Anda di halaman 1dari 2

JAJANAN

Hanadhiya Sajidah & Keyzha Nabila Rizki

Kring.. kring.. pas geus bunyi bel istirahat kahiji disada, kuring sareng babaturan geura indit
ka kantin.

“Hayu gus! urang ka kantin, lapar kieu euy” sabari ngusap beuteung.

“Heeh hayu, kuring oge lapar” saur Agus.

Kuring jeung Agus rusuh ka kantin, kusabab lapar teu acan emam ti isuk. Mimitina mah
kuring hayang mawa bekel ti imah, tapi kuring poho mawana. Geresak.. gerusuk.. kantin
pinuh pisan, loba jelma nu meuli jajanan di kantin.

“Ceuk kuring mah ieu teh jiga nu keur demo, da pinuh ku jelma pisan” kuring
ngerungkeun halis.

“Ohh heeh nya, bener oge” saur Agus.

Di kantin teh huluwar-hiliwir seugit jajanan nu rasana teh jiga nu ngeunah. Tapi kuring
binggung, rek emam gehu, cireng, atawa tempe, da kabeuh na teh karesep kuring.

“Gus.. gus.. rek meser nu mana” kuring naros.

“Kuring mah rek meser gehu. Jaka mah meser eta weh cireng, karunya dagangnganna teu
payu” saur agus.

“Heeh nya karunya, nyaenggeus kuring meser eta weh” kuring nilanggi dagangngann nu
teu payu.

Kuring rek meser dagangnganna. Ulak- ilik kana cireng jeung kaayaan dapurna, asa kurang
bersih jeung loba laler. Laler na teh meuni hejo jeung garede, sareng kuku mang na teh
meuni harideung. Kuring asa kurang yakin meser cireng eta, tapi kusabab karunya kuring
meser hiji, nyobian heula weh.

“Mang.. mang.. meser hiji nya” kuring nunjuk cireng nu hayang kuring meser.

“Meuni nganhiji, dua weh atuh” ceuk tukang dagang na.

“Moal ah, nyobian hungkul” saur kuring.

“Nyaenggeus teu nanaon, hargana sarebu gope nya” tukang dagang na ngadelek.

“Enya mang” kuring masihan duit dua rebu.


“Aduh.. eweuh gope na, dipeserkeun permen weh nya” tukang dagang na nyandak
permen.

“Eh.. ieu aya gope gening, mang aya sarebu kan. Gope na keur mang, sarebu na keur
kuring” kuring ngaluarkeun duit gope di saku jeung masihan ka tukang dagang na.

“yaengges, ieu” tukang dagang na masihan duit sarebu

Saenggeus eta, kuring jeung Agus emam di pinggir lapangan ninggal nu keur maen bola.
Agus meser gehu nu aya mie sareng toge. Teu lila bunyi bel asup ka kelas kring.. kring..
kuring sareng Agus lumpat ka kelas. Teu lila pas di kelas, kuring ngarasa nyeri beuteung.

“Gus.. gus.. naha nya kuring nyeri beuteung” kuring nyepeung beuteung.

“Tadi emam nu lada atawa nu hasem teu?” Agus bibisik ka Jaka kusabab keur di jam
pembelajaran.

“Kuring ngan emam cireng nu tadi, teu lada jeung teu hasem oge da” saur Jaka.

“Ninggal nu aneh teu, ti cireng na?” Agus naros.

“Kuring teh ninggal dapurna kurang bersih jeung loba laler, jeung mang na ge kuku na
harideung” saur Jaka

“Tah eta meren sababna, loba kuman na” ceuk Agus yakin.

“Enya meren, da kuring ngan emam eta hungkul” saur Jaka.

Nepi ka imah Jaka ngarasa nyeri beuteung. Tuluy Jaka nyarita ka mama, lamun Jaka emam
cireng nu kaayaan dapurna asa kurang bersih jeung loba laler. Laler na teh meuni hejo
jeung garede, sareng kuku mang na teh meuni harideung.Teras mama Jaka nyaritakeun ka
guru wali kelas. Isuk na guru wali kelas ngadatangan mang na, kusabab geus loba jelma anu
ngalapor lamun loba nu nyeri beuteung lantaran eta cireng. Tukang dagangna teh di bere
nyaho lamun dagang kudu nu bersih sangkan sehat.

Teras isuk na pas pembiasaan, eskul PMR ngajelaskeun lamun rek jajajan tong
sembarangan, peser jajanan nu sehat. Jajanan na teh kudu higenis, kaayaan dapurna
bersih, pastikeun teu aya laler, jeung pananggan nu ngadamel na kudu bersih oge. Sabab
harita eta Jaka osok dipasihan bekel emam ti imah, sangkan teu emam nu teu sehat nepi ka
nyeri beuteng deui.

Anda mungkin juga menyukai