Anda di halaman 1dari 5

TUGAS BAHASA SUNDA

RANGKUMAN MATERI

Nama

: Alif Al Faris Maulana

Kelas

: XI IPA 7

Absen

: 02

SMA NEGERI 1 KOTA CIREBON

KAWIH

Kawih asalna tina kecap kavy (baca, kawi) anu hartina sair (kavyabujangga). Istilah kawih dihartikeun rakitan basa sabangsa dangding. Kawih
mah henteu mak patokan pupuh. Kawih mangrupa sekar anu kauger ku embat
atawa tmpo kalawan rumpaka atawa sair nu tangtu. Kawih biasana disusun ku
ahli husus nu disebut panyanggi (ind. Komponis). Cindekna kawih th lalaguan
Sunda bbas, anu henteu kauger atawa kaiket ku aturan, boh laguna, boh
rumpakana. Lalaguan pop Sunda karangan Nano S., Doel Sumbang, atawa nu
sok dihaleuangkeun ku seniman calung Hendarso, ta th lagu kawih.
Conto lagu kawih Bubuy Bulan (Ciptaan Bni Corda) Kalangkang,
Anjeun, Cinta (Ciptaan Nano S.), Pangandaran, Somse (ciptaan Doel
Sumbang), Mawar Bodas (Uko H). Upama aya lagu bbas tangtuna aya nu
teu bbas atawa kauger ku aturan, boh laguna, boh rumpakan. Anu kitu
disebutna tembang. Aya rupa-rupa wanda tembang Sunda, diantarana ba,
tembang beluk atawa macapat lagu (nembangkeun wawacan), Cianjuran,
Ciawian, jeung Cigawiran. Tembang umumna sok mak lagu pupuh anu 17.
Najan kitu, aya tembang tina papantunan jeung rajah dina carita pantun.
Cianjuran sok disebut seni tembang, sabab lagu jeung rumpakana, aya aturanana
anu maneuh.

Gaya Basa

Lamun ku urang ditalungtik, dina kawih th loba kapanggih unsur-unsur


kandahan . Naon wa nu ngalantarankeun hiji kawih ndah kadngna,
diantarana aya gaya basa nu dipakna, purwakanti sorana atawa sok disebut og
rima.
Gaya basa ngasor nya ta rakitan basa anu dipak pikeun ngarendahkeun
diri, tandaning sopan atawa handap asor. Ngasor ngahandapan kakuatan nu
sabenerna. Ngasor biasa og disebut litotes. Asalna tina basa Yunani, litos =
basajan. Pihartieunana ngabasajankeun kaayaan nu sabenerna, da ari buktina
mah tangtuna og moal kitu.

Conto sjn:
1.
2.
3.
4.
5.

Iraha bade linggih ka saung butut?


Mangga atuh tuang sapulukaneun
Hatur lumayan ba ngiring hajat sapsr
Ah, gaduh tanah g, mung satapak peucang.
Emutan abdi mah nu bodo mending ulah cios ayeuna angkat th.

Gaya basa rarahulan nya ta rakitan basa nu gunana pikeun ngayakinkeun


nu sjn, yn sakur nu diomongkeun th enya-enya benerna, nepi kaleuleuwihi,
nu antukna teu saluyu jeung kanyataanana. Gaya basa rarahulan sok disebut og
hiperbola. Asalna tina basa Yunani, hyper-ngaleuwihan + ballein
ngbrhkeun.

Conto kalimah sjnna:


1.
2.
3.
4.
5.

Ari manh ngareureuwas, ieu jantung kuring mani asa coplok karasana
Sawahna satungtung deuleu
Dak medu teu boga duit sapsr bngo
Padudanana meni asa saged alaihim
Bakat ku ambek, beungeut meni beureum euceuy

Purwakanti Basa
Sajaba ti gaya basa, aya og anu leuwih ngutamakeun kana ndahna sora
nu disebut purwakanti sora atawa rima. Kecap-kecap nu sorana sarua, boh
vokal, boh konsonan, disebut kecap nu ngandung purwakanti basa. Ungkara
(kalimah) anu ngandung atawa mak purwakanti, antara kecap nu ti heula jeung
pandeuri, sorana atawa tungtung engangna ra nu sarua atawa mh sarua.
Contona:
1.
2.
3.
4.
5.

Lembur singkur
Gedong sigrong
Hambur bacot murah congcot
Ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salebak
Kuring nyaring tengah peuting

(ur)
(ong)
(cot)
(i,a)
(ing)

Geura ilikan ieu conto purwakanti nu aya dina kawih Bubuy Bulan
Bajing luncat jeung Anjeun di handap!
Bubuy bulan, bubuy bulan sangray bntang
Kecap bubuy jeung bulan ditulisna dua kali. Nu kitu th sok disebut
purwakanti laras purwa (purwa = mimiti). Geura ilikan deui conto nu aya dina
rumpaka kawih bajing luncat ieu di handap!
Bajing luncat, bajing luncat ka astana ieung
Purwakanti sora aya nu sok ditulis dina hiji padalisan (hiji jajar), aya og
nu ditulis dina unggal padalisan (padalisan kahiji, kadua, jeung saterusna). Ieu
di handap conto laras purwa anu kapanggih dina jajaran kahiji, kadua jeung
saterusna. Upamana:
Inggis beunang ku batur
Inggis bogoh ku batur, iwal anjeun

SAJAK

Sajak teh nyaeta karya sastra atawa karangan wangun ugeran (puisi) anu
ngebrehkeun pangalaman batin panyajakna jeung teu pati kauger ku patokanpatokan. Disebut karangan ugeran teh sabab dina sajak mah aya hal-hal nu kudu
diperhatikeun, diantarana diksi atawa na pilihan kecap jeung wirahma. Selain
eta, sok disebut oge sajak bebas. Bebas di dinya, tangtuna oge relative. Upama
dibandingkeun jeung guguritan, anu ditulis dina wangun pupuh, jelas sajak mah
leuwih bebas. Sajak heunteu kauger ku jumlah padalisan dina sapadana, jumlah
engang dina unggal padana, atawa sora tungtung dina unggal padalisan.
Upama dibandingkeun jeung sisindiran, sajak mah heunteu kudu kauger ku
cangkang jeung eusi. Upamana dibandingkeun jeung mantra, sajak mah heunteu
kauger ku pilihan kecap anu ngandung kakuatan gaib, atawa digelarkeun
(diucapkeun, dipapatkeun) pikeun tujuan-tujuan khusus anu patali jeung
kapercayaan.
Sajak kauger ku diksi jeung wirahma (nu matak heunteu disebut wangun
lancaran). Wirahma, ciri utama anu ngabedakeun wangun ugeran jeung wangun
lancaran, karasa nonjol dina sajak; bisa jadi lantaran ugeran-ugeran sejenna,
saperti nu aya dina pupuh, heunteu dipake.

Sajak teh dina sastra Sunda mah lain karya sampakan. Bisa jadi mangrupa
pangaruh tina sastra Indonesia. Mimiti gelar sabada merdeka. Sajak Sunda
munggaran ditulis ku Kis Ws dina taun 1946.
Dina mimiti gelarna, sajak teh heunteu jol-jol ditarima ku masarakat Sunda.
Beda jeung carita pondok. Ari alesanana, sajak teh lain wangun sastra pituin
urang Sunda. Alesan anu teu bisa ditarima ku akal, sabab dina seuhseuhanana
mah guguritan oge anu harita dianggap karya sastra asli urang Sunda, mangrupa
pangaruh tina sastra Jawa.
Dina kamekaranana, tetela sajak teh bisa nyilihkeun guguritan. Kiwari sajak
bisa disebut wangun puisi pangpopulerna dina pajemuhan sastra Sunda. Dimuat
dina majalah jeung surat kabar Sunda. Ti dinya kakara dibukukeun. Memang
umumna buku kumpulan puisi Sunda mah mangrupa kumpulan sajak anu
samemehna geus dimuat dina surat kabar atawa majalah.
Dina maca sajak aya sababaraha hal anu kudu diperhatikeun, nyaeta lafal,
intonasi/lentong, jeung cara ngajiwaan eusi sajak.
-

Unsur-unsur sajak teh nyaeta : pikiran (sense), rasa (feeling), gaya (tone),
jeung maksud (intention).

1. Pikiran (sense) nyaeta pikiran pangarang nu nyangkaruk dina jiwana,


dikedalkeun ngaliwatan karanganana.
2. Rasa (feeling) nyaeta rasa panyajak anu dikedalkeun dina sajakna, bisa rasa
waas, bungah, sumanget, ambek, atawa ceuceub.
3. Gaya (tone) nyaeta gaya panyajak anu ditepikeun dina sajakna, bisa humoris,
realistis, kritis, romantis atawa mikacinta ka lemah caina.
4. Maksud (intention), sok disebut oge amanat nyaeta maksud anu hayang
ditepikeun ku panyajak.

Anda mungkin juga menyukai