Anda di halaman 1dari 9

MAKALAH BAHASA SUNDA

"BABAD GALUH"

X IPS 1

Disusun oleh :

Dian Mutiara Aprilia

SMAN 2 CIAMIS

Tahun ajaran 2021/2022


PANGJAJAP

Alhamdulillah,puji sinareung sukur salawasna dipanjatkeun ka Gusti nu maha suci,nu parantos


ngalimpahkeun rahmatna sangkan penulis penulis tiasa ngarengsekeun tugas makalah ieu.Tugas ieu
disusun kanggo salah sahiji tugas mata pelajaran Bahasa Sunda.

Penulis sadar seueur pisan kasesahan sareung hambatan dina ngarengsekeun makalah
ieu,sareng makalah ieu masih jauh dinu sampurna kusabab ieu kritik sareng saran ti sadaya pihak,penulis
ngaharepkeun kanggo perbaikan sareng pangempurnaan.

Akhirna penulis ngucapkeun hatur nuhun ka sadaya pihak anu parantos ngabantos
ngarengsekeun makalah ieu.Semoga makalah ieu tiasa mangpaat kanggo penulis khususna sareng nu
ngabaca umumna.

Ciamis,Maret 2022

Penulis

i
DAFTAR EUSI

PANGJAJAP ........................................................................................ i

DAFTAR EUSI ....................................................................................... ii

BAB 1 : BUBUKA .....................................................................................1

1.1 Kasang Tukang .....................................................................................1

1.2 Rumusan Masalah ...................................................................................1

1.3 Tujuan .............................................................................................1

BAB 2 : EUSI ........................................................................................2

2.1. Carita Babad Galuh .................................................................................2

2.2. Unsur Intrinsik .....................................................................................4

2.3. Jumlah Palaku .....................................................................................4

2.4. Unsur Pamohalan ..................................................................................4

BAB 3 : PANUTUP ...................................................................................5

3.1 Kacindekan .........................................................................................5

3.2 Saran ..............................................................................................5

DAFTAR PUSTAKA

ii
BAB 1 : BUBUKA

1.1 Kasang Tukang

Sastra Sunda mangrupa salah sahiji kakayaan budaya Sunda. Sastra sunda teh kacida pisan lobana,
diantarana nyaeta babad.Babad nyaeta dongéng anu ngandung unsur sajarah ngeunaan hiji
tempat/daérah, palaku atawa kajadian, tapi masih kudu ditalungtik deui ajén bebeneran sajarahna.

Baheula mah wewengkon Ciamis katelah galuh boh jaman Karajaan boh Bupati (Kabupaten). Ngaran
Ciamis salaku ngaran kabupatén anyar muncul dina awal abad ka-20 Masehi.Kahirupan masarakat
Ciamis anu ajén sajarahna dibuktikeun ku mekarna folklor, saperti tokoh Ciung Wanara anu geus jadi
ikon gedé dina sajarah Ciamis nepi ka kiwari. Tokoh Ciung Wanara sorangan mangrupa legenda anu
kacida pentingna pikeun masarakat Ciamis dimana tokoh Ciung Wanara dina kamekaranana mangrupa
salah sahiji inohong ti karajaan Galuh anu taya lian ti karajaan anu aya di Ciamis. Sanajan kitu, tokoh
Ciung Wanara sorangan masih kénéh nyepeng loba misteri di balik carita-carita anu mekar di masarakat.
Misteri di balik ayana Ciung Wanara pohara narik pikeun bahan panalungtikan pikeun manggihan
bebeneran sajarah legendaris Ciung Wanara.

1.2 Rumusan Masalah

1.Kumaha carita babad Galuh teh?

2.Naon wae unsur intrinsik dina babad Galuh?

3.Sabaraha tokoh nu aya dina babad Galuh?

4.Babad Galuh ngandung unsur pamohalan atawa henteu?

1.3 Tujuan

1.Mikanyaho carita babad Galuh

2.Mikanyaho sarta bisa nyebutkeun naon wae unsur intrinsik dina babad Galuh

3. Mikanyaho sabaraha jumlah palaku dina carita babad Galuh

4.Mikanyaho carita babad Galuh teh ngandung unsur pamohalan atawa henteu
1

BAB 2 : EUSI

2.1 Carita Babad Galuh

Kacaturkeun di Karajaan Galuh. Anu ngaheuyeuk dayeuh waktu harita teh nyaeta Prabu Barma
Wijaya Kusumah.Anjeuna gaduh permaisuri dua.Nu hiji Dewi Naga Ningrum anu ka dua Dewi
Pangrenyep. Harita duanana keur kakandungan.

Barang nepi kana waktosna, Dewi Pangrenyep ngalahirkeun budak lalaki kasep jeung mulus,
dingaranan Hariang Banga. Tilu bulan tiharita Dewi Naga Ningrum ogé ngalahirkeun, diparajian ku Dewi
Pangrenyep, orokna lalaki deuih. Tapi ku Dewi Pangrenyep diganti ku anak anjing, nepi kasaolah-olah
Dewi Naga Ningrum téh ngalahirkeun anak anjing. Ari orok nu saestuna diasupkeun kana kandaga
dibarengan ku endog hayam sahiji, terus dipalidkeun ka walungan citanduy.

Nyaho kaayaan kitu, sang Prabu kacida ambekna ka Dewi Naga Ningrum. Terus nitah ki Lengser
supaya maehan Dewi Naga Ningrum, lantaran dianggap geus ngawiwirang raja pedah ngalahirkeun anak
anjing. Dewi Naga Ningrum dibawa ku Lengser, tapi heunteu dipaéhan. Ku Lengser diselongkeun ka
leuweung nu jauh ti Dayeuh Galuh.

Ari kandaga anu dipalidkeun téa, nyangsang dina badodon tataheunan lauk aki jeung nini
Balangantrang. Barang aki jeung nini Balangantrang neang tataheunana, kacida bungahna meunang
kandaga téh. Leuwih – leuwih sanggeus nyaho yén dijerona aya orok lalaki anu mulus tur kasep.
Gancang budak téh dirawu dipangku, dibawa kalemburna nyaeta lembur Geger Sunten sarta diaku anak.

Kacaritakeun budak téh geus gede. Tapi masih keneh can dingaranan. Hiji poé budak téh milu ka
leuweung jeung Aki balangantrang. Nénjo manuk nu alus rupana. Nanyakeun ka aki Balangantrang.

“Aki ari itu sato naon?”

“Eta téh ngarana manuk Ciung Jang”.Tuluy budak téh nénjo monyet.

“Ari nu itu naon aki”? Dijawab deui ku si aki.

“Eta téh ngarana Wanara”. Budak téh resepeun kana éta ngaran, tuluy baé ménta

supaya manehna dingaranan Ciung Wanara.

“Mun kitu mah ngaran kuring teh Ciung Wanara bae atuh Ki !”.

Aki jeung nini Balangantrang satuju.


2

Ayeuna Ciung Wanara geus jadi nu kasep sarta gagah pilih tanding. Ari endogna téa
disileungleuman ku Naga Wiru ti Gunung Padang, nepi ka megarna. Ayeuna geus jadi hayam jago anu
alus tur pikalucueun.

Dina hiji poé, Ciung Wanara amitan ka aki jeung nini Balangantrang sabab rék nepungan raja di
Galuh. Inditna bari ngelek hayam jago téa. Barang nepi ka alun-alun amprok jeung Patih Pura Wesi katut
Patih Pura Gading. Nénjo Ciung Wanara mawa hayam jago, éta dua patih ngajak ngadu hayam. Ku Ciung
Wanara dilayanan prung waé hayam téh diadukeun. Hayam patih éléh nepi ka paéhna. Patih dua
ngambek, barang rék ngarontok, Ciung Wanara ngaleungit. Dua patih buru-buru laporan ka raja.

Ari Ciung Wanara papanggih jeung Lengser. Terus milu ka karaton. Nepi ka karaton, Ciung Wanara
ngajak ngadu hayam ka raja. Duanana make tandon. Lamun hayam Ciung Wanara éléh tandona nyawa
Ciung Wanara. Sabalikna lamun raja nu éléh tandona nagara sabeulah, sarta Ciung Wanara baris
dijenengkeun jadi raja tur diaku anak.

Gapruk baé hayam téh diadukeun. Lila-lila hayam Ciung Wanara téh kadeseh, terus kapaehan. Ku
Ciung Wanara dibawa ka sisi cibarani, dimandian nepi ka elingna. Gapruk diadukeun deui. Keur kitu
dating naga wiru ti gunung padang, nyurup kana hayam Ciung Wanara. Sanggeus kasurupan naga wiru,
hayam Ciung Wanara unggul, hayam raja éléh nepi ka paehna.

Luyu jeung jangjina, Ciung Wanara dibéré nagara sabeulah, beulah kulon. Dijenengkeun raja sarta
diaku anak ku Prabu Barma Wijaya Kusumah, ari nagara nu sabeulah deui, beulah wetan, dibikeun ka
Hariang Banga.

Ku kabinekasan ki lengser, Ciung Wanara bisa patepung deui jeung indungna nyaéta Dewi Naga
Ningrum. Lila-lila réka perdaya Dewi Pangrenyep téh kanyahoan ku Ciung Wanara. Saterusna atuh Dewi
Pangrenyep téh ditangkep sarta dipanjarakeun dina panjara beusi.

Hariang Banga kacida ambekna basa nyahoeun indungna geus dipanjara ku Ciung Wanara. Dee….r
atuh tarung. Taya nu éléh sabab sarua saktina. Tapi lila-lila Hariang Banga téh kadeseh ku Ciung Wanara.
Hariang Banga dibalangkeun ka wetaneun Cipamali. Tah tiharita kaayaan Galuh jadi dua bagian téh.
Kuloneun Cipamali dicangking ku Ciung Wanara. Ari wetaneunana dicangking ku Hariang Banga.
3

2.2 Unsur Intrinsik

2.2.1 Palaku : Prabu Brahma Wijawa Kusumah,Dewi Naganingrum,Dewi Pangrenyep,Aki


Balangantrang,

Nini Balangantrang,Ciung Wanara,Patih Pura Wesi,Lengser,jeung Hariang Banga.

2.2.2 Latar

Latar Suasana : sedih

Latar Waktu : jaman baheula

Latar Tempat : karajaan galuh,walungan citanduy,sungai cipamali,kampung geger


sunten,keraton.

2.2.3 Alur : Maju

2.2.4 Amanat : tong sirik kana kabahagiaan batur,sumawonna ngalakukeun kajahatan,

sabar dina nyanghareupan cobaan,tulungan batur nu keur susah,

ikhlas dina nyanghareupan kanyataan,jeung ulah gampang ambek.

2.3 Jumlah Palaku

Palaku dina carita babad Galuh aya 9

2.4. Unsur Pamohalan

Carita babad Galuh henteu ngandung unsur pamohalan


4

BAB 3 : PANUTUP

3.1 Kacindekan

Sajarah Ciamis dimimitian ku Karajaan Kendan anu mangrupa bawahan Karajaan Tarumanegara anu
saterusna misahkeun diri nalika Kendan robah ngaranna jadi Karajaan Galuh dina kakawasaan
Wretikenddayum. Sedengkeun pikeun tokoh anu ngaranna Ciung Wanara anu kasohor, boh dina sajarah
boh legenda. Ciung Wanara sarua dibéjaan salaku salah saurang raja Karajaan Galuh. Sedengkeun
patalina situs Karangmulyan jeung ayana Ciung Wanara, situs Adu Jago, Pannyanan, jeung Sipatahunan
téh cukup pikeun méré gambaran ngeunaan carita Ciung Wanara dina babad Galuh

3.2 Saran

Ku hal ieu urang kudu leuwih ngiritik legenda anu tumuwuh di masarakat kalawan bukti kapanggih
pikeun manggihan bebeneran kajadian atawa inohong anu dicaritakeun. Salian ti éta, urang kudu bisa
ngajaga situs-situs cagar budaya nu geus aya, sabab éta téh salah sahiji bukti ayana jaman baheula keur
mangsa nu bakal datang.
5

DAFTAR PUSTAKA

http://sejarahlengkapterbaru.blogspot.com/2016/02/dongeng-bahasa-sunda-ciung-wanara.html?m=1

Anda mungkin juga menyukai