Anda di halaman 1dari 14

Makalah

Wangunan

Disusun pikeun nyieun pohan salah sahiji


Pancen ujian praktik Bahasa Sunda tahun pelajaran 2023/2024

Disusun ku:
Nama siswa: Ahmad Dzulfikar Thufail
Kelas : XII MIPA 2

SMA RIMBA MADYA BOGOR


Jalan Rimba Mulya II Pasir Mulya Bogor Barat
PANGJAJAP

Alhamdulillah, puji sinareng sukur panulis panjatkeun ka hadirat Allah S.W.T, nu parantos
maparin sagala nikmat sarta limpahan rahmat jeung karunia-na, dugi dina danget ieu panulis
tiasa ngaréngsékeun ieu makalah nu judulna nyaeta Wangunan.
Makalah ieu disusun pikeun ngalakonan salah sala sahiji pancen tugas dina mata pelajaran
“Basa Sunda”. Panulis sadar yén ieu makalah téh masih seueur kakirangan-na boh tina segi
panyajian atawa tina segi eusina.
Ku kituna simkuring ngahaturkeun kritik sareng saran-na pikeun ngembangkeun ieu karya
makalah sunda nu judulna Wangunan.
Ahir kata, panulis ngan ukur tiasa ngaharepkeun mudah-mudahan ieu karya makalah
ngabogaan mangpaat hususna pikeun panulis sorangan sareng umumna pikeun sakumna
pamaca sadayana.

Bogor, September 2023

Ahmad Dzulfikar Thufail


i

DAFTAR EUSI

Pangjajap................................................................................................` i
Daftar Eusi ..............................................................................................ii
BAB I Bubuka........................................................................................ 1
1.1 Kasa Tukang.......................................................................................1
1.2 Rumusan Masalah .............................................................................1
1.3 Tujuan Nyusun Makalah ...................................................................1

BAB II Pedaran...................................................................................... 3

2.1 Tempat Anu Masih Keneh Aya Imah Arsitektur Sunda..................... 5


2.2 Ciri-Ciri Jeung Fungsi.........................................................................7
2.3 Rupa Wangunan Sunda.......................................................................9
2.4 Rupa-rupa Wangunan jeung Pamakéanana……….……11
2.5 Teori Arsitektur……………………………………….. 13

BAB III Penutup .....................................................................................5

3.1 Kacindekan…………………………………………… 17
3.2 Bongbolongan………………………………………… 17

Daftar Pustaka…………………………………………... 19
ii

BAB I Bubuka

1.1 Kasa Tukang


Upama urang miang ka Bali, Toraja, Minangkabau, Batak atawa Irian, kalawan
gampang urang bisa ningal imah atawa wangunan anu has daerahna. Malah hal ieu jadi
ciri mandiri (trade mark) pikeun daerahna masing-masing. Bangsa asing nu datang ka
Indonesia, kacida katajina ku rupa-rupana arsitektur imah nu aya di Indonesia.
Naha ari Tatar Sunda mibanda arsitektur imah? Tangtu aya jeung miboga wangun
imah anu ngabogaan ciri khas Tatar Sunda, saupamana wae ti mimiti imah anu
pangsaderhanana tepi ka anu cukup rumit nyieunna. Conto wangunan moderen anu dasar
arsitekturna ngagunakeun arsitektur Sunda pangpangna wangun suhunanana, di antarana
suhunan Kampus ITB jeun sabagian suhunan Gedong Sate. Wangunan Pendopo
Kabupaten Bandung jeung sababaraha Wangunan Pendopo anu aya di Tatar Sunda mah
ilaharna ngagunakeun suhunan anu ngajadi ciri Wangunan Arsitektur Imah Sunda.

1.2 Rumusan Masalah


Dumasar kana kasang tukang di luhur, tina kumargi kitu nu nulis mendak sababaraha
pasualan anu janten watesan masalah

1.3 Tujuan
Anapon tujuan panalungtikan makalah ieu nyaeta nyumponan kana sakumaha pacen
pangajaran basa sunda sareung nu dumasar kana kasang tukang di luhur nyaeta, supados
tambih kawanohan kanggo urang sarerea numutan nu aya di tatar sunda utamina
wangunan sunda.
1

BAB II Pedaran
2.1 Sawatara Tempat Anu Masih Keneh Aya Imah Arsitektur Sunda
Upama dipapay leuwih jauh conto arsitektur nu asli Sunda tur dina wangunan nu masih
keneh saderhana, nya eta wangunan imah di:
- Baduy (Banten Kidul)

- Kampung Naga (Tasikmalaya)


3
- Kampung Pulo (Garut)

- Kampung Genereh (Sumedang)

- Kampung Palasah (Majalengka)

- Kampung Gabus (Cirebon)


Di Baduy, Kampung Naga jeung Kampung Pulo, beunang disebutkeun wangunan imah-
imahna masih keneh asli tradisional. Tapi di Kampung Genereh, Palasah jeung Gabus mah,
ngan kari hiji-dua bae, kitu oge kaayanana geus loba anu ruksakna.

5
2.2 Ciri-Ciri Jeung Fungsi
Nurutkeun panalungtikan tim ahli anu dijejeran ku Prof. Dr. Kusnaka Adimiharja, Spk,
gawe bareng jeung Kanwil Pariwisata Propinsi Jawa Barat, ciri-ciri jeung fungsi imah
Sunda the bisa disawang tina:
- Aspek Sosial Budaya jeung Arsitektur
- Ciri Wangunan anu Has
Kateranganana upama dipedar leuwih jelas mah kieu:
Keur urang Sunda, imah the lain ngan ukur pikeun tempat cicing, atawa tempat
istirahat wungkul, tapi oge boga harti anu leuwih lega, nyakup sosial, ekonomis jeung jadi
puseur atikan budaya kaasup pendidikan moral, sarta dianggap suci (sakral). Nya di jero
imah pisan tumuwuhna hubungan sosial (sosialisasi) anggota kulawarga. Di imah pisan
tempat migawe hal-hal nu sipatna ekonomis (home industri). Di imah pisan hal-hal nu
tumali jeung atikan kabudayaan ku indung-bapa diajarkeunana ka anak-anakna. Kitu deui
imah the dianggap suci (sakral), disaruakeun jeung alam mikro (bumi sok disebut imah),
nu dianggap miniaturna tina makro (dunya = anu oge disebut bumi). Jadi bumi (imah) the
dianggap sarua jeung bumi (dunya).
Eta sababna upama hiji imah dipake hal-hal nu teu hade atawa dipake hal-hal anu
kotor, bakal dianggap ngaruksak kasakralan imah, imahna jadi “sial”. Ceuk urang Sunda
mah imah the mangrupa tempat anu suci nu kudu dijaga kasucianana.
Ciri has imah Sunda nyaeta panggung (aya kolongna). Bedana jeung imah panggung
seler bangsa sejen (Batak, Dayak, Minangkabau), nyaeta luhurna kolong imah Sunda mah
henteu pati luhur (40-60cm), siga kolong imah urang Jepang. Upama aya imah di Tatar
Sunda anu lain panggung, tapi ngupuk saperti di daerah Tatar Kaler eta mah pangaruh
Budaya Jawa. Hateupna (suhunan) imah di Tatar Sunda rupa-rupa aya Julang Ngapak,
Jogo Anjing, Heuay Badak, Jure Limasan jeung Leang-Leang. Di antara nu disebutan
bieu anu has Sunda mah nyaeta nu disebut suhunan Julang Ngapak (Sulah Nyanda, Julang
Wirangga), ari nu sejenna mah kapangaruhan ku kabudayaan batur (suhunan Leang-
Leang kapangaruhan ku Arsitektur Cina, Limasan pangaruh Jawa).
Ciri sejenna nya eta ayana capit hurang (cagak gunting), nyaeta babagian tungtung
hateup (suhunan) anu dirupakeun cagak atawa bisa oge saperti tanduk munding, malah
aya anu dibuleudkeun (lingkaran), biasana tina kai, atawa awi anu dibulen ku injuk.
Gunana cagak gunting diantarana pikeun nyegah cai hujan bocor ka jero imah, jadi saperti
fungsina talang. Jaba ti eta cagak gunting the dianggap oge ngandung tanaga gaib pikeun
nyegah pangaruh negatip.
Ari wangun (bentuk) imah, biasana pasagi panjang. Latena make palupuh awi, bilikna
tina awi dianyam atawa ku sasag. Rangkay imah dijieunna tina kai. Make tatapakan tina
batu. Rohangan imah dibagi nurutkeun babagian anu husus. Nyaeta bagian hareup tepas
(emper) pikeun ngumpulna semah lalaki. Enggon (kamar sare) jeung bagean dapur (hawu
jeung padaringan gudang tempat neundeun beas = pabeasan), bagean tukang ieu mah
pikeun awewe. Pangpangna padaringan (goah, pabeasan) kacida dilarangna lalaki asup ka
daerah eta.

7
2.3 Sababaraha Rupa Wangunan Sunda
Suhunan nu lempeng (lurus). Mun basa indonesia mah, atap pelana. Siga (saperti) pelana
kuda. (Suhunan Jolopong merupakan bentuk rumah yang atapnya memanjang), disebut oge
(juga) suhunan panjang, gagajahan, jeung regol.
Wangunan anu bentukna saperti anjing keur jogo (duduk) Suhunan hareup (nu siga
bangus/ mulut anjing) ngiuhan émpér imah (menutupi teras rumah).Dedegna imah badak
heuay rada deukeut ka jogo (tagog) anjing, ngan luhureun sirahnya aya ceulian-susuhunan
tambahan, kahareup. (bentuk rumah badak heuay seperti tagog anjing tapi diatas kepala
suhunan ada tambahan atau atap belakang dan depan menyerupai badak sedang menguap)
potonganana (bentuknya) siga tangkuban parahu pisan, trapesium tibalik, di Tomo Sumedang,
disebutna jubleg nangkub.
Potongan imah anu tungtung suhunanana make kai atawa awi dicagakeun saperti gunting
rek nyapit.Julang ngapak mun diténjo ti hareup (dari depan), suhunan kénca katuhuna (kanan
kiri) siga jangjang (sayap) manuk, julang-suhunanana opat nyambung nu di sisi nyorondoy.
Sambunganana di tengah, maké tambahan siga gunting muka di punclutna. (Julang ngapak
seperti burung yang sedang terbang)
9
2.4 Rupa-rupa Wangunan jeung Pamakéanana
Umum:
 gedong: imah alus (bagus) tur badag (gede) anu biasana ditémbok
 joglo: adegan imah leutik basajan (bentuk rumah kecil)
 balé kambang: imaha anu diwangun disaluhureun balong, jsb. (‘kambang’
‘ngambang), (yang dibangun diatas kolam, empang, dll)
 poporogok: imah siga saung, leutik tapi lumayan
 pakuwon: pakarangan tur imah nu sorangan
 ranggon: saung anu luhur pisan kolongna atawa anu diwangun dina tangkal kai nu
luhur
 régol: panto gedé lawang pakarangan (en gate, de: tor)
 saung: adegan leutik, biasana teu didindingan, ayana di sawah, kebon, paranti reureuh.
Pamaréntahan:
 babancong: wangunan leutik di sisi alun-alun baheula, panggung paragi gegedén,
ayeuna mah siga tempat nu nongton kelas VIP di stadion.
 balandongan: adegan samentara pikeun narima sémah dinu hajat atawa tempat
hiburan.
 balé désa: kantor pamong désa (kantor desa)
 balé kota: kantor walikota atawa bupati
 balé watangan: pangadilan
 gedong songko: imah bupati baheula
 kadaton, karaton
 pandapa (pendopo): tepas lega bagian hareup gedong kawadanaan, balé kota, jsb.
 kaputrén: bumi jeung pasaréan (tempat tidur) putri raja
 kaputran: bumi jeung pasaréan putra raja
 bénténg: adegan anu tohaga, biasana ngurilingan kota pikeun nahan panarajang
musuh
 bui, panjara: paragi ngerem jelema nu meunang hukuman.
Transportasi:
 hanggar: minangka garasi pikeun kapal udara
 stasion: pangeureunan (tempat berhenti) karéta
 halteu: pangeureunan beus
 Tatani (pertanian) jeung Dagang:
 jongko, warung: tempat dagang, di pasar biasana eusina pinuh ku Jongko
 palalangon: saung luhur di leuweung atawa di huma paranti ngintip sato atawa
nungguan huma
 leuit: gudang tempat nyimpen paré o gosali: tempat gawéna panday (pandai besi)

11
 bédéng: imah-imah atawa adegan leutik paragi nu digarawé proyék wangunan jeung
di kebon (rumah kecil tempat orang yang bekerja di kebun/ proyek bangunan)
Sato (hewan):
 pakandangan: kandang gedé atawa nu loba kandang (kandang besar Atau tempat yang
didalamnya banyak kandang)
 gedogan, istal: kandang kuda
 karapyak: kandang munding (kerbau) atawa sapi nu dikurilingan ku pager
 pagupon: kandang japati (merpati)
 paranje: kandang hayam (ayam)

Ibadah:
 Langgar, tajug
 Masigit (masigit)
 Gareja (greja)

2.5 Teori Arsitektur


Victor Papanek dina bukuna, The Green Imperative,Ecology and Ethics in Design and
Architecture (1995) netelakeun yen arsitektur vernakular (sarimbag jeung arsitektur
tradisional) dumasar kana pangaweruh praktis jeung teknik tradisional nu biasana diwangun
ku sorangan dibantu ku tatangga atawa baraya jeung tukang bas ti lembur eta.
Masing-masing nembongkeun pangabisa nu pangpunjulna. Struktur imah tradisional
umumna gampang kaharti jeung gampang ditalungtikna. Matrial nu dipake kalolobana
matrial alam nu aya ti sabudeureun lembur.
Terusna, Papanek nyieun genep teori ngeunaan arsitektur tradisional. Kahiji disebutna
teori metodologi atawa tata cara. Tina soal rupa jeung matrial nu dipake, imah tradisional teh
mangrupakeun solusi nu pas ditenjo tina segi ekologi dina harti cocog jeung kaayaan iklim,
lingkungan jeung hirup masarakatna. Imah-imah tradisional teu nonjolkeun karep tapi
nyaluyukeun diri jeung lingkungan alam oge imah-imah sabudeureunana. Tina soal ukuran,
biasana imah tradisional make skala manusiawi, proses ngawangun imah sarua pentingna
jeung hasil ahirna.
Dina make metode atawa cara, arsitektur tradisional mangrupakeun gabungan ti matrial,
alat jeung proses. Imah-imah Sunda tradisional make matrial nu masing-masing boga ciri nu
mandiri jeung make alat nu husus dina ngolahna saluyu jeung sipat matrial jeung kamampu
alat. Cara masing-masing jinis awi dipake pikeun bagean imah dumasar sipat kakuatanana
jeung ukuranana. Aya awi nu dipake dina rupa golondongan cara pikeun kaso, aya nu
dibeulah heula pikeun ereng, aya nu diratakeun pikeun lantey cara awi gombong pikeun
palupuh, awi tali dianyam dijadikeun bilik jeung saterusna.

13
Kadua, teori dispersi jeung konvergensi. Dispersi asana mah hartina nyebar. Model imah
tradisional Sunda nyebar sa tatar Sunda bari mawa ciri nu mandiri di unggal tempat. Imah di
Kampung Kuta Ciamis nepi ka Baduy, sarua panggung. Kitu deui dindingna sarua make bilik,
suhunan make kiray jeung injuk. Konvergensi maksudna yen di hiji kondisi geografi jeung
iklim model dasar imah make pola desain nu sarua. Sanajan jarakna ratusan kilometer, rupa
dasar imah di Kampung Kuta di Ciamis jeung imah Baduy di kulon boga ciri nu sarua nyaeta
panggung jeung make matrial nu sarua nyaeta nu aya di lingkungan nu memang sarua.
Kasang tukang budaya jeung katurunan nu sarua, oge pangaruh kaayaan alam jeung iklim,
mere pangaruh utama.
Katilu, teori evolusi, nyaeta sanajan arsitektur tradisional ngakar kana niley-niley
tradisional, nyimbolkeun lumangsungna niley eta di masarakat, katembong ayana parobahan
sanajan robahna laun. Contona mah di Kampung Kuta Ciamis atawa kampung Naga Tasik.
Cara jandela geus make kaca, oge di Kampung Kuta dinding geus dicet, matrial pabrik
kayaning triplek jeung seng oge amparan tina plastik (vinil) geus dipake. Parobahan ieu
angger dumasar kana aturan adat, naon nu bisa dirobah naon nu henteu.
Kaopat, teori lingkungan sosial, nyaeta imah tradisional nembongkeun pangabutuh
masarakat jeung kamasarakatan. Maksudna, imah tradisional mah estuning hasil kahayang nu
rek ngeusina. Beda jeung wangunan beunang arsitek utamana wangunan komersil cara bank,
mal, kantor jeung pabrik. Imah di Kampung Kuta jeung Baduy diatur salian ku kabutuhan
oge disaluyukeun jeung imah-imah nu geus aya. Salah salima sarat nyieun imah di Baduy
cenah ulah nepi ka tatangga ngarasa serab.
Kalima, teori budaya, nyaeta wangunan tradisional dipangaruhan ku budaya masarakat
satempat utamana dina tata cara ngawangun imah. Nyieun imah ditangtukeun ku itungan poe
naon ngawangun, upacara naon nu kudu dilakukeun dina ngamimitian nyieun imah, aturan
nyanghareup kamana, lokasi, jeung sabangsana.
Kagenep, teori estetika formal, yen estetika arsitektur tradisioal beda ti karya arsitek.
Karya arsitek biasana nonjolkeun niley artistik individu si arsitekna. Ari imah tradisional mah
nonjolkeun niley estetika masarakatna. Teu nembongkeun kahebatan kreatipitas arsitek,tapi
kreatipitas komunal.

15

BAB III Penutup

3.1 Kacindekan
Konsep Arsitektur imah Sunda nu mibanda konsep dasar nu filosofis, kacida hadena upama
bisa ditransformasikeun kana arsitektur imah nu moderen, nu luyu jeung kapribadian bangsa.
Tangtu bae kudu diluyukeun jeung kamajuan teknologi bari henteu lesot tina pandangan hirup
jeung filsafah kabudayaan Sunda. Saenyana henteu ngan dina arsitektur bae ayana falsafah
Sunda teh tapi oge dina aspek-aspek budaya sejenna, upamana bae dina seni Cianjuran, Tari,
Penca, Tata Boga (kadaharan), Tata Busana, jeung dina rupa rupa seni budaya sejenna. Urang
sarerea, pangpangna para nonoman kudu leukeun neangan pribadi falsafah karuhun urang,
sangkan bisa katransformasikeun dina kahirupan moderen. Muga bae pareng kawujudkeun.

3.2 Bongbolongan
Kiwari nu ngaku urang sunda geus paroho kana budaya asli sunda, utamina arsitektur
wangunan buhun (tradisional) sunda. Ku kituna teu aya salahna urang sarerea ngawanohan
kana rupa sarta ciri arsitektur wangunan buhun nu aya di tatar sunda, salaku yen urang numut
ngamumule warisan budaya sunda. Nu kiwari beuki ka urug ku mangsa.
17

DAFTAR PUSAKA

http://www.sundanet.com/?p=23
http://su.wikipedia.org/wiki/Wangunan_Sunda
http://su.wikipedia.org/wiki/Kabudayaan_Sunda
http://www.sundanet.com/?p=23
http://mangjamal.multiply.com/journal?&show_interstitial=1&u=%2Fjournal
http://buncir.blogspot.com/2008/02/imah-adat-sunda-buhun.html
19
-Hatur Nuhun-

Anda mungkin juga menyukai