Anda di halaman 1dari 1

PROGRAM LITERASI

MACA KISAH INSPIRATIF


SMA NEGERI 1 BOJONGSOANG

GENTONG RENGAT

Dina hiji waktu, kacaritakeun aya salah saurang aki-aki nu boga dua gentong keur
ngawadahan cai, nu disundung dina taktak make rancatan. Salah sahiji gentong aya rengat
sedengkeun anu hiji deui katingali teu ka cela. Cai nu di bawana ge pinuh.

Sajolna di imah saenggeus nempuh perjalanan nu panjang ti wahangan, cai dinu gentong
nu rengat tinggal satengahna. Salila dua taun ieu perkara lumangsung unggal poe, nu dimana
aki-aki eta mawa cai ngan ukur hiji gentong nu pinuh jeung hiji deui ukur satengahna.

Tangtuna ge si gentong nu weteuh kacida bangga ku beubeunanganna. Ngan gentong nu


rengat ngarasa era, ku kakuranganna jeung handeeul kusabab ngan bisa 1/2 dina
ngalaksanakeun kawajiban.

Saenggeus dua taun nu dianggapna kagagalan, ahirna si gentong eta nyarita ka si aki-aki
di sisi wahangan.

"Sim kuring isin, kumargi cai sok bocor dinu rengatan awak kuring di sapanjang jalan nepi
ka imah anjeun" .

Si aki saukur mesem, " na anjeun teu ningali ligarna kembang sapanjang jalan nu ku anjeun
kaliliwatan, tapi teu aya dijalan nu di sapalihna. Kuring apal nu jadi kakurangan anjeun, jadi
kuring ngawurkeun binih kembang di jalan nu ku anjeun di liwatan, unggal poe sapanjang jalan
balik anjeun geus nyebor binih-binih eta. Salila dua taun kuring bisa mipit ligarna kembang nu
kacida endahna ker ngahias dina meja. Upama anjeun teu sapertos kitu, imah moal saendah
kieu sabab eweuh kembang”.

(Konten ini telah tayang di Kompasiana.com dengan judul "Kisah Inspiratif: Tempayan
Retak", https://www.kompasiana.com/ibnuwahyudi/59ed9f8eed4ed60ccb39ede2/kisah-
inspiratif-tempayan-retak Kreator: Ibnu Wahyudi ).

Anda mungkin juga menyukai