ Hai manusa saenyana anjeun
teh kumpulan tina poe, satiap poe teh ngurangan, janten jatah anjeun oge pasti dikurangan. Oge
Sayidina Umar bin khottob r.a ngadawuh: Hisab diri aranjeun samemeh di hisab.
Teras Saur kangjeng Rosul:” Pang sae-saena jalmi teh nyaeta anu panjang umur bari sae amalna, jeung
pang goreng-gorengna manusa teh nyaeta anu panjang umur bari goreng amalna.”

Hadirin jamaah jum’ah anu mulya


Jalmi anu sae amalna baris dipasihan kahirupan anu sae, nyaeta sapertos kaberkahan rejeki,
katingtriman, sareng berkah kasehatan. Sawangsulna, kagorengan anu bakal karandapan ku jalma anu
goreng amalna tegesna anu mengpar tina parentah Alloh SWT nyaeta anu aya dina kamaksiatan maka
hirupna bakal dibere kasusah didunya jeung di akherat. Pidawuhna:
١٢٤ ‫ض ْن ٗكا َونَ ۡح ُش ُرهۥُ يَ ۡو َم ۡٱلقِ ٰيَ َم ِة أَ ۡع َم ٰى‬
َ ‫ض َعن ِذ ۡك ِري فَإِ َّن لَهۥُ َم ِعي َش ٗة‬
َ ‫َو َم ۡن أَ ۡع َر‬
Hartosna: ”Jeung sing saha anu ngabalieur tina eling tanapi tina peringatan ka Kami, Maka saenyana
keur manehna bakal dibere kahirupan anu rupek (susah), jeung Kami bakal ngumpulkeun manehna dina
poe kiamat dina kaayaan lolong ". (Thoohaa: 124)
Mudah-mudah urang sadaya dipanjangkeun yuswa ku Alloh SWT anu barokah., kalayan dipasihan
hidayah taufik ku Mantena sahingga urang sadaya digampilkeun dina milampah amal kasaean pikeun
ngahontal kabagjaan dunya rawuh akherat.

‫الر ِحْي ُم‬ ِ ِ ‫بار َك اهلل ىِل ولَ ُكم وجِل ِمي ِع الْمسلِ ِم والْمسلِم‬
َّ ‫ات انَّهُ ُه َوالْغَ ُف ْو ُر‬ َ ْ ُ َ َ ‫َ َ ُ َ ْ َ َ ْ ُ ْ نْي‬
= KHUTBAH KADUA =
ِ ِ ِ ِ ِ َ‫اهلل واجتِن‬ ِ ِ ِ ِ ِ ِ ِ ِ
ُ‫ اَ ْش َه ُد اَ ْن الَّال هَ االَّاهللُ َو ْح َده‬.‫اب َن َواهْي ه‬ ْ َ ‫اَحْلَ ْم ُد هلل الَّذ ْى اََمَرنَا بِ َك ْث َر ِة ذ ْك ِراهلل َو ْامتثَ ال اََوام ِر‬
ِ ِ
‫ك‬ َ ‫ص ِّل َو َس لِّ ْم َوبَا ِر ْك َعلَى َعْب د َك َو َر ُس ْول‬ َ ‫ اَللّ ُه َّم‬,ُ‫ َواَ ْش َه ُد اَ َّن َس يِّ َدنَا حُمَ َّم ًدا َعْب ُدهُ َو َر ُس ْولُه‬,ُ‫ك لَه‬ َ ْ‫الَ َش ِري‬
‫اي َعلَى طَ َع ِة‬ ِ ِ ِ ِ ِِ َ‫س يِّ ِدنَا حُم َّم ٍد وَّعلَى اَلِ ِه وا‬
َ َّ‫ اَّت ُق وا اهللَ َح َّق َت ْق َواهُ َواَ ُحثُّ ُك ْم َواي‬,‫ َفيَاعبَ َاداهلل‬:‫ اََّم َاب ْع ُد‬.‫ص َحابه‬ َ َ َ َ َ
ِِ ِ ِ ِِ ِ ِ ِ ٍ ِِ ِ ِ
َ ‫ اَللّ ُه َّم ا ْغف ْر ل ْل ُم ْؤمننْي َ َوالْ ُم ْؤمنَ ات َوالْ ُم ْس لمنْي‬.‫اهلل َوطَ َع ة َر ُس ْوله ىِف ْ ُك ِّل َوقْت لَّ َعلَّ ُك ْم ُت ْفل ُح ْو َن‬
.‫الخ َر ِة َح َس نَةً َّوقِنَ ا َع َذابَالنَّا ِر‬
ِ ْ‫ ربَّنَ ا اتِنَ ا ىِف الدُّنيا حس نَةً َّو ىف ا‬.‫ات‬ ِ ‫ات اَالَحي ِاء ِمْنهم واْالَم و‬ ِ ‫والْمس لِم‬
َ َ َ َ َ ْ َ ْ ُ َ ْ َ ُْ َ
. َ ‫ب الْ َعالَ ِمنْي‬ ِ ‫الرامِح ِ واحْل م ُد‬
ِّ ‫هلل َر‬ َ ِ‫بَِرمْح َت‬
ْ َ َ َ ‫ك يَااَْر َح َم َّ نْي‬
Disusun ku: Jamal Shidiq, S.Pd.I

KHUTBAH JUM’AH
NOMOR Dikaluarkeun ku : TAUN

02 Seksi Bimas Islam 2021


'AH

SYUKUR HARI AMAL BHAKTI (HAB) KEMENTERIAN AGAMA RI

ِ ِ ِ ِ َ‫أَحْل م ُد لِلّ ِه الَّ ِذي أَْنعم علَينَا بِنِعم ِة ا ِإلمْي‬


‫ َواَ ْش َـه ُد اَ َّن‬،‫ك الْ َعالَ ُم‬ُ ‫ اَ ْش َه ُد اَ ْن الَالـهَ االَّ اهللُ الْ َمال‬. ‫ان َواْ ِإل ْسالَِم‬ َْ ْ َ ََ ْ َْ
‫ص َحابِِه‬ ِِ ٍ ِ ِ ِ
ْ َ‫ص ِّل َو َس لِّ ْم َعلَى َس يِّدنَا حُمَ َّمد َّو َعلَى ال ه َوا‬ َ ‫ اَللّ ُه َّم‬.‫ث َرمْح َ ةً لاْل َنَام‬ُ ‫حُمَ َّم ًدا َعْب ُدهُ َو َر ُس ْولُهُ الْ َمْبعُ ْو‬
ِ ‫ اُو ِصي ُكـم واِيَّـاي بَِت ْق وى‬,‫اض رو َن‬
. ‫اهلل َف َق ْد فَ َاز الْ ُمتـَُّق ْو َن‬ ِ ‫ َفي ا اَيُّه ا احْل‬: ‫ اََّما بع ُد‬.‫ض ِل واإْلِ ْنع ِام‬
َ َ َ ْ ْ ْ ْ ُ َ َ َ َْ َ َ ْ ‫ذُ ْو الْ َف‬
‫ َو َمٓا‬. ‫ بِ ۡس ِم ٱهَّلل ِ ٱلر َّۡح ٰ َم ِن ٱل َّر ِح ِيم‬. ‫الر ِجْي ِم‬
َّ ‫ان‬ِ َ‫الش يط‬ ِِ ِ
ْ َّ ‫ أَعُ ْوذُ بِااللّ ه م َن‬، ِ‫ال اللّهُ َت َعاىَل ىِف الْ ُق ْرأَن الْ َك ِرمْي‬ َ َ‫َوق‬
ْ ‫أُ ِمر ُٓو ْا إِاَّل لِيَ ۡعبُ ُد‬
ِ ِ‫وا ٱهَّلل َ ُم ۡخل‬
. َ‫صينَ لَهُ ٱل ِّدين‬
Hadirin ahli jum’ah rohimakumulloh.
Puji sareng syukur urang sanggakeun ka Allah SWT. Anu parantos masihan ni’mat rahmat jeung kasehatan ka
urang sadaya salaku bangsa Indonesia. Alhamdulillah dina sasih ieu Kementerian Agama Republik Indonesia tos
dugi deui kana Hari Amal Bhakti anu ka 75 taun 2021 ieu, maka urang kedah tambih syukur ka Alloh S.W.T.
Margi aya kementerian anu ngurus dina widang kaAgamaan. Sholawat miwah salam mugia salamina didugikeun
ka Jungjunan urang kangjeng Nabi Muhammad SAW. Ka kulawargina, shahabatna dugi ka urang salaku umatna
anu tumut kana ajaran mantena dugika akhir zaman.
Hadirin ahli Jum’at Rohimakumulloh
Kementerian Agama lahir berkah bajoangna para ulama diantawisna nyaeta KH. Abu Dardiri ti Banyumas, anu
ngusulkeun dina sidang Komite Nasional Indonesia Pusat (KNIP) anu anggotana 137 jalmi taun 1945, supaya
urusan Agama ulah dilalaworakeun, tapi diurus ku departemen kapungkur mah, ayeuna robih nami janten
Kementerian, khusus anu ngurus urusan Agama (Kementerian Agama). Usulan eta ditampi ku Presiden Soekarno,
anu akhirna tanggal 3 Januari 1946 Departemen Agama diresmikeun. Salajengna tanggal 3 Januari saban taun, eta
kajadian anu penting teh ku Bangsa Indonesia khususna umat Islam, leuwih khusus deui keluwarga besar
Kementerian Agama sok mieling/diperingati dina waktosna, oge janten hiji dinten sareng sasih ngalaksanakeun
syukuran sareng pangemut-ngemut, utamina kanggo ngoreksi amal bhakti garapan kulawarga Kementerian
Agama dina taun anu kalangkung.
Garapan anu jadi tugas pokok Kementerian Agama Kota Banjar khususna nyaeta: 1. Seksi Bimbingan Masyarakat
Islam. 2. Seksi Pendidikan Agama Islam. 3. Seksi Penyelenggara Haji jeung Umroh, sareng Penyelenggara Syariah.
Oge ngalaksanakeun tugas pamarentahan diwidang Agama, hartosna Agama kudu jadi dasar satiap amal anu
dipigawe ku satiap umat. Upama Agama geus jadi dasar satiap amalna manusa, maka insya Allah moal bakal
mengpar atanapi nyimpang, masyarakat bakal dina kaayaan aman, tentrem, kalayan rukun kalayan makmur.
Luyu sareng tema dina taun ayeuna Hari Amal Bhakti (HAB) Kementerian Agama nyaeta Indonesia Rukun (Rukun
antar umat beragama oge rukun sareng sami-sami saagama/sasami muslim). Ulah dugika jadi kabengkahan
jeung sadayana anu antukna jadi papaseaan, pacengkadan, jeung pacekcokan. kudu didasaran ku kaikhlasan
manah karana Allah SWT. Dawuhan Allah SWT. Dina surat Al-Bayyinah ayat 5 :

َ ‫ين لَهُ ٱلد‬


‫ِّين‬ َ ‫ص‬ ْ ‫َو َمٓا أُ ِمر ُٓو ْا إِاَّل لِيَ ۡعبُ ُد‬
ِ ِ‫وا ٱهَّلل َ ُم ۡخل‬
Hartosna: "Jeung maranehanana henteu diparentah, anging supaya (ngalaksanakeun) ibadah (amal bhakti) ka
Alloh kalayan ikhlas".
Hadirin Jamaah Jumah Rohimakumulloh
Numutkeun ayat nembe, ibadah atanapi kahadean teh kedah ikhlas (medal tina kasucian jiwa). Kumaha buktosna
kahadean anu medal tina kasucian, numutkeun salah sawios ulama sufi Jawa Barat Syekh Abdulloh Mubarok bin
Nur Muhammad diantawisna nyaeta aya 4:
Kahiji, kasaluhureun ulah nanduk boh saluhureun harkatna atawa darjatna, boh dina kabogana estu kudu luyu
akur jeung batur-batur.
Kadua: Kasasama, tegesna kapapantaran urang dina sagala-galana ulah rek pasea, sabalikna kudu rendah
babarengan dina enggoning ngalakukeun parentah agama jeung nagara, ulah jadi pacogregan pacengkadan, bisi
kaasup kana pangandika "Adzàbun Alìm", anu hartina jadi pilara salawasna, ti dunya nepi ka akherat (badan
payah ati susah).
Katilu: Kasahandapeun ulah hayang ngahina atawa nyieun deleka culika, henteu daek ngajenan. Sabalikna kudu
heman kalawan karidoan, malar senang rasana, gumbira atina, ulah sina ngarasa reuwas jeung giras, rasa kapapas
mamaras, anggur ditungtun dituyun kunasehat anu lemah lembut, nu matak nimbulkeun nurut, bisa napak dina
jalan kahadean.
Kaopat: Kanu Pakir jeung nu Miskin kudu welas, asih, someah tur budi bersih, sarta daek mere maweh
nganyatakeun hate urang sareh. Geura rasakeun awak urang sorangan, kacida ngerikna ati ari dina kakurangan,
anu matak ulah rek kajongjonan, ngeunah dewek henteu lian, da pakir miskin teh lain kahayangna sorangan, estu
kadaring Pangeran.
Tah kitu pigeusaneun manusa anu pinuh karumasaan sanajan jeung sejen bangsa, sabab tunggal turunan ti Nabi
Adam as.
Kumargi kitu, hayu urang ngadu’a ka Allah SWT. Sangkan urang tiasa ngalaksanakeun sagala amal parentah-Na
kalayan disarengan ku kaikhlasan medal tina kasucian, ditebihkeun tina amal anu riya sareng sum’ah sangkan
urang teu kalebet kana golongan jalma anu cilaka. Aamiin

‫بَ َار َك اهللُ ىِل َولَ ُك ْم‬


= KHUTBAH KADUA =

ِ ِ ِ ُّ ‫ـن َعلَى اُُم ْـو ِر‬ ِ ِ ِ ِ ‫اَحْل م ُـد‬


‫ك احْلَ ُّق‬ ُ ‫ اَ ْش َه ُـد اَ ْن الَالهَ االَّ اهللُ الْ َمل‬.‫الدنْـيَا َوالدِّيـ ِن‬ ُ ‫ َوبِـه نَ ْستَعْي‬،‫ـن‬ َ ‫ب الْ َعـالَمْي‬
ِّ ‫هلل َر‬ َْ
‫ص ِّل َو َس لِّ ْم َعلَى َسيِّ ِـدنَا حُمَ َّم ٍـد‬ ِ ِ
َ ‫ اَللّ ُـه َّم‬،‫ص اد ُق الْ َو ْعـد اْالَمْي ُـن‬
ِ ‫ واَ ْشه ُـد اَ َّن حُم َّم ًـدا عب ُـده ورسـولُه‬،‫الْمبِيـن‬
َ ُ ْ ُ َ َ ُ َْ َ َ َ ُُْ
‫ـن اِالَّ َواَنْـتُ ْم‬ َّ ُ‫ـوا اهللَ َح َّق ُت َقـاتِـه َوالَمَتُْـوت‬ ْ ُ ‫ق‬ُ َّ
‫ات‬ ‫َّـاس‬ ‫ن‬ ‫ال‬ ‫ا‬ ‫ـه‬
َ ‫ي‬
َُّ‫ا‬‫ا‬‫ـي‬
َ َ‫ف‬ : ‫ـد‬
ُ ‫ع‬
ْ ‫اب‬
َ ‫م‬
ََّ‫ا‬ . ‫ـن‬
َ ‫ي‬
ْ َ
ِ ِ‫وعلَى اَلِ ِه واَصـحاب‬
ِ‫ـه اَمْج ع‬
َْ َ ََ
‫ َربَّنَ ا‬،‫ات‬ ِ ‫ياء ِمْنـهم واْالَمـو‬ ِ ‫ـات اَالَح‬ ِ َ‫ات والْم ْؤ ِمنِيـن والْم ْؤ ِمن‬ ِ ِ ِِ ِ ِ ِ
َْ َ ُْ ْ ُ َ َ ْ ُ َ ‫ اَللّ ُـه َّم ا ْغـف ْر ل ْل ُم ْسلمْي َـن َوالْ ُم ْسـل َم‬.‫ُم ْسـل ُم ْـو َن‬
‫ َربَّـنَا‬، َ‫خَي ُر ۡٱل ٰفَتِ ِحين‬ ِّ ‫ َربَّنَا ۡٱفت َۡح بَ ۡينَنَا َوبَ ۡينَ قَ ۡو ِمنَا بِ ۡٱل َح‬. َ ‫خْي ر الْ ُمْن ِزلِنْي‬ َ ْ‫أَنْ ِزلْنَ ا ُمْن َزالً ُمبَ َارك اً َوأَن‬
ۡ َ‫ق َوأَنت‬
ُ َ ‫ت‬
.‫ب الْ َعـالَ ِمْي َـن‬ ِ ‫ واحْل م ُـد‬.‫الخر ِة حسنَـةً وقِنَاعـ َذاب الـنَّا ِر‬ ِ ُّ ‫اتِـنَا ىِف‬
ِّ ‫هلل َر‬ َْ َ َ َ َ َ َ َ ْ‫الدنْـيَا َح َسنَـةً َوىِف ا‬
Disusun ku: Jamal Shidiq, S.Pd.I

Anda mungkin juga menyukai