Anda di halaman 1dari 1

Wangsit Prabu Siliwangi Sing waspada sakabeh turunan dia, Ku ngaing bakal dilanglang Ngan di waktu perlu, ngaing

bakal datang deui Nulungan nu barutuh, mantuan nu sarusah Tapi ngan nu hade lampahna, mun datang Ngaing moal kadeuleu Mun ngaing nyarita moal kadenge Memang ngaing bakal datang, tapi ngan Ka nu rancage hatena Ka nu weruh semu saestu, nu ngarti Kana wangi nu sajati Jeung nu surti lantip pikirana nu hade laku lampahna Lamun ngaing datang teu nyawara Tapi mere ciri ku wawangi Pun, geus ditangtukeun ti anggalna Yen poe ieu bakal aya sora balarea Nu bijil tina ati sanubari Nu medal tina bagalna rasa Kiwari kami datang deui Marengan make ngaran Pancen jeung jiwa kami Hayang matuh eta ngaran Dina sungsum balung aranjeun Hayang nitipkeun ngaran Pakuan Pangancikan kami Jeung hayang supaya eta ngaran Tetep dijaga saperti nu geus dijalankeun Ku kami baheula Geura tampa ieu ngaran He .. nu ngageugeuh pakuan anyar Omat sing bisa mawana Jeung sing bisa ngabadanana Bral, sing panjang natar lalakon Kasamaran picaritaeun Cag!.

Anda mungkin juga menyukai