Anda di halaman 1dari 3

Cinderella jeung Putri Irakus

Pangeran : Teu hayang! Cinderella nyaeta hiji wanoja geulis anu kaleungitan sosok nu
dipikacinta nyaeta ibuna. Nalika ramana nikah tuluy Ramana indit ninggalkeuna, hirupna sangsara tur
tunggara. Cinderella sok diperlakukeun saperti babu ku indung oge dulur terena. Harita, sang Ratu
ngayakeun kompetisi ngajait baju antara Cinderella jeung Putri Irakus, saha nu bakal meunang eta
jodo si pangeran.

(di arena aya Ratu jeung Putri Irakus nu keur canggeluk dina korsi, Cinderella jeung Pangeran asup ka
jero)

Sugali : ( ngadeg bari nunjuk Cinderella ) Saha wanoja eta, Pangeran?

Pangeran : Ieu nyaeta wanoja anu bakal jadi rubiah kuring.

Sugali : Anjeun yakin rek milih wanoja siga kieu?

Pangeran : Nya, urang duaan geus silih asih silih cinta

(cinderella jeung pangeran silih neuteup raray bari pacekel leungeun senyum)

Sugali : Apaa? Salira milih wanoja siga kieu? Apa kata Bu Nia?

Cinderella : Salah Kakang, apa kata dunia.

Sugali : Nya, eta maksudna nenk.

Pangeran : Najan siga kieu oge, eta wanoja tapi hatena siga emas 24 karat.

Sugal : hahh.. siga emas karatan panginten? Tapi pangeran, bunda geus nimukeun pasangan
nu cocok pikeun pangeran, anjeuna putri ti Karajaan Jatuh Bangun.

Pangeran : Tapi Kang..

Sugali : Anjeuna wanoja nu pangeulisna.

Pangeran : Tapi kuring cinta pisan ka anjeuna, Kang

Sugali : Ulah sampe! pokona salira kudu nikah jeung Putri Irakus.

Pangeran : hahh..Irakus? ngaran aneh. Tapi Kuring tetep teu daek.

Sugali : Kudu daek!

Pangeran : Teu hayang!

Sugali : Pokona kudu!

Sugali : Kudu!

Pangeran : Daek, ehh teu daek!

Sugali : Dasar budak doraka! ( bari ngambek)

Pangeran : lamun kieu carana mending pindah agama!!!

Raja : (asup ka arena) Stop.. aya naon ieu? Saha wanoja eta (bari nunjuk)
Pangeran : Ieu nyaeta calon rubiah kuring, Ayahanda.

Raja : oh ieu calon rubiah anjeun Pangeran.

Pangeran : Nggih, Ayahanda.

Raja : Nya geus, eta kumaha cek Pangeran wae!

Sugali : Tapi, Raja. Kuring teu satuju jeung kaputusan Raja, mangkara Pangeran nikah jeung
wanoja siga kitu. Jangan Gila Dooonnkk...

Raja : (mikir sejenak) Nya geus, kumaha lamun urang ayakeun hiji kompetisi?

Putri Irakus : (nangtung) Kompetisi siga kumaha yang mulia?

Raja : Lamun misalkan Putri meunang dina kompetisi ieu Putri nu bakal nikah jeung
Pangeran, tapi lamun wanoja eta nu meunang, wanoja eta nu nikah jeung Pangeran. Aya nu teu
satuju??

Putri Irakus : OK lah siap, yang Mulia.

Sugali : Apa? Salira tarima tantangan eta? (ngambek)

Putri Irakus : Tos lah Mamang, Putri bisa bersaing sacara sportif.

Sugali : hah? Nyebut Mamang? Emangna kuring Mamang maneh.

( Raja nempo ka Cinderella, tuluy ngomong)

Raja : oh nya, saha ngaran salira teh?

Cinderella : Ngaran kuring Cinderella.

Sugali : Cinderella? Ngaran aneh karek ngadenge.

Cinderella : Sabenerna eta lalandian, ngaran anu pamere ti dulur tere nu sok jahat ka kuring.

Sugali : Pleacee...dehhh jangan curhat!!

Raja : Lamun kitu, terus saha ngaran aslina?

Cinderella : Siapa aja.. boleeehhh

Raja : Caplud... ditanya bener-bener?

Cinderella : Margareta triatmojo widiyanto susilo bambang yudoyono lele jumbo.

Raja : Stooopppppp...eta ngaran ta kareta?

(caricing kabehanana)

Raja : Kumaha Pangeran, setuju?

Pangeran : hmmm.. stuju gak yahh? Nya deuh satuju.

Raja : Ok, kompetisina nyaeta ngajait!

Cinderella&Putri : Siap yang Mulia.


Raja : Ok tngguan isukan nya, daahhh (Raja indit, disusul ku Cinderella&Pangeran
bari gegenjangan)

( sababaraha menit kamudian)

Sugali : Urang kudu nyusun rencana, supaya Cinderella eleh dina kompetisi eta.

Putri Irakus : Yesss, I agree with you.

Sugali : Kadieu, rek harewosan.

Putri Irakus : Ih.. getek!

Sugali : Erek hnteu?

Putri Irakus : Nya...nya sok( tuluy harewosan)

Putri Irakus : Ahaa.. itu ide berlian!

Sugali : Brilian, Dodol???

Putri Irakus : Tah maksudna eta.

(Raja nyuruh dayang ngageroan Cinderella)

Dayang : Nyai Cinderella, nyai disauran.

Cinderella : Disauran kusaha?

Dayang : Ku malaikat, nya ku Raja atuhhh..Nyaaiiiiiiiii

Cinderella : oh nya atuh..

(harita baju anu geus dijait Cinderella malah disosoeh ku Putri Irakus, Cinderella nyangkana Dayang
anu geus nyosoeh baju hasil ngajaitna)

Dayang : Euleuh..euleuh si Nyai kunaon sedih?

Cinderella : Naha dayang teh geuning tega nyosoeh baju kuring.

Dayang : Maksud Nyai naon kuring teu ngarti.

Cinderella : Yeuh, baju kuring dayang nu nyosoeh kan?

Dayang : Astaganaga.....Meneketehe? kuring titadi ditukang wae Nyai.

Cinderella : Terus lamun lain dayang, saha?

Dayang : ooohhhh...Aya beurit nakal, kudu digantung na tangkal toge.

(kesukan poena kompetisi eta dimulai, Putri Irakus&Cinderella nunjukeun hasil jaitana masing-
masing)

Anda mungkin juga menyukai