Anda di halaman 1dari 1

AUTOBIOGRAFI SISWA

Jihan Agustin

Nami abdi Jihan Agustin, atanapi alo abdi mah sok nyauran abdi
ku sebatan Oong, upami rerencangan abdi mah biasa nyebat na j
Jihan. Abdi dibabarkeun di Cipariuk, Kecamatan Sukatani,
Kabupaten Purwakarta, ping 12 Agustus 2006. Abdi putri ka hiji ti
pasangan Bapa Jaenul sareng Ibu Siti Mariam.

Abdi ngawitan sakola ti umur 4 satengah taun eta oge lebet sakola
TK. Abdi sakola TK 2 taun, nyaeta TK A sareng TK B. Nalika abdi
lebet sakola MI, pas nuju klas 4 abdi kacandak olimpiade
Matematika lebet 5 besar, nuju kelas 5 abdi kacandak lomba
cerdas cermat menang juara ka 1. Nalika lulus abdi
ngalajeungkeun sakola ka MTs Nurul Fata sakanteunan ngobong,
salami 3 taun eta, abdi di kobong ngiring lomba tahfidz menang
juara ka 2. Ngalajeungkeun deui sakola ka SMKN 3 Sukatani, di SMK
abdi menang juara kelas ka 1 di kelas 10 dugi ka kelas 11 semester 1.

Ti sabarang lebet SMK abdi jad yakin, boh elmu teh kacida penting
ns, lamun hirup nyandak elmu bakalan moal berat kawas urang
manggul batu, da nu ngarana elmu mah icing na dina pangarti
jelema, nyaeta dinu akal anu sehat. Sareng milari elmu teh tiasa
dimana wae.

saking resepna milari elmu, abdi jadi yakin pami tos lulus sakola
sareng aya rezekina hoyong di lajeungkeun deui, hoyong sakola
anu luhur sangkan bisa ngabanggakeun kanu jadi kolot, ngaganti
usaha kolot ku hasil tina mangtaun taun abdi sakola.

Anda mungkin juga menyukai