Anda di halaman 1dari 1

SEUNEU BANDUNG

Yasana : Karna Yudibrata

Saha nu bisa mareuman seuneu Bandung

Geni sakti nu nyebrot ti dapur Cikapundung

Najan laut Kidul

Ngolétrak dipaké nyiram?

Seuneu Bandung

Dayang Sumbi gupay pucukna

Tangkuban Parahu jadi suluhna;

Sut urang sundut

Nyeungeut obor kamerdékaan

Bray caang lampu néon jutaan watt.

Langit ngempray, langit harepan

Seuneu teuneung geni kawani

Ngaléntab sagara keusik

Ngahuru, ngabela-bela

Ngaduruk leuweung-ganggong langit-langgong

Afrika-Asia bébas merdéka!

Seuneu nyebrot ti dapur Cikapundung

Geni sakti, cahya ilahi

Hamo bisa dipareuman

Panorama,19 April 1965

Anda mungkin juga menyukai