Anda di halaman 1dari 10

CIPEUCANG

Kacatur kacaritakeun cak kolot, dihiji tempat anu ayana di Kabupaten Bekasi, Kecamatan
Bojongmangu, Desa Sukamukti aya hiji lembur nu ngarana Cipeucang. Kunaon eta lembur
teh dingaranan Lembur Cipeucang, cak kolot baheula diieu lembur teh loba sasatoan
terutama Peucang, Sato bangsaning embe anu awakna letikan ti embe.
Di ieu tempat teh aya cai anu ngocor titungtung kidul nepi tungtung kaler nu di sebut
Cipamingkis. Tah di Cipamingkis ieu bangsaning sasatoan ngarinum terutama Peucang.
Kusabab cai teh jadi tempat kahirupan mahluk anu harirup sato, tatangkalan oge jalma
kabeh ngabutuhkeun cai.
Tah kusabab kitu ieu Lemburteh dingaranan Lembur Cipeucang. Asalna tina ngaran sato
nyaeta Peucang jeung cai anu ngalir di eta tempat, Ci = Cai anu ngalir di eta tempat, Peucang
= sato anu loba baheula didinya. Disebut weh Cipeucang.
Nepikeun kiwari oge masi aya keneh Cipamingkis anu ngalir di Cipeucang, jeung masi loba
jalma lamun usum halodo kacarainateh ka Cipamingkis eta.
Jeung hiji deui di ieu lembur teh lahir saurang jajaka nu ganteng ngalempereng koneng loba
nu resep jeung nu bogoh. Tepatna kaping 16 sasih Mei warsih 1987 di lahir keunana. Dugi
ayeuna eta jajakateh aya keneh ayeuna kuliah di UPI Kampus Purwakarta nu jenenganana
Ojim Suryana tea.

Diposkan oleh ARTIKEL KITAdi 07.5216 komentar:


Siluman

Jaman baheula dihiji tempat/werwengkon didinya teh kacaritakeun lembur anu kacida
sarienen nana jelema ngaliwat kadinya, yen beja didinya ari peting tara aya lampu, pokona
paroek jeng loba begal. Lamun aya jalma peting-peting liwat kandinya cak beja sok dicegat
garong/begal pokona sakumaha harta nu dibawa ku jalma teh kudu dibikeun ka garong
lamun hente diancam bakal dipaehan atawa disiksa.
Caritana yen brgal/garong anus sok nyegat ditempat etateh nyaeta jalma anu cicing di
tempat eta, penduduk didinya kusabab kitu jalma sarieuneun liwat kadinya teh. Jeung deui
anu jalma anu nempatan tempat eta teh jaragoan utamana jago kadugalan.
Kusabab kitu jalma nyarebutna eta tempat Siluman, lembur Siluman terusnamah.
Eta tempat teh aya di Kabupaten Subang, Kecamatan Pabuaran. Tah ayenamah Silumanteh
jadi ngaran Desa nyaeta Desa Siluman. Da ayeunamah aman biasa wae kos daerah nu
sejenna eweuh begal eweuh garong, kecuali katukangeun lembur etateh aya trotoang
panjang da nepi ayeunage sok sarieuneun jalma liwat kadinya tipeuting mah.
Tah kitu caritana kunaon eta tempat teh disebut Siluman, nu ayeuna Desa Siluman.

Diposkan oleh ARTIKEL KITAdi 07.5013 komentar:


Kuya Ngagandong Imahna

Jaman baheula aya Kuya imah-imah di sisi muara. Gawena ngahuma, ngahumateh indit isuk
datang sore magrib.
Hiji poe Kuya keur di huma, aya hujan geode bari jeung angina. Tatangkalan rarungkad imah
Kuya oge kaapungkeun murag ka leuwi brus ti teleum. Sakadang Kuya sedih kacida, isukana
manehna ngieun dei anu leuwih keker supaya te kabawa angina.
Hiji poe manehna balik ti hima, Kuya teh masak pikeun dahar sore. Sabot masak Kuya kacai
hela, keur di cai katingali hasep ngebul dina suhunan imahna ku Kuya diburu tapi imah geus
angus seneuna gede nakeranan. Kuya teh ceurik.
Keur kitu jol bae Monyet kolot. Monyet ngomong ka sakadang Kuya, tong ceuri sakadang
Kuya ngieun deui imahmah!
Anu matak sakadang Monyet lain sakali wae kacilakaan imah teh bareto kabawa angina.
Kudu kumaha akalnanya supaya imah awet? cak sakadang Kuya! Sakadang Monyet
ngajawab, gampang atuh, ngarah imah ulah cilakamah dibawa bae, ulah ditinggalkeun. Pek
ngieun dei anu alus tur kuat ke lamun geus anggeus arang tangkodkeun kana tonggong
anjeun, pantone sakira asup sirah supaya gampang ngelokeun sirah ka jero.
Eta papatah teh ku Kuya diturutkeun, saenggeus anggeus prak ditengkodkeun dina
tonggongna, monyet anu memenerna. Nah ti haritamah imah sakadang Kuya teh sok
dibabawa bae, digagandong.
Rincian Dongeng:
- Judulna : Kuya Ngagandong Imahna
- Bahasana : Kasar
- Palakuna : Sakadang Kuya jeung sakadang Monyet
- Watek palakuna :
Sakadang Kuya = Getol daek digawe, gampang putus asa an, te kuat kena musibah.
Sakadang Monyet = Daek babantu jeung mere saran
- Tempat/latar : Baheula dihiji kebon deket walungan
- Eusi/hikmah nu bisa di cokot :
Jadi jalma kudu getol kos sakadang Kuya tapi tong gampang putus asa jeung tong bodo.
Jeung kudu daek babantu ka batur kos sakadang Monyet.

Diposkan oleh ARTIKEL KITAdi 07.4610 komentar:

Hayam Kongkorongok Subuh

Kacaritakeun jaman baheula aya oray naga geus lila ngalamun hayang nyaba ka kahiyangan.
Unggal isuk eta oray teh osok dangdan mapantes maneh. Tapi keukeuh teu ngarasa ginding
lantaran teu boga perhiasan, mangkaning arek ngadeheus ka dewa.
Sanggeus mikir manehna inget ka sobatna sakadang titinggi, maksudna arek nginjeum
tanduk ka sakadang jago haritamah jago teh aya tandukan menta di anteur ka titinggi.
Sanggeus aprok dicaritakeun sakabeh pamasalahan naga ka jago. Maksudnamah nginjeum
tanduk ka jago, engke dianteurkeuna deui ku sakadang titinggi cak sakadang naga.
Hayam jago teu nembalan lantaran apal jahat jeung licikna naga. Lila-lila naga ngarayu, jago
oge merekeun tandukna ka sakadang naga. Cak naga ka jago engke tandukna dibalikeun
deui dianteurkeun ku titinggi samemeh balebat, lamun balebat can balik wae bisi kaula
poho ngawangkong jeung dewa, anjeun mere tanda weh kongkorongok sing tarik.
Geus kitumah jung weh naga jenug titinggi the arindit. Isukna samemeh balebat hayam jago
kongkorongok satakerna. Sakali dua kali titinggi teu datang wae, terus jago teh
kongkorongok sababaraha kali deui, tapi tetep titinggi teu dating keneh bae. Nepi ka brayna
berang titinggi teu datang-datang.
Keun sugan cenah peuting engke pok hayam teh. Tapi weleh ditunggu nepi kasubuh
titinggi teu dating keneh wae. Pohara ambekna hayam jago nepi ka nyancam lamun titinggi
dating arek di pacok nepikeun ka paehna.
Ti harita hayam jago teh tiap-tiap subuh kongkorongok sarta mun papanggih jeung titinggi
sok langsung dipacok nepi ka paehna, males pati dumeh kungsi ngabobodo.
Rincian Dongeng:
- Judulna : Hayam Kongkorongok Subuh
- Bahasana : Kasar
- Palakuna : Hayam Jago, Titinggi jeung Oray Naga
- Watek palakuna :
Oray Naga = jahat, sok nipu, teu sukur, sok hayang nu batur.
Titinggi = Daek wae di titah sanajan salah, teboga pamadegan.
Hayam Jago = Babari percaya, gampang dibobodo.
- Tempat/latar : Hiji tempat jaman bahela nyaeta di leuweung
- Eusi/hikmah nu bisa di cokot :
Ari hirup teh ulah sombong, adigung, ulah sok nipu, jiga Oray Naga. Ulah sok daek wae di
titah lamun salah jiga Titinggi. Ulah gampang di bobodo bisi kaduhung, ulah gampang
percaya ka jalma jiga sakadang Hayam Jago.

Diposkan oleh ARTIKEL KITAdi 07.3917 komentar:

Cai Laut Asin


Kacatur jaman baheula aya dua jalma adi lancek. Nu cikal ngarana Jana, ari nu bungsu Jani.
Ki Jana ka asup jelema benghar, lega sawah lega kebon. Tapi koret, tara barang bere jeung
tutulung. Tapi Ki Jani mah bari jeung miskin oge ari boga rejeki teh sok mere kanu butuh.
Hiji poe Ki Jani nginjem beas ka Ki Jana tapi manan dibere malah dicarekan. Untung
pamajikan Ki Jana karunyaeun. Susulumputan ti salakina mere beas ka Ki Jani sacangkir
jeung lauk asin. Bari nalangsa Ki Jani balik ditengah jalan aprok jeung aki-aki awakna begang
lempangna rumanggieung, atuh karunyaeun diajakan ka imahna. Nepi imah beas dibubur
saenggeus asak didalahar bareng. Isuk-isuk keneh aki-aki teh geus pamitan. Memeh indit
aki-aki teh mere jimat ka Ki Jani mangrupa lilisungan jeung haluna tina perak. Naon wae
anu dipikahyang ku ujang, sebutkeun wae bari nyebut Tutu! Tutu! Tutu!tilu kali, ceuk aki-
aki teh, engke tangtu haluna nutu sorangan, sarta anu dipikahayang kaluar tina jero lisung.
Ngereunkeunana lisung kudu dibere taneuh saetik.
Gancangna carita Ki Jani geus benghar, tapi tetep resep ngabantu jeung tutulung kanu
susah. Barang Ki Jana ngadenge adina beunghar manehna sirik , bari boga niat jahat hayang
miboga jimat eta. Hiji peuting Ki Jana datang Ka Jani, ku Ki Jani dicaritekeun kabeh ka Ki Jana
carana make lisung. Terus dibawa minggat ku lanceukna ka alas pentas. Mangsa dina kapal
geus eweuh uyah Ki Jana menta kalisung uyah kaluar uyah teh teu ereun-ereun, Ki Jana
poho teu mawa taneuh. Nepi ka kapalna kelebuh teleum. Ti harita cai laut jadi asin.
Rincian Dongeng:
Tema : Perang Duduluran
Judulna : Cai Laut Asin
Bahasana : Kasar
Alur/plot : Ngagunakeun alur maju
Cara Nyarita/ Sudut Pandang : orang ka 3 palaku utama
Palakuna : Dua urang adi lanceuk: lanceukna Ki Jana, Adina Ki Jani.
Watek palakuna :
Ki Jana = Sarakar, koret, embung tutulung kanu susah.
Ki Jani = Bageur, berehan, daek tutulung kanu susah.
Tempat/latar : Jaman baheula di hiji lembur.
Eusi/hikmah nu bisa di cokot :Jadi jalma ulah koret jeung jahat, siga Ki Jana anu tung-tungna
bakal cilaka. Kudu kos Ki Jani bageur sok daek nulungan batur, hirupna jadi senang tur
tentrem

Diposkan oleh ARTIKEL KITAdi 07.377 komentar:

Selat Sunda Jeung Gunung Krakatau

Kacatur jaman baheula di Pulo Jawa Beulah kulon, aya hiji karajaan anu rajana Prabu Rakata.
Sang Prabu gaduh dua putra. Anu cikal Raden Sundana anu bungsu Raden Topobrana.
Haritamah Pulo Jawa sareung Sumatra teh ngahiji.
Kumargi Prabu Rakata parantos sepuh pisan, mangka karajaan teh di titipkeun ka putra-
putrana, tur di bagi dua belah wetan ku Raden Sundana, belah kulon Raden Topobrana.
Terus Sang Prabu teh indit ngabagawan anu tempatna dibates dua nagara nu dibagi dua tea,
anjeunna teu nyandak nanaon tibang guci pusaka nu dicandak. Hiji mangsa dina taun ka
genep Sang Prabu teh ngadangu yen putrana parasea Raden Sundana ngarugrug karajaan
raina Raden Topobrana. Sang Prabu teh ceg ka guci anu tos dieusi cai laut tea, terus indit ka
medan laga kasampak dua putrana keur perang campuh atuh bendu pisan si anjeunanana.
Ningali ramana sumping reg weh perang liren, dua putrana langsung nyampeurkeun cedok
weh nyareumbah ka Prabu Rakata kitu dei para parajuritna. Atuh dua putrana beak bersih
diseukseukan pampangnaman Raden Sundana nu wani ngarug-gug nagara raina. Dua
putrana anu tarungkul teh nyarek, atuh Sang Prabuteh langsung gadeg, ceg kana guci
pusaka tea. Terus cai laut anu dina guci dikucurkeun disapanjang wates dua nagara, teras
guci anu tos teh kosong teh disimpen ditapal bates dua karajaan tea, anjeunanana indit deui
ka tempat pang tapaanana. Teu lami eta bates anu tilas disiram ku cai laut teh ngajanggelek
jadi selat. Nu kiwari disebut Selat Sunda. Nu mawi dinamian Selat Sunda lantaran Raden
Sundana sarakah hoyong wilayah anu raina. Dugi ramana ngadamel wates nganggo guci
pusaka anu caina dikucurkeun terus jadi selat. Tur guci anu disimpen dina wates teh
ngajanggelek jadi gunung, nu katelah Gunung Rakata atanapi Gunung Krakatau. Tah kitu
sasakala Selat Sunda sareng Gunung Krakatau teh.
Rincian Dongeng:
Tema : Perang Duduluran
Judulna : Selat Sunda Jeung Gunung Krakatau
Bahasana : Lemes
Aur/plot : Ngagunakeun alur maju
Cara nyarita/sudut pandang : orang ka 3 palaku utama
Palakuna : Prabu Rakata, sareng dua putrana: Raden Sundana sareng Raden Topobrana
Watek palakuna :
Prabu Rakata = Arip, adil, tur bijaksana.
Raden Sundana = Sarakah
Raden Topobrana = Embung ditindes
Tempat/latar : Jaman baheula di Pulo Jawa belah kulon.
Eusi/hikmah nu bisa di cokot : Jadi jalma kudu arif, jujur, adil tur bijak sana kawas Prabu
Rakata, ulah Sarakah jiga Raden Sundana.

Diposkan oleh ARTIKEL KITAdi 07.337 komentar:

SENIN, 03 MARET 2003


Gagak Jadi Hideung

Kacariotakeun baheula dina hiji tempat aya oray naga keur nawu balong. Sungutna ngegel
kana tangkal huni, buntutna dibrlitkeun kana pancuh tambakan beulah dieu. Awakna
malang dina balong tea, tuluy di ayun keun goplak, goplak, goplak dipake nawu baloing tea.
Teu kungsi lila balong teh saat laukna sing kocopok loba. Jol datang gagak kadinya haritamah
gagak teh buluna bodas ngeplak. Ujug-ujug corokcok weh laukna dipacokan nepi beak lauk
nu baradagnamah.
Ku oray sanca katempoen gagak maling lauk, geuwat digenggereuhkeun, tapi gagak ngalah
beuki ngahajakeun. Atuh oray ambek sebrut bae diudag gagakteh. Gagak teh hiber kuorang
diobrot, gagak teh bingung da diberik wae sieunen katewak. Kabeneran aya nu keur neleum,
gebrus bae gagak teh asup ka jero pijanaan. Atuh ari muncul deui teh geus lestreng .
Barang jol oray sanca teh panglingeun, da jadi hideung lestereng. Pok weh oray sanca nanya,
mahlik hideung maneh nempo sakadang gagak teu bieu liwat kadieu?
Gagak teh sorana digedekeun, ngomongna oge basa Betawi, da sieunen katara, Engga,
gaaaa!
Tah kitu sasakalana manuk gagak buluna hideung jeung sorana gaaa, gaaaak!
Rincian Dongeng:
- Judulna : Gagak Jadi Hideung
- Bahasana : Kasar
- Palakuna : Gagak jeung Oray Sanca
- Watek palakuna :
Gagak = Badeur, sok daek nyopet, te bisa digenggereuhkeun.
Oray Sanca = Getol, daek usaha, rajin.
- Tempat/latar : Caritana jaman baheula di hiji balong nu loba laukan
- Eusi/hikmah nu bisa di cokot :
Ari jadi jalma teh kudu getol daekan, ulet, usaha lamun hayang bog amah kos sakadang Oray
Sanca. Ulah jiga Gagak baong, haying ngenah doing embung gawe.

Anda mungkin juga menyukai