Anda di halaman 1dari 2

MATERI BAHASA SUNDA LAWUNGN KA 3

BABASAN JEUNG PARIBASA

Dina biantara teh sok kapanggih ungkara kalimah anu direumbeuy ku babasan jeung
paribasa. Titenan ungkara ieu di handap!
1. Puguh asa bucat bisul, jalaran sim kuring tiasa lebet ka SMA favorit.
Babasan bucat bisul dina eta kalimah ngandung harti ngarasa bungah lantaran geus rengse
ngalaksanakeun hiji pagaweana atawa kagiatan.
2. Dina alam kasajagatan (globalisasi) kiwari, urang Sunda teh kudu caringcing pageuh
kancing, saringset pageuh iket. Anu maksudna nyaeta saged atawa siap yanghareupan
pagawean sarta salawasna waspada (ati-ati).
BABASAN jeung PARIBASA teh kaasup kana kabeungharan basa Sunda. Ari BABASAN nyaeta
ungkara basa dina wangun kecap atawa frasa anu harti jeung maksudna geus matok sarta
ngandung harti injeunam. Sedengkeun PARIBASA nyaeta ungkara basa dina wangun
kalimah anu harti jeung maksudna geus matok. Biasana babasan jeung paribasa teh
nuduhkeun silokaning hirup manusa.
Ieu di handap aya sababaraha conto Babasan jeung Paribasa:
1. Jauh ka bedug 7. Jati kasilih ku junti
2. Ceuli lentaheun 8. Ciri sabumi cara sadesa
3. Hejo cokor 9. Ngaliarkeun taleus ateul
4. Salieuk beh 10. Lamun keyeng tangtu pareng
5. Lesang kuras 11. Indung tunggul rahayu, bapa tangkal darajat
6. Hampang birit 12. Elmu tungtut dunya siar, sukan-sukan sakadarna

PANCEN/TUGAS PJJ KAPING 12 AGUSTUS 2021..


1. Pilih 5 babasan atawa paribasa di luhur teangan hartina,
2. Sanggeus kapilih 5 babasan atawa paribasa di luhur tuluy larapkeun kana kaliamah
(dibuat kalimat dari babasan atau paribasa yang telah dipilih).
CATT.
KIRIM KE MEJA GURU, AKSESNYA JANGAN DI KUNCI apabila telah diupload BIAR BISA
KEBUKA (DIPERIKSA/DINILAI),
HATUR NUHUN, WILUJENG MIDAMEL....

Anda mungkin juga menyukai