Anda di halaman 1dari 2

Unjuk Kabisa Reza Bachtiar R, SDN Taman Kopo Indah (Borangan).

Sholat Isya di madrasah, sarungna nu si Asep.


Assalamu'alaikum pemirsah, saur kuring anu kasep.
Disamping mah disamping ngan henteu disolempak.
Kakuping mah kakuping, Tapi henteu kompak.
Sakali deui ahh... Assalamu'alaikum Wr.. Wr
Sampurasun....
Tepangkeun wasta abdi Reza, kawit ti SDN TAMAN KOPO INDAH.
Abi ngawangkong didieu teh bade ngalalakon kahirupan jisim abdi sapopoe.
Ngajalani kahirupan budak teh teu segampang nu dipikirkeun ku kolot.
Gugah obo dikawitan ku jojorowaokanna si mamah. Miwarang ibak lah, diacuk lah,
sarapan lah.
Sanajan abdi mah tara bangga dipasihan tuang naon naon oge.
Ngan sok ngagebeg hungkul mun dibekelan make misting teh. Sok sieun leungit eta
misting taperwer na..
Wah cilaka gede mun langit mah. Aya bahan dihapus tah dina KK..!
Gep we kana Hape..
" Hape deui hape deui cicing diimah teh. Diajar atuh. Lain hape wae.
Bari mun kudu dipok keun mah. Si mamah nu nagen nyoho hape. Eta ngadrakor.
Majarkeun teh me time. Capek tos barang gawe.
Henteu drakor, eta ikatan cinta ningan.
" Jang, Jang geura solat isa. Goat." Ngajurungkeun urang
Ari mamah atos kitu, saur abi teh.
" Kela kagok ieu raramena, si AL na rek ngudag si Andin bisi katinggaleun. "
Matak bener omongan batur, aya 2 aturan ngenaan awewe..
Aturan kahiji, awewe selalu bener.
Aturan ka dua, mun awewe salah. Tinggali aturan kahiji.
Tapi najan kitu. Omat. Doa pangmatihna lain di sasaha iwal ti indung urang.
Insya Alloh tara meleset. Ningang ceuk haji roma irama tea mah
" Hey manusia.... Wew
Hormati ibu mu... Wew
Yang melahirkan dan membesarkanmu...
Doa ibumu dikabulkan Tuhan... "
Samemeh indit sim abdi di doakeun sing menang. Matak insyaallah dikabul abdi nu
engke menang. Aamiin.
Sakitu nu tiasa dipihatur
Wasalamualaikum wr. Wb.

Anda mungkin juga menyukai