Anda di halaman 1dari 23

Ini carita Waruga Guru, eta nu nyakrawati.

Nu poek

angen tulus, ka kujaba din u bodo, nu tarabuka priyayi

sakarep kasorang tineung meunang guru.

Ratu Pusaka di jagat paramodita, eta, kanyahoan Ratu

galuh, keurna bijil ti alam gaib, nya Nabi Adam ti heula.

Ratu Galuh dienggonkeun sasaka alam dunya. Basana

turun ti langit masuhur, turun ka langit jambalulah, turun

ka langit mutiyara, turun ka langit purasani, turun

kalangit inten, turun ka langit kancana, turun ka langit

putih, turun ka langit ireng, turun ka langit dunya.

Ja kalangan, tata lawas turun ka Gunung Jabalkap. Upami

ratu Galuh dienggonkan sasaka alam dunya, Nabi Adam

ti heula, pinareking Gunung Mesir. Adam di seuweu opat


puluh, dwa nu sakembaran, munijah luluhur haji dewi;

cikal, da hiji dingarankeun nabi Isis, luluhur manusa.

Nabi Isa diseuweu Kaliyanggin. / Kaliyanggin diseuweu

Malit. / Malit diseuweu Malam. / Malam diseuweu

Mahur. / Mahur dseuweu Lamak./ Lamak diseuweu

Nasar. / Nasar di seuweu basar. / Basar diseuweu nabi

Enoh. / Nabi Enoh diseuweu istri, putri Betari

Sanglinglang. / Betari Sanglinglang diseuweu Muladasadi.

/ Mulasadadi diseuwe Ratu babarbwana, arina karma

Batari Logina. / Batari Logina diseuweu Gandulgantung.

Naha ari dingarankeun Ratu Gadulgantung ? / Karna tapa

di awang-awang. / Arina karma Betari Cipta Langgeng,

siseuweu nya Ratu Menengputih. Naha mana dingaranan

Ratu Menengputih ? / Karna tapa dina haseup bijil putih./

Arina karma Betari Ciptawisena, arina diseuweu Ratu

Gandul larang./ Naha ma dingaranakeun Gandullarang ? /


Karna tapa dina bentang. Arina karma ka Betari

Mekubuya / Betari Mekubuya arina diseuweu Ratu

Okanglarang. / Naha mana dingarankeun Ratu

Okanglarang ? / Karna tapa dina bulan. / Arina karma ka

Betari Mekuhurip. Betari Mekuhurip arina diseuweu Ratu

Siar./ Naha mana dingarankeun Ratu Siar ? / Karna tapa

dina jero banyu.

Arina karma ka Betari Medangtasa. Arina diseweu Ratu

Komara. / Ratu Komara arina karma ka Betari Lengisjati /

Betari Lengisjati arina diseuweu Ratu Pucukputih./ Naha

dingarankeun Ratu Pucukputih?

Kerna tapa di jero langit putih nu leuwih. / Arina krama

ka Betari Panggungkancana, arina diseuweu Baginda

Premana.

Arina karma Maraja Lengjagat, arina diboga seuweu

jumeneng ratu Tajapura Puterjagat./ Ditibanan ci banyu


eluh / Diraga-raga ci banyu eluh. Kacarita Waruga Guru

jumeneng nyakrawati, katurunan caya eluh, turun

Gunung Rajanna, jumeneng ratu Rajanna.

****

Mangka Caritakeun deui Nabi Adam. Diogan sareyat.

Lalampahan eukeur bingung, mitetekeun srangenge,

hukumna sakur nu usik dihalalkeun, alamna lima riwu

tahun, cengkal kayu ka patbelas ratus.

Kasalinan deui ku nabi Enoh, alamna dalapan ratus tahun,

cengkal kayu salapan ratus cengkal panjangna, hukuna

sakur nu paeh ku maneh diharamkeun, balana saeusina.

Kasalinan deui ku Nabi Isis, diboga kitab tanpa karana./

Caritakeun deui Ratu Rajaputra puterjagat.

Nabi Enoh mireungeuh Nagara Selong padagang


dalapan./ Mangka nurut Baginda Premana sabalana

kabeh. Ratu Rajaputra Puterjagat nu ranuhan hanteu milu,

kudu-kudu karsa dahar babatang./ Mangka kahatur

karamana./ Mangka bendu ramana. Eta oge rek

dipupusan./ Maka dicekel ku Adam Daur./ Mangka

kabireungeuh ku nyai aisna, ku ratu dewi Astra. Mangka

dibelakeun jalma sewu./ Tuluyna ka kahiyangan./

Lawasna tapan di kamulyaan, turun ngababakan./

Medang Kamulan sangara, nuboga dayeuh dingaranan

Ratu Bawana./ Mangka Diprangan ku Adam Daur,

kasedek ngidul ka Pulo Panamor./ Mangka silih balang ku

siwalan, turunna ka dayeuh, mana dingarankeun Bagelen.

Caritakeun deui putrana ratu Mesir na putri geulis

Raminihalul, nu jung dina bulan Anggarkasih./ Unggalna

ka papanggungan nengcengna patanggalan. / Rek

dibeubeureungeuh ka tebeh kidul, behna pameget./


“Rampes, ta inya.”/ Tuluy hatir ka ramana, “Rama, kawula

dek karma na ais bawa satapa.” /

Tuluy dibawa ku Darmasiksa. / Tuluy angkat deungna kai

ais dijenengkeun Ahmad Musapir./ Tuluy ka nagara

Medang Kamulan; kadaharanan Sri. / Mana aya Sri di

Nusa Jawa : / Tuluy karma raka ka pada raka, rai ka pada

rai. / Tuluy pinuh Medangkamulan, dieusi ku dua riwu./

Mangka karsa mindah dayeuh ka Gunung Kidul./

Mangka diwaris kuringna ku Darmasiksa, nu ti Mesir

sakuringna ka gustina, nu ti selong sakuringna ka

gustina./ Saur ratu, “Lalakina eta oge teu dbwaga waris,

aya waris purba mana kuat ewe-ewena.”/ Mangka tuluy

jadi nagara duwa kang raka deungeun kang rai.

***

Mangka caritakeun dei nabi Enoh./ Saurna nabi Adam,

“Nabi Enoh, teu yacan dasri sri; reya duradu, kudu bogoh
ka papad lalaki, karsa dahar babatang.” Saurna, “Nabi

Adam, mugi–mugiya keuna bebendon deneng Allah.” /

Mangkana pasti, dibawa unggah ka parahu Adam Nabi

Enoh./ Dibawa unggah ka parahu, manga bijil angina

topan sapocoro ti sagara, mangka keueum alam dunya./

Urang Nusa Jawa rame eukeur nyieun gunung.

Saur Ratu Prewatasari jagat, “pikakeueumeun.”/ Manghka

nyipta gunung sasipat langit, dingaranan Gunung

Adraksa./ Mangka urang nusa Jawa dibawa unggah

gunung ku Ratu Prewatasari./ Mangka urang Nusa Jawa

unggah ka Sanghiyang Puncak Linggapayu./ Mangka

lawas-lawas orot deui./ Man anus saat ti heula bojong

rencang carengcang betan kembang lopang, mana

dingaranan Bojonglopang./ Tuluy diturunan di babakan

ku Darmasiksa./ Turunna ka dayeuh, mana aya

imbanagara, dijenengkeun Ki Sipati Panaekan masihna

ratu leungit di gunung./ Mangka unggah pulo kancana


kumambang-kumambang, ditalian ku hoe ku rokro,

dicangcang keun ka gunung, dingaranan Nusa

Kambangan./ Manga katurunan wahiyu.

Saur nu Wenang, “Geura tapa di sompoking panon poe,

dinya pijadieun ratu.” / Meunang saur sakecap, tuluy

angkat deui. / Saur Nu Wenang, “Jajaga ka loka gumilang

na tapa manana aya sawarga loka.” / Mangka nerus bumi

kahandap ka saragina.

Arina dibabar bawana, mana aya Bwanalarang. Tuluy

tapa dinya. / Meunang saur sakecap, mangka angkat deui

ka luhur. Bijil ti gunung, babar ti gasak, ti ngabulungbung

jalanna, mana mana, dingaranan Pameungpeuk.

Tuluy tapa di Gunung Buligir putih, dibabar bawana,

mana aya Bwanalamba./ Turun ka Gunung Dapang,

murub muncar pakatonan di jagat paramodita, disujudan


ku sajagat kabeh, salimahing bumi sakurebing langit./

Mangka bireungeuh ku Darmasiksa. / Tuluy diparanan ku

Darmasiksa, jadi sastra duwa puluh./ Tuluy dibikeun ka

dalem dayeuh./ Dihaturkeun deui ka putrana kabeh./

Mangka dibejakeun ka sabrang, ka nabi Enoh.

Saur Nabi Enoh, “Watek eta, Seh, lekab karagragan si

banyu eluh, mana jumeneng Ratu Galuh. “Mangka Seh

Majuso dudukuh di Masigit Wastu./ Maka Sang Ratu

ngajenengkeun papatih opat anu natakeun sakabeh./

Dijenengkeun Adam Daur nu natakeun jalma kabeh ;

dijenegkeun Dewa Guru nu natakeun di jero dayeuh,

Darmasiksa na natakeun di karataon, Empu Ganjali./

Mangka urang Nusa Jawa pada sujud ka gunung anteg

dijieun pamujaan./ Mangka katingalan ku malekat yen

ruksak umatna kabeh, alamna sujud ka kayu ka batu.

Mangka dipanah gugutuk batu./ Tuluy rempu


paburantak, turunna, mana aya Kabuyutan./ Mangka

sujud ka batullah.

***

Urang caritakeun deui aya nu tapa di Gunung Padang,

yen kawasa, dingaranan Ajar Sukaresi.

Mangka hatur ka Sang Ratu yen kawasa. / Saurna Sang

Ratu, “Ah, aing neang ka nu tapa.” / Mangke greuhana

ditapokan mohana ku kancah./ Saur Sang ratu, “Patih,

haturkeun ka nu tapa, Sang ratu bareuh mohana, kunaha

?.

Tuluy ku Kai Patih haturkeun kanu nu tapa./ Haturna Kai

Putih ka nu tapa, “Nuhun, kaula dipiwarang ku Sang ratu,

sang Ratu beureuh mohana, kunaha ?” / Saur nu tapa, “eta

oge eukeur bobot Sang Ratu.”/ Kai Putih tuluy pulang,

hatur ka Sang ratu.


“Kumaha patih saur nu tapa?” / “Nuhun, Sang Ratu,

“Bohong nu tapa, pagah kawasa.”/ Arina diteang kancah

teu aya, Sang ratu ngandeg./ Datang ka bulanna, babar./

Dingaranan hariang Banga./

Lawas-lawas Sang ratu uwar ka sanagara yen sang ratu

eukeur boga seuweu. / Saur Sang Ratu, “Patih, hatur ka nu

tapa, Sang Ratu eukeur di boga deui seuweu.” / “Rampes,:

carekna kai Patih./

Ari datang ka nu tapa tuluy hatur, carekna kai Patih,

“Kaula nuhun, dipiwarang ku Sang Ratu.”/ Saur nu tapa,

“Dipiwarang naha, Kai Patih ?’/ “Mangka Sang ratu bobot,

naha ewe-ewe ta lalaki piseuweueunna na ?” / Saur nu

tapa, “Reya deui Sang ratu nu tapa, Kai Patih haturkeun

ka Sang Ratu, saur nu tapa piseuweunnana ewe-ewe.”/


Saur Sang Ratu, “Bohong nu tapa, eta oge kateh.”/ Arina

diterang kateh teu aya./ Sang ratu tuluy ngandeg. / Ari

lawas-lawas ka bulanna, tuluy babar Sang Ratu./

Arina dibireungeuh istri seuweu Sang Ratu./ Caritakeun

deui reyana para putra./ Ratu Maraja lenggang seuweuna

Ratu Ayub nu calik di Nusa Kambangan./ Arina patutan

nya Hariyang Banga turunan Ajar, pulang jiwa nu ngasa

di Sumade Kidul Balikna ka Majapait./ Patutan ti Ratu

Prawata, eta seuweu Prebu Gunung, Sang Raja Panji.

Patutan deui ti Ratu Maraja Dewi Angin Ratu

Pagedongan. / Ratu Maraja Dewi seuweuna Prebu

Wiratmaka, Ratu Marajasakti./ Patutan ti Maraja Dewa

Putra raba duwa welas nu nyarita tilu.


Mangka turun Ratu Komara ti swarga ngayuga dayeuh di

Bojong Cimandala wateun reujeung Cigagakjalu.

Mangka gering sanagara Galuh./ Saur Sang Ratu, kaula

rek hatur ka nu tapa, menta tamba gering.”/ Hatur Kai

Patih, “Nuhun, kaula dipiwarang ku Sang Ratu, menta

tamba gering sanagara?”/ “Kaula nuhun Sang Ratu, kaula

rek hatur ka nu tapa, menta tamba gering sanagara,”/ Saur

nu tapa, “Rampes.” / Mangka ngala sagala tamba. / Tuluy

dihaturkeun ka Kai Patih, “iyeu tamba gering, haturkeun

ka Sang Ratu, kami dek nuturkeun pandeuri.”/ “Kaula

amit”./ Saur nu tapa, “Pileuleuyan, Kai Patih” / “kaula

nuhun, Sang Ratu, ieu tamba gering sanagara tinu tapa.” /

Tuluy di tampanan ku Sang Ratu./ Arina di buka, beh

reundeu. / Tuluy di dahar ku Sang Ratu, nyat waras

sanagara Galuh.
Tuluy ka seba deui ka para mantra./ Lila lila tuluy datang

Kai Ajar./ Saur Sang Ratu, “Sukur temen Kai Ajar datang.

Reundeu baan saha?” / Saur Kai Ajar, “Nuhun, ku kaula;

lawas-lawas ari cukul, kahatur keun ka sampeyan.” / “Kai

Ajar, ari kitu ngabakti keun sesa. “Mangka Sang Ratu

bendu. Saur Sang Ratu, Patih paehan Kai Ajar.”/ Mangka

di cekel ku Kai Patih, dibaan ka ranca Cibungur.

Saur Kai Ajar, “Kai Patih, haturkeun saur kami ka Sang

Ratu, jajaga ari boga deui seuweu lalaki nya eta nu di

paehan teh.”/ Tuluy di telasan. Ngalambangkeun

beureum getihna di ranca Cibungur, mangka dingaranan

Cibeureum.

Lawas-lawas Sang Ratu ngadeg. Datang ka bulanna, lahir,

arina dibireungeuh lalaki./ Mangka diasupkeun kana

kandaga kancana reujeung ending sahulu, duhung

sapucuk. Tuluy dipalidkeun ka Cintaduy.


**

Caritakeun deui nini Berangantrang, Aki Berangantrang.

“Nini, hade temen impiyan aing, ngimpi kagugun turan

manik kacaahan mirah” / “Aki, sugan saapan urang

meunang kirim pianak-anakeun.”

Isuk-isuk los diteyang, ngagebur kandaga kancana

nyorang ka saapan. Tuluy di bawa ku ninina./ Ari dibuka,

behna murangkalih, endog disileung leumkeun, keris./

Tuluy diteundeunkeun murangkalih./ Tuluy dirorok,

dipangninggurkeun./ Lawas-lawas datang ka tegus

cangcut./ Mangka dibawa moyan ku na kai ayah.

Bwat ciung. / “Ayah, nahaeun eta?” / “Ngaranna ciung,

anaking.” / Bot indungna, bwat bapana, bwat anakna. Pur

hiber bapana. / “Ayah, ka mana eta arahna?” /


“Piaraheunnana ka daleum dayeuh.”/ “Ah, ngaran aing

Ciung Manarah.”/ Endog tuluy disileungleumkeun. Tuluy

megar, dingaranan Singarat Taranjang.

Mangka rame di daleum dayeuh nu keur sawungan./

“Ayah, aing mah hayang ngadukeun hayam aing.”/

“Mulah, anaking, bisi eleh marang.”/ Mengkena

murangkalih hayam tuluy dikelek, duhung tuluy

disungkelang. Tuluy angkat, ditutur keun ku na ka ayah.

Datang ka Pagelaran, heran ningal urang pagelaran./

Katingali ku Patih Hariyang Banga, kahatur ka Sang

Ratu./ Tuluy di saur ku jogan./ Saur Sang Ratu, “Ari eta

seuweu saha?”/ “Kaula, nuhun anak kaula.”/ “Dipudut ku

ngaing, Aki Belangantrang diperedikakeun sabawa kita”./

Tuluy mulang Aki Belangantrang bari nangis, melang ka

kai seuweu.
Rek mireungeuh ka Sang Ratu, mireungeuh deui ka Patih

Hariyang Banga, tuluy mireungeuh ka sarirana ku

anjeun./ Lila-lila eling carita, hatur ka Sang Ratu, “Kaula

anak andika.”/ Ngareungeuheun bangkeureuheun

miresep hatur sakitu. Lila-lila tuluy eling, Sang Ratu

dipundut sungkelangna duhung./ Ari dibireungeuh

sungkelangna duhung, beh pun Naga Lumenggung./ Saur

Sang Ratu, “Enmya hidep anaking.”/ Kahatur ka nyai

ibuna./ Tuluy dirawu dipangku diceungceurikan.

Saur Ciung Manarah, “Rama Ibu, kaula neda waris.”/ Saur

Sang Ratu, “Enggeus beyakeun ku na kai lanceuk, ku

Patih Hariyang Banga.”/ “Aya soteh kari panday domas

kurang hiji, eta waris aing ka hidep.”/ Tuluy disuhunkeun

waris.

Sang Ratu tuluy dicalikkeun, dijajarkeun, deung na kai

lanceuk, deung Patih hariyang Banga dituluykeunna,


jengan Patih Ciung Manarah marentahkeun Nusa Tilu

Puluh Tilu./ Alamna Ratu Galuh pitung ewu tahun.

Mangka Patih Ciung Manarah karasa nurunkeun panday

domas kurang hiji rek nyieun beusi./ Kabireungeuh ku

Sang ratu, panujueun./ Tuluy dihaturkeun nyieun deui

bale beusi./ Kabireungeuh, panujuen dihaturkeun./ Arina

nyieun deui konjara wesi./ Arina dibireungeuh ku Sang

ratu, panujueun, dihaturkeun./ Saur Patih Ciung

Manarah, “Henteu nyaho ta jerona, Rama”/ Tuluy

dilebetkeun ku Sang ratu./ “Hade,” saur Sang Ratu./

Jeprak di kancing ku Patih Ciung Manarah, dijingjing ka

paseban, diundangkeun ka sadadayeuh./ Teu dibere cai,

teu dibere sangu, dikemitan ku para seuweu./ Lawas-

lawas saurna Patih Ciung Manarah, “Sang Ratu lintuh

lintuh keneh.”/ Horenganan dibalangan keupeul ku Patih

Hariyang Banga./ Mangka bendu Patih Ciung Manara,

mesat hateup sirap, dibalang kang raka./ Tuluy bendu ka


sang raka./ Mangka konjara wesi rek diirik./ Ku Patih

Ciung Manarah direbut./ Ku Ratu pagedongan tuluy

disusupkeun ka Gunung Kelong.

Tuluy perang, mangka disedekkeun ngetan kang raka.

Datang ka Balangbangan, saur kang raka, “Rayi, urang

eureun.” / “Raka, rampes.” / Tuluy eureun teoheun maja,

tugna bhwah kalayar./ Dicandak ku na kai lanceuk./

“Rayi, iyeu bwah naeun?”/ “Iyeu bwah maja, Raka.”/

“Ngeunah didahar ?”/ “Ngeunah, raka.”/ Arina didahar

pait./ “Majapait iyeu pingaraneun nagara.”

Disedekkeun deui ngulon kang rayi ku kang raka./

Datang Tajigbarat, saur kang rai, “Raka, urang eureun.”/

“Rayi, rampes.” / Eureun teoheun paku tug bwahna.

Dicandak ku na kai ais, “Raka, buah naeun iyeu?. “Bwah

paku jajat.”/ “Pakwan Pajajaran ieu ngaran.”


Mangka perang deui. Datang ka Taraban, mangka turun

Darmasiksa./ “Nya prerang, anaking.” Cipamali nerus

gunung, teka nunjang ka sagara halerang godong

angsana, na kang raka di Candak ku kai mas dipidwah

keun ngulon.

Tuluy dikumpukeun ka Nagara Galuh ku Darmasiksa./

Konjara wesi diparanan ku Ratu Maraja sakti, dicipta

tuluy lebur jadi cai, turunna ka dayeuh, mana aya

Kandangwesi.

Tuluy kumpul deui Nagara Galuh, pada marek ramana

neda idin. Mangka matur kang rayi, “Rayi ulang

jumeneng ratu ti heula,”/ Saur Kang Raka, “Suka aing jadi

ratu ti heula, da aing kolotna anak putu, rayi ku aing

dikawulakeun mo jumeneng nyakrawati lamun teu

ngumbara heula”.

****
Patih Hariyang Banga karsa murud ngetan, maan

kuringna satak sawe nitih Majapahit./ Puputra Prebu

Mula./ Prebu Mula arina puputra Prebu Terusbawa./

Terusbawa puputra Terus Bagawat.

Terus Bagawat puputra Prebut Terus Gumuling./ Prebu

Terus Gumuling puputra Prebu Mangoneng. Prebu

Mangoneng puputra Prebu Terus Bangbang. Terus

Bangbang puputra Ki Gedeng Mesir./ Ke Gedeng mesir

puputra Ki Gedeng Jati./ Ki Gedeng Jati puputra Ratu

Prewata./ Ratu Prewata puputra Ki Gedeng Mayana./ Ki

Gedeng Mayana puputra istri, dingarankeun Ratu

Sarikem./ Ari karma ka wong agung Batullah,

dingaranakeun Seh Kures.

Kaselangna ku Ratu Pajang manyakit wawatuneun

mejangan budak bule pitambaeun./ Nimu Ki Gedeng


Selang, putri dianggo, manyakit warasna. Putri tuluy

bobot./ Arina babar Ki Gedeng Kacung./ Ki Gedeng

Kacung arina puputra Ki Gedeng Surawul. Ki Gedeng

Surawul arina puputra Pangeran Sedang Karapay,

puputra Sedang Kajenar./ Pangeran Sedang Kajenar

puputra Pangeran Sedang Kamuning./ Pangeran sedang

Kamuning puputra Sutan./ Sutan arina puputra Susunan./

Susunan arina puputra Susunan Mangkurat./ Susunan

Mangkurat arina puputra Pangeran Mangkunegara, kang

rayi susunan puger, puputra Pangeran Mangkunagara./

Pangerabn Mangkunagara puputra Pangeran Dipati.

Caritakeun deui Ciung Manarah, karsa rek murud

ngulon./ Mangka maan kuring panday domas kurang hiji

nitih lemah Pajajaran./ Arina krama ka ratu Endong

Kencana./ Arina puputra Darma Rehe. Darma Rehe arina

puputra Lutung Kasarung./ Lutung Kasarung arina

puputra Prebu Lingga Hiyang./ Prebu Lingga Hiyang


puputra Prebu Lingga Wesi./ Prebu Lingga Wesi arina

puputra Prebu Lingga Wastu./ Prebu Lingga Wastu

puputra Sang Susuk Tunggal./ Sang Susuk Tunggal arina

puputra Prebu Mundingkawati./ Prebu Mundingkawati

puputra Prebu Anggalarang./ Prebu Anggalarang puputra

Prebu Siliwangi, jumeneng nyakrawati Pajajaran. – Cag

Anda mungkin juga menyukai