Anda di halaman 1dari 24

ARTIKEL SUNDA

TUJUAN PEMBELAJARAN
1. Memahami pengertian artikel sunda
2. Memahami fungsi artikel sunda
3. Memahami ciri artikel sunda
4. Memahami bagian artikel sunda
Pengertian Artikel

Menurut pengertian basa Sunda,


artikel hartina nya éta tulisan lepas nu
eusina mangrupa opini hiji jalma anu
ngajujut hiji masalah nu tangtu, sipatna
aktual atawa kontrovérsial kalawan udagan
pikeun méré nyaho eung ngayakinkeun,
atawa ngahibur halayak nu maca
Fungsi Artikel

1. Penerjemah warta dina


kalawarta
2. Wahana diskusi geusan neangan
solusi sarta proses aktualisasi
jeung eksistensi diri
CIRI-CIRI ARTIKEL

1. Aya ngaran anu nulisna


2. Miboga gagasan anu aktual atawa kontroversial
3. Gagasan anu diangkat kudu patali jeung
kapentingna jalma rea
4. Ditulis kalayan referensial ku visi nu intelektual
5. Dipidangkeun dina bahasa nu hirup , populer,
jeung komunikatif
6. Singget, tuntas jeung jelas
7. orsinil
BAGIAN ARTIKEL

1. Judul
2. Bagian bubuka
3. Bagian eusi
4. Bagian pamungkas
Bagian bubuka :
Midangkeun hal umum

Bagian eusi :
Midangkeun objek anu dipedar

Bagian pamungkas :
Midangkeun kacindekan jeung
saran
Ciri Artikel
1. Artikel dimuat dina koran atawa majalah
2. Eusina ngebrehkeun pamanggih pribadi
(pendapat) anu dirojong ku teori atawa
temuan ilmiah
3. Temana bisa masalah sosial, politik, hukum,
agama budaya jst
4. Ditulis make paragraf argumentasi
SARAT NULIS ARTIKEL
1. Basa nu digunakeun kudu jelas tur
komunikatif
2. Dirojong ku pamanggih ahli atawa hasil
panalungtikan
3. Temana kudu aktual
4. Penting tur aya mangpaatna
5. Dimuat dina koran atawa majalah
6. Tulisan disaluyukeun jeung aturan anu geus
ditangtukeun redaktur koran/majalah
CARA MACA ARTIKEL

1. Baca sakali mulai tiawal nepi ka ahir


2. Mun can paham, baca sakali deui
3. Catet hal-hal anu penting
4. Mun perlu catetkeun ngaran ahli anu di cutat
dina artikel
5. Jieun ringkesan
LKPD
BACA DAN PAHAMI CONTOH ARTIKEL DI BUKU PAKET
HALAMAN 46-48
1. Kota Bandung geus dipikawanoh di nusantara jadi hiji kota anu
beunghar ku sabaraha widang, iwal ...
A. Wisata alam
B. Sajarah
C. Kuliner
D. Atikan
2. Lamun kiwari Kota Bandung keur muru jadi ibu kota Buku Sajagat,
tangtu saingan utamana nyaeta ...
A. Yogyakarta
B. Surabaya
C. Ciamis
D. Depok
Mal-mal badag di kota Bandung, tara pati miduli kana majang
buku, ku lantaran ...
A. Masyarakatna loba jajan kuliner
B. Masyarakatna ukur jalan-jalan
C. Masyarakatna oge langka nu balanja buku
D. Masyarakatna loba nu balanja pakean
Dikota Oregon Amerika Serikat, hukuman ka sakitan teh
jaba ti dikurung, ....
A. Wajib mayar denda deuih
B. Wajib mawa bekel sorangan deih
C. Wajib maca Qur’an deuih
D. Wajib maca buku deuih
Anu henteu penting tina gelar ibu kota buku sajagat teh,
nyaeta ...
A. Ngaronjatna minat baca masyarakat
B. Ngaronjatna kacerdasan masyarakat
C. Ngaronjatna warga anu daratang ti daerah
D. Ngaronjatna tradisi atikan nu weweg tur kualitasna punjul
Bedana artikel jeung karangan sejen saperti makalah teh nyaeta ...
A. Makalah mah disusun ku saha wae
B. Artikel mah bisa dijieun ku saha wae
C. Artikel mah dimuat dina koran atawa majalah
D. Makalah mah dimuat din koran atawa majalah
Karangan anu eusina ngajentrekeun hiji objek, kumaha prosesna,
tujuanana, jeung gunana disebut ...
A. Karangan deskripsi
B. Karangan narasi
C. Karangan artikel
D. karangan pedaran
Teu beda jeung karangan liana, raraga atawa kerangka pedaran
ngabogaan tilu bagean nyaeta ...
A. Bubuka, eusi, jeung tema
B. Amanat, tema, jeung eusi
C. Bubuka, eusi, jeung pamungkas
D. Eusi, amanat, jeung pamungkas
Ku lantaran artikel mah dimuat dina media citak, cara nulisna ge
kudu diluyukeun jeung aturan anu geus ditangtukeun ku ...
A. Redaktur koran atawa majalah
B. Wartawan koran atawa majalah
C. Jurnalis koran atawa TV
D. Reporter TV atawa radio

Anda mungkin juga menyukai