Anda di halaman 1dari 1

Haji Hasan Mustapa

Haji Hasan Mustapa teh tokoh sunda anu ageung jasana dina widang kebudayaan sareng
agama. Anjeunna kalebet sastrawan, budayawan, pujangga, sareng ulama jumhur.
Haji Hasan Mustapa lahir dina tanggal 3 Juni 1852, di Cikajang garut. Ramana, Mas
Sastramanggala alias Mas Haji Usman, Camat kontrakkan Enteh Cikajang. Ramana teh masih
rundayan Bupati Parakanmuncang, Tumenggung Witanubaya. Ari ibuna, Nyi Mas Salpah
(Emeh) putra Mas Kartapraja, Camat Kontrakan Enteh Cikajang rundayan Dalem Sunan
Pagerjaya ti Suci, Garut.
Haji Hasan Mustapa teh lahir di lingkungan kaluwarga anu taat akan agama, sabar, jeung
ahli budaya. Ti rundayan ibuna seeur anu janten ulama, sapertos Kiyai Hasan Basan ti
Kiarakoneng sareng Kiyai Cibunut. Ieu dua tokoh the janten guru ngaji Haji Hasan Mustapa
waktos murangkalih.
Sajabi ti eta, ti pihak ibuna, seeur anu janten pujangga, panayagan, sareng tukang nyipta
lagu. Dina mangsa rumajana, Haji Hasan Mustapa teh kalebet murangkalih anu nakal. Anjeunna
resep nan ronggeng ketuk tilu. Sok sanaos kitu, ari kitab pangajaran mah kamamana oge sok
dicacandak bae. Teu pernah kakantun. Kumargi kitu, ramana bendu ka Haji Hasan Mustapa.
Atuh dimana yuswa 8 taun ramana nyandak Haji Hasan Mustapa naek haji ka mekah, saterasna
dipiwarang mukim nungtut elmu salami 8 taun di mekah. Haji Hasan Mustapa kantos jadi
Kepala Agama (Hoofd Penghulu) di Aceh 3 taun lamina (1893-1895). Teras janten Kepala
Agama (Hoofd Penghulu) di Bandung (1895-19918). Di sagedengeun eta, Haji Hasan Mustapa
oge mangrupa pangarang anu parantos ngarang babaraha buku, salah sahijina anu judulna
Pamalaten (1925).
Lain ti eta, puluhan (49 siki) buku hasil karya Haji Hasan Mustapa anu eusina medar
perkawis agama, tasawuf, filsapat, adat kabiasaan urang sunda. Aya deui karanganna dina
wangun puisi dangding anu jumlahna 10.000 (bait). Seratan-seratanna dipikawanoh ku ulama
sareng ahli tarekat di jawa, madina, irak, mesir, sareng kuala lumpur. Salaku pangarang, Haji
Hasan Mustapa kantos dileler hadiah “Piagam Hadiah Seni” sareng “Piagam Penghargaan” ti
pamarentah DT I Provinsi Jawa Barat.

Sumber: BINEKAS Modul Pangajaran Basa Sunda Kelas 6

Anda mungkin juga menyukai